26 July 2012

NGANYAM JEUNG RAGAM ANYAMAN

Ku : MAMAT SASMITA


Nganyam kecap asalna anyam, nyaéta ngawujudkeun hiji barang tina awi, pandan, hoé, beunang ngahua atawa beunang nyuwak ku jalan dipacorokkeun atawa dipaselupkeun. Ku jalan nganyam diantarana bisa nyieun wawadahan, upamana boboko, tolombong, ayakan jeung sajabana ti éta.
Tutuwuhan nu sok dijieun anyaman sanggeus diolah diantarana awi, pandan, hoé jeung mendong. Kaparigelan dina ngolah bahan jadi anyaman, mangrupa kaweruh dina ngamangpaatkeun sumber daya alam nu aya di sabudeureunana pikeun jadi barang-barang praktis nu bisa dipaké sapopoé. Ieu kaweruh téh tangtuna lain ujug-ujug aya, tapi ngaliwatan prosés diajar sanggeus niténan kaayaan alam lingkunganana tur diadumaniskeun jeung pangabutuh sapopoé dibarengan ku sikep budaya saperti sistem réligi jeung cara-cara ritual atawa upacara kaagamaan nu diagemna.
Bisa jadi ieu pangaweruh téh alatan pagiling-gisik jeung budaya luar nu kungsi datang, dina harti silih pangaruhan jeung budaya séjén nu kungsi datang. Lantaran kecap anyam lain baé milikna urang Sunda, sanajan rada béda ngucapkeunana, tapi sigana asalna mah tina kecap nu sarua. Contona nganam (Madura), manyeuem (Aceh), maanyam (Padang), angannang (Bugis), nganam (Sumbawa), ngana (Bima).

Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) aya nu disebut anyam cayut, kecap anyam cayut kapanggih deui dina buku yasana J.E Jasper jeung M.Pirngadie (De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie jilid I, 1912). Hartina cayut dina kamus Sunda-Belanda (Coolsma 1913) nyaéta wawadahan tina anyaman daun gebang. Ngan dina Sanghyang Siksakandang Karesian mah anyam cayut téh kagolongkeun kana rupa (motif) lawon, lain anyaman tina awi atawa hoé.
Najan kitu, nyieun lawon (ninun) dasarna nganyam kénéh, jeung ongkoh deuih kecap anyam cayut masih kénéh dipaké nepi ka awal abad ka 20, méh lima ratus taun sanggeus ditulis dina daun lontar.

Hasil panalungtikan Ganjar Sakri, yén anyam lemes tina awi di Tasikmalaya mimitina ti taun 1890, dimimitian ku Martadinata ( sanggeus munggah haji ganti ngaran jadi Haji Suhéh). Nu disebut anyaman lemes tina awi téh mangrupa anyaman awi nu bahanna di raut nepi ka ipis jeung leutik, demi barang nu dijieunna sabangsaning dompét, kimpul, dudukuy cetok jeung salian ti éta. Anyaman lemes nu dipigawé ku Haji Suhéh kacida kawentarna nepi ka Haji Suhéh diangkat jadi guru karajinan di sababaraha tempat samisal di Ngawi, Nganjuk, malah nepi ka Makasar, taun 1919 Haji Suhéh tilar dunya di lemburna nyaéta di Parakanhonjé.
Satuluyna anyaman lemes tina awi dimekarkeun ku Nataatmaja (katelah Haji Abdulah Mansur) kuwu Parakanhonjé jaman harita.  Kasebut pangmajuna antara  taun 1921-1927. Kuwu Parakanhonjé dina ngamajukeun anyaman awi téh babarengan jeung urang Walanda nu ngaranna Olivier, hasilna katelah topi rangkay.  
Nepi ka mangsa kiwari daérah Tasikmalaya hususna Rajapolah kawentar ku hasil anyam-anyaman.

Bahan anyaman. 
1 Awi.
Dina milih awi alusna mah ulah nu ngora teuing atawa nu kolot teuing, cék tukang nganyam mah nu alus teh umurna geus tilu usum, antara satuan satengah nepi ka dua taun. Awi dipilih nu bukuna lantas. Sangkan awi awét dipakena kudu dipiceun heula panyakit atawa hama nu napel dina awi, ku jalan dikeueum salila dua minggu (aya nu sok maké obat kimia). Awi dibeulah dijieun sabébék-sabébék kira-kira lebarna antara 3-4 cm, tuluy dihua, sabébék téh sok meunang opat lambar hasil ngahua, tidinya disebitan deui laleutik sok disebut irateun. Sangkan bahan keur nganyam leuwih lemes sok terus diraut. Ngarautna aya nu disebut wangun beuteung siraru nyaeta bagian tengahna rada kandel, sangkan hasil anyamanana leuwih seseg.

2. Pandan.
Biasana nu dipaké keur bahan anyaman disebut pandan jaksi, daun pandan nu dipilih mun ngitung ti luhur, ti pucukna,nu kawilang alus téh lambar ka opat nepi ka lambar ka dalapan, nu ukuran panjangna kira-kira 70-90 cm. Cucuk daun pandan dipiceun make panyucuk atawa langsung disuak make panyuakan nepi ka lebarna antara 3-5 mm, gumantung kana kaperluan anyaman.
Pandan beunang nyuakan tuluy digodog sangkan geutahna kapiceun tur sangkan jadi bodas jeung leuwih leuleus, tuluy dipoé nepi ka garing. Méméh dipaké kudu dipaud heula, sangkan lambaranana henteu mulintir jeung leuwih lemes. Lambaran pandan bahan anyaman beunang maud téh disebut morés. Lamun morés hayang robah warna, sok digodog deui maké zat warna luyu jeung kaperluanana, dipaud deui.
Ti dinya kakara bisa dianyam.

Bahan anyaman séjén nu mindeng dipaké nyaéta hoé jeung méndong. Hoé beunang nyisitan (bisana keur tali wengku) sok disebut hata. Bahan anyaman lian antarana daun kalapa, daun kawung, gebang jeung kiray.
Istilah Nganyam.

1.   Pihuntuan, nu misahkeun antara anyaman beulah kénca jeung anyaman beulah katuhu. 
2.     Rungkupan, jumlah tumpang tindihna atawa paselupna anyaman. Aya rungkup 3, rungkup 2 jeung rungkup 1.
3.  Pisalahan, anyaman nu disusun sabalikna tina pihuntuan.
4.  Dijuruan, ieu mah dihususkeun keur anyaman anu aya juruna, saperti boboko, pipiti, tolombong.
5.  Birit, anyaman bagian handap atawa bujurna nu maké juru.
6.  Dilépé, dina panganggeusan nganyam aya bagian nu ditilepkeun, contona dina anyaman pipiti.
7.  Pongpok, dilarapkeun kana anyaman nu teu jangkep di opat bagian sisina, biasana pongpok dilarapkeun kana anyaman aseupan jeung dudukuy cetok.
8.  Sahanca, nganyam nu teu kahalangan nu ciri lain, upamana nganyam boboko bagian luhurna.
9.  Saréngsé, ieu istilah kapanggihna dina nganyam boboko, dingkul bagian biritna.
10. Sarungsum, nambahan jumlah bahan anyaman supaya ukuranana ngabeukahan.
11.  Didendang, bagian nu rek dilepe kudu leuwih panjang, upamana dina nganyam pipiti.

Anyaman dasar 

1.  Sasag, antara lusi jeung pakan ngawangun juru 90 derajat.
2. Képang ( anyaman sérong), dina anyaman wangun képang (diagonal) aya képang tanjeur jeung kepang tanjéng atawa képang halang. Biasana képang tanjeur leuwih seseg batan képang tanjéng.
3. Tarawangan, rajeun disebut anyaman béntang
 
Ngaran ragam (motif)anyaman

Dina buku yasana J.E Jasper jeung M.Pirngadie (De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie jilid I, 1912), disebutkeun rupa motif anyaman, diantarana :

1. Cirebon :
Mata walik, képang tanjeur, talaga ngembeng, susuk geureun, birit manggu, baralak séngklét, képang kendeng, képang kubeng (képang halang), kembang kopi, grinsing.

2. Singaparna :
Jungjulung, mérang awi, huntu kuda, siki bonténg, kapipihi emplog, jungjulung modang, jawér kotok, karancang hideung, kendit, kandang jaga.

3. Ciawi Tasikmalaya
Poléng sulam,  poléng cayut sisi, poléng cayut hideung, poléng cayut beureum, poléng cayut tumoké, poléng gambir saketi, poléng éeréng, poléng sakoteng beureum, poléng cayut gangsal, poléng kembang malati, poléng cayut campaka ratna, poléng cayut renyu, poléng cayut samangka, babaléan, bakung, jampang, limus, waru, samboja, jajantungan, buntut saéran

4.  Tasikmalaya
Poléng alketip, poléng kobar, kembang cengkéh, matawalik, mata walik tabur, poléng banji, poléng rujak huni tabur, poléng daun peuteuy, poléng limar, poléng kakawatan, birit manggu, poléng singkayo, kakawatan pasagi, kakawatan salur, poléng katuncar mawur, poléng mata itik, poléng beureum jambu.

5. Karawang
Matawalik, iga munding, tabur bintang, talaga ngembeng, parang rusak, kepang tanjeur.

6. Pandéglang
Mata walik, solodoktor, tanjung pinang, birit manggu, kupa saranggeuy.   


7.  Anyer
Matawalik, belah ketupat, kembang cengkéh, rarantéan, wayang, kembang kadu, pacar cina, kotak manis, méga mendung.

Sakitu nu tiasa didugikeun, ieu mah etang-etang malikeun deui emutan, yen urang Sunda kungsi boga kabisa, jeung kungsi didokumentasikeun, hanjakalna dokumentasi teh teu pati gembleng, loba keneh nu kaliwat. Tugas nu araya keneh keur ngadokumentasikeunana, sangkan anak incu kahareup teu pareumeun obor.


Sumber bacaan :
-         1. J.E Jasper jeung M.Pirngadie,De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie jilid I, 1912 sareng sababaraha gambarna
-        2. Ahmad Said, Seni Menganyam, CCP, 2006, sareng gambarna
-        3.Ganjar Sakri, makalah, Tinjauan Historis Perkembangan Kerajinan Tangan Anyaman Bambu Halus 
     4. Tasikmalaya, majalah Dimesi Vol 7 No.1, 2009, sareng gambarna
-         5.   Kamus Basa Sunda R.A.Danadibrata
-         6.  Kamus Sunda-Inggris Hardjadinata


No comments: