28 June 2012

MIRUHA


Ku : MAMAT SASMITA

Dina sistim téknologi tradisional, saeutikna aya dalapan rupa parabot tradisional (unsur kabudayaan fisik), nu sok dipaké ku masarakatna dina kahirupan sapopoé. Nyaéta : 1. Alat produksi  atawa parabot keur ngalaksanakeun pagawéan sapopoé nepi ka aya hasilna sangkan bisa lumangsungna kahirupan, upamana batu keur ngarieus nepi ka alat keur ninun. 2. Alat keur nyieun seuneu. 3. Pakarang nyaéta alat keur béla diri tina gangguan sato galak jeung alat keur neukteuk, motong, nojos, neunggeul upamana  bedog, péso, gegendir. 4. Wawadahan kayaning tolombong, carangka, ayakan jeung sajabana ti éta. 5. Dahareun upamana lalab-lalaban, bubuahan, beubeutian, sisikian. 6. Papakéan, kumaha nyieunna jeung naon bahan nu dipakéna. 7. Tempat keur nyalindung atawa imah, pangaweruh nu aya pakaitna jeung arsitéktur tradisional. 8. Alat transportasi, upamana rakit, cikrak, dongdang.
Nu rék dibahas dina ieu tulisan téh nyaéta kumaha carana urang Sunda nyieun seuneu, maksud téh alat naon waé nu kungsi dipaké ku urang Sunda jaman baheula sangkan bijil seuneu. Seuneu kacida diperelukeunana dina kahirupan manusa ti mangsa bihari nepi ka kiwari, malah aya nu nyebutkeun mun hiji bangsa geus bisa ngawasa seuneu, éta téh ciri geus aya kamajuan. Gunana seuneu mangsa bihari diantarana keur nyieuhkeun sato galak jeung sangkan teu mopoék, satuluyna keur barang asakan atawa ngawétkeun dahareun.  Cék nu rahul mah seuneu diciptakeun ku Nu Maha Kawasa téh ukur keur jelema, da sasatoan mah teu perelueun.

Huntu gelap

Kacapangan huntu gelap dilarapkeun kana batu panas nu dianggap ragrag ti langit. Cék dongéng (lisan) kolot baheula, dina mangsa hujan angin dor-dar gelap, keur kaayaan kitu tuluy aya tatangkalan nu jangkung kabéntar ku gelap nepi ka peunggas bari jeung ngelun haseupan, majarkeun éta téh duruwiksa nu dicéntang ku gelap, pélorna téh mangrupa batu. Tah dina tatangkalan kitu mun leukeun ditéangan sok kapanggih guruntulna batu nu dipaké nyentang duruwiksa tadi, batu eta disebutna huntu gelap. Biasana batu huntu gelap téh tara gedé paling gé saukuran dampal leungeun, rajeun batu kitu téh diampihan, cenah mah batu huntu gelap alus pisan mun dipaké keur nyieun seuneu, papasanganana jeung gandawesi.
Tina dongéng ieu boga harti kasadaran kana ayana seuneu geus nyampak, kaharti ari kituna mah, hiji barang (tatangkalan) nu kasamber gelap geus pasti hurung, leutikna ngelun aya haseupan. Ngan palebah aya batuna nu teu pati kaharti, sabab gelap mah tara aya batuan, paling ge sorana nu ngaguludug tarik.
 
Cék katerangan kamus basa Sunda Danadibrata mah huntu gelap téh nyaéta batu météor, nu ragrag ti langit. Tangtu batu météor nu ragrag tur neumbag kana tatangkalan dina kaayaan kacida panasna, nepi ka tatangkalan téh tutung, ngelun haseupan, malah bisa jadi kahuruan, mun batu météorna geus tiis warnana sok semu hideung.  Ku lantaran sarua jolna ti langit boh gelap (guludug) boh batu météor komo mun jolna batu météor téh dina mangsa keur hujan angin dor-dar gelap, jadi wé disebut huntu gelap. Pangna disebut huntu sabab lolobana nu kapanggih batu téh sagedé dampal leungeun tur wangunna siga huntu jalma nu hareup atawa méh siga kampak keupeul. Malah aya nu nyebutkeun huntu gelap téh kampak keupeul (kapak genggam), lamun di hiji tempat kapanggih kampak keupeul bisa jadi di tempat éta kungsi dicicingan ku manusa purba, manusa jaman batu.

Miruha

Miruha téh asal kecapna tina piruha. Dina kamus basa Sunda Danadibrata disebutkeun harti piruha téh nyaéta carana nyieun seuneu ku jalan ngagésrékkeun dua awi awi garing palebah hinisna, nepi ka lamun tapakna diteundeunan kawul jadi ruhay. Miruha carana karuhun Sunda nyieun seuneu. Ari cék kamus basa Sunda LBSS mah piruha teh ngayakeun (ngahurungkeun) seuneu ku ngagésrék-gésrékkeun awi garing. Dina kamus séjén mah teu kapanggih kecap piruha téh, boh dina kamus Sunda-Inggris Hardjadibrata, boh dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg, kitu deui dina kamus Sunda-Belanda Coolsma gé teu kapanggih.
Dina prak-prakanana miruha, salah sahiji awi garing téh kudu diteueulkeun atawa disindekelkeun kana barang séjén nu leuwih kuat tuluy ditahan ku keuneung atawa ku dampal suku, ari awi hiji deui,  ngagésrékkeunana kudu didedetkeun pisan, kakara babari panasna. Demi nu disebut kawul nyaéta bulu, aya nu nyebut lukut lemes, dina tangkal kawung ayana di jeroeun kalokop palapah daun kawung. Supaya kawul alus dipakéna, kawul nu kakara meunang ngala tina tangkal kawung kudu dikeueum heula ku cai sapu paré beunang meuleum, tuluy digaringkeun ku jalan dipoé dina mangsa keur panas poé éréng-éréngan, sanggeus garing pisan kakara bisa dipaké.
Kecap sejen nu saharti jeung miruha nyaeta celepot atawa celetok (tingali dina kamus Sunda-Inggris Hardjadibrata, LBSS jeung buku Kompendiun Istilah Sistem Pertanian Tradisional Sunda).

Géré

Salian ti miruha, aya deui nu disebut ngagéré, ngagéré mah dilakukeun dina kai garing nu aya liangan (alusna urut liang bangbara), panggéréna nyaéta rokrak kai kira-kira sagedé curuk, panjangna sahasta, tuluy dipuntir-puntir, digelang ku dua dampal leungeun bari rada diteueulkeun atawa didedetkeun. Sanggeus ngebul lantaran panas kakara dipurulakan ku kawul ambéh jadi ruhay. Kanyaho nyeiun seuneu ku cara ngagéré méh aya di unggal bangsa, geus jadi kanyaho balaréa utamana keur jelema nu resep ngalalana ka leuweung atawa ka gunung, malah jadi pelajaran dasar keur survival
Kecap kawul sinonimna lumlum

Tékér

Sanggeus urang Sunda wanoh kana beusi atawa waja (maléla), cara nyieun seuneu gé robah, asalna ku jalan miruha atawa ngagéré jadi ku cara ditékér, sabab dianggapna leuwih praktis jeung alatna leuwih babari mun dibawa kamana-mana.
Alatna disebut gandawesi jeung batu seuneu ditambah ku kawul. Carana batu seuneu ditékérkeun kana gandawesi nepi ka ngaburicak bijil kembang seuneu, pépétélan kembang seuneu diusahakeun keuna kana kawul, nepi ka kawul téh ruhay. Gandawesi téh leunjeuran beusi atawa waja gedéna  kira-kira sagedé cinggir panjangna satengah jeungkal. Ari batu seuneu cukup sagedé indung leungeun tur batuna nu kawilang teuas.
Tina kecap tékér jadi panékér nyaéta alat paranti nékér sangkan kaluar seuneu.
Ka béhdieunakeun, sanggeus aya minyak béngsin jeung aya batu seuneu beunang nyieun pabrik, panékér robah deui, asalna maké gandawesi jadi robah leuwih praktis, najan unsur gandawesi jeung batu seuneu tetep aya ngan kawul geus teu dipaké diganti ku kapas atawa kapuk nu geus dibaseuhan ku minyak béngsin, dilengkepan ku simsim atawa sumbu.
Gandawesi nu asalna leunjeuran waja kira-kira satengah jeungkal jadi  buleud siga gilinding leutik  rérégéan sagedé suuk, batu seuneu nu asalna saguruntul sagedé indung leungeun jadi robah sagedé béas. Cara makéna gé leuwih praktis, ukur diteken ku indung leungeun bari rada disorodotkeun, nepi ka gandawesi buleud téh ngagésrék kana batu seuneu nu nyumput handapeun gandawesi.
Panékér mangsa kiwari geus tara maké béngsin  jeung teu maké simsim tapi geus diganti ku cai gas, ari gandawesi jeung batu seuneuna mah tetep aya kénéh, najan aya nu geus diganti ku mahnit. Sesebutanana gé geus arang nu nyebut panékér, tapi leuwih mindeng disebut korék gas.

Nengetan kumaha carana urang Sunda mangsa bihari nyieun seuneu, nu didadasaran ku cara ngagésrékkeun dua barang nu sarua (awi jeung awi, kai jeung kai) atawa dua barang nu béda (beusi jeung batu), sabenerna mah cara kitu téh méh sarua jeung nu dilakukeun ku bangsa deungeun boh di Asia boh di Éropa. Ngan nu matak reueus téh pédah éta aya réngkol kecapna dina basa Suinda, utamana kecap piruha, najan boa-boa kecap piruha téh asalna tina ruruh, basa Sangskerta, nu hartina duruk. Rék kitu rék kieu, kecap piruha geus ngabeungharan basa Sunda, geus ngabeungharan budaya Sunda.
Tulisan ieu mangrupa tulisan awal, sakadar bubuka keur nu resep kana perkara antropologi budaya hususna étnografi, kahareup mah kudu aya panalungtikan deui nu leuwih daria, da dihenteu-henteu gé ieu téh tatapakan budaya Sunda.

Sababaraha kecap basa Sunda nu aya patalina jeung seuneu

Piruha, cara nyieun seuneu luluhur Sunda ku jalan ngagesrekkeun papada awi garing palebah hinisna.
Piruruhan tina kecap ruruh nu hartina duruk, ngaduruk sangkan beresih, tempat pameuleuman beusi di gosali.
Pirun, mirun seuneu, ngahurungkeun seuneu.
Huru, duruk, kahuruan, kacilakaan nu dilantarankeun ku seuneu gedé sarta ngancurkeun wawangunan
Hurung, aya seuneuan.
Ruhak, seuneu dina areng méméh pareum jadi lebu.
Ruhay, cahayaan, aya seuneuan tapi teu hurung.
Duruk, ngaduruk, ngamusnahkeun barang atawa runtah ku seuneu.

Paribasa : seuneu hurung dipancaran hartina nu keur ambek dipanasan nepi ka leuwih ambek deui. Pancar téh suluh nu kacida garingna, mun diduruk babari hurungna.

Rumah Baca Buku Sunda Mei 2012

Sumber bacaan :
  1. Pengantar Ilmu Antropolgi, Kuncaraningrat,Rineka Cipta, edisi revisi 2009
  2. Kamus Basa Sunda R.A.Danadibarata, Kiblat Buku Utama, 2006
  3. Kamus Umum Basa Sunda LBSS, Geger Sunten, 2007 
(Dimuat dina majalah Cupumanik No.107 Juni 2012)

3 comments:

BHINEKA TUNGGAL IKA said...

Ngamumule basa sareng kasenian Sunda
Assalaamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh, nepangkeun kasadayana, Kamus ieu masih teras ditambihan sareng didangdosan, tapi tos diuningaan ku 99 nagara, anu pangseringna urang Amerika sareng tamu tos dugi ka 64.000 langkung. Mangga uningaan dugi ka vidiona oge, manawi tiasa ngarojong.
Punten masih seueur keneh anu kirangna sareng punten pami website ieu dibukana laun atanapi sesah, margi seueur vidio kasenian sunda tina youtube. Haturnuhun.
http://kamusindonesiasunda.blogspot.com/

Anonymous said...

Pak Mamat Sasmita yth.,

Saya insha Allah akan liburan ke Bandung mulai akhir Juli sampai dengan akhir Agustus 2012. Mudah-mudahan saya bisa sempat mampir ke Rumah Baca Buku Sunda yang Bapak kelola.

Salam takzim,
Agrar Sudrajat - Amsterdam

Anonymous said...

Kanggo Pa Agrar Sudrajat, mangga diantos pisan di Rumah Baca Buku Sunda.