Bagja temen boga sobat siga kang Amung téh, loba pangabisana, loba pulunganeunana. Biasa keur waktuna istirahat gawé, sok silih calukan. Harita gé kang Amung nga-sms, nyalukan, majarkeun boga goréng lauk emas, bisi rék ngasaan cenah. Enya wé basa ditepungan téh keur cacaleuhakan bari rada seuhah, keur murak timbel, bekelna bawa ti imah.
Sugan téh goréng lauk emas bibit, sihoréng téh goréng anak lauk emas nu kakara sagedé indung leungeun “ Di Cianjur mah lauk emas sagedé kieu téh disebutna baby face” kitu ceuk kang Amung. Digoréngna rada garing, digégél teh nyakrek rangu semu liat, enya ngeunah, sakalian nyoro kana sangu timbel kang Amung meunang sababaraha huap, ni’mat karasana. Hanjakal kuring mah geus dahar. Da basa narima sms ti manéhna téh kuring keur ngalimed dahar.
“Tah kieu ni’matna dahar urang Sunda mah, ramo leungeun téh ramiping pinuh ku réméh” cék kang Amung bari nembongkeun dampal leungeun tuluy ngaléos, tayohna rék kokocok ngumbah leungeun.
Balik tas kokocok manéhna ngomong “Matak euceuna (maksudna pamajikan kang Amung) mah tara ngukut kuku, cenah sieun teu bisa ni’mat dahar”.
Kang Amung diuk dina korsi gawéna, bari rada ngalageday “ Cik ari didinya apal teu naon basa Sunda lemesna kuku?”
Kuring rada ngahuleng ditanya nerag siga kitu mah “Tanggay kang?” cék kuring rada asa-asa.“Tah geuning apal” témpas kang Amung. Pedah wé kuring inget kana tari tanggay ti Palémbang, apan kuku nu tari téh maké asésoris pararanjang. Barabat kang Amung nerangkeun perkara basa Sunda, nu katangkep ku pikiran kuring mah ukur kacapangan basa téh cicirén bangsa, ilang basana ilang bangsana. Cek kang Amung téh euweuh salahna tapis kana basa Sunda najan urang bisa basa internasional, najan urang geus biasa ngalanglang dunya. Lain hartina urang jadi kampungan mun ngomong ku basa Sunda, matak cik atuh di imah téh aya ngabagug kamus basa Sunda, ulah ngan kamus basa deungeun we nu dijéjérkeun dina rak buku téh. Kuring ukur seuri maur, rumasa di imah téh teu boga kamus basa Sunda.
“Ari téngkor apal?” cek kang Amung. Kuring gideug, inget-inget poho puguh gé, asana jaman keur budak, di lembur mindeng jajan kolek cau ka warung mang Tahya, diladangan téh maké téngkor daun cau. Da béda kolek cau jaman taun 60an jeung kolek cau jaman kiwari, baheula mah kolek cau téh teu uwar awer ku cai, malah kuled cauna lamokot ku entén.
“Heueuh nu kitu nu disebut téngkor daun cau téh, keur wawadahan dahareun saharitaeun. Kalan-kalan téngkor daun cau téh sok jadi gaganti séndok” kang Amung nandeskeun “Asa can aya tulisan ngeunaan sajarah séndok di urang Sunda euy, boa boa urang Sunda mah teu resepeun kana angeun, resepna kana lalab, ngadaharna teu kudu maké séndok”.
“Tapi pan aya nu disebat sinduk, pasti éta téh kanggo ngagulah goléh angeun” kuring nempas teu éléh géléng.Obrolan kang Amung ngagilek kana rupa-rupa ngaran paparabotan urang Sunda “Geura saha ayeuna nu boga undem, bekong atawa entik” kitu pokna. Cek kang Amung deui, lain hartina jaman kiwari kudu ngampihan barangna, tapi sahenteuna urang Sunda kudu engeuh yen urang téh boga kabeungharan budaya nu kungsi ngeusi batin urang, Alusna sagala rupa paparabotan atawa wawadahan téh aya dokumentasina dina wangun buku, supaya bisa dibaca ku balarea, basana bisa maké basa Sunda, basa nasional atawa basa internasional. Kang Amung norostos ngomong lir kacang ninggang kajang, siga nu hayang ngabudalkeun sakabéh unek-unek haténa, bari tuluy nataan ngaran-ngaran paparabotan.
Loba nu ditataan téh, kayaning ajug, jahas, rigén, dulang, songsong, badodon, bubu, susug, ranggap, sirib, heurap, kecrik, lintar jeung sajabana ti éta. Cék kang Amung ngaran paparabotan téh ngaratus, mun dijieun buku nu alus pasti kandel.
Kuring némpas “Muhun kang, ngadamel bukuna mah tiasa ku saha baé, mung naha bakal pajeng upami diical ka masarakat? Apan pamedal nyitak buku téh peryogi waragad, peryogi modal. Sabaraha lami tah modal téh bakal pulang jinis, break event point téa, da kiwari mah dihenteu-henteu gé sagala rupi téh kedah aya étangan bisnisna”
Kang Amung balik némpas malah siga nu rada morongos “Nya heueuh atuh ari rék diitung sacara bisnis mah kudu kitu, tapi pan ieu mah ngadokuméntasikeun karya kaparigelan masarakat Sunda, piraku euweuh nu haat”. Tuluy ditambahan ku omongan :”Akang mah mun ulin ka toko buku gedé sok rada nyeri haté, da arang langka manggih buku ngeunaan Sunda, bréh téh Jawa deui Jawa deui. Padahal tangtu loba hasil panalungtikan para akademisi di Tatar Sunda ngeunaan Sunda boh desertasi, tésis atawa skripsi, tibatan ukur ngabagug di perpustakaan kampus, kuduna mah aya usaha diterbitkeun, dijieun buku ambih kabaca ku balarea. Ari nerbitkeun mah apan bisa gawé bareng antara kampus, penerbit jeung pamarentah, menta ijin we ka alumnus, moal burung atoheun desertasina diterbitkeun. Sunda téh meureun beunghar ku hasil panalungtikan”
Enya kituna mah, kuring gé satuju pisan kana pamadegan kang Amung, dokuméntasi téh perlu pisan, mangrupa bukti yen Sunda teh beunghar.
“Kang, upami teu lepat kuring kantos nguping duka dina obrolan duka maca, hilap deui, saurna Litbang Cupumanik nuju ngeureuyeuh nataan paparabotan Sunda, saurna badé dibukukeun”
“Alus atuh, sing buru-buru anggeus jeung buru buru medal” cék kang Amung mungkas obrolan da waktu istirahat gawé geus béak.(Dimuat dina Cupumanik No. 90 Januari 2011)
No comments:
Post a Comment