Ku : MAMAT SASMITA
Ngaranna Amung, méh sarua jeung ngaran dalang wayang golék. Bareng digawé sababaraha taun, lain bareng kétah da béda bagian ngan sakantor, ari kuring mah di bagian transmisi satelit, ari manéhna di bagian jaringan kabel. Urang Garut manéhna téh. Wekel pisan kana gawé, tara kadéngé baha kana paréntah dunungan. Istuning paréntah dunungan téh lir tugas suci nu kudu dilakonan najan sakumaha héséna. Teu béda jeung Ua Léngsér dina carita pantun. Naon paréntah raja kudu dilaksanakeun najan kudu nandonkeun nyawa. Sarua deuih hirupna teu weléh jigrah, rada orongoh, optimis cék istilah jaman ayeuna mah. „Gawé mah ulah diwawaas héséna, sok ngarasula“ kitu pokna téh.
Ari papakéan teu weléh nécis, matak sieup kacirina, awakna rada pendék jeung rada mongkoy. Mun leumpang leungeun teu weléh ngajérébébéng, siga binaragawan nu teu bisa ngarapetkeun puhu leungeun. Aya deui kabiasaan séjén nu jadi ciri dirina, sapopoé sok maké kacamata ribén, kacamata nu semu hideung téa. Kungsi ditanya perkara kacamata mah, cenah mah panonna sok babari beueus mun langsung keuna ku cahaya. Sapopoéna kuring sok ngaakangkeun ka manéhna, da boh umur boh dina kapangkatan inyana leuwih senior batan kuring.
Dasar Kang Amung, aya wé pulunganeunana dina kahirupanana, ka kantor téh teu weléh mekel sangu keur dahar beurang, nimbel istilah manéhna mah. „Mekel sangu téh sarua jeung ngahargaan pamajikan, naon nu didahar ku urang sarua jeung nu didahar ku anak pamajikan. Dahareun téh pan nu méré getih ka awak urang, sedengkeun getih téh hirup urang. Tah ieu nu jadi runtut raut dina kulawarga, sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan, jeung deuih dahareun téh kudu halal“.
„Geuning akang sok kapendak tuang di restoran“ cek kuring nempas. Méméh ngajawab manéhna ngagakgak heula seuri bari ngajawab :“Harita mah euceuna kabeurangan hudang, teu kaburu nyangu isuk-isuk“.
Jadi dina mangsa istirahat gawé téh, antara tabuh 12.00 nepi ka tabuh 13,00, sabada solat lohor téh manéhna mah tetep wé di rohangan kantor murak timbel siga nu ni’mat. Kana udud dipahing pisan, makruh éta téh, cék manéhna deui pangpangna mah duit keur meuli roko téh kawilang gedé, mending dipaké ongkos budak ka sakola.Hiji poé manéhna ngajak kuring dahar di luar, kitu lah di réstoran leutik, najan leutik réstoran téh kajojo pisan, pédah murah jeung ngeunah tur sagala aya. Néangan méja persis hareupeun lawang. Cék kuring mah diuk didinya téh asa teu merenah, keur mah deukeut ka lawang jeung kaganggu deuih ku nu lalar liwat, tapi da keukeuh manéhna hayang diuk didinya. Sugan téh manéhna rék diuk nukangan lawang, ieu mah ngahaja nyanghareup ka lawang, majarkeun strategis diuk didinya mah.
Sor dahareun, anteng ngahenggoy, teu lila cék manéhna semu ngaharéwos „Transparaaan...“. Ngomong kitu téh bari rada ngasorkeun kacamata ribén kana cukang irungna, jeung teu riuk-riuk, siga nu angger wé ngahénggoy dahareun.
Mimitina kuring teu ngarti kana maksudna, leuh sihoréng nu disebut transparan téh ngalangkang. Enya ngalangkang, geura lamun pabeubeurang keur panas poé mentrang, urang aya di jero rohangan, ningali ka luar tina panto, tangtu bakal rada sérab da aya béda intensitas cahaya. Tah lamun kabeneran dina lawang panto aya nu nangtung bakal kaciri ngalangkang, komo lamun nu nangtungna ukur maké baju atawa erok rada ipis, pan matak kaciri sabeuleugeunjeur.
Ningali kitu téh kuring mah rada ngabalieur bari rada kéom. Ari cék Kang Amung mah bisa ningali nu kitu téh kulantaran urang aya dina posisi nu strategis, sedengkeun posisi strategis téh kudu dirarancang jeung diupayakeun. „Voyeurism éta téh kang, béhna make ribén téh keur kitu wé nyah...“ cek kuring ngaharéwos, manéhna ukur ngahéhéh..
Bérés dahar, tuluy balik ka kantor, leumpang wé da deukeut ieuh. Kuring nanya ka manéhna „Kang ari tuang ka réstoran sareng euceuna sok milari tempat nu startegis kitu?, manéhna ngagakgak seuri bari ngajawab „Tara atuh,...akang mah jadi lalaki idéal keur euceuna“. Terus manéhna ngabamblam soal transparansi. Nyeueung transparansi téh ulah ngan ukur ningali nu ngalangkang siga tadi, tapi kudu leuwih lega ngama’naanana. Transparansi téh hartina méré lolongkrang sangkan bisa diaksés ku batur kana pagawéan urang nu aya pakaitna jeung kapentingan publik. Lain hartina pacorok kokod tapi leuwih nyoko kana nalingakeun pagawéan, cék basa ayeuna mah pengawasan téa, bisi aya kakurangan atawa kasalahan tuluy bisa digeuing sangkan bener.
Contona mun urang nyieun imah di kota Bandung, kapan kudu boga ijin ngadegkeun bangunan (IMB), éta hartina urang anut kana aturan tata ruang kota. Ngajukeun ijin téh apan kudu aya rencana anggaran biaya, gambar rencana bangunan jeung sajabana ti éta. Dina derna digawé urang téh kudu badami jeung kulawarga, boh biayana boh rarancang imahna, ambih silih geuing bisi aya kasalahan, éta hartina tranparan, euweuh nu disebut sumput salindung téh. Kitu deui pamaréntah, mun rék nyieun bangunan atawa ngoméan sarana publik kudu transparan, boh biaya boh kualitas bahan atawa rarancang gawé. Komo keur pamaréntah mah kudu pisan transparan téh da nu dikokolakeunana lain duit pribadi, tapi duit ti rahayat, duit tina pajeg gegedéna mah, duit tina késang rahayat. Carana, nu panggampangna, maké plang nu nyebutkeun sabaraha biayana, sabaraha lila pagawéanana, saha nu migawéna, saha nu tanggung jawabna jeung sajabana ti éta. Jadi lamun rahayat hayang apal gedéna biaya jeung saha nu migawéna kari ningali plang éta, meureun rahayat bisa ngajudi kana kualitas pagawéan.
Hanjakal ngawangkong téh teu kebat, kaburu nepi ka kantor.*
Pasosoré, waktuna balik ka imah, hujan ngagebrét, rék balik téh mandeg mayong, tapi mun ngadagoan raat pisan mah sieun kaburu macét di jalan. Ngabelesur maké sapédah motor, kapaksa maké jas hujan. Di jalan cileuncang ngageledeg, jalan aspal nu kuduna leucir ku aspal jadi walungan dadakan, ngajalankeun motor téh lalaunan, lantaran loba jalan garékgok, gorowakna jero, galedé deuih jeung teu kaciri da kalimpudan ku cileuncang, matak jadi bahla mun teu ati-ati. Numpak motor téh bari ngawawaas omongan kang Amung, naha ieu cileuncang sakieu gedéna, mustahil pamaréntah kota teu nyahoeun mah, naha gorong-gorong tara diberesihan, boa boa geus katutupan ku leutak. Kitu deui garékgokna jalan, naha teu buru-buru dioméan, atawa boa boa kualitas ngoméanana teu luyu jeung spésipikasi téhnis. Mun unggal pagawéan keur kapentingan publik tranparan dina biaya, kualitas bahan jeung pagawéanana, meureun moal kieu-kieu teuing. Padahal rék transparan mah teu hésé, asal aya niat wé ti nu boga hadas.
(Dimuat dina majalah Cupumanik No.87 bulan Oktober 2010)