07 June 2009

MULASARA NASKAH SUNDA

Laporan : MAMAT SASMITA

Dina basa Indonesia aya paribasa “seperti padi hampa, makin lama makin mencongak” (Peribahasa/K St Pamuncak/ Balai Pustaka/ 1983) hartina mah kurang leuwih jalma sombong nu teu boga elmu ngomongna sok beuki luhur. Eusi paribasa nu sawanda siga kitu kapanggih dina naskah Sunda kuno nyaeta dina naskah Amanat Galunggung (abad ka 16) :
“….na twah ra(m)pes dina urang, agmani(ng) pare, mangsana jumarun, telu daun, mangsana dioywas, gede pare, mangsana bulu irung, beukah, ta karah nunjuk ka langit, tanggah ka karah, kasep nangwa tu iya ngaranya, umeusi ka karah lagu tungkul, harayhay asak, ta karah candukul, ngarasa mameh kaeusi, aya si nu hayang, daek tu maka hurip na urang reya, agamaning pare pun. Lmun umisi tanggah, harayhay tanggah, asak tanggah, hapa ngarana, pahi deung ayeuh ngwara ngarana, hanteu alaeunana, kitu tu agama di urang rea…”
Kitu deui dina naskah kuno sejenna, bakal kapanggih kabeungharan eusi batin urang Sunda mangsa bihari, keur pieunteungeun mangsa kiwari. Hanjakalna naskah kuna Sunda loba keneh nu can kaguar. Loba alesanana, diantarana , naskah Sunda ditulis dina aksara Sunda kuna, nu bisa maca ngan ukur hiji dua.
Pikeun ngaguar perkara naskah Sunda kuna, Pusat Studi Sunda ngayakeun sawala maneuh poe Jumaah tanggal 8 Mei 2009, jejerna : Transliterasi Naskah Sunda Kuna PNRI (Perpustakaan Nasional RI) nu jadi panyatur nyaeta Aditya Gunawan ti PNRI jeung Mamat Ruhimat ti Unpad.

Naskah Sunda Kuna di PNRI.

Samemeh ngaguar naskah Sunda di PNRI Aditia Gunawan nyebutkeun heula naon nu dimaksud naskah. Nyaeta karya tulis manual dina media lontar, nipah atawa gebang, awi jeung dina media daluang. Aksara dina naskah rupa-rupa aya nu aksara Sunda kuna, aksara Buda, Cacarakan jeung Pegon. Dumasar kana tempat diteundeunna koleksi naskah Sunda di PNRI dibagi dua nyaeta koleksi nu diteundeun dina rak jeung koleksi nu diteundeun dina peti. Unggal naskah ditandaan ku kode naskah jeung nomer koleksi.
Koléksi nu diteundeun dina rak umumna mangrupa koléksi naskah nu geus dijilid, ngawengku (1) koléksi utama naskah Sunda (SD), (2) koléksi utama Koninklijk Bataviaasch Genootschap (KBG), jeung (3) koléksi naskah jilidan Dr. Brandes (BR).
Demi koléksi naskah nu diteundeun dina peti, sumebar dina sababaraha sub koléksi nyaéta (1) koléksi arsip jeung catetan C.M. Pleyte (PLT), (2) koléksi arsip jeung catetan K.F. Holle (KFH), (3) koléksi lambaran arsip Dr. Brandes (NBR), (4) koléksi arsip nu diteundeun dina lomari Brandes (LBR), jeung (5) koléksi naskah Sunda kuna nu ditulis dina daun lontar, nipah jeung awi.
Kajaba ti bungkeuleukan naskahna téh, PNRI mibanda koléksi mikrofilm deuih, ngawengku leuwih kurang 147 naskah Sunda koléksi PNRI jeung naskah-naskah koléksi Lima Lembaga Jawa Barat (dina 50 rol mikrofilm). Di antara naskah-naskah Sunka koléksi PNRI, naskah Sunda kuna (NSK) can dimikrofilmkeun.
Ku tungtutan kamajuan téknologi informasi, kiwari Perpusnas geus ngadigitalisasikeun sababaraha naskah Sunda, jeung sabagian di antarana bisa diaksés ku saha waé kalawan gratis ngaliwatan jaringan internet. Naskah bisa dipulut (didownload) dina format PDF jeung Flash HTML kalawan babari tur gancang. Ramatlokana nyaeta http://digilib.pnri.go.id .
Pikeun maluruh naskah-naskah nu aya di PNRI, panalungtik naskah bisa ngamangpaatkeun rupa-rupa katalog naskah Sunda, boh anu geus diterbitkeun boh anu can diterbitkeun. Katalog naskah Sunda koléksi PNRI nu geus diterbitkeun di antarana susunan Edi S. Ekadjati (LKUP, 1988), Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara Jilid IV Perpustakaan Nasional RI: susunan Behrend, spk. (Yayasan Obor Indonésia jeung École Francaise d’Extremê-Orient, 1998), Jawa Barat: Koléksi Lima Lembaga susunan Edi S. Ekadjati jeung Undang A. Darsa (Yayasan Obor Indonésia jeung École Francaise d’Extremê-Orient, 1999). Sedengkeun katalog Naskah Sunda Koléksi PNRI nu can diterbitkeun atawa mangrupa sténsilan di antarana Memed Sastrahadiprawira, Fisik Naskah Sunda Koléksi PNRI yasana Ruhaliah, Naskah Sunda Kode SD Koléksi PNRI susunan Ruhaliah. Husus keur NSK mah, nepi ka danget ieu can aya katalog anu lengkep tur informatif.
Dina bulan Mei nepi ka bulan Juli 2008, PNRI ngayakeun kagiatan stock opname kana koléksi naskah. Kagiatan téh dilaksanakeun pikeun maluruh kaayaan fisik naskah. Tina éta kagiatan téh, kapanggih ogé sababaraha NSK nu salila ieu nyumput, teu kadaftar dina katalog, atawa tacan ditalungtik ku para ahli.
Pikeun gambaran aya data naskah nu kungsi ditalungtik jeung nu can ditalungtik (tingali gambar grafik).
Ka hareupna Aditia Gunawan miharep sangkan beuki loba nu nalungtik tur dipiharep pisan sangkan naskah asli geuwat di digitalisasikeun. Tujuanana sangkan kasalametkeun, malum naskah teh geus umuran, bisi kaburu ancur, kacida lebarna lamun can kaguar eusina. Cek Aditia biayana teu gede teuing ngan ukur belasan juta rupia. Itunganana, nu can ditalungtik aya 1214 lempir, ngadigitalkeun cukup make kamera digital, sajepret biayana Rp 35.000,-. Dina sajepret bisa dijejerkeun 5 kaca, jadi tina 1214 lempir atawa 2428 kaca (sanggeus diitung recto verso) ukur 486 jepret dikalikeun 35.000 rupia tuh pan ngan ukur tujuh belas juta rupia. „Keur urang Sunda nu beunghar tur haat kana kabeungharan budaya Sunda mah duit sakitu teh saeutik moal matak leuleuweungan, tibatan duit dipake nyaleg bari jeung teu jadi“ omong Adit bari seuri maur.

Kabuyutan Ciburuy.

Mamat Ruhimat leuwih nyoko ngaguar naskah nu aya di Kabuyutan Ciburuy Bayongbong Garut. Cek pangimeutna nu nalungtik naskah-naskah Sunda kuna kawilang saeutik. Para filolog nu ancrub neuleuman naskah Sunda, ngan aya hiji dua, sedengkeun naskah Sunda kawilang rea, boh nu aya di PNRI, di luar nagri, di kabuyutan jeung nu aya di masarakat umum. Salian ti eta hesena teh pedah aksara Sunda kuna, basana ge sarua kitu, loba kecap nu geus teu loma.
Kabuyutan teh cek Prasasti Kabantenan V tempatna para wiku atawa tempatna para intelektual jaman harita, malah aya nu nyebut scriptorium atawa tempat ngulik tur tulas tulis para intelektual. Lamun aya nu ngaganggu kudu dilawan malah kudu ditelasan pisan.

Ti jaman kolonial keneh Kabuyutan Ciburuy geus kagadabah, malah loba naskahna nu dibawa. Hadena aya nu disimpen di PNRI diantarana naskah Carita Ratu Pakuan, Purnawijaya, Amanat Galunggung. Salah sahiji naskah nu geus ditalungtik nyaeta nu judulna Kisah Putra Rama Jeung Rawana (PRR). Bisa jadi eta teh ngabuktikeun yen kasusastraan Sunda buhun geus kacida mekarna. Naskah Putra Rama jeung Rawana (abad 16) saduran tina Uttarakanda (abad 11).
Naskah PRR nu kapanggih aya dua, nu hiji aya di Museum Sri Baduga, nu hiji deui aya di Kabuyutan Ciburuy. Naskah nu aya di Ciburuy bacacar dina lima koropak.
Dina koropak 17 aya naskah PRR salempir, dina koropak 18 aya 5 lempir, koropak 22 aya 32 lempir tapi salempir lain PRR. Dina koropak 26 aya naskah PRR 2 lempir, koropak 29 nakash PRR aya salempir. Panalungtikan ngeunaan eusi PRR geus dilakukeun ku Noorduyn ti mimiti taun 1971, sanggeus Noorduyn tilar dunya panalungtikan dituluykeun ku A Teeuw. Kakara dibukukeun dina taun 2006, pamedalna KITLV Press, judul buku Three Old Sundanese Poem ( Putra Rama Rawana, Sri Ajnyana jeung Bujangga Manik).

Harepan.

Boh Aditia boh Mamat Ruhimat, boga pamadegan anu sarua sangkan naskah Sunda kuna buru buru didokumentasikeun dina wangun digital, copelna aya tilu mangpaat 1. Eusi naskah bisa kasalametkeun bisi naskah aslina ruksak. 2. Waktu jeung waragadna teu lila teuing jeung teu gede teuing dibandingkeun jeung ditulis ulang. 3. Lamun aya panalungtik nu perlu teu kudu hese ngungkab naskah asli. Salian ti eta kudu aya niat nu panceg pikeun transliterasi, narjamahkeun tur nganalisisna, hasilna bisa dipublikasikeun ka balarea lain bae di kaum akademisi.

MAMAT SASMITA, Panumbu Catur Sawala PSS.
Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 71 Juni 2009.

No comments: