26 May 2009

DIAJAR KA CINA

Ku: MAMAT SASMITA

Nu ngageugeuh kakayon geus mimiti lusles. Nu babari nyingkah kitu sotéh, da aya nu napel pageuh, lolobana dina témbok atawa tihang listrik. Tuda maké pangrapet.

Nu disebut ngageugeuh téh éta gambar para calég, nu ngarudag korsi, harayang jadi anggota législatif. Pamilihan umum keur légilatif geus lekasan, pésta démokrasi nu digederkeun méh sataun geus laksana. Nu meunang korsi geus kaerong, atuh nu nyamos, nu ngégél curuk, teu beubeunangan pisan, gé loba.

Kecap korsi cék sakaol mah asalna tina basa Arab. Tapi aya nu nyebutkeun asalna ti Portugis. Ari urang Sunda kalan-kalan maké basa kirata: cokor di sisi, pédah sukuna aya di sisi. Kacida genahna diuk dina korsi nu hipu, ngadayagdag bari nundutan, geuning mindeng kapireng dina télévisi anggota législatif nundutan bari rapat.

Paranti diuk nu sawanda jeung korsi nyaéta bangku, ngan bédana bangku mah euweuh panyarandéanana jeung dipakéna bisa ku lobaan. Ari kecap bangku gé asalna tina basa Walanda.
Ana kitu jaman baheula, méméh aya pangaruh Arab atawa Portugis, tayohna urang Sunda téh diukna lain dina korsi, lain dina bangku, tapi dina amparan, sila bari ngampar, satata téa.

Basa séjén nu geus diaku jadi basa Sunda kaitung loba. Éta gé bisa jadi ciri yén basa Sunda téh hirup, bisa ngigelan jaman, dinamis. Salah sahiji buktina dina basa Sunda réa kecap nu asalna tina basa Cina.

Dina kagiatan nyawah aya nu disebut ngawuluku. Wuluku téh tina basa Cina, wu (lima), lu (ngagarap taneuh), ku ( rupa-rupa paré). Kecap séka nu cenah asalna tina basa Cina, si-ka, ngandung harti ngusap atawa meresihan beungeut atawa suku sanggeus ngawuluku. Kitu deui sibeungeut asalna tina si-bi-ngé, hartina ngumbah beungeut. Taneuh asalana tina to-nieh. Pangkéng atawa kamar paranti saré, asalna tina pang-kéng. Sosi atawa konci asalna tina kecap so-sih.

Dina tutuwuhan, utamana dina pepelakan sayur-sayuran, aya kucay, pécay, coysim (sawi héjo), pakcoy ( sawi héjo tapi leutik ngan daunna leuwih gedé), geus puguh togé jeung lobak mah, boa boa kangkung gé asalna tina basa Cina. Ngaran kadaharan kayaning tahu (takuah), tauco, capcay, puyonghay, bacang, bapaw, siomay, pangsit, kwécang, moci jeung kuaci. Dina itung-itungan gé mindeng kareungeu nu nyebut go-ban, céng-go jeung sajabana ti éta.

Campur gaulna urang Sunda jeung sélér Cina lain kakara kamari tapi geus ti bihari. Malah aya nu nyebutkeun yén di Karajaan Tarumanagara salah sahiji basa resmina téh basa Kwunlun. Atuh kiwari, geus kawentar yén sélér Cina téh loba nu jugala dina widang ékonomi, bisa survive kalawan sumanget gawé nu hadé (étos kerja).

Najan kitu dina kahirupan politikna sélér Cina siga nu kaluli-luli, sigana alatan tekenan ti jaman Orde Lama nepi ka jaman Orde Baru. Pan aya kacapangan Gana Dipanagara: ganti nama (ngaran) dipaksa nagara. Kakara menyat dina jaman réformasi, sanggeus Presidén Gus Dur méré kabébasan.

Lebah sumanget nyiar kipayah (étos kerja) asa pantes mun urang Sunda ngeunteung ka maranéhna. Contona mah kumaha kawentarna tahu Sumedang. Pan éta gé teu leupas ti kaparigel kulawarga Ongkino nu mukim di Sumedang.

Euweuh katerangan taun sabaraha mimiti ngamukim di Sumedangna. Ngan kacaturkeun yén dina taun 1917 anakna nu ngaran Ong Bung Kéng neruskeun usaha kolot: nyieunan tahu sakalian digoréng di dinya. Kiwari tahu Sumedang kacida kawentarna lain baé di Tatar Sunda tapi geus kawentar keur ukuran nasional tur méré kahirupan ka masarakat sabudereunana.

(Dimuat dina Majalah Cupumanik No. 70 Mei 2009, dina Dur Panjak)

No comments: