20 March 2009

Carpon : NINI JUMSIH MORO LANGLAYANGAN


Ku : MAMAT SASMITA                  English Version


“Geus seubeuh maneh Sujang..?” ceuk Nini Jumsih, bari ngareret ka incuna nu keur andekak dahar di tengah imah.
“Bisi can seubeuh kop tah beakeun alas Nini..” bari mikeun piring sangu nu meh metung keneh, jeung aya kere belut deungeuna.
“Entong Nini,…sok we seepkeun ku Nini…” ceuk Kang Sabri pangnembalankeun anakna ka Nini Jumsih.”…..Keun we keur si Sujang mah da aya keneh dina tetenong..”
Nini Jumsih keukeuh mikeun alasna keur si Sujang, incuna.
Si Sujang teh anak bungsu Kang Sabri nu umurna kakara opat taun leuwih opat bulan, keur meujeuhna segut kana barangdahar.
“Keun bae Sabri da ema mah rido…” ceuk Nini Jumsih”….Kilang bara barangbere nu lain teu bisa atuh alas dahar mah kop teh teuing,….jeung ongkoh ema mah geus seubeuh barangdahar sagala rupa oge, ari si Sujang kapan budak keneh jeung sakitu rewogna sagala dihuapkeun…”
Kang Sabri teu lemek teu carek, da enya kitu pisan, si Sujang teh kacida gembulna, sagala didahar, ngan pok bae ngomong “….Tong sok diogo teuing atuh Ema si Sujang teh….”.
“Ngogo nanahaon…da Ema mah teu boga keur ngogona oge…!”
Kang Sabri ayeuna ngabetem pisan, heueuh da Kang Sabri teh lain teu hayang mere maweh ka budak, atawa ka Emana, kudu dikumahakeun atuh pangala batan sakieu, sapopoe ngan saukur jadi tukang ojeg di pilemburan, tara unggal waktu meunang muatan, enya ari poe saptu mah sok rada marema pedah eta loba pagawe pabrik nu baralik, tapi ari di ukur keur hirup sapopoe mah hih angger we saukur mahi keur dahar, padahal jumlah kulawarga teh aya limaan, anakna dua katambah ku emana nu geus nunggul pinang da bapana mah geus mulang miheulaan.
Usaha jaman ayeuna kana sagala rupa oge hese, komo deui kaayaan di pilemburan, keur mah ongkoh haharegaan undak unggal mangsa, lamun rek dipake aral subaha mah matak aral, eta ge osok ganti pacabakan, kalan kalan osok buburuh macul, tapi da teu unggal waktu, aya usumna, nu geus jadi cecekelan sapopoe nya jadi tukang ojeg, boga motor soteh ladang tina ngajual tanah sacangkewok, da ngandelkeun tina ladang tatanen tina eta tanah mah mah lain kalahka untung tapi kalahka buntung, jeung ongkoh tanah titinggal bapana teh ku batur mah sok disebut tanah gabug, dipelakan itu ieu teh hih tetep we hasilna motetet.
Sabenerna mah lebar ngajual tanah teh, dina hatena mah teu mikeun, komo ieu kasebutna tanah warisan, nu kuduna mah dipusti pusti, Kang sabri ge lain teu ngarti, ngan nya kitu da hirup mah kudu jeung huripna, da niat ngajual tanah teh lain rek dipake monyah monyah, estu keur usaha ngabayuan nu jadi anak pamajikan, Alhamdulillah dina derna jadi tukang ojeg aya hasilna sok sanajan ngan ukur cukup keur dahar, atuh motor awet da makena apik.

Pasosore bada asar, langit lenglang beresih, euweuh riuk riuk ceudeum maleukmeuk, angin ngagelebug, ti kulon ka wetankeun, Nini Jumsih ngageroan si Sujang “..Sujang geura mandi kaituh urang ulin ka sawah lega, urang lalajo langlayangan..”
Si Sujang uulutudan keneh, tas ulin ti sisi kandang hayam, sigana mah tas ngala undur undur, da awakna mani kalotor ku kekebul taneuh.
“Nini uing ngilu….dagoan rek mandi heula..!” si Sujang tuturubun lumpat ka pancuran rek ngadon mandi, Nini Jumsih nuturkeun ti pandeuri, di jalan ka pancuran ngarawel daun harendong dua keupeulan.
“Sing beresih mandi teh Sujang, ulah bating gebrus kitu bae,…kadieuh urang ruru ku Nini geura..!”
Nini Jumsih ngamandian si Sujang, diruru nepi ka beresih, dakina palid kabeh, daun harendong gaganti sabun, sok sanajan teu loba budah tapi meujeuhna keur meresihan daki.
Sanggeus si Sujang dibaju terus arindit ka sawah lega, kabeneran di sawah lega teh geus beres panen, jadi siga lapangan nu mayakpak ku pare urut panen, meh satungtung deuleu, kacida resepna ngapungkeun langlayangan didinya mah.
“Euleuh geus loba batur geuning Sujang..” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang semu ngaharewos…”Hayu urang beulah ditu tuh nu aya saung…ambih genah lalajona..” ceuk Nini Jumsih bari nungtun si Sujang mapay galengan muru saung meh ditengah sawah.
Bari diuk sidengdang Nini Jumsih jeung si Sujang lalajo langlayangan, di tegalan sawah lega geus loba barudak nu rek ngarucu ngala langlayangan kapakan, langlayangan nu eleh diadu, barudak ting alabring bari mamawa gantar nu tungtungna ditambahan ku rupa rupa cagak sangkan babari ngait kana bola langlayangan.
Ti beh kidul kadenge nu eakeakan, sihoreng aya nu keur maen bal, ku jarami nu di buleud buleud siga bal, enya pasosore teh di sawah lega mah sok rame bae utamana sanggeus beres panen, barudak loba nu arulin.

Teu kanyahoan jol bereyek we barudak nu ting taranggah ngaliwat kana saung nu dipake sidengdang ku Nini Jumsih jeung si Sujang, barudak ting beretek, enya we aya langlayangan nu ngoleang ka palebah dinya, barudak geus pada taki taki paluhur luhur gantar, kalan kalan dina beunangna langlayangan teh lain alus mulus tapi kalahka soeh rikes da parebut.
“Sujang ari maneh hayang langlayangan..?” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang nu keur olohok mata simeuteun ningali barudak saluhureun pahibut parebut langlayangan, si Sujang neuteup ka ninina, teu ngomong sakemek
Puguh si Sujang teh dua poe nu kaliwat kungsi ceurik eueuriheun bari jeung lolongseran da parebut langlayangan jeung lanceukna, ku lanceukna langlayangan teh kalahka disumputkeun di para, ngumaha ka bapana teu diwaro ngumaha ka indungna teu digugu majarkeun "“.Sujang maneh mah leutik keneh...can bisa ngapungkeun langlayangan,.…kuriak we ti kusruk…”
Si Sujang eureun ceurikna pedah dicombo ku Nini Jumsih diajak ka tegalan ngala cecendet jeung ngukuy sirung hui., balik balik geus meh rek magrib bari ranggem mamawa cecendet jeung anak hui dina leungeuna.

Leungeun Nini Jumsih ngusapan sirah si Sujang “ Heug lamun hayang langlayangan mah engke ku nini dibere…”, awak si Sujang nyarande kana awak Nini Jumsih, leungeunna tetep ngusapan sirah si Sujang, kadeudeuh kanu jadi incu majarkeun sok leuwih tibatan kanu jadi anak.

Nini Jumsih jung nangtung, reketek mageuhan samping bari rada disingsatkeun “…Sujang maneh mah cicing didieu,…dagoan nini nya…”, Nini Jumsih tangtanggahan ningalian langlayangan nu ngoleang.
Ti kajauhan kaciri langlayangan ngoleang pegat talina, ngambul siga kaluhur, terus nyoloyong ngadeukeutan saung, Nini Jumsih rikat lumpat, kitu ge barudak nu sejena, papada lalumpatan moro ka palebah langlayangan bari teu lesot mamawa gantar.
Nini Jumsih enyaan sisirintil ngudag ngudag langlayangan, lat bae poho kana umur, kana awak nu geus meh bongkok, sigana geus teu era najan samping disingsatkeun, ngudag langlayangan bari ngagorowok, “…Mingkeun nu aing eta mah …keur incu deuleu…!!”, kituna bari jeung dudupak ka barudak satepak, puguh we barudak dikitukeun mah rada nyalingkir, rada hemar hemir nandingan nini nini.
Puguh we ningali kitu mah matak gimir, geura we nini nini awakna nu geus meh bongkok, ari buuk camutmut bodas bari ririaban katebak angin, panon muncereng, rurat reret ka barudak jeung melong kaluhur kana langlayangan.
Nini Jumsih ngajleng ngarawel bola, teu beunang, langlayangan kalah ngaleok ka palebah susukan, nu sejen nu lalajo jadi hookeun ningali pamolah Nini Jumsih, tanagana lir nandingan budak ngora kitu deui ujlang ajlengna geus puguh ari lumpat mah teu eleh ku budak nu sejen.
Barang sakali deui ngajleng ngarawel bola, sigana galengan sisi susukan teu dipalire, ari gajleng bola karawel tapi Nini Jumsih ti kecebur kana solokan, atuh puguh awakna rancucut baseuh kajero jerona, langlayangan mah salamet tetep garing.
Sigana reuwas kareureuhnakeun, napas Nini Jumsih ngahegak, bari ngorondang kaluar tina solokan..”…Sujang…Sujang ieu langlayangan teh…”.

Si Sujang ngaberetek lumpat, muru ka ninina, Nini Jumsih ge hudang bari gigibrig, baju baseuh teu ditolih “…Sujang hensok hiberkeun meungpeung panon poe encan surup..!”
Si Sujang nurut ngapungkeun langlayangan, encan bisa ngapung luhur keur mah ongkoh poe geus ngagayuh ka burit.
Tonggeret geus raeng disarada, angin tiis pagunungan geus mimiti karasa
“Sujang isuk deui we ngapungkeunana, ayeuna mah hayu urang balik, bisi kaburu magrib..!” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang, dina kongkolak panona aya cai herang ngembeng nu teu weleh neuteup si Sujang nu keur kacida atohna meunang langlayangan Si Sujang ngagolongan bola kana rokrak, bari terus nuturkeun ninina balik ka imah.

Bada isya Nini Jumsih ngageroan Kang Sabri, bapana si Sujang,”…Sabri cik kadieu ieu pangsimbutankeun Ema…ieu awak asa tariris kieu..”
Kang Sabri gura giru muru emana, asa reuwas pedah arang langka rumahuh, ari ayeuna nepi ka ngageroan sagala, terus Kang Sabri ngarampa tarang emana, enya we awakna nyebret panas,”…Ema geuning mani nybret kieu…ke urang kompres ku cai gentong..”.
“Entong Sabri….ieu we pangnyimbutankeun…….”
Ti harita Nini Jumsih brek gering, teu kungsi lila nepi ka hanteuna. Nini Jumsih mulih ka jati mulang ka asal, Kang Sabri inget keneh kana omongan emana nu panungtungan “..Sabri kahade si Sujang sina bisaeun ngapungkeun langlayangan..”.
Si Sujang angger sok ulin maen langlayangan, di buruan we, da teu wanieun ulin ka sawah lega, euweuh nu nganteur.
“…Nini …ieu uing geus bisa ngapungkeun langlayangan..” si Sujang sok ngagorowok bari lulumpatan mamawa langlayangan.

oOo

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No. 2212, 19-25 Maret 2009)

7 comments:

nitta said...

aduh..tepang didieu ning pengarang NJML teh,hehe...ngenes,bangga,jste ku lalakon nini jumsih....saur indonesia na mah "begitu besar kasih orang tua ibu/nenek ke anak/cucu", abdi mah beueus cisoca maca ieu carpon.

RUMAH BACA BUKU SUNDA said...

Ngahatur nuhun : 1. Parantos ngaos Carpon, panginten langsung tina majalah Mangle. 2. Hatur nuhun parantos kersa ngalongok ka blog sim kuring.

Ramdani said...

Sae Kang carpon teh. Ngandung makna anu jero lian ti eta basa na oge lugas tur ngalir.

hatur nuhun kang. sae yeuh blogna. mugia basa sunda teh tetep tiasa dimumule...

Afifah Nur said...

terimakasih,cerpen ini sudah membantu saya mengerjakan tugas :) saya tidak lupa mencantumkan penulisnya kok :)

Dea said...

Makasih carponnya bagus nih buat tugas ngerangkum:)

Anonymous said...

I was diagnosed a couple of years ago with COPD and I was beyond scared! My lung function test indicated 49% capacity. After having had the flu a year ago, the shortness of breath, coughing and chest pains continued even after being treated with antibiotics. I've been smoking two packs a day for 36 years. Being born without a sternum caused my ribs to be curled in just one inch away from my spine, resulting in underdeveloped lungs. At age 34 I had surgery and it was fixed. Unfortunately my smoking just caused more damage to my already under developed lungs. The problem was that I enjoyed smoking and don't want to give up! Have tried twice before and nearly went crazy and don't want to go through that again. I saw the fear in my husband and children's eyes when I told them about my condition then they started to find a solution on their own to help my condition.I  diagnosed with this COPD emphysema which I know was from my years of smoking. I started smoking in school when smoking was socially acceptable.. It was not known then how dangerous cigarettes were for us, and it seemed everybody smoked it. On searching, internet my husband saw a testimony of a brother, Nathaniel, how he was also cured of COPD lungs. By a herbalist doctor Akhigbe with his herbal medicine and the brother also wrote the doctor contact on the testimony. We contacted the doctor I was writing to and my husband was writing to him too. The doctor told us what to do and the next week I received the herbal medicine. It was really unbelievable after I finished the medicine. Dr Akhigbe herbal medicine is supernatural, that is how I was able to get rid of my COPD lung condition through the help of  Dr Akhigbe with his  herbal medicine cure. Here is his email   [drrealakhigbe@gmail.com}   He has the right herbal formula to help you get rid and repair any lung conditions and other diseases, his medicine will cure you completely and permanently with his natural organic herbs,We received the medicine through courier delivery service. I wish anybody who starts smoking at a young age would realize what will eventually happen to their bodies if they continue that vile habit throughout their life. It's a lesson I learned and never to forget in my life now I promise my God myself and my family never to smoke again.. All thanks to doctor  Akhigbe, the real herbalist doctor with natural herbs who have cured different people with their different problems.
Dr Akhighe also cured diseases like, HERPES, DIABETES, HIV/AIDS, COPD, CANCER,ASTHMA,STROKE,LUPUS,JOINT PAIN,CHRONIC DISEASES,PARKINSON DISEASES,TUBERCULOSIS,HIGH BLOOD PRESSURE,BREAST INFECTION,WOMEN SEXUAL PROBLEM, GINGIVITIS, ERYSIPELAS,STAPHYLOCOCCUS,HEPATITIS A/B, QUICK EJACULATION, IMMUNOTHERAPY, GONORRHEA,SYPHILIS,WAST/BACK PAIN,PELVIC INFLAMMATORY, DICK ENLARGEMENT,HEART DISEASES,TERMINAL ILLNESS,SHIFT IN FOCUS,ATAXIA,COMMON COLD, HEART HEALTH, CROHN'S DISEASES,ALCOHOL SPECTRUM DISORDER,GRAVES DISEASE,HEARING LOSS, ANTI VIRUS,  INTERSTITIAL CYSTITIS,LEUKEMIA,MULTIPLE SCLEROSIS,OBESITY,RABIES,SCOLIOSIS,INFLUENZA, POLIO,JACOB,ETC. If you are out there looking for your cure please  contact  dr Akhigbe  by his email    drrealakhigbe@gmail.com     or contact his whatsapp number   +2348025012866
God bless you Dr Akhigbe for your good hand work on my life.

Gunawan said...

pami tiasa abdi nyuhunkeun widi ieu dongeng bade dijantenkeun konten dongeng sunda dina Youtube.
hatur nuhun