Keur karereana urang Jawa Barat mah nu disebut basa indung teh basa Sunda. Ieu basa bisa disebut dadasar kabudayaan. Tina ieu basa ngamalir kasedih tur kagumbira.
Rupaning hal ngabeungharan kabudayaan, boh nu material boh nu non-material. Basa bakal jadi roh tina rupaning wangun budaya, da eta nu jadi rawayan pikeun nepikeun pikiran jeung rasa tea.
Basa teh saksi ngeunaan kamampuh manusa dina nyiptakeun alat komunikasi, nyeukeutan persepsi tur refleksina. Kabeh mangrupa ekspresi jiwa masarakat di tempat gumelarna eta ba¬sa, sarta ngandung sajarah pataremana hiji basa jeung basa sejen.
Ningkatna karageman basa katut kamekaran atikan multibasa bisa milu ngamumule karageman budaya di pakumbuhan internasional, sarta bisa nyip¬takeun toleransi. Basa teh lain bae alat komunikasi tapi deuih alat ekspresi budaya jeung identitas. Teu salah mun aya nu nyebut yen basa teh banda kamanusaan nu pangmahalna. Ngan hanjakal gampang pisan rengatna.
Tumali ka dinya, mieling Poe Basa Indung kudu terus dilaksanakeun, najan kamelang kana musnahna basa indung teh geus disoarakeun ti beh ditu mula. Hanas eta geus jadi repetisi, teu jadi masalah. Tetep kudu terus digedurkeun, sugan aya sasieureun sabeunyeureunana keur ma¬sarakat.
Alusna acara mieling Poe Basa Indung teh lain ngan dina bulan Pebruari, tapi sapanjang taun. Atuh nu mielingna alusna mah lain ukur pakumpulan kabasaan, paguron luhur atawa lembaga pamarentahan, tapi deuih rupaning komunitas leutik nu bacacar di masarakat.
Ungkara "basa teh ciciren bangsa, leungit basana leungit bangsana", lain bae kudu dipikawarioh ku budayawan tapi deuih kudu dienyakeun tur kaharti ku sakumna masarakat. Ulah aya anggapan yen eta teh klise. Sabalikna, kudu terus dijeroan, kudu terus disoarakeun. Nu dipalar masarakat beuki engeuh yen enya basa indung ten perlu dimumule tur aya mangpaatna.
Tan, lebah mangpaatna sok pagedrug jeung basa nasional atawa basa intemasional. Diaduhareupkeun kitu mah basa indung teh siga nu teu walakaya, komo mun aya nu nyebutkeun yen neangan gawe man teu ditanya bisa henteuna nyarita ku basa indung, iwal ti mun rek jadi guru basa daerah.
Tumali kana perkara basa indung, sawala PSS (Pusat Studi Sunda) bulan Pebruari 2009 ngondang tilu panyatur: Etti R.S., pupuhu PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda); Mira Genagey, pupuhu Yayasan Indonesia Masa Depan jeung Asep Ruchimat, guru SMP Pasundan. Hanjakal Etty teu bisa hadir lantaran aya halangan.
Cek Asep, aya opat hal penting dina pangajaran basa ten, boh basa nasional boh basa indung: maca, ngadengekeun, nulis jeung ngomong. Eta we heula. Ulah loba teuing tiori.
Guru basa Sunda kudu parigel nepikeun pangajaran basa Sunda, kudu pikaresepeun, pikabitaeun barudak. Ulah matak pikalieureun.
Asep sorangan sok ngaheulakeun naon nu matak pikare¬sepeun barudak, najan aya anggapan rada mengpar tina kurikulum. Upamana, barudak resep kana dongeng, der diajak ngaguar dongeng.
Tetela, barudak teh rancage. Bisa ngadongeng! Ti dinya ge geus bisa diajen kumaha nyaritana, ngaregepkeunana, jste. Piraku teu napak saeutik-saeutik acan.
Komo ayeuna mah basa Sunda teh geus jadi muatan lokal wajib ti taun ajaran 2007/2008 (tadina man ngan ukur muatan lokal, teu diwajibkeun). Ari murid sakola, ti SD nepi ka SMA, di Jawa Barat aya kana dalapan jutana.
Hal sejen nu jadi kahengker tur mindeng jadi bangbaluh kana lumangsungna pangajaran basa Sunda teh jumlah guru basa Sunda nu enya-enya weruh kana basa Sunda kacida kurangna dibanding jeung lobana sakola.
Asep nyontokeun yen di sakolana, tina opat guru basa Sunda nu aya, ngan saurang nu boga kasang tukang pangajaran basa Sunda. Kacipta gupuy gapayna nyiar guru basa Sunda.
Lian ti eta, sikep guru-guru sejen can nembongkeun kareueus kana basa Sunda, najan maranehna teh pituin urang Sunda. Ana sakalieun ngobrol jeung mu¬rid, najan papada urang Sunda, teu weleh mamalayuan bae.
Halangan sejenna nyaeta mindengna gunta ganti kurikulum. Kurikulum KBK taun 2004 geus diganti ku KTSP taun 2006. Pikeun guru mah sok jadi matak pugag ngajarkeun basa Sunda teh.
Aya nu nanya, naon pentingna ngajarkeun basa Sunda ka barudak? Cek Asep, aya opat mangpaat. Kahiji, ngawujudkeun karageman budaya. Hartina, barudak dibere kaweruh ngeunaan budaya sejen nu jadi dadasar kahirupan sapopoe. Di dieu pentingna aya kasadaran yen kaayaan multikultural teh kudu diaku. Hirup teh.ulah kurung batokeun. Kadua, miara identitas etnis. Barudak diarajak neuleuman babasan yen "ilang basa ilang bangsa". Katilu, geusan adaptabilitas sosial. Kaopatna, sacara psikologis ngawewegan rasa aman ka barudak.
Pamustunganana Asep boga pamadegan yen basa Sunda teh ulah dipikahariwang teuing. Loba keneh ieuh panyatuma, pon kitu deui nu saladar kana pentingna basa indung. Atuh kapan usaha sangkan basa Sunda tetep langgeng teh geus dimimitian ku sikep politik ti pamarentah ku ayana perda tur kaputusan gubernur.
Mira Gnagey ngaguar pangalaman kulawargana nu sapopoena nyarita kalawan dwibasa
atawa bilingual: Indonesia jeung Inggris. Kapan carogena teh urang Amerika. Barudakna, najan hirup di Bandung, leuwih loba make basa Inggris.
Cek Mira, kuduna mah nu diheulakeun teh basa indung, tapi behna mah bet basa bapana. Aya hal hu jadi ganjelan pedah eta barudak mindeng disebut ku balarea dina tangtungan siga urang asing tapi ngomong ku basa Sunda.
Najan kitu, Mira ge sadar yen basa indung ten kudu dimumule. Lebar temen mun basa indung ilang. Leungit basa indung ten hartina leungit salah sahiji kabeungharan dunya.
Kungsi sababaraha taun Mira nganjrek di Amerika, terus mulang deui ka Bandung. Harita, cenah, nguniang kasadar yen dirina mulang ka sarakan, tur identitas diri teh perlu dimumule. Ari salah sahiji jalanna nya basa indung tea.
Mun ngobrol jeung tamu atawa sepuhna mah Mira ge salawasna make basa Sunda. Ku sakitu ge tayohna aya stimulasi ka barudakna sangkan bisa basa Sunda. Da geuning mindeng aya pertanyaan ti barudakna, upamana nanyakeun harti kecap geuning atawa matak ge.
Pangalaman model kitu lain bae karandapan ku Mira, tapi deuih ku pasangan sejen nu nyaritana di imah bilingual, utamana nu carogena nu urang asing. Rada beda jeung pangalaman nu kulawarga nu pihak awewena urang asing. Dina contoh nu disebutkeun pandeuri mah basa indung bangun nu leuwih dominan pikeun nu mukim di Tatar Sunda.
Sigana hal model kieu ten lain bae sikep nu jadi kolot tapi deuih sikep lingkungan nu pangaruhna lumayan gede.
Ceuk Mira, nu penting mah aya kasadaran heula yen basa indung teh perlu dimumule. Barudak bakal nuturkeun. Jaga mun barudakna geus dewasa, tangtu bakal jadi duta nu ngawakilan selerna dina pergaulan intemasional.

MAMAT SASMITA Panumbu catur matuh Sawala PSS
Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No 68 Maret 2009.

No comments:
Post a Comment