27 September 2008

NGADEUGDEUG KA MANG YAYA

Nampa beja ti Kang Usman Supendi yen Mang Yaya seniman Tarawangsa ti Rancakalong Sumedang keur teu damang, tuluy eta beja teh di posting ka milis urangsunda (Kusnet, Komunitas Urang Sunda di Internet), bari sakalian ngabewarakeun bisi aya nu rek jadi donatur keur nambah-nambah kaperluan Mang Yaya berobat. Alhamdulillah loba nu jadi donatur gedena mah variatif. Kuring jeung Mang Jamal ngirimkeun ka Mang Yaya dibarengan ku Kang Usman Supendi.

Poe Saptu tanggal 27 Sept 08, isuk-suk teh geus silih kontak jeung Kang Usman kitu deui jeung Mang J. Jeung Kang Usman mah tepung di imah sim kuring, da kitu kahoyong beliau. Ari miangna mah teu bareng da Kang Usman rek ka Galura heula aya nu tinggaleun cenah. Kuringmah terus we ngabiur ka Jl.Ganesa hareupeun masjid Salman, da jangjian jeung MJ didinya.
Jam 10 tepung jeung MJ, terus ka tol ambih teu kahalangan ku macet di kota. Jalan ge teu ka Jatinangor da sieun macet tapi nagliwatan Parakan Muncang. Di jalan ka Tanjungsari tepung jeung Kang Usman teh meh jam 11 beurang. Terus ngabiur ka Rancakalong, eta jalan aya ku genah leucir aspalna tur teu rame jadi karasa tumaninah sanajan keur panas entak-entakan ge.
Palebah pebaktulang eureun nya didinya ayana Mang Yaya, ngahaja cenah Mang Yaya teh di
Lebaktulang teu diimahna di Cijere, sakalian titirah di putrana, alesanana mah bisi aya nanaon ma’lum nu nuju teu damang bakal leuwih gampang kendaraan da sisi jalan.
Kasampak Mang Yaya nuju calik dina korsi, sigana mah ngahaja pedah aya tamu, katingali sepa tur kanyos ma’lum tos sepuh yuswana tos 74 taun. Sakitu teh tos rada sakinten saur para putrana nu aya didinya.
Enya rada ngahelas ningali kitu mah, hiji seniman kahot Tarawangsa nu kaitung langka, malah kungsi jadi “guru” keur sababaraha seniman ti Bandung atuh dina buku Laras Pada KarawitanSunda beunang Mariko Sasaki, Mang Yaya teh jadi sumber rujukan nu utama dina ngaguar Tarawangsa ti Rancakalong. Kuring teh teu tetelepek naon panyakitna da ku sareretan ge geus katingali ngan anu sidik mah tina laranganana make selang, eta pedah sok teu katahan mun hoyong kahampangan.
Kuring jeung Mang J teu pati lila ngobrol lain nanaon bisi ngaganggu istirahatna sok sanajan Mang Yaya nepi ka ngademonstrasikeun cara ngagesek tarawangsa.
Tarawangsa teh alat musik gesek khas Sunda, meh siga rebab.Ngan aya nu rada unik eta watang tarawangsa siga nu rada bengkok, kuring nanyakeun naon pangna kitu, geuning ngagesek tarawangsa mah beda pisan jeung rebab. Tali senarna teh teu napel kana watang tapi ngan sakadar diteueulkeun ku curuk beulah kenca, jadi sorana memang rada unik aya vibrasi nu husus.
Kuring jeung Mang J masrahkeun kadueudeuh ti baraya Kusnet gedena Rp 2.750.000,- (dua juta tujuh ratus lima puluh rebu). Rada beda jeung laporan rekap 14 dina milis, lantaran aya deui ti Kang Bowi Jkt Rp 250.000 via BNI. Sanggeus mulang ti Mang Yaya, dijalan kuring nampa sms ti baraya kusnet nu ngaranna hayang dirahasiahkeun rek transfer gedena 300.000,-.
Ku sim kuring eta disanggupan rek dirahasiahkeun, tapi meureun dikirimkeun deui ka Mang Yaya dina rintakan kadua atawa rek ngahaja we dititipkeun ka Kang Usman Supendi, da geuning kang Usman teh urang Sumedang keneh malah urang Rancakalong pisan.
Saur Mang Yaya ngahaturkeun nuhun pisan kana bantosanana ti baraya Kusnet sadayana, mugi
ieu kasaean janten amal soleh, tur eta bantosan teh kacida diperyogikeunana ku Mang Yaya kanggo berobat.
Sakitu Laporan sim kuring, hapunten bisi aya kakuranganana dina ieu laporan. Ieu laporan mangrupa pertanggungjawaban ka baraya Kusnet, yen amanatna geus ditepikeun ka anu hakna
kalawan gembleng.
Aeh enya ku paraputrana Mang Yaya sim kuring jeung Mang J dibahanan cau, gula beureum, sale cau jeung bibit sawo. Kulantaran cau mah hese ngabagikeunana ka baraya Kusnet sing rido we eta rek dipake keur nyuguhan tamu dina poean lebaran. Ka Kang Usman Supendi hatur nuhun tos janten tuduh jalan.

Donasi ti baraya Kusnet posisi Saptu 27 Sept 2008 : Rp 2.751.554,-
Dipasrahkeun ka Mang Yaya poe Saptu 27 Sept 2008 Rp 2.750.000,-
Saldo Rp 1.554,-

(Laporan Mamat Sasmita keur Baraya Kusnet)

No comments: