05 June 2008

CANGKANG JEUNG EUSI SUNDA

Laporan sawala maneuh PSS kaping 11 April 2008 dinten Jumaah.

Panyatur : 1. Prof.Chaedar Alwasillah (Wakil Rektor UPI Bandung), 2. Yasraf Amir Piliang Phd, Dosen SRD ITB, ketua Forum Kebudayaan ITB.

Jejer : Pokona Sunda.

Lantaran ceuk pangarasana aya masalah dina kahirupan urang Sunda, anu katitenan sapopoe, nya Prof A.Chaedar Alwasilah (CA) “angkat pena” nyerat dina sababaraha media masa citak, hasil eta seratan teh tuluy dibukukeun, diterbitkeun ku Kiblat, 2006. Judulna Pokoknya Sunda. CA sapopoena jadi “pendidik” di UPI Bandung

Kataji ku judulna, PSS ngayakeun sawala, sarua dijudulan Pokona Sunda., enas-enasna mah hayang katohyan na kumaha Sunda teh dina mangsa kiwari. Pikeun aya babandingan kamandang kana kasundaan dina ieu sawala aya panyatur sejen nyaeta Sdrek Yasraf A Piliang (YP). Anjeuna leuwih kawentar hiji budayawan anu noong budaya tina sisi posmodern. Sok sanajan lain pituin Sunda tapi di Bandung geus leuwih ti tilu puluh taun, hartina geus apal kumaha Sunda. YP sapopoena jadi “pendidik” di ITB.

Ngakuna CA lain budayawan, lain antropolog, komo ari nu neuleuman filsapat, tapi pendidik anu sapopoena ngawulang di UPI , jadi konsep dina tulisanana teh lain make konsep nu neuleuman budaya, tapi leuwih nyoko kana hiji kasadaran personal dina nyakseni persoalan-persoalan anu aya patalina jeung urang Sunda anu katengetan sapopoe. Ceuk inyana asa langkung wantun nyerat ngabahas isu-isu kasundaan saparantos janten Ketua penyelenggara KIBS (Konferensi Internasional Budaya Sunda) taun 2001 tur wanoh sareng Kang Ajip.

Tujuanana eta tulisan teh sangkan aya “penyadaran” keur urang Sunda hususon anu posisina menegah keatas, penyadaran dina harti kosmopolitan. Nyaeta dipiharep sangkan urang Sunda anu geus jeneng, ulah nepi ka culjeun ka sarakan. Lantaran loba keneh pasualan di Tatar Sunda anu perlu dibebenah. Contona dina widang atikan, di Tatar Sunda rata-rata pendidikan msarakatna ngan ukur tujuh taun, hartina ngan ukur nepi ka kelas hiji SMP. Eleh ku DKI, eleh ku Jateng, eleh ku Bali. Tah anu geus jeneng teh kudu milu mikiran boh sacara pribadi boh sacara institusional. Ngilu mikiran teh alusna mah bari jeung prakna, ari wanguna mah saluyukeun we jeung kamampuh.

Nulis jeung maca teh salah sahiji ciri manusa modern, kukituna kudu ditarekahan sangkan masarakat Tatar Sunda beuki wanoh turta jadi kabutuh, boh keur para intelektualna atawa masarakat sakabehna. Buku basa Sunda salaku produk literasi, kuduna dilobaan, ieu teh lain bae pancen masasarakat tapi deuih pancen pamarentah. Pangna kitu apan bungkeuleukanana waragad teh aya di pamarentah, anu hakekatna mah eta teh duit rahayat, dikumpulkeun tina pajeg.

Samangsa aweuhan otonomi daerah geus jadi sabiwir hiji, lain bae jadi pangguyangan tukang politik tapi deuih mere lolongkrang pikeun tumuwuhna komunitas-komunitas kasundaan. Mere kamandang kana soal ieu CA kacida katajina ngan cenah ulah loba teuing ngan saukur jadi cangkang, kaditu kadieu make baju hideung, diiket barangbang semplak da anu intina mah ayana dina pendidikan. Lamun urang geus hatam pendidikan rek dina widang naon bae tah didieu sikep kosmopolitan teh diperlukeun pisan. Urang Sunda anu mancawura aya dimana mendi, ulah poho kasarakan, ulah poho kana identitas diri, yen dirina teh urang Sunda. Lain hartina cangkang teh teu perlu, da eta engke ge lamun geus kataekan dina sakola atawa pendidikan bakal nuturkeun. Nu antukna urang Sunda bakal reueus, reueus ku identitas cangkang (material culture) jeung reueus ku identitas eusi (non material culture).

Loba pola-pola strategi kabudayaan anu dipake ku unggal etnis, sigana urang Sunda kuat dina budaya literasi hal ieu kaciri dina acara Hadiah Rancage, di Indonesia kacida lobana suku bangsa (etnik) tapi mere Hadiah Rancage, anu dianggap mayeng kakara tilu nyaeta Sunda, Jawa jeung Bali, dina taun 2008 katambah ku daerah Lampung nu munggaran. Jeung deuih lain Rancage wungkul tapi aya Hadiah Samsudi (bacaeun barudak), Hadiah Harjapamekas (guru basa daerah). Tah kahareupna hal ieu teh kudu leuwih diwewegan. Sabab dina ngahirupkeun basa Sunda lain bae ngan saukur keur hirupna basa Sunda tapi deuih mere lolongkrang hirupna “kearifan lokal” anu gumulung dina basana, anu gumulung dina batin urang Sunda.

Salian ti eta, posisi paguron luhur anu aya di Tatar Sunda ge kudu ulubiung, dina ngatur strategi kabudayaan, utamana kajian-kajian lokal (kasundaan). Naha geus aya paguron luhur nu nalungtik, upamana hal penca silat, nalungtik didieu lain bae ngan sakadar jadi proyek panalungtikan tapi bisa oge jadi fakultas anu mandiri, kitu deui upamana hal pengobatan tradisional. Pikeun kasenian CA nandeskeun euweuh manajemen anu kaitung panceg tur maneuh. Lamun tea aya kawawuhan ti mancanagara hayang lalajo pintonan beluk di Bandung kudu kumaha ngajawabna. Sabab, euweuh pintonan kasenian anu maneuh anu puguh jadwalna jeung tempatna.


Budaya Sunda dina jaman posmodern.

YP ningali Sunda sabage entisitas sakaligus entitas, didinya aya budayana, tah ditingali dina mangsa kiwari dina jaman posmodern kacida pajuriwetna, ceuk basa kaayeunakeun mah kacida kompleksna. Kompleksitas ieu teh kusabab pamahaman posmodern jeung realitas posmodernna. Budaya Sunda aya dina posisi dilematis antara harepan jeung ancaman kuayana posmodern.

Nu kacida kapangaruhan pisan mah dina tingkat budaya material (material culture), ciri-ciri budaya luar bisa mangaruhan kana rupa budaya material Sunda. Budaya rupa anu pangkacirina upamana dina widang wawangunan (arsitektur) Sunda. YP ningali Sunda sagemblengna aya hal-hal anu positif atawa sabalikna. Malah YP ningali urang Sunda kurang kuat dina nyanghareupan era globalisasi, sabab teu pati kapanggih ayana akar budaya nu meungkeut. Lamun di Minang aya lembaga ninik mamak, di Sunda teu aya, di Jawa aya keraton anu jadi centre of culture, di Batak aya marga. Sikep kosmopolitan kacida diperlukeunana, urang Sunda nu aya di Jakarta, kudu inget ka lemburna, urang Sunda nu aya di New York kudu inget ka lemburna. Masih keneh inget yen dirina teh tetep urang Sunda.

Budaya posmodern nawarkeun cara maca budaya (cultural reading) nu anyar, didieu ge kaasup cara maca budaya Sunda. Kahiji cara maca restrospektif nyaeta cara maca nyawang katukang pikeun manggihan budaya inti nu tulen. Kadua cara maca prospektif nyaeta nyawang kahareup bari sakalian nawarkeun tafsiran anyar bari jeung ngaleupaskeun tina bangkol budaya anu keukeuh peuteukeuh (kaku), bisa bae mangrupa uga, adat, jeung nu sejenna. Ngaleupaskeun tina bangkol budaya teh dina harti mere tafsir anyar, nyaeta ngalampahan laku redefinisi jeung rekontekstualisai tradisi.

Hal material culture YP kacida nkenkeun perluna, malah cek YP kudu nyieun nu anyar sok sanajan eta mah bisa mangrupa cangkang (anyar), sok snajan kitu eta teh diperlukeun pisan. Pikeun mere ciri, sangkan urang inget ka sarakan.

Dina ngengklokan pananya nu kumaha jeung dina wangun naon budaya material nu kudu diwangun supaya jadi ciri kasundaan. YP teu ngeceskeun dina wangun naon, ngan tetep mere patokan sangkan tetep ajen kasundaan jadi patokan. Enya geus aya Gedong Sate kalan-kalan apan jadi ciri Jawa Barat, tapi meureun pedah eta mah gedongna para birokrat, jadi kudu leuwih nyoko kana wangunan nu orientasina ruang publik. Kumaha upamana lamun nyieun hiji Gedong Kujang anu monumental, dingaranana gedong kujang teh bisa bae wangunan anu futuristik make ugeran arsitektur modern, ngan tetep make falsapah kasundaan, satuluyna aya ciri make kujang.

Pertanyaan ti pamilon kacida euyeubna, tapi intina mah urang Sunda kudu wani ngoreksi diri, boga sikep kosmopolitan tur boga identitas boh anyar atawa ngajembaran nu geus aya dina wangun material jeung non material, harti non materian didieu leuwih nyoko kana eusi batin urang Sunda.

(Mamat Sasmita, panumbu catur matuh dina sawala bulanan di PSS)

Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No.58 Mei 2008

No comments: