07 June 2008

ASAL-USUL NGARAN TEMPAT TATAR SUNDA

Laporan Sawala Maneuh PSS
Dinten Jumaah kaping 9 Mei 2008.
Panyatur : Dede Kosasih sareng Elin Syamsuri, duanana dosen UPI Bandung.
Jejer : TOPONIMI di Tatar Sunda


Mang Ayat (Ayat Rohaedi) suwargi kungsi nga-Indonesia-keun istilah toponimi ku widyaloka, hartina mah eta-eta keneh, nyaeta elmu anu nyusud perkara asal-usul ngaran hiji patempatan. Toponimi teh bagian tina onomatologi, elmu nu ngabedah sajarah ngaran, aya deui nu nyebut anomastika (onomastics).
Pikeun ngaguar ieu perkara, tangtu bae kudu weweg dina sababaraha paelmuan, teu bisa ngan ukur ningali tina hiji aspek, tapi deuih kudu nyaho kasang tukang folklore anu aya sabudeureunana.
Tangtu hiji masarakat mere ngaran tempat teh teu sagawayah, tangtu aya alesanana boh sacara etimologi atawa kaayaan lingkungananana atawa sacara topografi. Upamana ngaran hiji tempat nu make kecap ranca, aya Rancaekek, Rancacili, Rancabadak jeung sajabana ti eta. Geus katohyan yen kecap ranca teh kecap tina basa Sunda anu hartina tanah anu salawasna becek, caian, malah siga embel. Lamun ditincak teh sok ngabelesk jero. Kecap ranca meh saharti jeung kecap rawa, naha cukup kukitu ngahartikeunana, geuningan henteu cukup kukitu.
Kumaha pakuat pakaitna hal ieu ditingali tina Toponimi, pikeun ngaguar masalah ieu pisan diayakeun sawala di PSS dina poe Jumaah tanggal 9 Mei 2008, anu jadi panyaturna nyaeta Sdrk Dede Kosasih (DK) jeung Sdrk Elin Syamsuri (ES), duanana staf pengajar di UPI (Universitas Pendidikan Indonesia) Bandung.

Tilu Juru.

Cek DK ngaguar nu aya patalina jeung sasakala ngaran tempat paling copel kudu ngawengku tilu aspek nyaeta aspek fisikal, aspek sosial jeung aspek kultural.
Tumali aspek fisikal, geus kawentar yen urang Sunda mah kahirupanana raket pisan jeung alam sebudeureunana. Alam teh bagian tina dirina, kitu deui sabalikna alam ge kudu dimumule ku manusa. Demi fenomena alam teh bisa ngawengku unsur hidrologis, morfogeologis jeung biologis. Lian ti eta aya dua pola anu maneuh tur raket sacara asosiatif, biasana ku cara matalikeun ngaran tempat jeung kaayaan alam tadi. Pola linier jeung pola barung (tina pola linier jeung sesebutan sejen jadi hiji konsep ngaran). Urang Sunda bisa disebut hydrolic society, nyaeta masarakat anu teu leupas tina cai. Ari kituna mah bisa kamaphum da geuning alam tatar Sunda teh kawentar daerah anu subur ma’mur curcor caina. Unsur hidrologis anu aya patalina jeung pola linier bisa dicontokeun loba pisan ngaran tempat anu aya ngandung harti cai saperti, Coblong, Ledeng, Parigi, Empang, Bendungan, Lengkong jste. Sedengkeun unsur hidrologis dina pola barung saperti ngaran tempat Sawahkurung, Parakansaat, Rancaekek, Rancapurut, Solokanjeruk, Tambaksari jste.

Unsur morfogeologis (dumasar kana kontur beungeut taneuh), dina pola linier saperti ngaran tempat Punclut, Lebak, Legok, Lamping, Talun jste. Ari pola barung nyaeta ngaran tempat Tajurhalang, Lemahneundeut, Bojongsoang, Legokhuni, Bojongkacor, Pasirjambu jste.
Unsur biologis biasana dicirian ku unsur flora (tutuwuhan) atawa fauna (sasatoan). Ngaran tempat nu aya unsur tutuwuhan tur linier saperti Kosambi, Caringin, Paseh, Kopo, Sentul, Katapang, jste. Ari pola barung saperti Salammanjah, Kasomalang, Kiaracondong, Warudoyong jste.
Sedengkeun nu aya patalina jeung unsur sasatoan anu linier saperti ngaran tempat Merak, Tomang, Sanca. Kitu deui anu pola barung nyaeta Rawabogo, Rancabadak, Leuwigajah, jste.

Aspek Sosial. Contona ngaran Banceuy deukeut alun-alun Bandung, kapan kecap banceuy teh sacara etimologi mah hartina kompleks kuda (kuda, istal jeung tempat anu ngurusna). Baheulana Banceuy teh tempat pangreureuhan kuda jeung tempat bagantina kuda dina mangsa jalan raya pos kakara dijieun. Conto sejen nyaeta Balubur, eta ge teu leupas tina aspek sosial dina jaman pangawulaan baheula. Balubur teh cek kamus Sunda Danadibrata mah tempat anu dihateupan pikeun nyimpen pare atawa beas beunang ngumpulkeun keur saheulaanan. Sigana eta beas atawa pare teh beunang ngumpulkeun ti rahayat anu setor ka dalem, ka gegeden jaman harita.
Ngaran tempat sejen anu aya patalina jeung aspek sosial tur aya patalina jeung patukangan : Gosali, Panday, Paledang jste.
Ngaran tempat nu aya patalina jeung lembur : Babakan, Tarikolot. Nu aya patalina jeung ekonomi : Warungjambu, Warungpeti. Nu aya patalina jeung waktu : Heubeul-isuk, Windujanten jste. Malah dina toponimi aya nami daerah tina unsur auditif, aya ngaran Curugseah, pedah eta sora cai anu nyurug kadengena seah. Aya deui unsur aromatik, upamana Legokhangseur, Cihanyir jste.

Aspek Kultural. Aya kalana ngaran tempat teu kakobet ku aspek fisikal jeung aspek sosial, nya wayahna kudu dilegaan deui ngobetna ku aspek kultural. Upamana di Cirebon aya daerah anu ngarana Palimanan, apan eta teh tina kecap liman anu hartina gajah. Gajah jaman baheula jaman karajaan dianggap sato nu jadi ciri kakawasaan jeung kasakten. Mawat gajah (salaku mitos) dipercaya bisa jadi lambang kaagungan sarta kakuatan raja.

Ngaran Anyar.

Ampir sawanda dina uraianana, tapi ES leuwih nyoko kana ngaran anyar nu jul-jol dina mangsa kiwari, utamana sanggeus jlug-jleg kompleks perumahan anu dijieun ku para pengembang (developer real estate).
Ngaran tempat kaayeunakeun geus kurang merhatikeun ciri-cir anu maneuh siga baheula, malah aya kesan sakahayang. Mangsa kiwari dina mere ngaran teh sarwa hayang praktis jeung simpel.
Orientasina keur kapentingan administrasi pamarentahan, diala gampangna mere ngaran sok ukur make selatan, timur, barat, tengah, utara. Hal ieu dimimitian ku Daendels nu ngabagi pulo Jawa jadi tilu wilayah administrasi, Jawa Barat, Tengah jeung Timur. Hal ieu ge mere pangaruh satuluyna, siga Bandung Barat dijadikeun ngaran kabupaten, naha teu bisa neangan ngaran sejen anu teu ngaharib-harib kecap Bandung. Alesanana mah ambih teu kaciri teuing nyokot ngaran anu geus kawentar, siga Bandung. Naha teu disebut Kabupaten Padalarang upamana, apan eta teh mere ngaran anu mandiri, teu siga nu ngilu kahieuman ku ngaran Bandung.

Eksklusive anu anu dicirian ku dug-degna lembur anyar anu diwangun ku para pengembang (developer). Ngaran lembur anyar sok ditungtungan ku kecap Griya, Asri, Permai, Kencana, Estat jste. Bari jeung loba anu teu ngaharib-harib kana kaayaan tempat eta. Geura we timana jolna bet aya ngaran jalan tina widang astronomi, siga jalan Jupiter, Saturnus, Venus upamana. Padahal di tempat eta teh euweuh pisan tapak nu ngaharib-harib kana widang astronomi. Sigana eta mah ku kreativitas pengembang bari jeung teu didadasaran ku pangaweruh hal toponimi atawa teu maca alam lingkunganana. Sasatna mere ngaran teh ngan ukur sakahayang sorangan. Baheula ngan sakadar boga jobong, atuh ganti-ganti ngaran ambih karasa rohaka terus we make Estate. Padahal kitu-kitu keneh.

Mode. Ngaran tempatna biasana mangrupa akronim atawa ngarobah sora. Upamana Budapes tina singgetan Bukit Dago Pakar East, Ciwok asalna tina Cihampelas Walk. Ieu kacirina siga nu reueus ku lembur batur, pedah kawentar di dunya internasional tuluy we dipake, hayang modern bari jeung salah.
Ngaran tempat anu robah atawa leungit balukar tina pamekaran daerah. Ngaran daerah anu leungit samisal Parakan Muncang, Cigolendang, Korobokan jste. Leungitna ieu ngaran daerah teh kulantaran dihijikeun jeung daerah sejen tur dibere ngaran anyar atawa nyokot ngaran anu dianggap leuwih popiler. Sedengkeun anu robah, misalna Gehger Kalong jadi Geger Kalong, Jeungjing Rigil jadi Jingjing Rigil.

Kudu Ati-ati.

Dina jirangan pertanyaan ti pamilon sawala, aya nu nanyakeun ngaran Sukamiskin, naha eta teh pedah urang dinya resep kana kaayaan miskin. Aya katerangan Sukamiskin asalna tina basa Arab nyaeta suqmisk anu hartosna pasarseungit, mimitina mah pedah aya ceramah agama anu nyabit nyabit kana ngaran tempat. Aya konsep sejen nu aya pakaitna jeung Tritangtu, nyaeta Rama ngagurat lemah, Resi ngagurat cai, Ratu ngagurat batu, ieu teh konsep toponimi jaman bihari. Sigana ieu nyekrup jeung konsep aspek fisikal, sosial jeung kultural anu geus disebutkeun diluhur.

Pikeun kahareupna tina ieu sawala aya kahayang supaya para pengembang atawa gegeden anu boga kakawasaan, kudu ati-ati dina mere ngaran hiji tempat. Kudu nyoko kana kaayaan tempat tur sajarahna. Paling Copel ulah gehgeran.

(Laporan Mamat Sasmita, panumbu catur dina sawala PSS)

Dimuat dina majalah bulanan basa Sunda Cupumanik No. 59, Juni 2008

4 comments:

Anonymous said...

I will not acquiesce in on it. I think nice post. Especially the title-deed attracted me to be familiar with the whole story.

Anonymous said...

Genial fill someone in on and this mail helped me alot in my college assignement. Thanks you for your information.

Anonymous said...

Well I acquiesce in but I about the list inform should secure more info then it has.

Anonymous said...

Well I agree but I think the brief should have more info then it has.