Ku : MAMAT SASMITA
Padumukan
asalna tina dumuk hartina tempat matuh. Rajeun disebut lemah cai, tempat urang dijurukeun,
digedékeun, jeung nyiar kipayah. Jol deui kekecapan umbul, babakan, lembur,
kampung, nu patali jeung padumukan. Babakan hartina lembur anyar, pangeusina
can pati loba. Iembur hartina kampung, nu pangeusina leuwih loba batan babakan.
Méméh
dumuk, tangtu kudu milih pitempateunana. Kituna téh tangtu aya lilingeranana.
Apan aya sumber tinulisna, nyaéta naskah buhun Sanghyang Siksakandang Karesian
(SSK, 1987), Warugan Lemah (WL, 2010), jeung tulisan J.Habbema, ”Eijgeloof in
de Preanger Regentschappen” (PP, 1900). Kabéh papahat kudu asak sasar enggoning
milih padumukan, sabab aya nu mawa mawat hadé jeung goréng.
Bagbagan
milih pitempateun dumuk téh jadi tanda pangaweruh balaréa luyu jeung jamanna.
SSK jolna ti taun 1518, ari WL sajaman jeung SSK. Sedengkeun PP dituliskeun
taun 1900. Enya PP téh dituliskeun ku urang Walanda tapi pasti sumberna atawa
informanna mah urang Sunda.
Dina
SSK aya nu disebut nirmala ning lemah (tanah nu mawa mawat hadé) jeung mala
ning lemah (nu mawa mawat goréng). Nu disebut hadé téh pahoman, pabutelan,
pamujaan, lemah maneuh, candi, prasada, lingga linggih, batu gangsa, lemah
biningba, ginawé Wongwongan, sasapuan. Kabéh patali jeung pamujaan. Mala ning
lemah téh cék SSK mah lemah kasingsal. Béréndélanana, sodong, saronggé, cadas
gantung, mungkal pategang, lebak, rancak, kebakan badak, catang nunggang,
catang nonggéng, garunggungan garénggéngan, lemah sahar, dangdang wariyan,
hunyur, lemah laki, pitunahan céléng, kalombéran, jarian, sema.
Mun
diimeutan mala ning lemah téh aya nu dumasar kana kontur tanah (fitur topologis)
jeung kaayaan wewengkonna. Cara catang nunggang catang nonggéng, kondisi siga
kitu biasana aya dina gawir nu loba tatangkalan nu kabawa longsor. Garunggungan
garénggéngan, nyaéta sala sela gunung atawa pasir, embet ku tatangkalan nu loba
cucukan. Aya alesan sején, nyéta geueuman (magis réligius), garing, kotor
(sanitasi). Cara sema, tanah urut kuburan atawa lemah sahar, tanah nu baheulana
kungsi dipaké perang ragot. Tangtu tanah kitu kudu disingkahan.
Satuluyna
dina WL aya 18 rupa padumukan nu dipasing-pasing dumasar kana kontur tanah
jeung wilayahna. Dumasar kontur tanahna
aya talaga hangsa (tanah bahé ka kénca) watekna dipikaasih ku unggal jalma;
banyu metu (bahé ka tukang) watekna hamo dipikaasih; purba tapa (bahé ka
hareup) watekna teu dipisuka; ambek pataka (bahé ka katuhu) watekna loba nu
nganyerikeun haté; ngalingga manik (datar béh luhur) watekna dipikanyaah ku
dewata; singha purusa (nu motong pasir) watekna awét juritan; sumara dadaya
(tanah datar) watekna kadatangan rama; jagal bahu (dua lahan nu misah) watekna
kurang wibawa; jeung sri madayung (nu diapit ku dua walungan) watekna awéwé sok
midua.
Nu
dumasar kaayaan Wilayalina aya luak maturun (nu di tengahna aya lebak) watelcna
mindeng meunang katunggaraan; sumaliput (nu ngalipet) watekna ngurangan pakaya;
tunggang laya (nyanghareup ka laut) watekna sok kabéntar gelap; mrega hideng
(urut kuburan) watekna kurang wibawa; talaga kahudanan (nu motong walungan)
watekna sok maot ku bajra di tanah batur; nukangan pasir watekna loba
panyéréwédan; jeung si bareubeu (nu katunjang ku cai/walungan) watekna sok
dipahala ku déwata. Ari nudisebut hareup téh wétan, katuhu téh kidul, tukang
téh kulon jeung kénca téh kalér. Nu dianggap alus ngan talaga hangsa, ngalingga
manik, singha purusa jeung sumara dadaya. Nu séjénna kudu dipalakiahan heula,
malah nu alus gé tetep kudu disucikeun. Upamana talaga hangsa, keur
nyucikeunana dina ngamimitian ngawangun lembur kudu melak pacar di pahoman
(tempat sasajén). Mrega hideng, keur nyucikeunana kudu melak dangdeur di unggal
juru lahan pilembureun, mantrana ”Ong pasaduan kami pun, d sang Ratu Breco na
déwata kayu dangdeur pun, maka hilang ikang tamah, maka tinggal suka sohah.”
Ari
PP, nyebutna téh tanah piimaheun. Cénah nu dianggap hadé téh tanah nu bahé
ngétan ngalér, watekna ka nu tani matak mukti, ka nu dagang matak beunghar,
jauh tina bancang pakéwuh; Anggon-anggon nu tani, nyaéta tanah nu bahé ngétan,
watekna nungtun resep pepelakan turhadé jadina; jeung anggon anggon pandita,
nyaéta nu bahé ngulon, watekna mawa bageurka nu nyicinganana, dijauhkeun tina
kalakuan nista.
Mun
dibandingkeun jeung dina WL, sigana patukang tonggong, upamana dina WL tanah nu
bahé ka hareup atawa ka wétan disebut purba tapa watekna teu dipisuka, ari dina
PP mah tanah bahé ka wetan téh watekna resep pepelakan jeung hadé jadina.
Bédana kitu téh teu kudu jadi masalah sabab mungkin baé geus ngisedna ajén
inajén masarakatna lantaran ayana parobahan sistem kapercayaan.
Nu
dianggap panghadéna dina PP nyaéta tanah nu dikurilingan ku cai, watekna tiis,
teu loba pacogrégan; ngagaludra ngupuk, nyaéta tanah nu caina ngocor ti tilu madhab
tuluy palid ka madhab hijina deui. Dina PP gé dicontokeun Bandung, cai ngocor
ti kalér, kulon jeung ti wétan kapiceun atawa kapalidkeun ka kidul, ka Citarum.
Ari
nu kaasup goréng nyaéta tanah nu kaungkulan ku jalan, ari peuntaseunana papakjeung
jalan, watekna teu weléh kaéléhkeun; lemah gunting, tanah nu kacapit ku jalan
cagak atawa ku ngamalirna cai nu nyagak, watekna matak sangar, teu pikabetaheun;
Tanah nu bahé ngétan ngidul, watekna mawa daék kana pepelakan tapi tara alus
jadina; anggon anggon jaksa, bahé ngulon ngalér, watekna loba panyéréwédan;
anggon anggon durjana, bahé ngulon ngidul, watekna sok kalindeukan bangsat;
talaga ngembeng, keloh teu béda ti katél, cai ngocor ti madhab papat ngumpul ka
tengah bari euweuh pamiceunan, watekna tara jadi jual beuli; kancah nangkub,
tanah sangar, watekna teu bisa ngampihan rejeki. Nu pang goréng goréngna talaga
ngembeng jeung kancah nangkub.
Nyanghareupna
imah gé jadi tinimbangan sangkan asup kana watek hadé. Ngan nyanghareupna téh
sipatna individual dumasar kana weton atawa poé naon dilahirkeunana. Ku kituna
dina hiji padumukan bisa baé nyanghareupna imah siga nu pasoléngkrah. Contona
weton poé Ahad imahna kudu nyanghareup ka kidul, panto ayana di tengah. Weton
poé Kemis imahna kudu nyanghareup ka wétan, panto ayana di sisi beulah kidul
atawa kalér. Kitu deui weton séjénna.
Dina
PP gé disebutkeun deuih sarat keur nyucikeun tempat nu rék dipaké keur padumukan,
nyaéta: Di unggal juru, di handapeun
tatapakan, kudu diruang tai beusi, bawang bodas jeung reremekan tujuh rupa,
kayaning reremekan botol, piring, kendi, talawéngkar, kenténg, bata, goci atawa
lian ti éta. Tai beusi watekna matak teuas kana taneuh, neundeut, bawang bodas
panyinglar kana panjakit, ari reremekan, tumbal nyingkirkeun dedemit nu aya di
dinya.
Tina
dadaran di luhur, sahenteuna urang ayeuna bisa wanoh kana papagon karuhun.
Lebah milih padumukan horéng teu sagawayah. Aya ugeranana, aya pangaweruh nu
diwariskeun ti kolot ba
heula.
Ari kiwari, da kari blus. Milih padumukan di daérah urban téh sasatna kuma pengembang
perumahan
(Dimuat din PR rubrik Kalam, Senen 13 Maret 2017)
Ku
: MAMAT SASMITA
Hateup
dipasang luhureun suhunan, dicangreudkeun dina eréng nu napel pageuh kana usuk.
Hateup aya nu dijieun tina welit, injuk, talahab jeung kenténg. Welit biasana
dijieun tina daun eurih nu geus rada garing tapi teu regas. Carana nyieun
welit, eurih kira kira sakeupeul dibeulitkeun kana awi sabébék. Panjangna
kira-kira dua méter tuluy dibeungkeut ku tali tina awi tali atawa tina hoé
leutik (hata). Disebutna sajalon. Supaya eurih nu dibeulitkeun teu cengkat sok
didempét ku awi ti luhur jeung ti handap, disebutna tutus. Terus ditalian
disebutna ngawilet, tali dipurintilkeun, tungtungna diselapkeun sangkan kuat
jeung teu leupas deui. Salian ti eurih, aw deui nu remen dipaké keur hateup di
antarana daun gebang. Carana nyieun méh sarua, ngan daun gebang mah sok dibeberkeun,
dua lambar dua lambar, tuluy di ditalian ku hata saperti diseumat tapi manjang.
Daun kawung atawa daun kalapa gé bisa dipaké, daun kalapa nu alus nu geus kolot
tapi can garing, can jadi karari.
Ari
injuk siga bulu nu napel dina tangkal kawung, ngabeulit atawa ngalokop dina
palapah daun kawung. Kalan kalan rungseb sabab najan enya bulu tapi heuras,
warnana hideung. Nu gedé mah méh siga nyéré, heuras, getas tur seukeut disebut
harupat. Ngala injuk tina tangkal kawung sok disebut mopogkeun injuk. Sagulung
injuk disebutna kakab atawa sakakab. Keur hateup, unggal kakab ditumpuk kudu
rada loba, sangkan teu bocor.
Cara
masang welit atawa injuk keur hateup, dimimitian ti handap heula, disusun silih
tumpuk maju ka luhur kana suhunan pangluhurna. Nu masangna gé kudu nu tabah, nu
geus tapis, pangpangna dina usum hujan ulah nepi ka bocor, sabab mun bocor hésé
ngayumanana.
Tvluy
nu disebut talahab téh hateup tina awi sabeulali sabeulah. Masangkeunana
diréndéngkeun jeung ditangkarakkeun, dina unggal gigir ditutup deui ku awi
sabeulah nu ditangkubkeun, dirédéskeun nepi ka nutupan suhunan. Méméh awi dipaké
keur hateup bagian dina unggal buku kudu diberesihan heula, dipiceun panutup
bukuna. Talahab biasana dipaké dina léang léang atawa sosompang hateup.
Hanjakalna
hateup welit, injuk jeung talahab babari pisan kahuruan. Komo dina usum halodo,
mun aya silalatu tina durukan téh gampang pisan hurung. Nu matak jaman baheula
mah unggal imah téh boga bakrik, gantar panjang aya kakaitna jeung gobak.
Mun
di hiji lembur aya imah nu kahuruan, sok buru buru hateupna dicentokan ku
bakrik. Kalan kalan sakalian dicentokan jeung rangkay suhunan, sangkan téréh
ngaburusut ka handap, ari geus di handap leuwih babari mareuman seuneuna. Demi
gobak sok dipaké keur nyewurkeun cai, nyimbeuhan imah nu kahuru. Da apan geus
kabiasaan di deukeut imah di pilemburan sok nampeu balong, atawa di tukangeun imah
aya kulah, gunana salian keur melak lauk atawa jadi tempat gégéroh, mun aya
kahuruan babari néangan cai keur mareuman seuneu.
Mangsa
kiwari imah nu hateupna welit, injuk atawa talahab, geus ampir euweuh, iwal ti
di kampung adat saperti di Kampung Naga, Kampung Dukuh atawa di Kampung Kuta.
Rajeun sok aya nu niru-niru imah baheula, hateupna tina welit atawa injuk siga
di réstoran atawa di tempat wisata. Kaayeunakeun imah geus prah maké hateup
kenténg. Ngan, euweuh rugina nyaho ngaran ngaran hateup jaman baheula.
(Dimuat dina koran PR rubrik Sundapedia, Senen 13
Maret 2017)