07 October 2013

CEULI LÉNTAHEUN



Ku : MAMAT SASMITA

Béhna, di dunya téh loba kaahéngan, nu dimaksud ahéng ku kuring téh saperti kalakuan barudak indigo, apan sakitu ahéngna, barudak indigo siga nu bisa ningali hal-hal nu teu katingali ku nu teu indigo. Kuring teu wani nyebutkeun nu teu indigoi téh nu normal. Bisi nu normal téh nu indigo, boa boa hiji waktu mah nu disebut normal téh nu indigo. Geuning mindeng katangén dina acara télévisi, nu indigo sok norowélang nyebutkeun tuh beulah ditu aya nu nangtung, tah didinya aya nu keur diuk, padahal cék nu teu indigo mah euweuh nanaon. Tapi ketah kuring rék lahlahan nyebut normal ka nu teu indigo, alesanana lantaran nu teu

 indigo téh leuwih loba manan nu indigo. Najan kitu lain hartina nu indigo teu normal tapi cék kuring mah éta téh istiméwa, leuwih ti istiméwa malah. Kungsi, waktu kuring rumaja kénéh, boga babaturan nu istiméwa, na da leumpangna téh siga nu sosoloyongan jeung mindeng nyangigir, cenah sieun ngabadug batur. Jadi manéhna mah  leumpangna téh siga di nu loba jelema, padahal cék kuring mah didinya téh euweuh sasaha. Naha kuring percaya kana hal nu kararitu? Percaya, percaya pisan. Saeutikna percaya ka sobat kuring mangsa rumaja téa. Da manéhna téh lain jelema tukang bohong, lain jelema nu sok akon-akon. Nepi ka kuring kungsi ngabelélkeun panon manéhna, hayang sidik naon bédana jeung panon kuring. Euweuh, euweuh bédana, cék saréat mah. Tapi naha ari manéhna bisa ningali nu teu bisa katingali ku kuring? Nya meureun hakékatna mah aya bédana. Sigana dumasar kana hal éta jeung kajadian kajadian aheng séjénna, nepi ka aya istilah dejavu, clairvoyance, waskita, vision, indra ka genep, cakra, aura jeung réa-réa deui istilah séjén.


Sabenerna nu rék dicaritakeun ku kuring téh lain hal kitu, tapi boa kétah rada rada siga kitu. Kajadianana mah basa kuring pindah rohangan gawé. Kudu pindah rohang gawé téh pédah rohang gawé di gedong utama nu sok dipaké sapopoé  keur dioméan, atuh kapaksa kuring kudu ngungsi heula. Cenah ngoméan rohangan gawé téh paling lila gé sabulan satengah. Demi pindahna ka wangunan urut gudang. Rohangan urut gudang téh teu lega-lega teuing paling gé dalapan kali dua belas metér, aya dua rohang urut bagian administrasi gudang, ngan geus lila teu dipaké, da ku pausahaan niatna rék dirugrugkrun, rék diganti jadi gedong anyar. Rohang urut gudang téh lanténa tina ubin, geus lagedu, najan diberesihan unggal poé gé angger wé lagedu, siga pinuh ku kekebul.  Kuring nyicingan rohangan urut administrasi gudang, supaya pikabetaheun, kuring ménta sangkan dingding témbokna dicét heula dina poé peré, ambéh kaciri rada bersih.
Genah ngantor didinya téh, tiis karasana, najan karasa rada canéom. Rohang gudang téh geus lila kosong, jandélana teu bisa dibuka, nu bisa dibuka téh liang angin di béh luhur, kacana gé geus bureng pisan. Tina kaca jandela nu teu  bisa dibuka, mun isuk-isuk cahaya panon poé sok nyorot, malah nyorotna persis kana luhureun méja gawé, kituna téh antara tabuh salapan nepi ka tabuh sapuluh. Kitu ge mun panon poé keur aya beulah kalér, lantaran gedong urut gudang téh ngujur ka kulon . Genah, haneut, itung-itung moyan isuk-isuk. 
Di rohangan ieu aya pagawé séjén duaan, staf kuring.  Ngajéjér beulah kéncaeun kuring, luareun rohang administrasi nu ku kuring dipaké.
Ngaranna pindah rohang gawé, kapaksa sagala dibawa, kayaning lomari arsip sorolok, komputer, mesin paranti ngacurkeun keretas nepi ka wadah runtah gé dibawa.  Atuh mokaha rohangan nu tadina asa lega teh jadi rada rupek. Kabel listrik, kabel telepon pajuranteng, ari internét onaman teu maké kabel  da maké wifi. Komo sanggeus korsi tamu diperenahkeun béh hareup, rohangan téh beuki karasa rupek.
Naon atuh pagawean kuring téh? Ah moal dibéjér-béaskeun, éra, bisi majarkeun goong nabeuh manéh. ngan kuring téh gawé di hiji badan usaha milik nagara nu kawilang gedé. Naha pakepuk gawé kuring teh?. Puguh wé pakepuk mah, loba pagawéan, loba nu nelepon, loba nu hayang panggih. Matakna korsi tamu gé kudu aya, éta pisan nu jadi alesanana pangna korsi tamu kudu ngabagug di rohangan ieu.

Diitung-itung geus aya sabulanna, nempatan rohangan urut gudang téh. Salila sabulan teh aya kajadian ahéng puguh gé. Mimitina kajadian ahéng téh sanggeus kuring ganti komputer. Atuda komputer nu lila mah geus lélét pisan, mun muka program téh ngagusrek, geus lila kakara mucunghul bari jeung monitorna buburicakan. Komo mun dipaké muka internét, weuh matak kesel.  Sanggeus ganti komputer ku nu anyar mah ngebelesur, jaba lengkep deuih jeung sepéker, bisa  ngadéngékeun lalaguan. Harita téh isuk-isuk, keur ngadekul nyieun laporan, atuh dina sepéker ngegembrung lalaguan, sorana halon da déngékeuneun sorangan. Bet teu pupuguh ujug-ujug kadéngé sora anak hayam ciciakan, asa dengér, da ngéléhkeun sora lalaguan.
Sakedapan kuring ngahuleng na sora anak hayam timana, sora lagu tina sepéker dileutikan, enya sora anak hayam , beuki béntés, malah kadéngé sora awéwé nu ngagebah hayam da siga disieuh-sieuh.
Jurungkunung kuring nangtung, hayang sidik na sora anak hayam ti mana, kuring kaluar rohangan, leumpang ka gigireun wangunan. Bet asa pamohalan aya sora anak hayam ti gigireun wangunan ieu, da didinya téh aya bénténg, sedengkeun luareun bénténg aya jalan gedé.
Kuring ngoréléng ka sisi wangunan sabeulah deui, didieu mah komo moal aya anak hayam da didinya mah lapangan parkir.
“Milarian naon pa?” cék supir nu keur ngelapan mobil.
“Ieu bieu téh sada aya sora anak hayam.” Dijawab kitu téh supir siga nu runga ringeu.
“Di palih mana pa, da abdi mah teu nguping.”
“Sada di dieu.”
Kuring terus asup deui ka rohangan gawé, enya meureun ngan sakadar dédéngéan. Dekul deui digawé, teu lila bet kadéngé sora cai nyurulung, siga cai nu keur ditandéan ku émbér, kuring rada rungah ringeuh, kuring rada ngejat sieun enya aya cai kana méja gawé, teu lila les wé sora téh leungit.
Sora ti mana atuh, terus kuring ngarérét kana arloji nu dipaké, jam sapuluh leuwih dua menit. Pikiran cus-cos kaditu-kadieu maké jeung rada muriding sagala. Bet asa piraku kudu muriding bulu punduk pabeubeurang kieu. Tungtungna dekul deui wé digawé.
Sababaraha poé ti harita teu kadéngé sora nanaon, asana poé ka opat ngadéngé deui sora jalma, ieu mah béntés pisan sorana téh .
“Aa geura emam, pan sakedap deui badé ka sakola.”
“Ari sangu kanggo Adé aya kénéh ma? Upami teu aya deui wios kanggo Adé wé, Aa mah wareg kénéh.”
“Aya, sok wé séépkeun sanguna.” Tuluy kadéngé siga nu keur kaprak keprek di dapur.
Kuring ngadédéngékeun nu gunem catur, asa wawuh kana sora éta téh. Diinget-inget. Gebeg téh apan éta téh ceplés pisan sora pamajikan jeung sora anak kuring. Moal kapalingan, enya sora pamajikan jeung sora anak kuring éta téh. Harita kénéh kuring nelepon kana hapé pamajikan.
“Mah nuju dimana?”
“Ieu di sakola TK, naha kitu?”
“Ah henteu, ieu wé nyobian hapé, ti tatadi teu tiasa nelepon.” Jawab kuring rada aga-eugeu, ngajawab téh sabulang béntor, da enya wayah kieu mah pamajikan téh pasti keur di sakola TK ngadagoan anak kuring nu bungsu.
Teu lila kadéngé deui sora nu teu puguh timana jolna téh, kadéngé nu ngagelendut anakna sangkan soson-soson sakola. Kuring muriding deui bulu punduk, lain pédah keueung ieu mah, éta tuda ngadéngé nu mapagahan anakna sangkan soson-soson sakola najan kayaan walurat, najan gawé bapana ngan ukur jadi tukang loper koran. Muriding lantaran asa neumbag kana haté nepi ka kuring ngadayagdag bari ngarénghap panjang, caméot diuk nyelegon dina korsi gawé, bari sababaraha kali istigfar. Teu salah éta téh sora pamajikan jeung anak kuring, moal kapalingan da kitu pisan wanda sorana, apal da rumah tangga geus aya sawelas taun, najan haréwosna gé apal. Atuh sora budakna gé ceplés sora anak kuring. Kuring ngahuleng salila-lila, ngadedempés, ngadédéngékeun gunem caturna. Hanjakal beuki lila sorana beuki les-lesan, beuki teu kadéngé.  Nu asa kadéngé baé dina ceuli kuring téh éta omongan budakna, siga nu soleh pisan jeung basana lemes. Patojaiah jeung anak kuring nu sagala hayang, teu kaop ningali barang nu anyar sok ngarenghik ménta dipangmeulikeun, hayang hapé anyar, hayang sapatu anyar, hayang play stasion anyar, jeung rupa-rupa deui, kalan-kalan kuring sok lieur sorangan ngabandungan kalakuan anak, basana kasar, semu culangung., neugtreug deuih.
Dina pikiran kuring bet jorojoy hayang nyaho sora bapana éta budak, naha sorana siga kuring atawa henteu? Ngan geus sababaraha kali ngadenge omongan nu teu kaciri nu ngomongna teh, can kungsi kawénéhan ngadéngé sora bapana atawa salakina, nu remen kadéngé téh angger nu siga sora pamajikan kuring, nepi ka kuring mah rada ngembeng cipanon, basa ngadenge sora ngalengis hayang nyakolakeun budak nepi ka jucungna, najan kudu tisuksruk tidungdung, sagala dipigawé, sangkan meunang duit keur meuli buku pelajaran anakna. Tah palebah dieu gé béda jeung pamajikan kuring, enya diimah mah sagala beresih, tapi pan aya nu babantu, badéga téa atuh mun hayang dahar teu weléh pesen ti katering, dapur téh arang langka dipaké, iwal ti numpuk géroheun. Ngasuh budak nu leutik gé siga dinomer duakeun, dianggapna leuwih penting ambring-ambringan jeung ibu-ibu nu séjén, geus puguh arisan mah geus jadi sabiwir hiji, kudu pisan éta téh. Nu haroréam ngabandunganana, kalan-kalan jadi keuheul, éta ari geus kudu indit ka salon, ti ngumbah buuk, ngurus kulit, nyabut bulu kélék nepi ka motong kuku gé kudu di salon. Inditna ka salon teh siga ngajadwal, ulah kaliwat komo nepi ka bolay mah.

Kuring weléh teu nyaho ti mana éta sumber sora téh, najan jolna sora téh maneuh antara tabuh salapanan nepi ka tabuh sapuluhan isuk-isuk, tempatna gé maneuh di tempat kuring diuk digawé, tapi weléh teu kapaluruh. Kungsi sora téh dirékam, tapi waktu diputer ulang teu kadéngé nanaon, ukur sora ngahéos sada sora angin. Rajeun kuring ngaragap diri boa-boa éta mah sakadar halusinasi, boa-boa kuring teu waras, boa-boa kuring kurang saeundan atawa nu kieu kitu nu disebut haréwos goib téh?.  Nepi ka mun ka tempat gawé téh sok wegah, tapi sakapeung aya rasa hayang nyaho kajadian naon ieu téh. Tungtungna kuring nepungan jalma pinter, sebut wé lah paranormal, mun teu disebut dukun gé, ngahaja diondang ka tempat kuring gawé, ngan rerencepan, batur mah euweuh nu nyahoeun, dianggapna téh tamu, nu biasa nepungan kuring.  Mimiti paranormal téh siga nu meleng, tuluy ngajanteng di unggal juru bari kunyam-kunyem. Na atuh, ari séak téh paranormal nyabut keris, congona diacung-acung ka kuring bari ngomong semu ngagerem, kuring reuwas jaba sieun katojos ku congo keris deuih. Majarkeun di ieu tempat téh aya nu ngageugeuh,  hayang wawuh ka kuring, paranormal sidakep  bari awakna siga nu ngagibrig, huntu kekerot, henteu we baham ngabudah mah.   Bérés sidakepna, tuluy ngomong moal ngaganggu deui, cenah geus diusir, geus diancam moal balik deui. Golosor wé kuring méré amplop nu geus dieusi duit ka paranormal, itung-itung nganuhunkeun, pédah geus diala gawéna.   
Béhna, isukna kadéngé deui baé sora téh, nu kadéngé téh budak keur ngapalkeun asmaul husna, semu ngahariring dilagukeun, ditema ku ngapalkeun surat surat tina juz amma. Kuring nepi ka ngarandeg keur gawé gé, panteng ngadéngékeun sora budak, sora halimpu matak genah kadéngéna. Ngabandingkeun jeung anak kuring, tong boro ngadéngé ngapalkeun asmaul husna atawa juz amma, dalah maca koran gé can kawénéhan komo ngadeluk ngapalkeun mah, da nu kadéngé teh ukur lalaguan populér atawa sora bebeledugan dina sepéker, sora kaulinan tina play stasion, bari raribut jeung sasamana.

Lantaran rohang gawé di gedong utama nu keur dioméan téh geus anggeus atuh kuring téh pindah deui, sedengkeun rohangan urat gudang rék dibongkar, rék dijieun gedong anyar. Ti harita mah pleng wé sora nu sok kadéngé téh leungit. Atuh kuring gé  méh poho, rajeun sok asa hayang ngadéngé deui sora budak nu ngaji ngapalkeun juz amma, sakali-kalieun mah, mun keur inget kana sora budak nu halimpu, kuring sok neuteup gedong urut gudang nu keur diburak barik dibongkar. Kapanasaran téh kahudang deui basa dina internét teu ngahaja manggihan filem Random Quest, nu nyaritakeun perkara dunya kekembaran atawa méta universe, rajeun disebut dunya paralél. Boa boa nu kaalaman ku kuring gé kitu, cek gerentes haté. Panasaran, hayang meunang katerangan nu jelas, tuluy kuring ngajak céting jeung babaturan nu resep kana carita fiksi ilmiah jeung ongkoh babaturan kuring mah kungsi diajar élmu fisika.
“Cageur euy? Déwék kakara nyaho aya filem Random Quest, filem naon eta téh?” kuring nulis kitu sanggeus aya kontak jeung manéhna.
“Alhamdulillah keur cageur. Sinarieun silaing lalajo filem nu kitu…”
Jeung manéhna mah kuring téh geus omhang pisan, da ngabasakeun déwék, silaing téh geus teu asa-asa. Tuluy manéhna nulis panjang, cenah dunya paralél téh ayana dina fisika teoritis, loba kénéh debat, loba kénéh kontroversialna diantara para ahli fisika. Teuing naon masudna da manéhna gé nulis ngeunaan ucing Schrodinger nu beda nasib, téori super string, péso cukur Occam, fisika quantum, ngarancabang lir jalan cagak atawa ngarancabang siga séndok garpu jeung deuih loba nulis ngaran jelema saperti  Stephen Hawking, Max  Tegmark, Hugh Everett, Jorge Louis Borge jeung liana deui, teuing saha éta téh da kuring mah kakara nyaho harita ngaranna gé. Manéhna gé nyabit-nyabit filem The One, salah sahiji bintangna Jet Li, cenah filem fiksi ilmiah éta gé didadasaran ku perkara dunya paralél siga filem Random Quest.
“Jadi lamun déwék bisa ngadéngé sora pamajikan ti dunya paralél nu ayana di mana boa, bisa nyah? Jeung bisa teu mun déwék panggih jeung déwék deui?”
“Tong sok loba ékol, rék nyandung mah der wé atuh.”
“Belegug siah, teu nyambung pisan, déwék mah nanya enyaan, lain perkara nyandung, geuning siga dina Random Quest pan boga pamajikan di dunya mana boa.”
 “Tah ciri-ciri jelema hayang nyandung mah babari nafsu, babari ngambek.”
Kitu wé salila céting jeung manéhna dina sela-sela waktu gawé téh direumbeuy ku heureuy, cék tulisan manéhna bisa jadi téori superstring téh kajadian di sabudeureun urang, mun sakabéh énergi ti unggal barang téh museur tur luyu bari silih nguatkeun nepi ka bisa muka kuluwung multidimensi lir jalan torowongan  nu antukna urang bisa ngadéngé sora nu teu nyaho timana sumberna, bisa jadi ti dimensi sejen. Ari soal panggih dirina jeung dirina deui, samisal kuring panggih jeung kuring deui mah sigana moal bisa, sabab bisa ngalantarankeun paradok, nu antukna bakal ngaruntuhkeun kasaimbangan alam. Perkara dina filem The One, Jet Li gelut jeung Jet Li deui, éta mah ngaranna gé filem, ambéh ramé. Teuing ah kuring mah teu ngarti, naha penjelasan ti manéhna ieu téh penjelasan ilmiah atawa pseudo ilmiah, ngan keur kuring mah ieu téh penjelasan nu beuki teu jelas, ukur remeng remeng kahartina, ngaku bodo wé palebah dinyana mah, jeung boa boa nu ditulis ieu gé salah, salah ngahartikeun nu ditulis babaturan kuring.
Céting téh anggeusan basa kuring rék mulang, gawé poé harita mah rada kangganggu, lain baé pédah céting jeung babaturan nu rada lila tapi deuih ku kapikiran mun téa mah enya dunya paralél téh aya, najan tempatna di mana boa, di dimensi sabaraha boa, kuring téh aya kuring nu séjén nu bisa baé béda nasib. Mun kuring keur senang, kuring nu di mana boa mah keur susah. Mun kuring jadi juragan, di mana boa mah kuring jadi kuli. Mun kuring korupsi, di mana boa mah jadi anggota atawa ketua komisi pemberantas korupsi . Mun kuring teu ngukut hayam, dimana boa mah ngukut hayam. Mun anak kuring bengal, di mana boa mah anak kuring téh soléh. Jadi, kuring nu enyaan, kuring nu mutlak téh kuring nu mana? Nu bakal dihisab di yaumul akhir. Kuring teu bisa ngajawab, kuring ngan ukur bisa ngucap Subhanalloh Allohuakbar. Naha kajadian kitu nu disebut dejavu, indra ke genep, clairvoyance téa? Atawa boa boa ukur ceuli kuring nu ceuli léntaheun, nu ukur ngadéngé sadéngé-déngéna.  

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 1/10/2013, Rebo 2/10/2013, Kemis 3/10/2013)

21 September 2013

SEKE BENTANG



Ku : MAMAT SASMITA
  
Kebon nu bapana suwargi téh kawilang lega, cenah aya kana opat ratus tumbakna. Dipelakan sagala rupa, aya tangkal nangka, rambutan, buah gedong, kadongdong, sawo jeung rupa-rupa deui. Dina sisi gawir dipelakan ku tangkal muncang, geus kolot tangkal muncang téh, da gedéna méh satangkeup. Mun tangkal muncang keur buahan, Kang Sabri jaman keur budak kénéh, sok pahibut jeung batur sasamana mulung muncang jaluna. Muncangna sok dipilihan nu panggedéna, keur kokojo mun ngadu muncang. Kang Sabri gé kungsi boga muncang kameumeutna dilandina gé Si Banténg, lantaran uratna ranteng kaciri tingjarendol, tara éléh mun diadukeun téh. Awak muncangna geus leucir balas dikosok ku muncang nu éléh, hérang semu hideung. Dina gawir dipelakan ku awi, aya gombong, aya haur, aya awi tali, tamiang deuih. Tamiang kacida lantasna, mindeng aya nu ménta, keur suling cenah, aya nu keur nyieun sumpit gé. Handapeun rungkun awi aya cai séké, caina ngageledeg, ngocorna gedé sagedé cangkéng kolot, disebutna Séké Béntang, cenah mah nelah disebut Séké Béntang téh pédah euweuh deui nu nandingan keur ukuran salembur mah. Caina ngaburial, hérang jeung ongkoh tara ngurangan najan keur halodo entak-entakan gé. Aya deuih nu nyebutkeun majar ayana Séké Béntang téh sanggeus aya béntang murag didinya. Teuing bener teuing henteu.

Kang Sabri ngajogo, ngadon cingogo dina galengan bari neuteup Séké Béntang. Cai ngaburial tina jero taneuh teu eureun-eureun. Aya budah cai laleutik ting siriwik marengan gurat cai lantaran ditoélan ku tungtung jukut nu ngarumbay.. Kang Sabri neuteup ka tonggohkeun, timana datangna cai? Teu kajawab. Kang Sabri neuteup ka tonggohkeun, tatangkalan hirup kaomé di tanah indungna. Kang Sabri neuteup ka tonggohkeun, kaciri Gunung Sawal ngabedega. Kang Sabri neuteup ka lebak, sawah mayakpak. Kang Sabri neuteup ka lebak, balong nu pinuh ku lauk. Kang Sabri neuteup éngkang-éngkang nu seserebetan luhureun cai, kalan-kalan kaciri peupeundeuyan nyurudut dina dasar kulah.
Cai ngamalir ka wétankeun, sawaréh dipéngkolkeun kana bak rada manjang nu geus ditémbok, weweg, kahandapna aya pancuran genep, paranti urang lembur nyeuseuh, mandi jeung gégéroh.
Cai dibagi-bagi, ka sawah lega, aya nu ka sawah nu haji Sobirin, ka sawah kang Dana, ka sawah Ma Inung, ka sawah Bi Iis, ampir sakabeh sawah kabagean cai. Aya kamalir cai nu geus ditémbok, najan témbokna sawaréh geus ruksak, brasna ka pasantrén Ajengan Falah. Caina keur santri santri di dinya ti mimiti wudu, mandi, nyeuseuh, nepi ka ngaliwet, kabéh caina ti Séké Béntang.
“Kudu kumaha atuh nya,” kitu gerentes haté Kang Sabri bari jung nangtung, tuluy leumpang mapay galeng, dampal suku cipruk ku cai ibun.

Dongéng emana, dongéng nu tatalépa ti kolot baheula, cenah di béh tonggoh téh baheula mah rembet ku rungkun saliara jeung kungsi aya tangkal reunghas. Basa jaman gorombolan taun limapuluhan, kungsi aya gorombolan ajrét-ajrétan sababaraha jelema, siga jalma kurang saeundan. Sihoréng gorombolan téh nyumput dina rungkun handapeun tangkal reunghas, gorombolan teh barengep, gégétrét jeung walahwah-weuleuhweuh. Atuh gorombolan téh tinggal ditéwak ku tentara. Tangkal reunghas mah kawentar tangkal nu aya racunna, geutahna matak ateul jeung baréntol, kituna téh teu ka unggal jalma, ka nu teu kuateun wé sok alergi.  Ayeuna mah tangkal reunghas téh geus euweuh, teuing ka mana, duka aya nu nuar duka paéh sorangan. Nu ngajungiring téh tangkal loa, nepi ka tempat nu ngaburial cai téh sok disebut Séké Loa tapi kawentarna mah disebut Séké Béntang. Cék emana kénéh, sababaraha kali aya pertempuran antara gorombolan jeung tentara, nu maotna gé loba, malah bugangna aya nu ngambang dina kulah Séké Béntang. Matakna baheula mah Séké Béntang téh disebut sanget, langka aya jelema nu wani ngulampreng. Ramé deui sanggeus gorombolan euweuh, jeung sanggeus aya pancuran.

Tanah éta téh tanah warisan, meunang bibilintik akina ladang ngajual minyak keletik, nya palebah Séké Béntang pisan akina baheula nyieun minyak keletik téh. Kawentar minyakna hadé, tara bau tengi, éta meureun pédah caina nu dipaké nyieun cipati tina Séké Béntang nu beresih tur hérang canémbrang. Teuing palebah mana baheula akina nyieun sasaungan keur hawu keur ngagodog cipati, sigana palebah tajug ayeuna. Da enya deukuet pancuran téh disadiakeun tajug meunang réréongan batur salembur, tempat keur solat nu tas magawé sawah, atawa tempat eureun nu lalar liwat nu tas ti dayeuh. Dua minggu kaliwat tanah téh aya nu nawar, nawarna kawilang hadé, regana kawilang onjoy mun dibandingkeun jeung harga pasaran tanah didinya. Nu nawar tanah téh datangna dibaturan ku juru tulis desa, teuing urang mana ngan lamun ningali papakéanana mah sigana urang dayeuh. Duka teuing keur naon, aya urang dayeuh hayang meuli tanah di pilemburan, malah juru tulis désa mah semu nu maksa sangkan dijual. Kang Sabri teu buru-buru ngawaro, da enyana kudu badami heula jeung indungna, jeung adina. Najan sasat dirina jadi pupuhu kulawarga, tapi teu bisa nyieun kaputusan kitu baé, najan indungna jeung adina masrahkeun kana putusan dirina.
Kadéngé kénéh omongan indungna “Ema mah kumaha manéh wé Sabri, da manéh téh tangtu boga tinimbangan mana nu alus mana nu goréng, ngan peupeujeuh ladang ngajual tanah téh ulah nepi ka béak, kudu dipikiran keur adi manéh sakola, jeung ongkoh deuih bisi manéh rék kawin, pék éta dijadikeun modal.” Ari cék adina mah kumaha akang wé cenah. Ngadéngé omongan indungna jeung adina téh kalah nambah bingung. Inget ku loba conto nu ngajual tanah warisan téh lain tambah menyat tapi lolobana mah kalah hirupna tambah walurat, kitu gé meureun pédah asa meunang rejeki dadakan teu ngarasa meunang hésé capé, antukna sok dipaké monyah-monyah.

Bari kekepruk meresihan reumis nu napel dina bulu bitis, Kang Sabri ngincig leumpang balik ka imahna. Maké baju gé milih nu pangberesihna, lain baju paranti ngojég, rap dijékét. Panon poé nu kakara meleték, karasa haneut. Motor paranti ngojég dihurungkeun, dipanaskeun, tuluy laju, lain ka pangkalan ojég, tapi ka pasantrén, niatna mah rék manggihan Ajengan Falah. Blus ka pasantrén téh lain langsung nepungan Ajengan Falah, kalah léos ka kamar mandi, ka pacilingan, laha loho, kawas nu ngaroris. Teu asa-asa, teu tumamu da Kang Sabri téh kungsi masantrén didinya. Ningali cai nu ngagélénggéng hérang tina pancuran, terus wé wudu, niatna rék ngadon salat duha di masjid, geus manjing waktu bari ngilikan arloji dina leungeun katuhuna. Enya cai hérang téh kabéh gé asalna ti Séké Béntang. Meureun aya puluhna boa ngaratus santri nu ngadon mandi, nu ngadon wudu, nu ngadon nyeuseuh tina cai nu asalna ti Séké Béntang, kaasup adina, apan unggal soré gé sok ngadon ngaji di dieu. Bérés solat duha di masjid, terus ngoloyong ka bumina Ajengan Falah, ngahaja moro isuk-isuk, méméh anjeuna ngawulang.
“Asa rareuwas mama mah,….” Kitu cék Ajengan Falah.
Derekdek Kang Sabri nyaritakeun bangbaluh haténa, utamana nyaritakeun tanah nu aya Séké Béntangna rék aya nu meuli, kalawan regana onjoy. Ditungtungan ku ngomong “Mama, abdi mah émut kana kasauran pun bapa suwargi, nu ngomat-ngomatan sangkan cai nu ngamalir ka ieu pasantren kedah dijaga, ulah dugi ka teu ngocor caina.” 
Ngadéngé omongan Kang Sabri kitu téh, Ajengan Falah calikna rada ngiser jeung semu ngalenggak, sajongjongan mah teu lémék, ngahuleng siga nu ngaraga meneng. Geus rada lila pok ngomong “Mama mah kasebutna nu dibéré, aya ngocor caina meureun dimangpaatkeun atuh lamun teu ngocor, nya kumaha deui, rék usaha wé, da barudak santri kudu tetep bisa wudu, kudu bisa mandi, kudu bisa nyeuseuh, ulah jadi budug alatan teu mandi, ulah caludih alatan hésé nyeuseuh baju, komo mun nepi ka teu wudu mah.”
Kang Sabri saduk-saduk teu aya maksud rék ngagareuwahkeun emutan Ajengan Falah, nepungan téh itung-itung ngalubarkeun bangbaluh haté jeung nanyakeun mun ngajual barang warisan kumaha aturanana.
Cek Ajengan Falah “Sukur ujang, mama diajak ngobrolkeun masalah ieu, jeung mama nganuhunkeun duméh ujang mikolot kénéh ka mama.” Tidinya gorolang Ajengan Falah mere piwuruk ka Kang Sabri, utamana mah kudu ngamulyakeun nu jadi kolot, ari perkara ngajual barang warisan boh tanah boh naon baé teu jadi halangan, ngan kudu geus puguh bagianana jeung ladang tina barangjual téh kudu dipaké nu mangpaat atawa keur kahadéan. Terus Ajengan Falah ngadu’a sangkan pamaksudan Kang Sabri tinekanan, kalawan lancar. “Ujang, engké mun rék rarabi ulah poho béjaan mama!”
“Kantenan mama, da ka saha deui abdi nyuhunkeun piwuruk téh,” kitu tembal Kang Sabri.
Bérés nepungan Ajengan Falah, kang Sabri ngadius nyemprung ka kalérkeun niatna rék nepungan ka haji Sobirin, nu boga sawah panglegana, nu dicaian ti Séké Béntang.     
Ngobrolna jeung haji Sobirin mah kang Sabri téh teu papanjangan, ngan ukur nepikeun yén tanahna nu aya Séké Béntangna aya nu nawar, urang dayeuh.
“Bilih cios diical ku abdi, bilih sawah téh kapayun mah kasaatan.” Ngadéngé kitu téh haji Sobirin teu loba omong, ngan kaciri siga nu rada hanjelu. Poé éta mah Kang Sabri henteu ngojég, kitu wé manggihan kabéh nu baroga sawah atawa balong nu caina ti Séké Béntang.

Heuleut sababaraha poé ti harita, pangeusi lembur obyag ku carita Séké Béntang rék dijual. Ngung-ngeng ti ditu ti dieu, biasa carita sahasta jadi sadeupa téa. Lolobana pakumaha-kumaha, kumaha lamun pancuran umum ditutup, kumaha lamun cai nu ka pasantrén dipendet, kumaha mun sawah kagaringan. Malah aya nu togmol ngomong majarkeun nu baroga sawah lega nu boga balong lantaran caina ti Séké Bentang, kuduna mah aya pamulang tarima ka nu méré cai. Aya deuih nu ngomong majar nu rék meulina téh jalma ti dayeuh, jelema gedé, engké caina rék diakut ku téngki, keur pausahaan nu nyieun cai keur nginum, nu diwadahan dina botol jeung gelas pelastik, mun enyaan kitu téh rék barempug warga sakampung rék udunan, keur meulina. Cenah urang dayeuh mah hawek sagala diduitkeun.  
Bébéné Kang Sabri gé nanyakeun, padahal imahna téh teu  salemburna, kawilang jauh, tapi jadi nyahoeun, duka teuing ti mana meunang béja.
“Kang, naha leres akang badé ngical tanah nu aya Séké Béntangna?”
“Ari niat pisan ngajual mah can buleud, keur ditimbang-timbang kénéh.”
“Kanggo naon artosna?”
Ngadéngé pananya siga kitu, Kang Sabri malik neuteup ka bébénéna, siga nu hayang ngajugjugan jero-jero haténa.
“Keur urang kawin.” Kitu jawaban Kang Sabri. Jep jempling lir gang katincak, ukur hawa tiis nu karasa ngagalasar kana kulit. Sanggeus rada lila paheneng-heneng, Kang Sabri ngomong siga nu ngabudalkeun eusi hatena.
“Yum, sanggeus bapa akang ngantunkeun, sasatna akang nu jadi pupuhu kulawarga, akang rido balik ka lembur sangkan bisa nungguan ema nu geus kasebut sepuh, nepi ka kuliah akang bangkar. Akang rido panghasilan tina ngojég keur biaya adi akang sakola. Yuyum mah leuheung bisa namatkeun najan ukur diploma, atuh gawé geus boga. Yum,…daék teu mun ku akang diajak bajuang nu bakal karasa peurih ngawelah rumah tangga sangkan anak urang boga harepan?”
Yuyum, bébéné Kang Sabri, ngajawabna ukur unggeuk jeung ngucek-ngucek ramona sorangan.    
“Yum, hayu ayeuna urang ka Séké Béntang, meungpeung soré kénéh.”
Satepina ka Séké Béntang, loba kénéh nu rék mandi di pancuran, atuh datangna Kang Sabri jeung bébénéna pada ngeuleuh-ngeuleuh majarkeun aya widadari badé ngaroris leuwi sipatahunan. Kang Sabri jeung Yuyum mah tonggoy wé bari pupuntenan.
“Tuh Yum, tingali éngkang-éngkang ngabagéakeun urang duaan. Iraha nya akang jadi éngkang-éngkang ngadon ngojay bareng jeung Yuyum.” Yuyum ukur seuri leutik jeung nyiwit deudeuh ka Kang Sabri. Kang Sabri tutunjuk kana sawah indungna, kana wates tanah, cenah ti sawah éta bisa dahar sapopoé. Teu lega sawah nu indungna mah ukur mahi sausum di dahar ku tiluan. “Yum hayu urang kumpulkeun anak urang, urang didik sina jadi jendral, sina jadi panalungtik, sina jadi jalma wanian, sina jadi tukang ngalalana, nu bisa ngitung legana dunya, nu bisa ngitung legana langit, urang jadikeun Séké Béntang tempat ngamimitian hirup jeung pangharepan.”
“Geuning siga dina iklan,” cék Yuyum.
“Béda Yum, harepan mah lain tina susu kaléng, tapi tina susu nu jadi indung, tina lemah cai nu dimumulé.”
Tuh itu rungkun awi, tuh itu rungkun saliara, éta nu bakal méré pangharepen. Yuyum dibawa kukurusukan nanjak ka tonggoh, tah ieu kebon, tina tangkal jéngkol, tina tangkal rambutan, tina tangkal nangka, tina tangkal manggu, tina tangkal peuteuy nu bakal méré pangharepan keur anak kahareupna, jeung keur nyakolakeun nu jadi adi. 
Tuluy Kang Sabri ngabamblam, dina sawah nu indungna sawaréh rék dipelakan kangkung, diatur sangkan bisa kaala unggal minggu, jualeun ka pasar. Atuh deukeut imahna rék melak waluh léjét nu lega,sarua jualeun ka pasar. Handapeun tatangkalan gedé rék nyieun petétan, binih tatangkalan nu loba rupana,  bibit tangkal huni, sawo, samolo, kadu, manggu, kahayang mah kabéh bubuahan nu aya di tatar Sunda kabéh aya bibitna, jualeun ka urang dayeuh.

Béja Séké Béntang rék dijual ladang ngajualna rék dipaké kawin beuki nerekab. Komo sanggeus ka imah Kang Sabri aya tamu urang dayeuh, aya kana sapuluh jelemana, mobilna gé aya dua, mobil aralus wungkul. Tamu téh kabéh diiringkeun ka Séké Béntang. Kang Sabri mah teu loba omong, malah kasebut beuki numpi, mun aya nu nanya cukup ku ngajawab duka bari diémbohan ku nyebut tambah lieur abdi mah. Komo sanggeus Kang Sabri jeung Yuyum, ngulampreng ka Séké Béntang, béja téh tambah sahéng yén Kang Sabri téréh kawin, hartina Séké Béntang téréh dijual. Nu kacida élésékéng mah haji Sobirin, da enya mun seug téa mah Séké Béntang dijual tuluy caina dikunjal maké mobil téngki dibawa ka dayeuh, meureun sawah nu tadina léndo téh bakal garing, bakal gambrung. Nepi ka hiji poé mah haji Sobirin ngahaja nepungan ka Kang Sabri, nepi ka ragrag ucap unggal panén jeung unggal ngabedahkeun balong rék méré bagian ka Kang Sabri, cenah éta téh kasapukan ti unggal nu boga sawah jeung nu boga balong. Kang Sabri ukur ceuleumeut ngadéngé kitu téh bari ngomong “Nganuhunkeun pisan kana kasaéanana, saréatna mung abdi sareng bapa nu nyakséni kana ieu cariosan téh, hakékatna mah tangtos pangéran nu murbéng alam gé sami nyakséni.”
“Ih enya kitu pisan da bapa gé rido lillahitaala, kahayang bapa mah ulah nepi ka dijual.”
Kang Sabri buru-buru ngajawab “Numawi abdi mah tambih bingung ieu téh, margi sepuhna Yuyum tos nanaroskeun baé.”

Enya wé, jangjina haji Sobirin teu nyalahan, da buktina sabérés panén, ka imah Kang Sabri aya nu ngirim paré sababaraha karung, atuh lauk emas gé mindeng nampa najan teu loba ukur sakilo atawa dua kilo, majarkeun téh sakadar lulumayanan. Lila-lila béja soal Séké Béntang rék dijual rada niisan, aya éta gé harewos bojong mah cenah nu rék meulina keur aras-urus paijinan, ngurus perkara nu kitu lain waktu nu sakeudeung. Nepi ka waktuna Kang Sabri pruk kawin, Séké Béntang tetep teu dijual, pangna buru-buru kawin lantaran kolotna Yuyum geus ngadongsok, majarkeun bisi keuna ku pitenah. Duka teuing timana Kang Sabri boga duit keur modal kawin, euweuh béjana. Kariaan kawinan téh teu burung ramé, béas panyambungan jul-jol ti ditu ti dieu, aya nu méré hayam, malah aya nu méré domba, geus puguh ari lauk cai mah. Santri-santri ti pasantrén Ajengan Falah mah dialeutkeun bari papada nyuhun suluh. Atuh mokaha béas teu kudu meuli, hayam, domba mah loba nu teu kapeuncit kitu deui suluh sésana ngabugbrug kénéh.
Aya nu nanya ka juru tulis désa perkara Séké Béntang dina waktu kariaan kawin Kang Sabri, di jawabna tandes pisan “Teu cios diical, da nu bade mésérna mundur margi abot saratna.”
“Naha naon saratna téh?”
“Kedah nawis perjanjian di payuneun notaris nu eusina moal ngakut cai sanaos mung sagelas pelastik.”  Ngadéngé jawaban kitu téh nu nanya unggut-unggutan.
Ari Ajengan Falah mah sigana geus surti ti anggalna kénéh yén Kang Sabri ngagegedékeun béja Séké Bentang rék dijual téh aya maksud lain, nyaéta supaya nu baroga sawah nu dicaian ti Séké Béntang, mantuan kana pangabutuh Kang Sabri keur kawin. Bisaan budak téh ménta ku cara lemes, kitu gerentes haté Ajengan Falah, ngan buru-buru istigfar bisi dianggap suudon.
Dina waktuna oléng panganténan, Kang Sabri nangkeup Yuyum bari ngaharéwos “Hayu Yum, urang laksanakeun hayang boga budak pijéndraleun téh.”
Yuyum ngadilak.

(Dimuat di Tribun Jabar Salasa 17/9/2013, Rebo 18/9/2013, Kemis 19/9/2013)

01 September 2013

Carpon : JAMPE NGIMPI

Ku : MAMAT SASMITA



Bada lohor, Kang Sabri ngadon reureuh di warung Aki Oléh.  Genah nundutan didinya mah. Ngilu nyempod dina gigireun tumpukan barabadan, bari nyarandé kana tihang imah. Angin ngahiliwir neumbag kana awak, asa jadi dipépéndé. Panon peureum hayam, mun kasaréan téh bisa nepi ka soré ngajéngjéhé di dinya mah.
Ragamang leungeunna kana korang nu anyar dianyam, nu can dibébérés, nu masih kénéh cokrom ku bulu pangrautan. Dialak-ilik. Kacida wewegna beunang nganyam Aki Oléh mah. Dialak-ilik deui. Koréjat kang Sabri hudang, sok korang diteundeun kana urutna. Diéngké-éngké mah matak béakeun waktu. Koréléng ka pipir warung, didinya aya sumur, wadah caina  cukup ku émbér, tuluy wudu. Karasa cai nyecep, ngabasuh kana beungeut, kana kulit leungeun, kana siku, kana suku, parat kana tuur. Palebah tarang rada dicokcrokeun. Nyecep, asa parat kana tulang sirah. Tunduh téh rada nyingray, geus keuna ku cai wudu mah. Tuluy asup ka tajug ngadon solat lohor, teu lega tajug téh ukur dua méter ka dua méter, kitu wé paranti nu lalar liwat mun rék solat.
Aki Oleh jeung pamajikanana, Nini Jumsih, aki-aki jeung nini-nini, teuing sabaraha umurna, ngan sainget Kang Sabri kacirina téh geus kitu, geus kolot ti bareto mula, tapi jagjag kénéh. Sapopoéna, ngawarung sisi jalan, cenah mah ngawarungna téh ti keur ngora kénéh, teu incah balilahan, didinya wé, malah jalan gé baheula mah masih jalan jajahan kénéh, jalan paranti nu ka sawah, ka kebon. Ayeuna mah jalan téh geus ramé da ngan éta jalan nu meulah lembur, nu brasna ka kota, ka pasar, ka masigit, ka kaum, ka balé désa, ka kacamatan. Imahna jeung warung téh ngahiji
Kaasup pangkolotna Aki Oléh mah di lembur éta téh, atuh kitu deui Nini Jumsih gé. Matak Aki Oléh mah apal pisan kumaha kamekaran lemburna, jlug-jleg imah, pangeusi lembur nu beuki gegek, atuh kitu deui kahirupan sapopoéna urang dinya. Geus genah hirup jaman ayeuna mah, hayang kamamana gé babari tinggal niatna, haying nanaon gé babari tinggal boga keur meulina, kitu omongan Aki Oléh. Da enya atuh kacida wekelna Aki Oléh mah, geura boga tanah sisi jalan, tukangeun warungna, sanajan teu pati lega, unggal waktu dipelakan sampeu, dipelakan cau, di pipir warungna rajeg tatangkalan, aya rambutan, aya mangga, aya jéngkol, aya nangka. Deukeut sumur dipelakan ku séréh, seureuh, léjét, ganyol, tangkal céngék ge aya, geus puguh bangsa jahé, cikur, konéng mah aya, nu teu melak teh bawang beureum jeung bawang bodas. Majarkeun hésé ngurusna jeung keun baé barang asakan teu maké bawang gé da moal matak weureu. Sawah gé boga ari keur sapopoé mah, da ukur hirup duaan. Tampolanana barang dahar téh cukup ku kulub sampeu atawa kulub cau atawa kulub ganyol gé geus seubeuh, teu matak ngurangan tanaga.
Dadaganganana nu utama mah nyadiakeun cai kopi.  Harga ngajualna sarua jeung harga sabungkus kopina nu sakali ninyuh. Kungsi aya nu nanyakeun naha teu rugi ngajual sakitu? Padahal apan kudu mirun seuneu kudu nyadiakeun suluh, kudu ngagolakeun cai. Ari jawabanana téh da seuneu mah teu kudu meuli, suluh mah tina pangrautan jeung meunang ngaroroték pangpung, tanaga mah éta amalna, teu kudu sagala diduitkeun, bisi leungiteun amanah. Teuing ka mana loyogna éta omongan Aki Oléh téh.

Bérés solat, Kang Sabri diuk deui, campego hareupeun Aki Oleh nu keur anteng ngaraut.
“Geuning birit korang téh carang aki” cek Kang Sabri, bari leungeunna ngodongkang kana korang nu tadi diilikan.
“Hih apan kitu ti baheulana.” Jawab Aki Oléh.
“Atuh dirobah wé ambéh mun ngawadahan burayak teu moncor.”
Aki Oléh ngarérét ka Kang Sabri bari ngomong “Ari barang gawé téh sagala rupa ge kudu apal prak-prakanana jeung kudu apal pok-pokanana.”
“Na kumaha kitu aki?”
“Heu-euh ieu mah cék kolot, cék kolot aki baheula, ti mimiti ngala awi, kudu apal kana mangsa ambéh awét kana barangna, meulah awi kudu apal kana uratna, ngarautna kudu apal lilingeranana. Ngaraut kudu nonggong kuya atawa ngabeuteung siraru, ambéh seseg anyamanana.” Aki Oléh ngarandeg heula ngomongna, ngadon ngaregot cai kopi tina bekong. Kang Sabri gé siga nu kabitaeun, tuluy ménta dipangninyuhkeun cai kopi ka Nini Jumsih. Cai kopi dina gelas kaciri ngebul, nandakeun ditinyuh ku cai panas ngagolak meunang nyiuk tina sééng luhureun hawu, lain ditinyuh ku cai baleuy.
“Ari pok-pokan, maksudna mah saduk-saduk ménta ijin, da sahenteuna awi nu rék dituar téh tunggal mahluk pangéran kénéh, kudu ngucap basmalah heula. Kitu deui dina niat rék nyieun hiji barang, antara haté, ucap jeung lampah téh kudu saluyu, kudu sareundeuk saigel, ulah pakia-kia. Korang téh wadah lauk, keur nu ngala lauk ti walungan, mun ditilik kalawan telek apan siga dada, aya taktakna, aya beuheungna. Éta téh jadi tangara mun ngaragap korang sarua jeung ngaragap angen sorangan. Mun lauk nu beunang ku kecrik atawa ku useup anakna kénéh, bakal moncor tina birit korang, ulah diala, lantaran pibakaleun jadi bibit, kitu deui mun teu asup kana beuheung korang ulah diala lantaran bakal ngagedéan, bakal anakan, bakal baranahan.”
Kang Sabri ukur unggut-unggutan.
“Éta téh kabéh gé siloka, yén urang ulah hawek.” Kitu cék Aki Oléh, ditungtungan ku ngomong “Hampura aki nya, teu niat nyanyahoanan, da bongan maké ditanya, jeung ongkoh deuih aki gé ukur béja ti kolot baheula, kitu pok-pokanana.”
Kang Sabri masih kénéh ngahuleng, ras kana dirina, mangkaning mun nguseup téh sok hayang sagala dirampid, mun wenang mah haying sagala diala, rumasa teu ngarti kana siloka ti karuhun, padahal mamawa korang téh meh unggal waktu, da resep pisan nguseup di walungan téh.
Kang Sabri méh-méhan poho, lantaran ngulampreng ka warung Aki Oléh téh salian ti rék nginum cikopi jeung rék ngilu solat di tajug, aya deui nu rék ditanyakeun ka Aki Oléh, ngan rada teu umum, sok sieun disebut teu uyahan. Tungtungna ngarongkong kana ayakan, nu patumpang tindih jeung korang.
“Ieu ki nu ngarautna kedah nonggong kuya téh?”
Aki Oléh ngarérét kana ayakan nu keur dicekel ku Kang Sabri “Enya, da nganyam ayakan mah kudu pisan ngarautna nonggong kuya atawa ngabeuteung sirarau téh.”
Aki Oléh tuluy ngomong “Baheula mah aya wanda lawon nu disebut kalangkang ayakan.”
“Lawon téh kaén ki?”
“Heu-euh kaén keur dijieun samping, ayeuna mah rajeun disebut sarung poléng téa.”
Kang Sabri ngarigidig mawa ayakan ka nu panas, nu kapentrang ku panon poé, sigana haying ningali kalangkang ayakan, tuh geuning kalangkang ayakan téh teu béda ti bodas hideungna papan catur, Kang Sabri inget kana papan catur nu geus kuleuheu di pangkalan ojég. Da enya ngan ukur jadi tukang ojég nu bisa dilakukeun ku Kang Sabri keur ngabayuan kulawarga sapopoé.
“Cék kolot baheula mah ayakan atawa sair téh sarua jeung satungkebing jagat, geura sok tangkubkeun ayakanana, éta téh sarua jeung nangkubna langit. Kolot baheula mah sok nyebut kosong jeung eusi, dua papasangan nu salawasna aya dina hirup, aya senang aya susah, aya poék aya caang, aya hadé aya goréng, diayakna hirup urang téh ku éta, ku hadé jeung goréng, ku susah jeung senang. Sarung Poléng bodas hideung téh baheula mah sok dipaké ku pandita, disebutna poléng puranteng.”
Kang Sabri ukur seuri maur ngadéngé omongan Aki Oléh téh, teu nyangka ka dinya brasna. Ras kana dirina nu geus lila jadi tukang ojég, nu karasa asa mindeng susahna tibatan manggih senangna. Diayak antara susah jeung senang.

Beuki beurang mimiti jul-jol sasama tukang ojég kitu deui nu baralik ti sawah atawa ti kebon, ngadon reureuh di dinya jeung ngadon ngopi di warung Nini Jumsih.
Pamaksudan rék ngomong nu séjén ka Aki Oléh téh teu betus, kaburu loba jelema, éra, sieun dikékéak, komo ku sasama tukang ojég. Kang Sabri amitan ka Aki Oléh rék ka pangkalan ojég deui, sugan bisa nambah rejeki poé ieu. Teu ngaleuleungit tadi isuk geus meunang dua rit mawa nu rék nyaba, jeung nu rék ka pasar, nu rék nyaba mah méré ongkosna gé rada onjoy, da bari ménta dido’akeun sangkan usahana mucekil di dayeuh, lumayan keur ngabanjel dahar sakulawarga poé ieu. Motor Kang Sabri ngagerung dina jalan balay nu renjul, bras ka jalan désa nu leuwih ruksak, komo mun usum hujan, jalan téh nya leueur nya ledok, mun teu tapis ngamaénkeun setang motor téh matak tikusruk, matak ngajurahroh. Hasil tatanén loba nu teu kaakut, sakalieun aya treuk nu maksakeun téh, beu éta momotna sagala diakut, sagala ditumpuk, matak paur nu ningali. Teuing iraha rék dioméanana jalan teh. Sigana mun jalan geus dioméan mah kana motor gé ngageleser, moal matak olok ban. Ayeuna mah ban motor teh teu kaur jagjag, kudu we bitu téa, kempés tea, geus puguh ari ban jero mah, kapan ban luar gé matak téréh nyuriwidil da kahakan ku seuseukeut batu. Ngahutang mah ngahutang, matak éra ka tukang béngkél, ari bocor ban jero bisa kénéh ditambal ku sorangan, kitu ge mun aya kompana. Sabenerna aya jalan séjén nu leuwih deukeut boh ka pasar boh ka kota téh ngan hanjakal sasak di Cikidang geus ruksak. Ruksakna lain ngan ukur luhurna tapi jeung beusina, geus pinuh ku karaha, tong boro diliwatan ku motor ku nu leumpang gé kudu pipilih, paur, oyéd pisan.
“Heu-euh, meureun..!”  Kang Sabri ujug-ujug ngomong kitu, padahal apan keur tumpak motor, ngamaénkeun setang motor nyingkahan logak nu gudawang di tengah jalan. Éta pédah pikiranana keur mapantes sikep Aki Oléh, lantaran hirupna téh siga nu pasrah pisan, sadrah kana kadar. Meureun pédah geus kolot, mun panon poé mah téréh surup.  Sedengkeun ari Kang Sabri masih ngora kénéh, budak dua, nu panggedéna kakara asup sakola dasar, cék saréat mah panjang kénéh lalakon. Teu loba paménta ka nu keur kawasa téh, pira gé hayang dioméan jalan jeung sasak Cikidang. Atuh da ayeuna mah kana motor ojég téh babari pisan ruksak, ka béngkél mah mindeng pisan, geus puguh ari ban bitu mah kalan-kalan sapoé téh noron. Kaayaan kitu téh kapan matak pugag kana pagawéan. Komo deuih unggal isuk-isuk kudu wé nganteur anakna ka sakola nu kakara asup sakola dasar, mangmeuntaskeun kana sasak reyod, teu téga ari dileupas sina sorangan mah, paur tikoséwad dina sasakna. Mangkaning luhur, di handapna, Cikidang caina nyéot, komo usum hujan mah nya leuleur nya caah. Sabenerna hal jalan ruksak teh geus dimusawarahkeun ku warga kampung jeung Tua Kampung, terus ditepikeun ka Lurah, sangkan ditepikeun ka Camat, satuluyna sangkan ditepikeun ka Kepala Dinas, ka Bupati, ka Gubernur, ka Mentri , ka Presidén. Engké kaputusanana balik deui, éta teh can tangtu disatujuan. Walah panjangna, boa kaburu ganti nu jenengna gé.Beu, bati nyeri beuheung sosonggéteun nungguanana gé.  Kalan-kalan Kang Sabri sok nalipak manéh, na kudu teuing mikiran nu kitu patut, tapi balik deui, mun jalan alus, mun jambatan alus, meureun duit nu dipaké ka béngkél , duit nu dipaké meuli ban, bisa dicéngcéléngankeun, keur jaga nyakolakeun anak.
Sanepina Kang Sabri ka pangkalan ojég, sasama tukang ojég aya sababaraha urang, aya nu keur nundutan dina sasaungan, aya deui nu keur maén catur tamba kesel. Kang Sabri gé ngilu ngiuhan dina sasaungan.
“Giliran urang ayeuna téh nya?” omong Kang Sabri.
“Enya” cék nu keur nundutan. 

 Sababaraha poé ti harita, Kang Sabri geus andekak deui baé di warungna Nini Jumsih, ngadon ngopi jeung cacamuilan ngadahar goréng sampeu, goréng hui jeung goréng cau. Gilig dina haténa aya nu rék aya nu ditanyakeun téa ka Aki Oleh, keun baé disungseurikeun gé.
Mimitina mah ngadeukeutan Nini Jumsih, api-api rék milu siduru, da enya masing geus rada beurang gé masih karasa tiris, sigana geus rék asup kana usum halodo. Genah cingogo hareupeun hawu mah, bari mantuan ngasur-ngasur suluh. Nini Jumsih keur nutu gaplék dina jubleg, nutuna ge bari diuk wé dina jojodog. Sigana rék nyieun awug Nini Jumsih téh.
“Nini, ari aki gaduheun jangjawokan jampé hoyong ngimpi?” semu ngaharéwos nanya ka Nini Jumsih.
“Ngimpi naon ujang?”
“Hoyong ngimpi pendak sareng…..eh sanés kitu, tapi itu ngimpi pendak sareng abdi !”
“Bogaeun wé meureun.”
Tayohna obrolan Kang Sabri jeung Nini Jumsih téh kadéngéeun ku Aki Oléh, da béhna Aki Oléh némbal ti juru tepas  imah paranti Aki Olé ngaraut awi, rada tarik.
“Lah boga jampé ti mana, mun dék gé manéhna, nini..”
“Ih, ulah sok tadah tuduh ka batur, pamali !” cék Nini Jumsih teu éléh tarik.
 “Geuning baheula jaman keur ngora……..,” témbal Aki Oléh deui, ngan teu kebat, teuing ku naon.
Ngadéngé kitu Nini Jumsih seuri ngagikgik, bari leungeunna ngayak tipung gaplék ku kalo.
“Na kumaha kitu jaman nuju anom téh nini,” cék Kang Sabri.
“Tanyakeun wé ka ditu!” cék Nini Jumsih deui bari semu nunjuk ka tepas, ka Aki Oléh meureun maksudna mah.
Kang Sabri gé ka luar ti pawon, ngadeukeutan ka Aki Oléh, teu poho bari mawa gelas cikopi.
Derekdek Aki Oléh ngadongéngkeun jaman keur ngorana, jaman keur lalagasan, canah méh unggal peuting nu kaimpikeun téh ukur Nini Jumsih, aya sangkaan dirina diomé atawa diparabun ku Nini Jumsih. Kondéal aya kahayang sangkan sabalikna, sangkan  Nini Jumsih nu ngimpi panggih jeung dirina, terus tatanya ka nu leuwih kolot niatna mah ménta jampé sangkan nu di tuju ngimpikeun dirina. Geus aya nu mere, tuluy dilakonan saratna, da kudu dibeuli cenah, ti mimiti puasa tujuh peuting noron, bari diwiridkeun, poé ka tujuh kudu ngeueum di leuwi sapeuting jeput. Atuh lamun rék dipetakeun éta jampé kudu mandi heula di tujuh pancuran.
“Ku aki, kabéh papatah téh dilakonan, teuing matih henteuna mah, ngan aki tambah monténg pikiran ka manéhna, najan bukti apan kauntun tipung katambang béas, kalakonan ngahiji jeung manéhna, meureun sabenerna mah papada bogoh wé.” 
“Jadi kami téh dipélét nyah..?” kadéngé Nini Jumsih ngagorowok ti pawon. Gororwokna Nini Jumsih teu diwaro ku Aki Oléh, tonggoy we ngaraut awi bahan keur nganyam. Kang Sabri seuri ngahéhéh.
Kitu dongéng Aki Oléh téh, ditungtungan ku ngomong “Ulah sok gindi pikir lalaki mah bisi katulah, maké jeung hayang ngimpi jeung nu séjén sagala, anggur mah dimémén-mémén nu aya.”
“Heu-euh, lalaki teu uyahan nu ktu patut mah, kudu karunya ka nu di imah.” Nini Jumsih ngagorowok deui ngéngklokan omongan Aki Oléh. Kang Sabri api-api teu ngadéngé.
“Kumaha aki jampena teh?” Ngomong kitu téh Kang Sabri bari ngadengo ka Aki Oléh
“Na urang mana jang, urang dieu?”
“Sanés urang dieu aki, urang dayeuh.”
“Uluh jauh geuning. Maksud ujang téh kumaha kitu?”
“Muhun, manéhna téh sina ngimpi nganjang ka dieu, sugan wé tos ngimpi mah hoyongeun ameng ka dieu.”
“Awéwé eta téh jang?”
“Sanés awéwé, lalaki!”
“Aeh, dulur ujang éta téh?”
“Sanés, tapi gegedén!”
“Na saha atuh, gegedén kumaha?”
“Bupati, bapa Bupati ki!”
Aki Oléh ngahuleng siga nu reuwas bari neuteup semu molotot ka Kang Sabri. Kang Sabri ngebetem asa hanjakal kalepasan ngomong.  Celengkeung téh Nini Jumsih ngomong ti pawon “Lahuta teuing, kahadé bisi jadi matak, ulah ngomé teu pararuguh.”
Gorolang Kang Sabri ngomong, majarkeun maksudna lain niat goréng ngan sina datang ka lembur téh ambéh sidik kana kaayaan di pilemburan, ambéh jalan dioméan, ambéh sasak dioméan, ambéh ngabangun puskesmas, supaya nu gering teu maot di jalan, ambéh barudak nu sakola teu kakarayapan dina sasak butut. Kapan kitu jangjina waktu keur kampanye.
“Aki, wios abdi teu dipasihan jampé ngimpi gé, da aki mah tos kataékan ngawatek jampé ngimpi téh, ku aki wé atuh dioména sangkan gegedén teh jol ka dieu.” Cek Kang Sabri bari ngodok dompétna, ngaluarkeun sesebitan koran jeung selebaran waktu kampanye. “ Ieu aya namina, yuswana, wetonna, alamatna, fotona sareng nami ibu ramana,” bari ngagolérkeun sesebitan koran téa jeung selebaran kampanye nu aya data bapa Bupati, di hareupeun Aki Oléh.
“Atuh diondang wé kadieu, meureun bakal datang,” cek Nini Jumsih ti pawon.
“Lah diondang mah matak olok kéjo nini, matak olok tuangeun kanggo susuguhna, da geuning nguping mah kedah meuncit hayam, meuncit domba, kedah ngabedahkeun balong sagala. Karunya ka tua kampung sok dagdag-dégdég, nu ripuh mah urang dieu kénéh. Sae ku cara lantip nini.”
“Mun ka dieu téh ku nini rék disuguhan awug,” cék Nini Jumsih.
“Atuda nu kitu mah jol téh tara nyalira, kédah we dialeut-aleut, geura nu ngiringkeunana gé aya kana tilu beusna, nyuguhan awugna gé kedah aya sapuluh nyiru mah,” témbal Kang Sabri. Nini Jumsih teu ngomong deui, kitu deui  Aki Oléh, teu ngomong sakemék, waktu Kang Sabri amitan gé, Aki Oléh ukur ngajawab  “Heug.”

Isukna, isuk-isuk, masih rebun kénéh, cireumis gé masih ngagaréndang kénéh. Aki Oléh masih ngaguher kénéh, da peutingna guling gasahan teu daék saré. Nini Jumsih mah geus ngosrek sasapu di buruan, nyapuan pangrautan, tuluy pangrautan mah dipisahkeun keur suluh. Dina runtah nu disapukeun aya sesebitan koran jeung selebaran kampanye ti Kang Sabri, ngumpul  jeung tumpukan runtah, gur diduruk, haseupna luak-léok kabawa angin, léosna kamana boa***

(Dimuat Tribun Jabar Salasa 27/8/2013, Rebo 28/8/2013, Kemis 29/8/2013)