Nganyam
kecap asalna anyam, nyaéta ngawujudkeun hiji barang tina awi, pandan, hoé,
beunang ngahua atawa beunang nyuwak ku jalan dipacorokkeun atawa dipaselupkeun.
Ku jalan nganyam diantarana bisa nyieun wawadahan, upamana boboko, tolombong,
ayakan jeung sajabana ti éta.
Tutuwuhan nu
sok dijieun anyaman sanggeus diolah diantarana awi, pandan, hoé jeung mendong.
Kaparigelan dina ngolah bahan jadi anyaman, mangrupa kaweruh dina
ngamangpaatkeun sumber daya alam nu aya di sabudeureunana pikeun jadi
barang-barang praktis nu bisa dipaké sapopoé. Ieu kaweruh téh tangtuna lain
ujug-ujug aya, tapi ngaliwatan prosés diajar sanggeus niténan kaayaan alam
lingkunganana tur diadumaniskeun jeung pangabutuh sapopoé dibarengan ku sikep
budaya saperti sistem réligi jeung cara-cara ritual atawa upacara kaagamaan nu
diagemna.
Bisa jadi
ieu pangaweruh téh alatan pagiling-gisik jeung budaya luar nu kungsi datang,
dina harti silih pangaruhan jeung budaya séjén nu kungsi datang. Lantaran kecap
anyam lain baé milikna urang Sunda, sanajan rada béda ngucapkeunana, tapi
sigana asalna mah tina kecap nu sarua. Contona nganam (Madura), manyeuem
(Aceh), maanyam (Padang), angannang (Bugis), nganam (Sumbawa), ngana (Bima).
Dina naskah
Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) aya nu disebut anyam cayut,
kecap anyam cayut kapanggih deui dina buku yasana J.E Jasper jeung M.Pirngadie
(De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie jilid I, 1912). Hartina
cayut dina kamus Sunda-Belanda (Coolsma 1913) nyaéta wawadahan tina anyaman
daun gebang. Ngan dina Sanghyang Siksakandang Karesian mah anyam cayut téh
kagolongkeun kana rupa (motif) lawon, lain anyaman tina awi atawa hoé.
Najan kitu, nyieun
lawon (ninun) dasarna nganyam kénéh, jeung ongkoh deuih kecap anyam cayut masih
kénéh dipaké nepi ka awal abad ka 20, méh lima ratus taun sanggeus ditulis dina
daun lontar.
Hasil
panalungtikan Ganjar Sakri, yén anyam lemes tina awi di Tasikmalaya mimitina ti
taun 1890, dimimitian ku Martadinata ( sanggeus munggah haji ganti ngaran jadi
Haji Suhéh). Nu disebut anyaman lemes tina awi téh mangrupa anyaman awi nu
bahanna di raut nepi ka ipis jeung leutik, demi barang nu dijieunna
sabangsaning dompét, kimpul, dudukuy cetok jeung salian ti éta. Anyaman lemes
nu dipigawé ku Haji Suhéh kacida kawentarna nepi ka Haji Suhéh diangkat jadi
guru karajinan di sababaraha tempat samisal di Ngawi, Nganjuk, malah nepi ka
Makasar, taun 1919 Haji Suhéh tilar dunya di lemburna nyaéta di Parakanhonjé.
Satuluyna
anyaman lemes tina awi dimekarkeun ku Nataatmaja (katelah Haji Abdulah Mansur)
kuwu Parakanhonjé jaman harita. Kasebut
pangmajuna antara taun 1921-1927. Kuwu
Parakanhonjé dina ngamajukeun anyaman awi téh babarengan jeung urang Walanda nu
ngaranna Olivier, hasilna katelah topi rangkay.
Bahan
anyaman.
1. Awi.
1. Awi.
Dina milih awi alusna mah ulah nu ngora teuing atawa nu
kolot teuing, cék tukang nganyam mah nu alus teh umurna geus tilu usum, antara
satuan satengah nepi ka dua taun. Awi dipilih nu bukuna lantas. Sangkan awi awét
dipakena kudu dipiceun heula panyakit atawa hama nu napel dina awi, ku jalan
dikeueum salila dua minggu (aya nu sok maké obat kimia). Awi dibeulah dijieun
sabébék-sabébék kira-kira lebarna antara 3-4 cm, tuluy dihua, sabébék téh sok
meunang opat lambar hasil ngahua, tidinya disebitan deui laleutik sok disebut
irateun. Sangkan bahan keur nganyam leuwih lemes sok terus diraut. Ngarautna
aya nu disebut wangun beuteung siraru nyaeta bagian tengahna rada kandel,
sangkan hasil anyamanana leuwih seseg.
2. Pandan.
Biasana nu dipaké keur bahan anyaman disebut pandan
jaksi, daun pandan nu dipilih mun ngitung ti luhur, ti pucukna,nu kawilang alus
téh lambar ka opat nepi ka lambar ka dalapan, nu ukuran panjangna kira-kira
70-90 cm. Cucuk daun pandan dipiceun make panyucuk atawa langsung disuak make
panyuakan nepi ka lebarna antara 3-5 mm, gumantung kana kaperluan anyaman.
Pandan beunang nyuakan tuluy digodog sangkan
geutahna kapiceun tur sangkan jadi bodas jeung leuwih leuleus, tuluy dipoé nepi
ka garing. Méméh dipaké kudu dipaud heula, sangkan lambaranana henteu mulintir
jeung leuwih lemes. Lambaran pandan bahan anyaman beunang maud téh disebut morés.
Lamun morés hayang robah warna, sok digodog deui maké zat warna luyu jeung
kaperluanana, dipaud deui.
Ti dinya kakara bisa dianyam.
Bahan
anyaman séjén nu mindeng dipaké nyaéta hoé jeung méndong. Hoé beunang nyisitan
(bisana keur tali wengku) sok disebut hata. Bahan anyaman lian antarana daun
kalapa, daun kawung, gebang jeung kiray.
Istilah
Nganyam.
1. Pihuntuan, nu misahkeun antara anyaman beulah kénca jeung anyaman beulah katuhu.
2. Rungkupan, jumlah tumpang tindihna atawa paselupna anyaman. Aya rungkup 3, rungkup 2 jeung rungkup 1.
3. Pisalahan, anyaman nu disusun sabalikna tina pihuntuan.
4. Dijuruan, ieu mah dihususkeun keur anyaman anu aya juruna, saperti boboko, pipiti, tolombong.
5. Birit, anyaman bagian handap atawa bujurna nu maké juru.
6. Dilépé, dina panganggeusan nganyam aya bagian nu ditilepkeun, contona dina anyaman pipiti.
7. Pongpok, dilarapkeun kana anyaman nu teu jangkep di opat bagian sisina, biasana pongpok dilarapkeun kana anyaman aseupan jeung dudukuy cetok.
8. Sahanca, nganyam nu teu kahalangan nu ciri lain, upamana nganyam boboko bagian luhurna.
9. Saréngsé, ieu istilah kapanggihna dina nganyam boboko, dingkul bagian biritna.
10. Sarungsum, nambahan jumlah bahan anyaman supaya ukuranana ngabeukahan.
11. Didendang, bagian nu rek dilepe kudu leuwih panjang, upamana dina nganyam pipiti.
Anyaman
dasar
1. Sasag, antara lusi jeung pakan ngawangun juru 90 derajat.
2. Képang ( anyaman sérong), dina anyaman wangun képang (diagonal) aya képang tanjeur jeung kepang tanjéng atawa képang halang. Biasana képang tanjeur leuwih seseg batan képang tanjéng.
3. Tarawangan, rajeun disebut anyaman béntang
1. Sasag, antara lusi jeung pakan ngawangun juru 90 derajat.
2. Képang ( anyaman sérong), dina anyaman wangun képang (diagonal) aya képang tanjeur jeung kepang tanjéng atawa képang halang. Biasana képang tanjeur leuwih seseg batan képang tanjéng.
3. Tarawangan, rajeun disebut anyaman béntang
Ngaran ragam
(motif)anyaman
Dina buku
yasana J.E Jasper jeung M.Pirngadie (De Inlandsche Kunstnijverheid In
Nederlandsch Indie jilid I, 1912), disebutkeun rupa motif anyaman, diantarana :
1. Cirebon :
Mata walik, képang tanjeur, talaga ngembeng, susuk
geureun, birit manggu, baralak séngklét, képang kendeng, képang kubeng (képang
halang), kembang kopi, grinsing.
2. Singaparna :
Jungjulung, mérang awi, huntu kuda, siki bonténg,
kapipihi emplog, jungjulung modang, jawér kotok, karancang hideung, kendit,
kandang jaga.
3. Ciawi Tasikmalaya
Poléng sulam,
poléng cayut sisi, poléng cayut hideung, poléng cayut beureum, poléng
cayut tumoké, poléng gambir saketi, poléng éeréng, poléng sakoteng beureum, poléng
cayut gangsal, poléng kembang malati, poléng cayut campaka ratna, poléng cayut
renyu, poléng cayut samangka, babaléan, bakung, jampang, limus, waru, samboja,
jajantungan, buntut saéran
4. Tasikmalaya
Poléng alketip, poléng kobar, kembang cengkéh,
matawalik, mata walik tabur, poléng banji, poléng rujak huni tabur, poléng daun
peuteuy, poléng limar, poléng kakawatan, birit manggu, poléng singkayo,
kakawatan pasagi, kakawatan salur, poléng katuncar mawur, poléng mata itik, poléng
beureum jambu.
5. Karawang
Matawalik, iga munding, tabur bintang, talaga
ngembeng, parang rusak, kepang tanjeur.
6. Pandéglang
6. Pandéglang
Matawalik, belah ketupat, kembang cengkéh, rarantéan,
wayang, kembang kadu, pacar cina, kotak manis, méga mendung.
Sakitu nu
tiasa didugikeun, ieu mah etang-etang malikeun deui emutan, yen urang Sunda
kungsi boga kabisa, jeung kungsi didokumentasikeun, hanjakalna dokumentasi teh
teu pati gembleng, loba keneh nu kaliwat. Tugas nu araya keneh keur
ngadokumentasikeunana, sangkan anak incu kahareup teu pareumeun obor.
Sumber
bacaan :
- 1. J.E Jasper jeung M.Pirngadie,De Inlandsche
Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie jilid I, 1912 sareng sababaraha gambarna
- 2. Ahmad Said, Seni Menganyam, CCP, 2006, sareng
gambarna
- 3.Ganjar Sakri, makalah, Tinjauan Historis
Perkembangan Kerajinan Tangan Anyaman Bambu Halus
4. Tasikmalaya, majalah Dimesi
Vol 7 No.1, 2009, sareng gambarna
- 5.
Kamus Basa Sunda R.A.Danadibrata
- 6.
Kamus Sunda-Inggris Hardjadinata