26 April 2012

Carpon : ISUKAN TANGGAL HIJI APRIL


Ku : MAMAT SASMITA


Mimitina mah imahna di kuloneun sakola dasar. Di hareupeun imahna téh aya guha, cenah mah éta téh guha Jepang. Sabenerna lain guha tapi bunker, keur neundeun mareim, cék kolot mah keur nakis serangan udara. Ma’lum pan daérah éta téh nampeu kana wates lapangan udara Andir. Jadi teu anéh mun aya bunker samodél kitu. Sarérétan mah siga gundukan taneuh, tuluy mucunghul témbok beton kandel, jangkungna kira-kira satangtung.  Legana aya kana saméter satengah kali saméter satengah mah, di luhureun témbok aya liang saasup awak kolot ditutupan ku beusi pelat. Barudak sakola mah sok arulin didinya, ngadon ucing sumput. Tutup beusina siga nu anyar jeung weweg, meureun ku sakola ngahaja ditutup, bisi barudak sakola nu arulin cilaka, bisi tugebrus kana guha.
Di luhuerun témbok éta Abah Ucup mindeng mulan, ngadon diuk ngajémprak dina mangsa bulan keur  caang mabra. Kituna téh mun keur usum halodo. Enya genah diuk didinya mah  asa jadi jalma pangjangkungna, asa jadi jalma pangluhurna, kitu cék Abah Ucup. Kalan-kalan mulan téh bareng jeung batur-baturna. Kitu wé ngadon ngobrol. Mun keur sosoranganan sok bari niup tarompét kendang penca. Tah alatan alus niup tarompétna Abah Ucup nepi ka diangkat jadi pagawé di sakola dasar éta, lain jadi guru tapi kitu wé purah beberesih, purah diutuh-étah, jadi pesuruh. Puguh wé Abah Ucup kacida bungahna, nepi ka sujud sukur sapada harita, kagambar kénéh dina ingetanana nampa surat kaputusan atawa bisluit téh tanggal hiji April taun tujuh puluh. Jadi pagawé nagri, jaman harita mah babari kénéh jadi pagawé nagri téh. Umurna kakara tilu puluh taun, geus boga budak hiji. Sabenerna saméméh diangkat gé Abah Ucup geus gawé di sakola, tapi gajihna ukur paméré ti guru-guru, ti nu haat ka dirina.
Kabiasaan mulan téh terus dilakonan, aya nu nyebut ngabungbang. Cék Abah Ucup, ngabungbang mah keur barudak leutik. Ari mulan mah keur kolot. Resep cenah, neuteup langit nu kacida legana, mun keur euweuh pepedut kacida atrana langit nu kaciri biru semu hideung, jero, luhur, euweuh tungtungna. Mun keur kitu, keur ningali bulan, bet sok hayang ngarontok, bulan hayang diais, dipapangku, dinangna-néngné, siga keur ngéyong orok. Nepi ka tatanggana loba nu nyebutkeun majarkeun Abah Ucup mah muhit kana bulan. Majarkeun pinterna Abah Ucup niup tarompét kendang penca téh pédah mindeng mulan bari niup tarompét. Loba nu nyarita kitu téh, Abah Ucup mah anteng wé, tara opénan. Kungsi éta gé aya guru di tempat gawéna nanyakeun naha enya Abah Ucup muhit kana bulan. Abah Ucup ukur seuri, cenah “Pa guru, cobi tingali bulan tengah wengi bet katingalna sapertos nu ngambang, sapertos nu ngapung. Langit sakitu legana, mung dieusi ku baranangna béntang sareng bulan. Upami dibalik, heug urang téh aya di bulan panginten dunya gé katingal alit.” Teuing ka mana loyogna éta jawaban  Abah Ucup téh. Ari ka nu séjén kungsi ngomong cenah resep ningali Nini Antéh keur ninun. Ari ka nu séjén deui ngomongna “Aya, aya hubunganana ningali bulan jeung niup tarompét, apan ieu bagian tina tarompét disebutna bulan sapasi.” Ngomong kituna téh bari ningalikeun tarompét bagian nu melengkung nu sok ngalakop pipi. Terus Abah Ucup nataan bagian-bagian tina tarompét, ti mimiti empét, bulan sapasi, beuheung, ruas, liang sora, ugel-ugel jeung kucubung.

Abah Ucup gawéna suhud, komo dina mangsa kudu maké saragam Korpri, bajuna teu weléh nyiripit, najan kaciri geus lalayu sekar. Upacara Korpri tara tinggaleun, malah sok pangheula da kudu tatahar sagala rupana di lapangan sakola. Penataran P4 gé ngilu, asa jadi jelema pangdihargaanana. Antara baju jeung haté sigana geus ngahiji, buméla ka tempat gawé sarua jeung buméla ka bangsa, ka nagara. Abah Ucup geus apal kana tugasna, tara baha ka dunungan. Komo lamun dititah narompét bareng jeung pakumpulan penca silat di sakola, barudak murid sakola obyag sina dialajar penca, diluluguan ku Pa Sastra, guru kahot, ngarangkep jadi guru kasenian. Mun geus dititah kitu, Abah Ucup giak pisan, tatahar sagalana. Tarompét ditatap diusap, dielapan ti anggalna kénéh, kitu deui kendang jeung kempul.
Lagu karesep Pa Sastra téh Kembang Beureum jeung Buah Kawung, enyaan Abah Ucup niup tarompétna téh dibarengan ku haté, da karasana nérététna sora tarompét lir keteg jajantung nu diayun ambing, ku Pa Sastra mah kapaké pisan. Kalan-kalan tina nabeuh tarompét, hasilna sok rada munel, sung-song ti para guru geus puguh ari ti Pa Sastra mah. Kungsi éta gé ngilu kana paguron penca silat, husus tukang niup tarompét, da ari kasenian kendang penca teu maké sora tarompét mah sarua wé jeung cai enteh bari, teu puguh karasana, teu mawa sumanget. Ngan teu lila, tamada ka ketua paguron penca silat, éra ku nagara cenah. Da dihenteu-henteu gé éta téh nyontang waktu gawé, najan guru nu jadi dununganana méré kalonggaran gé. Kaluarna téh sanggeus meunang bisluit jadi pagawé nagri téa.
Aya kabiasaan Abah Ucup di imahna nu teu meunang kaliwat nyaéta unggal tanggal 1 April kudu wé numpeng, cék Abah Ucup éta téh tanda sukur lantaran dipercaya ku nagara. Numpengna basajan wé cukup sangu koneng dicongcotkeun, deungeunna cukup ku endog dipasi-pasi ditambah ku urab. Didahar babarengan saanak-anak, teu kaliwat bari ngadu’a. Tuluy pepeling ka anak-anakna, biasa wé pépéling ti kolot ka nu jadi anak moal jauh tina nyebutkeun kudu suhud kudu jejem kudu jujur.
“Sasatna tina gajih Abah jadi pagawé nagri, hidep kabéh bisa dahar, bisa nginum, boga baju, bisa sakola. Saréatna tina gajih unggal bulan, hakékatna mah ti Nu Maha Kawasa.”

Pagawéan Abah Ucup téh loba, ti mimiti ngababad jukut, mémérés pager, nepi ka sasapu di unggal kelas jeung di rohang guru, geus puguh ari kancad kincid ka ditu ka dieu mah kumaha dititahna. Mun ditanya jawabna angger “Nuju mérésan nu teu bérés nun,” bari angger wé leungeun ngopépang mémérés pager. Datang ka pagawéan pangisukna, balik ti pagawéan pangsoréna. Kalan-kalan dina poé peré gé kudu datang ka sakola, ngadon bébérés. Tara kasebut jukut ngajejembrung atawa aya pager runtuh, pasiksak, ma’lum pan jaman harita mah pager gé pager tina awi, bari dipelakan ku tutuwuhan nu laleutik. Pager téh bérés, teu kaur tutuwuhanana ngajangkungan saeutik sok tuluy dipapras. Najan gawe teu eureun-eureun, tara aya basa ngarasula, atawa rumahuh, éstu sagala pagawéan gé dilaksanakeun kalawan jejem.

Gunta-ganti kapala sakola, dununganana, dirina angger jadi pasuruh, teu pindah pileumpangan sugan jadi tambah jeneng, atawa tambah kumaki, angger wé jadi tukang beberesih, angger ngababad jukut. Mun Abah Ucup aya nu nanya naon pangkatna, Abah Ucup ukur gideug, teu apal, nu penting unggal bulan nampa gajih, rék angger rék naék pangkat, rék naék gajih, tara itungan. Gedé rumasa pangabisa ukur ngababad jukut, gedé rumasa nu bisa ukur sasapu. Aya kahandeueul basa guha Jepang diurugan, témbok paranti dirina mulan diancurkeun, barangkalna dipaké ngurugan guha, palebah dinya tuluy dirarata dijieun taman. Haténa asa digerihan, titinggal sajarah ilang musna, pangpangna leungiteun paranti mulan, paranti ngararasakeun nyecepna hawa peuting, paranti ngararasakeun ciibun maseuhan dampal suku. Teu bisa majar kumaha da kitu kahayang dunungan, teu bisa baha kana paréntah dunungan.
Di luhureun témbok guha Jepang Abah ucup kungsi mapagahan anakna “Ujang tong sieun teu kabagéan pagawéan, tuh tingali bulan, tuh tingali bentang, tuh langit sakitu legana, éta téh lahan pagawéan. Sok itung sabaraha lobana bentang, sok ulik naha bulan cahayaan, sok ukur sakumaha legana langit, ngan ngitungna, ngulikna, ngukurna kudu jeung élmuna, pék geura sakola masing junun, ulah siga bapa disangka muhit kana bulan.”
Pirajeunan mulan nu biasana unggal bulan keur caang mabra geus arang dilakonan, paling ge neuteup ti hareupeun imahna, euweuh tempat deui nu merenah.

Ari di imahna, pamajikanana dadagangan, muka warung leuleutikan, kitu we nyadiakeun jajanan keur barudak, warungna nampeu nyanghareup kana pager sakola. Hasilna lumayan keur nambah-nambah pangabutuh sapopoé. Babari wé ngaladangan barudak téh da pager nu ngahalangan ukur pager awi, pira gé jangkung sacangkéng, atuh guru-guru gé loba nu ngadon jajan. Antara warung Abah Ucup jeung pager sakola aya jalan satapak paling gé ukur dua meter, ti warung atra ka palataran sakola.
Mangsa Abah Ucup umurna geus manjing pansiun, Abah Ucup nampa bisluit pangsiun. Kasebutna geus pangsiun, naha eureun tina pagaweanana ngababad jukut? Henteu, angger wé digawé, majarkeun da katanagaan kénéh. Euweuh béda keur Abah Ucup mah antara pangsiun jeung encan pangsiun téh, ngan gajih ngurangan saeutik, da tadina gé euweuh nu disebut tunjangan jabatan atawa tunjangan nanahaon deui. Guru-guru teu bisa ngahulag, cenah keun baé da kahayangna.
Aya kahanjelu, basa ku kapala sakola nu anyar, ngaganti pager awi ku pager témbok, jangkungna méh satangtung, atuh warungna kahalangan pisan, ngan lain éta nu jadi kahanjelu téh, tapi teu bisa deui mapras tutuwuhan nu jadi pager hirup. Jadi leungit tutuwuhan nu ngémploh héjo, nu mindeng dicébor, nu mindeng diomé. Jadi leungit segerna hawa isuk-isuk, jadi leungit ciibun nu sok nyakclakan, jadi leungit paranti kadal ngiuhan. Éta gé nanyakeun kunaon bet diganti, jawabna ambéh beresih, ambéh kuat jeung ambéh aman, hayang ngajawab sapada harita naha waktu pager ku awi ku tutuwuhan teu beresih atawa teu aman? Abah Ucup teu bisa majar kumaha, da kitu kapalay dunungan. Bawahan mah teu kudu loba tatanya, teu bisa kukumaha. Barudak nu jajan ngorotan, da hésé, mun rék jajan kudu nguriling heula ka luar sakola, atuh guru-guru nu jajan gé euweuh pisan, ongkoh deuih di jero sakola diadegkeun kantin sakola cenah gawé bareng jeung koperasi. Antukna warung ditutup. Abah Ucup tetep digawé sabiasana, buméla ka tempat gawe lain pédah pager tutuwuhan, lain pédah bisa muka warung, atuh di imahna nyieun sangu tumpeng unggal tanggal hiji April tetep dilakonan.

Basa imahna aya nu ngocal-ngocal rék aya nu meuli, Abah Ucup sabil, jual waé kitu? Ambéh teu kaduhung Abah Ucup ngabéjaan anakna nu panggedéna, nu geus jadi pagawé, jadi tukang ngitung béntang, jadi tukang ngintip langit, tukang nelek-nelek bulan jeung panon poé, jadi astronom di hiji lembaga élmu pangaweruh. Anakna satuju imah dijual, Abah Ucup pindah imah, meuli imah di komplek perumahan tina duit ladang ngajual imah nu deukeut sakola. Imah leutik camperenik, asal cukup keur duaan jeung pamajikanana, ngan pakaranganana milih nu rada lega, cenah keur incu ulin.
Ka sakola tempat digawéna tetep dilakonan, ngan basa umurna geus  genep puluh lima taun kakara ménta eureun, tanaga geus suda. Mun ningali ka urut imahna sok rada ngabalieur, didinya geus ngajengléng toko dua tingkat, nyadiakeun sagala rupa kaperluan nu sakola, ti mesin kopifoto nepi ka buku, patlot jeung sagala rupa alat tulis. Ngadéngé-ngadéngé mah cenah nu bogana téh dulurna kapala sakola. Pager tembok sakola ngahaja dibobok dijieun lawang, ambéh babari nu balanja, béhna kantin sakola gé pindah ka dinya.

Taun ieu umur Abah Ucup geus méh tujuh puluh dua taun, leumpang geus rada jumarigjeug. Di hareupeun imahna Abah Ucup keur ngelapan tarompét, dibukaan unggal buku, unggal sambunganana, diberesihan dicoba-coba ditiup, sorana harus kénéh.
“Isukan téh tanggal hiji April nya Ambu?” Kitu omongna ka pamajikanana.
“Enya, da geus sasadiaan béas jeung endog mah keur numpeng.”
“Entong, tanggal hiji April taun ieu mah teu kudu numpeng.” Abah Ucup ngomongna rada teugeug.
 “Naha, orokaya barudak jeung incu isukan rék kadarieu.” Témbal pamajikanana siga nu héran, asa tara-tara ti sasari, tanggal hiji April henteu numpeng.
“Keun baé kadarieu mah teu kudu disadiakeun tumpeng, anggur mah duitna tukeurkeun jadi récéh, geura bakal beuki loba nu ngamén jeung nu baramaén, bakal beuki loba nu jajaluk.”
Peutingna Abah ucup niup tarompét, nérétét lagu Kembang Beureum ditéma ku lagu Buah Kawung, sakolébatan pameunteu Pa Sastra suwargi siga nu némbongan, guru pangpengkuhna kana aturan. Tuluy ditema ku lagu Karatagan Pahlawan. Sora tarompét siga les-lesan, luyu jeung hégakna napas Abah Ucup nu geus sakitu kakolotanana. Dina télévisi loba nu silih témpas gara-gara harga béngsin rék naék méh tilu puluh persén mimiti tanggal hiji April

Rumah Baca Buku Sunda, Maret 2012

(dimuat dina Tribun Jabar Salasa 24 April 2012, Rebo 25 April 2012, Kemis 26 April 2012)

No comments: