Ku : MAMAT SASMITA
Mimitina mah imahna di kuloneun sakola dasar. Di hareupeun imahna téh aya guha, cenah mah éta téh guha Jepang. Sabenerna lain guha tapi bunker, keur neundeun mareim, cék kolot mah keur nakis serangan udara. Ma’lum pan daérah éta téh nampeu kana wates lapangan udara Andir. Jadi teu anéh mun aya bunker samodél kitu. Sarérétan mah siga gundukan taneuh, tuluy mucunghul témbok beton kandel, jangkungna kira-kira satangtung. Legana aya kana saméter satengah kali saméter satengah mah, di luhureun témbok aya liang saasup awak kolot ditutupan ku beusi pelat. Barudak sakola mah sok arulin didinya, ngadon ucing sumput. Tutup beusina siga nu anyar jeung weweg, meureun ku sakola ngahaja ditutup, bisi barudak sakola nu arulin cilaka, bisi tugebrus kana guha.
Di luhuerun témbok éta Abah Ucup mindeng
mulan, ngadon diuk ngajémprak dina mangsa bulan keur caang mabra. Kituna téh mun keur usum halodo. Enya
genah diuk didinya mah asa jadi jalma
pangjangkungna, asa jadi jalma pangluhurna, kitu cék Abah Ucup. Kalan-kalan
mulan téh bareng jeung batur-baturna. Kitu wé ngadon ngobrol. Mun keur
sosoranganan sok bari niup tarompét kendang penca. Tah alatan alus niup tarompétna
Abah Ucup nepi ka diangkat jadi pagawé di sakola dasar éta, lain jadi guru tapi
kitu wé purah beberesih, purah diutuh-étah, jadi pesuruh. Puguh wé Abah Ucup
kacida bungahna, nepi ka sujud sukur sapada harita, kagambar kénéh dina
ingetanana nampa surat kaputusan atawa bisluit téh tanggal hiji April taun
tujuh puluh. Jadi pagawé nagri, jaman harita mah babari kénéh jadi pagawé nagri
téh. Umurna kakara tilu puluh taun, geus boga budak hiji. Sabenerna saméméh
diangkat gé Abah Ucup geus gawé di sakola, tapi gajihna ukur paméré ti
guru-guru, ti nu haat ka dirina.
Kabiasaan mulan téh terus dilakonan, aya
nu nyebut ngabungbang. Cék Abah Ucup, ngabungbang mah keur barudak leutik. Ari
mulan mah keur kolot. Resep cenah, neuteup langit nu kacida legana, mun keur
euweuh pepedut kacida atrana langit nu kaciri biru semu hideung, jero, luhur,
euweuh tungtungna. Mun keur kitu, keur ningali bulan, bet sok hayang ngarontok,
bulan hayang diais, dipapangku, dinangna-néngné, siga keur ngéyong orok. Nepi
ka tatanggana loba nu nyebutkeun majarkeun Abah Ucup mah muhit kana bulan.
Majarkeun pinterna Abah Ucup niup tarompét kendang penca téh pédah mindeng
mulan bari niup tarompét. Loba nu nyarita kitu téh, Abah Ucup mah anteng wé,
tara opénan. Kungsi éta gé aya guru di tempat gawéna nanyakeun naha enya Abah
Ucup muhit kana bulan. Abah Ucup ukur seuri, cenah “Pa guru, cobi tingali bulan
tengah wengi bet katingalna sapertos nu ngambang, sapertos nu ngapung. Langit
sakitu legana, mung dieusi ku baranangna béntang sareng bulan. Upami dibalik,
heug urang téh aya di bulan panginten dunya gé katingal alit.” Teuing ka mana
loyogna éta jawaban Abah Ucup téh. Ari
ka nu séjén kungsi ngomong cenah resep ningali Nini Antéh keur ninun. Ari ka nu
séjén deui ngomongna “Aya, aya hubunganana ningali bulan jeung niup tarompét,
apan ieu bagian tina tarompét disebutna bulan sapasi.” Ngomong kituna téh bari
ningalikeun tarompét bagian nu melengkung nu sok ngalakop pipi. Terus Abah Ucup
nataan bagian-bagian tina tarompét, ti mimiti empét, bulan sapasi, beuheung,
ruas, liang sora, ugel-ugel jeung kucubung.
Abah Ucup gawéna suhud, komo dina mangsa
kudu maké saragam Korpri, bajuna teu weléh nyiripit, najan kaciri geus lalayu
sekar. Upacara Korpri tara tinggaleun, malah sok pangheula da kudu tatahar
sagala rupana di lapangan sakola. Penataran P4 gé ngilu, asa jadi jelema
pangdihargaanana. Antara baju jeung haté sigana geus ngahiji, buméla ka tempat
gawé sarua jeung buméla ka bangsa, ka nagara. Abah Ucup geus apal kana tugasna,
tara baha ka dunungan. Komo lamun dititah narompét bareng jeung pakumpulan
penca silat di sakola, barudak murid sakola obyag sina dialajar penca,
diluluguan ku Pa Sastra, guru kahot, ngarangkep jadi guru kasenian. Mun geus
dititah kitu, Abah Ucup giak pisan, tatahar sagalana. Tarompét ditatap diusap,
dielapan ti anggalna kénéh, kitu deui kendang jeung kempul.
Lagu karesep Pa Sastra téh Kembang
Beureum jeung Buah Kawung, enyaan Abah Ucup niup tarompétna téh dibarengan ku
haté, da karasana nérététna sora tarompét lir keteg jajantung nu diayun ambing,
ku Pa Sastra mah kapaké pisan. Kalan-kalan tina nabeuh tarompét, hasilna sok
rada munel, sung-song ti para guru geus puguh ari ti Pa Sastra mah. Kungsi éta
gé ngilu kana paguron penca silat, husus tukang niup tarompét, da ari kasenian
kendang penca teu maké sora tarompét mah sarua wé jeung cai enteh bari, teu
puguh karasana, teu mawa sumanget. Ngan teu lila, tamada ka ketua paguron penca
silat, éra ku nagara cenah. Da dihenteu-henteu gé éta téh nyontang waktu gawé,
najan guru nu jadi dununganana méré kalonggaran gé. Kaluarna téh sanggeus
meunang bisluit jadi pagawé nagri téa.
Aya kabiasaan Abah Ucup di imahna nu teu
meunang kaliwat nyaéta unggal tanggal 1 April kudu wé numpeng, cék Abah Ucup éta
téh tanda sukur lantaran dipercaya ku nagara. Numpengna basajan wé cukup sangu
koneng dicongcotkeun, deungeunna cukup ku endog dipasi-pasi ditambah ku urab. Didahar
babarengan saanak-anak, teu kaliwat bari ngadu’a. Tuluy pepeling ka
anak-anakna, biasa wé pépéling ti kolot ka nu jadi anak moal jauh tina
nyebutkeun kudu suhud kudu jejem kudu jujur.
“Sasatna tina gajih Abah jadi pagawé nagri,
hidep kabéh bisa dahar, bisa nginum, boga baju, bisa sakola. Saréatna tina
gajih unggal bulan, hakékatna mah ti Nu Maha Kawasa.”
Pagawéan Abah Ucup téh loba, ti mimiti
ngababad jukut, mémérés pager, nepi ka sasapu di unggal kelas jeung di rohang
guru, geus puguh ari kancad kincid ka ditu ka dieu mah kumaha dititahna. Mun
ditanya jawabna angger “Nuju mérésan nu teu bérés nun,” bari angger wé leungeun
ngopépang mémérés pager. Datang ka pagawéan pangisukna, balik ti pagawéan
pangsoréna. Kalan-kalan dina poé peré gé kudu datang ka sakola, ngadon bébérés.
Tara kasebut jukut ngajejembrung atawa aya pager runtuh, pasiksak, ma’lum pan
jaman harita mah pager gé pager tina awi, bari dipelakan ku tutuwuhan nu
laleutik. Pager téh bérés, teu kaur tutuwuhanana ngajangkungan saeutik sok
tuluy dipapras. Najan gawe teu eureun-eureun, tara aya basa ngarasula, atawa
rumahuh, éstu sagala pagawéan gé dilaksanakeun kalawan jejem.
Gunta-ganti kapala sakola, dununganana,
dirina angger jadi pasuruh, teu pindah pileumpangan sugan jadi tambah jeneng, atawa
tambah kumaki, angger wé jadi tukang beberesih, angger ngababad jukut. Mun Abah
Ucup aya nu nanya naon pangkatna, Abah Ucup ukur gideug, teu apal, nu penting
unggal bulan nampa gajih, rék angger rék naék pangkat, rék naék gajih, tara
itungan. Gedé rumasa pangabisa ukur ngababad jukut, gedé rumasa nu bisa ukur
sasapu. Aya kahandeueul basa guha Jepang diurugan, témbok paranti dirina mulan
diancurkeun, barangkalna dipaké ngurugan guha, palebah dinya tuluy dirarata
dijieun taman. Haténa asa digerihan, titinggal sajarah ilang musna, pangpangna
leungiteun paranti mulan, paranti ngararasakeun nyecepna hawa peuting, paranti
ngararasakeun ciibun maseuhan dampal suku. Teu bisa majar kumaha da kitu
kahayang dunungan, teu bisa baha kana paréntah dunungan.
Di luhureun témbok guha Jepang Abah ucup
kungsi mapagahan anakna “Ujang tong sieun teu kabagéan pagawéan, tuh tingali
bulan, tuh tingali bentang, tuh langit sakitu legana, éta téh lahan pagawéan.
Sok itung sabaraha lobana bentang, sok ulik naha bulan cahayaan, sok ukur
sakumaha legana langit, ngan ngitungna, ngulikna, ngukurna kudu jeung élmuna, pék
geura sakola masing junun, ulah siga bapa disangka muhit kana bulan.”
Pirajeunan mulan nu biasana unggal bulan
keur caang mabra geus arang dilakonan, paling ge neuteup ti hareupeun imahna,
euweuh tempat deui nu merenah.
Ari di imahna, pamajikanana dadagangan,
muka warung leuleutikan, kitu we nyadiakeun jajanan keur barudak, warungna
nampeu nyanghareup kana pager sakola. Hasilna lumayan keur nambah-nambah
pangabutuh sapopoé. Babari wé ngaladangan barudak téh da pager nu ngahalangan
ukur pager awi, pira gé jangkung sacangkéng, atuh guru-guru gé loba nu ngadon
jajan. Antara warung Abah Ucup jeung pager sakola aya jalan satapak paling gé
ukur dua meter, ti warung atra ka palataran sakola.
Mangsa Abah Ucup umurna geus manjing
pansiun, Abah Ucup nampa bisluit pangsiun. Kasebutna geus pangsiun, naha eureun
tina pagaweanana ngababad jukut? Henteu, angger wé digawé, majarkeun da
katanagaan kénéh. Euweuh béda keur Abah Ucup mah antara pangsiun jeung encan
pangsiun téh, ngan gajih ngurangan saeutik, da tadina gé euweuh nu disebut
tunjangan jabatan atawa tunjangan nanahaon deui. Guru-guru teu bisa ngahulag,
cenah keun baé da kahayangna.
Aya kahanjelu, basa ku kapala sakola nu
anyar, ngaganti pager awi ku pager témbok, jangkungna méh satangtung, atuh
warungna kahalangan pisan, ngan lain éta nu jadi kahanjelu téh, tapi teu bisa
deui mapras tutuwuhan nu jadi pager hirup. Jadi leungit tutuwuhan nu ngémploh héjo,
nu mindeng dicébor, nu mindeng diomé. Jadi leungit segerna hawa isuk-isuk, jadi
leungit ciibun nu sok nyakclakan, jadi leungit paranti kadal ngiuhan. Éta gé
nanyakeun kunaon bet diganti, jawabna ambéh beresih, ambéh kuat jeung ambéh aman,
hayang ngajawab sapada harita naha waktu pager ku awi ku tutuwuhan teu beresih
atawa teu aman? Abah Ucup teu bisa majar kumaha, da kitu kapalay dunungan.
Bawahan mah teu kudu loba tatanya, teu bisa kukumaha. Barudak nu jajan
ngorotan, da hésé, mun rék jajan kudu nguriling heula ka luar sakola, atuh
guru-guru nu jajan gé euweuh pisan, ongkoh deuih di jero sakola diadegkeun
kantin sakola cenah gawé bareng jeung koperasi. Antukna warung ditutup. Abah
Ucup tetep digawé sabiasana, buméla ka tempat gawe lain pédah pager tutuwuhan,
lain pédah bisa muka warung, atuh di imahna nyieun sangu tumpeng unggal tanggal
hiji April tetep dilakonan.
Basa imahna aya nu ngocal-ngocal rék aya
nu meuli, Abah Ucup sabil, jual waé kitu? Ambéh teu kaduhung Abah Ucup ngabéjaan
anakna nu panggedéna, nu geus jadi pagawé, jadi tukang ngitung béntang, jadi
tukang ngintip langit, tukang nelek-nelek bulan jeung panon poé, jadi astronom
di hiji lembaga élmu pangaweruh. Anakna satuju imah dijual, Abah Ucup pindah
imah, meuli imah di komplek perumahan tina duit ladang ngajual imah nu deukeut
sakola. Imah leutik camperenik, asal cukup keur duaan jeung pamajikanana, ngan
pakaranganana milih nu rada lega, cenah keur incu ulin.
Ka sakola tempat digawéna tetep
dilakonan, ngan basa umurna geus genep puluh
lima taun kakara ménta eureun, tanaga geus suda. Mun ningali ka urut imahna sok
rada ngabalieur, didinya geus ngajengléng toko dua tingkat, nyadiakeun sagala
rupa kaperluan nu sakola, ti mesin kopifoto nepi ka buku, patlot jeung sagala
rupa alat tulis. Ngadéngé-ngadéngé mah cenah nu bogana téh dulurna kapala
sakola. Pager tembok sakola ngahaja dibobok dijieun lawang, ambéh babari nu balanja,
béhna kantin sakola gé pindah ka dinya.
Taun ieu umur Abah Ucup geus méh tujuh
puluh dua taun, leumpang geus rada jumarigjeug. Di hareupeun imahna Abah Ucup keur
ngelapan tarompét, dibukaan unggal buku, unggal sambunganana, diberesihan
dicoba-coba ditiup, sorana harus kénéh.
“Isukan téh tanggal hiji April nya Ambu?”
Kitu omongna ka pamajikanana.
“Enya, da geus sasadiaan béas jeung endog
mah keur numpeng.”
“Entong, tanggal hiji April taun ieu mah
teu kudu numpeng.” Abah Ucup ngomongna rada teugeug.
“Naha,
orokaya barudak jeung incu isukan rék kadarieu.” Témbal pamajikanana siga nu héran,
asa tara-tara ti sasari, tanggal hiji April henteu numpeng.
“Keun baé kadarieu mah teu kudu
disadiakeun tumpeng, anggur mah duitna tukeurkeun jadi récéh, geura bakal beuki
loba nu ngamén jeung nu baramaén, bakal beuki loba nu jajaluk.”
Peutingna Abah ucup niup tarompét, nérétét
lagu Kembang Beureum ditéma ku lagu Buah Kawung, sakolébatan pameunteu Pa
Sastra suwargi siga nu némbongan, guru pangpengkuhna kana aturan. Tuluy ditema
ku lagu Karatagan Pahlawan. Sora tarompét siga les-lesan, luyu jeung hégakna
napas Abah Ucup nu geus sakitu kakolotanana. Dina télévisi loba nu silih témpas
gara-gara harga béngsin rék naék méh tilu puluh persén mimiti tanggal hiji
April■
Rumah Baca Buku Sunda, Maret 2012
(dimuat dina Tribun Jabar Salasa 24 April 2012, Rebo 25 April 2012,
Kemis 26 April 2012)