15 December 2011

Carpon : NGADAGOAN EMA


Ku : MAMAT SASMITA

Umurna kira-kira lima atawa genep taun. Mindeng uulutudan kénéh mun ulin di buruan atawa di pipir imah. Karesepna ngala undur-undur atawa nalian légé, anteng ari geus kitu téh.
Sapopoé ngiclik nuturkeun emana, euweuh batur ulin nu séjén, ma’lum jaman harita, imah di pilemburan ancal-ancalan kénéh. Demi kasab emana, dagang kukuluban, kayaning kulub hui, kulub cau, kulub suuk jeung kulub sampeu. Dibawana, diais dina boboko jeung disuhun dina nyiru, dituruban ku daun cau.
Dagangna tara matuh, kitu wé sapanjang Dagowég, pangjauhna dagangna di Rembrandtplain hareupeun Gedong Hébé. Bubuhan didinya sok loba nu arulin, atuh ka béh kalérna aya lapangan bisbol, urang dayeuh gé bareukieun kana kulub hui jeung kulub suuk.
Ari balikna, mun dagangan geus méh béak, leumpang ka tonggohkeun, nyacat sapanjang Dagowég, teuing lebah mana lemburna mah, teu apal.
Teu capé, najan kakara umur lima atawa genep taun, leumpang jeung emana mah da loba eureun, loba nyimpang. Nyimpang sotéh nawarkeun kulub hui atawa kulub suuk ka imah gedongan nu aya di Dagowég, ambéh isukan tinggal nganteurkeun.
Jaman keur werit atuh, sagala gé hésé, peperangan dor dar kénéh ngalawan soldadu Walanda nu hayang ngawasa deui. Nu usaha kana dagang téh beunang diitung ku ramo leungeun, komo mun dagangna ka dayeuh.
Leuheung emana mah gedé kawani, meureun bakating ku butuh keur pangupa jiwa jeung ongkoh boa teu nyaho kaayaan jaman nu geus mimiti robah . Ari bapana mah teuing kamana, da asana can kungsi panggih. Kungsi ngadéngé cenah bapana téh diirid ku Jepang, kudu milu romusa.

Di hareupeun Gedong Hébé, jalma pagaliwota, bangsa Walanda, cenah jeung bangsa Inggris, teu bisa ngabédakeun da sarua buléna, sarua harelung jangkungna. Lolobana make saragem soldadu, aya deuih soldadu nu semu hideung, sok disebut Gurka. Jol deui sababaraha treuk, tarurun di Wilhélmina Boulevard. Emana mah paciweuh ngaladangan nu meuli, aya Walanda, aya Gurka, nu siga bangsa urang gé aya. Paciweuh, dagangan laris. Paciweuh, sakéak dagangan geus béak.
Emana bébérés, ngeprukeun boboko jeung nyiru, samping kebat paranti ngais boboko dikebutkeun, rék balik.  
“Ujang, tong kamamana, dagoan sakeudeung, ema rék ka cai heula.”
Sakitu nu kadéngéna téh. Boboko, nyiru jeung samping kebat ditinggalkeun.
Diuk bari nungguan boboko jeung nyiru nu eusina geus ledis. Pleng emana teu embol-embol. Kamana ema, kunaon ema. Euweuh béja. Teu nyaho ema ka mana, teu nyaho ema ku naon.
Ngadagoan ema ti beurang nepi ka peuting, ti peuting nepi ka beurang deui.
Diuk, cingogo, nyempod, peureum, beunta. Saré didinya, kaibunan, kahujanan, kapanasan. Isukna, pagétona, emana euweuh béja.

Kedepruk sora sapatu, aya Walanda nanya.
Jawabna ngadagoan ema. Ditanya saha ngaran, jawabna Ujang. Ditanya padumukan, jawabna gideug, ukur nunjuk ka beulah kalér. Ditanya ngaran ema, jawabna gideug, ukur nyebut ema. Ditanya ngaran bapa, jawabna gideug, ukur nyebut bapa.
Kusiwel Walanda ngaluarkeun keretas, ditulis wachten op moeder, di handapna aya tulisan ngadagoan ema.
Dititah supaya asup ka gedong Hébé, ngahunted bari nyebut ngadagoan ema. Dibawa kana mobil soldadu, embung kalah ceurik gogoréntélan bari ngomong ngadagoan ema.
Saminggu euweuh béja, sabulan euweuh béja, sataun euweuh béja. Mangtaun-taun euweuh béja, kamana ema.
Boboko, nyiru jeung samping kebat paranti ngais geus leungit teuing ka mana. Barang dahar sakapanggihna, nginum sakapanggihna, baju rawék, beungeut lodro.
Diuk caméot ngadagoan ema. Mun aya nu nanya ukur nembongkeun tulisan urang Walanda, tulisan ngadagoan ema. Dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin téh kaitung mayor, teurabna gé dua kali. Dahareun téh paméré ti nu haat. Emana euweuh béja.

Nyaksian didinya aya pertempuran, ragot, aya nu ngaguling, aya nu gégéréléngan, aya nu molotot, aya nu ngajleng, aya nu sosoak, aya nu ngahéphép.
Nyaksian aya nu maot tuluy jadi pahlawan, nyaksian didinya aya nu tatu tuluy tanpadaksa, nyaksian didinya aya nu ceurik tuluy barintit.
Bandung ngelun ku haseup, Bandung dihuru, Bandung jadi sagara seuneu, Bandung jadi lautan api. Nu ngungsi ka kidulkeun, ngajingjing buntelan, nyuhun samak, ngélék boboko, aya nu sagala dibawa, nanggung jeung nyuhun. Nyaksian kitu ukur ceuleumeut.
“Merdéka, Merdéka, Merdéka,” cék nu ngagorowok bari leumpang ka kidulkeun. Lila-lia hareupeun Gedong Hébé simpé, Walanda mimiti lus-les, teuing ka mana.
Sanggeus merdéka Gedong Hébé disebut Gedong Saté. Nyaksian ka Gedong Saté lar sup jelema, nyaksian di Gedong Saté loba jalma perlénté, nyaksian nu turun unggah kana mobil. Nyahoeun unggal peuting Gedong Saté cahaya lampuna mambra.
Nyahoeun asalna Rembrandtwég, diganti jadi Wilhélmina Boulevard, sanggeus merdéka diganti jadi jalan Diponegoro.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin téh kaitung mayor. Mun ditambah tahu teurabna opat kali. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Emana euweuh béjana.

Jaman orde lama ngilu nyaksian, ngadéngé nu nyarebut ganyang nékolim, ganyang jeung ganyang, sagala diganyang. Kanyahona ukur garoganyang. Jaman orde lama, ngaguruh nu pidato, revolusi can anggeus, ngaguruh nu surak, ngaguruh nu ayeuh-ayeuhan kumpul di lapangan nu lega.
Umurna beuki nambahan, beuki kolot, beuki robah. Sarua jeung robahna nu lar sup ka Gedong Saté, sarua jeung robahna lapangan di hareupeun Gedong Saté, asalna disebut Rembrandtplain terus disebut Gasibu. Nyaksian bandéra beureum bodas ngerab-ngerab katebak angin di pakarangan Gedong Saté.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah. Manggih lauk asin téh kaitung mayor komo mun ditambah tahu jeung témpé, teurabna dalapan kali. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Ema euweuh béjana.

Jaman orde baru ngilu nyaksian, jalma bararis rapih, tara aya sora sakemek, ukur sora tarompét nérétét ari upacara agustusan. Sabaraha puluh kali nyaksian upacara agustusan didinya, maneuh unggal taun. Nyaksian loba nu pidato bari ditungtungan menurut petunjuk, numutkeun pituduh.
Nyaksian nu ditéwakan, nyaksian nu diagung-agung, nyaksian nu dikerewed dipétruskeun. Nyaksian bandéra beureum bodas ngerab-ngerab katebak angin di pakarangan Gedong Saté.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah. Manggih lauk asin téh kaitung mayor komo mun ditambah ku tahu, témpé jeung endog sabeulah, teurabna teu kaitung. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Ema euweuh béjana.

Jaman réformasi ngilu nyaksian nu aleut-aleutan, bari ngagorowok. Nyaksian nu mindeng demontrasi, budak ngora, kolot, lalaki, awéwé. Nyaksian loba nu ngacung-ngacung kélébét. Nyaksian nu mindeng silih séréd keur demontrasi. Nyaksian nu kalaparan, nu hayang dahar. nu hayang nginum. Nyaksian nu kapanasan, nu kahujanan, nu kaibunan. Nyaksian nu antri duit, nu ngantri minyak tanah. Nyaho aya kompor gas ngabeledug. Nyaksian nu korupsi alangah-elengeh euweuh kaéra, weureu seubeuh alatan duit meunang basilat. Nyaksian bandéra beureum bodas ngera-ngerab katebak angin di pakarangan Gedong Saté.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin téh kaitung mayor komo mun ditambah ku daging sakeureut, teurabna saendeng-endeng. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Ema euweuh béjana.

Sanggeus belasan taun jaman réformasi umurna méh nincak tujuhpuluh taun. Hujan munggaran ngagebrét sabada halodo entang-entangan. Awak mucicid, ngiuhan dina sosompang gedong.
Leungeunna ngucek-ngucek keretas nu aya tulisan ngadagoan ema. Ieu keretas téh dipupusti pisan, dibungkus ku pelastik, ulah cécék ulah bocék. Ku keretas ieu jaman  Walanda kumelendang kénéh, kungsi hirup senang, loba nu méré dahar, loba nu méré baju. Sup keretas diasupkeun kana saku baju.
Nu kagambar beungeut ema ngora kénéh, kira-kira umur opat likur, buuk luis semu galing palebah tarang, beungeut buleud, geulis, kulit hejo carulang, disamping kebat lalayu sekar, maké kabaya rada logor, rajeun ditiung ku karémbong kayas..
Hanjakal samping kebat nu sok dipaké ngais boboko leungit, teuing kamana.
Awak noroktok tiris, sanggeus hujan raat, jung nagtung rumanggieung, ngadon ngajogo di sisi kalér jalan Diponegoro hareupeun Gedong Saté. Di dieu ema kungsi ngomong, ujang tong kamamana, dagoan ema. Pleng ema teu datang-datang nepi ka ayeuna. Aya nu herang ngagéndang dina kongkolak panon. Boa ema aya nu mergasa, boa ema kairid ngungsi teu bisa balik deui. Boa ema dipaksa pirusa ku Walanda, boa ema dipaksa pirusa ku Gurka, boa ema nyangsaya ngababatang kacentang bedil.
Poé geus ngagayuh ka peuting, angin beuki tiis, séak awakna ngahéab panas, rey murel, oho oho batuk. Kerewek kana kantong kérésék nu dicekel ti tatadi, ngodok botol plastik cai keur nginum, muka tutup botolna, leguk nginum. Hayang ngalungsar, hayang nyangsaya, hayang ngaréngkol disimbut haneut. Lep ngalelepkeun kopéah nu méh bulukan, nu lalédéh di sisina. Angger karasa tiris kana ceuli, angger karasa tiris kana punduk. Awak tingsariak, awak muriang, awak ngagibrig. Angger ngajogo, congogo, neuteup lampu hias di Gedong Saté nu caang mabra. Ngadagoan ema, gilig maol incah balilahan.

Isuk-isuk, keur carangcang tihang, tukang sasapu, tukang beberesih jalan, nu sok maké saragem konéng, ngosrék sasapu, haténa ngecewis na saha nu neundeun patung di dieu, di sisi jalan. Patung diisedkeun, diteuteup sakeudeung, tuluy sasapu deui.
Bray beurang, panon poé geus meleték, mimiti loba nu ngaliwat, nu leumpang, neuteup patung, pada muji alus, ceplés pisan jelema keur cinutrung.
Sapoé, patung pada ngantep, dua poé pada ngantep kénéh, ukur ditingali ku nu ngaliwat. Tilu poé, mimiti aya nu ningali ti pulisi pamong praja, sabab nu ngaliwat mimiti eureun, ngagimbung ningali patung.
Aya wartawan, aya seniman, aya pulisi, aya tukang sasapu, aya nu dagang inuman, aya nu dagang roko, aya nu dagang gemblong.
Pulisi pamong praja naléngténg saha nu neundeun patung di dinya, euweuh nu gajawab, euweuh nu ngaku, euweuh nu nyaho.
Dina koran ditulis seniman nu embung kanyahoan ku batur, neundeun patung hasil karyana di sisi jalan di hareupeun Gedong Saté.
Nu ahli kana urusan patung narulis dina koran, cenah karya monumental nu teu nyaho saha nu nyieunna, kabéh pada muji, patung tina bahan batu hideung, nyieunna lemes, gurat kahirupan témbrés, kaciri siga nu keur engapan, gurat beungeut écés, keur ngadagoan. Nu jadi bahan carita pédah aya tulisan dina saku bajuna rada nonjol semu diukir nu unina ngadagoan ema, luyu jeung nu ditulis ku urang Walanda dina keretas.
Aya nu ngahartikeun ema téh indung, aya nu ngahartikeun éma, ngaran pamajikanana atawa ngaran kabogohna.
Mun ngadagoan ema téh ngadagoan indung, naha digambarkeun patung jalma nu geus kolot, nu geus aki-aki, atuh meureun indungna nu didagoan téh geus kolot pisan, boa geus maot. Kuduna, mun ngadagoan indung mah alusna patung budak. Mun  dihartikeun éma ngaran pamajikan atawa ngaran kabogoh, kuduna patung digambarkeun mangsa rumaja, lain aki-aki nu geus kemong, nu geus karijut.
Patung pada ngadeugdeug, patung pada ngalalajoan. Mungguhing nasib, keur jadi jelema mah komo keur jagjag belejag, tara aya nu nanya, boro-boro aya nu nulis dina koran, dalah nu ngajak ngobrol gé euweuh. Na ari geus jadi patung pada ngagimbung, pada nulis dina koran. Pada nulis gé ari geus jadi patung mah euweuh hartina, moal bisa néangan raratan ema, moal bisa noroweco ngabudalkeun rasa.
Dua minggu leuwih patung diantep di sisi kalér jalan Diponegoro hareupeun Gedong Saté, tuluy diakut ku pulisi pamong praja, lantaran nu ngagimbung lalajo patung beuki loba, ngaganggu patalimarga.
Patung dipindahkeun ka kiduleun Gedong Saté, disimpen handapeun tangkal di lapangan parkir.
Ranyong deui nu nulis, majarkeun seni instalasi teu dihargaan, majarkeun pamaréntah teu ngarti kana seni, teu ngarti kana eusi haté seniman.
Patung tetep candukul di tukangeun Gedong Saté, teu bisa ojah, teu bisa usik teu bisa malik, teu walakaya. Sumangga masrahkeun nasib ka nu nuju kawasa. Teu bisa neuteup Gedong Saté, nu jadi ciri keur ngadagoan ema.
Patung kahujanan kapanasan, patung katiisan, patung kaanginan. Mimiti semplék dina irung, tuluy semplék ceuli, tuluy semplék biwir. Lila-lila nu sumpung téh tuur, leungeun, dampal suku jeung beuheung, sirah ngagulutuk. Tungtungna awak bencar, awak peuray, sirah peuray, suku peuray. Tinggal ngagunduk beubeulahan batu, handapeun tangkal di tempat parkir. Patung alus, majar beunang seniman aheng nu embung katohyan batur, geus amburadul, geus jadi gundukan beubuelahan batu ngahiji jeung taneuh.
Tina taneuh balik deui kana taneuh, disodokan ku singkup, ku tukang sasapu, dibawa ka sisi kalér jalan Diponegoro, dipaké nyeselan sisi lapangan Gasibu. Sesemplékan batu sagedé dampal leungeun orok, nu aya ukiran tulisan ngadagoan ema, siga nu ngintip tina sela-sela jukut, neuteup Gedong Saté, ngadagoan ema. Hayang dahar geus lekasan, teu perlu sangu, teu perlu nginum, teu perlu mandi, teu perlu sibeungeut, teu perlu simbut, teu perlu sarung. Teu hayang rumahuh, teu hayang ngalungsar, teu hayang nyangsaya. Teu hayang nyaho teu hayang nyaksian sagala rupa kajadian. Nu perlu mah ngadagoan ema■

Hébé tina GB singgetan Gouvernement Bedrijven, dines pamarentahan.   
 
(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 13 Des 2011, Rebo 14 Des 2011, Kemis 15 Des 2011)

03 November 2011

Carpon : MA INUNG NGARAWU TANEUH

Ku : MAMAT SASMITA

Imah téh pikabetaheun najan ayana di pasisian. Disebut di pasisian téh pédah wé deukeut wates kota. Imah camperenik, modél kaayeunakeun, minimalis téa cenah. Atuh da hayang imah di tengah kota Bandung mah beu pimanaeun, pisabaraheun hargana jeung geus euweuh lahan ongkoh. Meuli imah didieu gé meureun geus diitung, sakumaha anggangna ti tempat pagawéan, wayah kumaha macétna di jalan, wayah kumaha kudu nganteur budak ka sakola jeung sajabana ti éta. Tapi aya untungna lantaran padeukeut jeung pilemburan, padeukeut jeung pasawahan, disebut untung téh pédah wé hawana seger kénéh, teu cara di tengah kota, bayeungyang jeung haringhang.
Keur Ma Inung mah genah wé nu aya, diangkir ka kota téh. Mangpuluh-puluh taun cicing di pilemburan, najan sapopoé jadi guru sakola dasar gé angger wé ulin ka Bandung mah arang langka. Can lila pangsiun tina guru téh aya kana lima bulan mah, sanggeus pangsiun asa euweuh cabak, kadangkala ngarasa kesel. Komo sanggeus salakina miheulaan mulih ka jati mulang kaasal. Hirup asa cuang cieung. Matakna waktu diangkir ka kota ku anakna, giak nyanggupan. Keur Ma Inung nu kaimpleng téh bakal resep ngasuh incu. Mangkaning incuna téh aya dua, nu hiji awewe kakarar sakola di SD kelas hiji, ari nu saurang deui lalaki kakara umur opat taun jalan. Keur meujeuhna kembang buruan, lucu ku capétangna.

Bageur boga minantu téh, karasa kanyaahna, ari ngobrol omhang teu weléh nyeuleukeuteuk seuri Geus aya kana sabulanna bareng jeung anakna téh. Sapopoé ngasuh incu, nu leutik nu gedé, ari nu gedé mah sanggeus balik sakola, malah apan dipapagkeunana ka sakola gé ku Ma Inung, kana béca nu geus ngalanggan.
Ari kaprak keprek di imah mah aya nu babantu, budak lanjang ti Cilacap, alus deuih budak téh, gawéna getén, masak pinter, nyeuseuh beresih, sagala pagawéan kasiwer, kapaké deuih.
Anakna jeung minantuna tara aya di imah da duanana digawé. Nyiar kipayah keur hirup jeung huripna kulawarga. Resep ngasuh incu téh, cék pikirna teu béda jeung ngasuh barudak di sakola jaman keur ngaguruan kénéh kelas hiji SD. Tapis pisan jeung apal kana lilingeranana ngasuh budak. Ongkoh deuih incuna mah euweuh nu bangor, euweuh nu pikakeuheuleun, sigana perbawa ti indung bapana nu bageur. Incuna mah tara nepi ka ceurik lolongséran pédah teu diturut kahayangna. Tara kaciri hayang jajan di warung, atawa hayang meuli cocooan, éstu barang dahar téh cukup ku nu aya di imah, kitu deui cocoan.
Lain pédah di imah sagala aya, atawa owel ku duit keur jajan, tapi dibiasakeun ti leuleutik, dibiasakeun tara jajan, dibiasakeun tara barangbeuli sakahayang budak. Atuh da sok teu resep mun ningali budak leutik ngarenghik hayang jajan, teu kaop ningali warung, komo mun bari keur nyémah.

Bada isa, incuna nu leutik dipépéndé ku Ma Inung, dihariringan ku pupujian, digeberan ku tungtung samping, budak téh reup saré tibra, bari leungeunna nangkeup ka Ma Inung.
Ma Inung neuteup beungeut budak, buukna diusapan, celengok dicium. Kasép budak téh.
Anteb neuteup beungeut budak, teu karasa dina kongkolak panon Ma Inung aya nu hérang ngagéndang, celengok deui budak dicium. Majarkeun sok leuwih nyaah ka nu jadi incu, ieu pisan nu karasa ku Ma Inung. Ditahan téh naha kalah ka beuki merebey cimata.
Kulutrak kana panto aya nu muka, minantuna rék mindahkeun anakna, ningali Ma Inung reumbay cimata téh kalah ngaheugeu, neuteup.
“Ka dieu geulis, yap kana pangkuan ema.”
Minantuna ngagoloyoh, “Ema téh teu damang?” pokna.
“Henteu geulis, ema mah reumbay cimata téh bakating ku bagja, kuduna mah…,” teu kebat ngomongna.
“Kedahna naon ema?”
Ma Inung ngahuleng, semu nu hanjakal kalepasan ngomong.
“Geulis, ieu kabagjaan téh lain milik ema sorangan, kuduna mah aya deui nu ngarasakeunana, nyaéta akina ieu si kasep,” ngomongna téh bari ngusapan incuna nu keur saré ngageubra.
Dikitukeun téh minantuna nangkeup ka Ma Inung, bet teu ku hanteu deuih kalah ngiluan merebey cimata. Aya nu nyedek dina angen, aya nu nu nyodok kana tikoro.
“Ma,” cenah bari nangkeup beuki pageuh.
“Ema téh hayang norowéco, ema téh hayang sagala diomongkeun ka si jenat kumaha lucuna ieu si kasép, kumaha pinterna si geulis. Ema téh hayang nyarandé kana dadana, hayang ngadéngékeun keteg jantungna. Tengtrem nyarandé dina dadana mah, ema gé sok diusapan, bari manéhna murintil-murintil buuk ema. Ema téh hayang mencétan taktakna nu mindeng karasa cangkeul, ema téh hayang ngabalur tonggongna ku minyak gosok, waas ku teurabna. Mun inget ka dinya ema sok merebey cimata, inget ku bélana, inget ku heureuyna, inget ku poksangna.Mun ema rungsing ku pagawéan, manéhna sok ngabeberah, sok ngarancét pundak bari heureuy noélan iga. Ema mah asa diheulang.”
Enya kaharti ari kituna mah, salakina Ma Inung maot ngadadak, teu kungsi gering heula, keur solat subuh teu cengkat deui. Cék omong batur mah cenah serangan jantung, aya deui nu nyebutkeun kasakit angin duduk. Maotna téh sababaraha minggu sanggeus Ma Inung nampa SK pangsiun.
Minantuna nginghak lalaunan dina lahunan.
“Geulis urang du’akeun yu.” Ma Inung cengkat, bari nyengkatkeun minantuna, tuluy ka cai rék wudu. Minantuna mah regeyeng ngangkat anakna dipindahkeun saréna ka kamarna.

Biasa ari poé Saptu téh Ma Inung mah sok saged, maké baju olah raga, di topi, disapatu atuh incuna nu leutik gé sok dibawa, sarua maké baju olah raga, sarua sina maké topi, maké sapatu.
Ari poé Saptu mah anakna jeung minantuna araya di imah, teu digawé, jadi nu nganteurkeun ka sakola atawa ngajemput incuna nu gedé téh bisa ku indung bapana. Ma Inung mah laluasa ngadon olah raga, ngurilingan komplék, leumpang wé bari ngasuh incuna nu leutik
Harita gé kakara balik ka imah téh méh jam sapuluh, padahal inditna téh ti jam genep mula, rebun kénéh. Sapatu kalotor pinuh ku leutak, atuh bajuna gé sarua kalotor, malah sapatu olah raga nu Ma Inung mah dijingjing, incuna diiringkeun bari luut-léét késang.
Puguh wé anak minantu reuwaseun, disangkana labuh ka solokan.
“Resep, adé mah ameng di sawah,” kitu cek incuna Ma Inung, hariweusweus, ngomongna semu cadél.
“Enya, tadi téh ema ngilu tandur, nu kasep mah ulukutek wé dina leutak,” cék Ma Inung, beungeut Ma Inung semu beureum, tayohna kapanasan, jeung cémong ku leutak.
Anakna Ma Inung jeung minantuna teu lémék teu carék, ukur neuteup ka anakna jeung ka Ma Inung. Kudu ngomong naon atuh, rék nyalahkeun sieun Ma Inung kasigeung, rék nganaha-naha ma enya ka kolot.
“Ibak yu,” minantuna Ma Inung ngajak budakna bari ngalaan sapatuna nu pinuh ku leutak.
“Keun wé sina tuus heula késangna, engké we ibakna sareng ninung,” bari ngarérét ka budak.
Ma Inung sok nyebut ninung, nénéhna tina Nini Inung.

Sangeus bérés mandi jeung ngamandian incuna, Ma Inung kaprak keprek di dapur mantuan minantuna masak, kacirina téh keur nyieun angeun haseum.
Ma Inung ngomong ngarasa sono kana taneuh, ka sawah, ka kebon, kana pepelakan, kana paré, kana kekembangan kana tangkal peuteuy, kana tangkal rambutan.
“Atuda di kota mah iraha ema nincak taneuh,” kitu pokna. Sapopoé maké sendal, maké sapatu, di imah, di pakarangan, di jalan, dina mobil, tara leupas ti sendal. Hirup siga nu embung wawuh kana taneuh.
“Matakna, basa ningali aya nu tandur, ema mah gebrus wé ngilu tandur, ancrub bebelekukan.”
Ma Inung norowéco, cenah karasa kumaha ngusapanana leutak kana dampal suku, kana keuneung, kana kulit suku. Karasa leutak ngabagéakeun tungtung ramo. Karasa taneuh ngabagéakeun getih nu ngamalir dina urat-urat, geterna nyaksrak kana tonggong, kana sirah, kana buuk. Taneuh méré ajén harti hirup, méré tanaga, méré énergi positip.
Cék Ma Inung kénéh, awak urang téh kudu wanoh kana taneuh, ulah jéjérégéd mun nincak taneuh, tong poho awak urang téh asal-muasalna tina taneuh tur bakal balik deui kana taneuh. Kumaha rék mikacinta ka lemah cai mun suku gé salawasna maké dadampar, maké sapatu, maké sendal, tara antel pisan kana taneuh. Atuh moal karasa énergi positip tina taneuh kana awak téh. Di dayeuh mah hareupeun imah ditembok, di jalan maké aspal atawa dibeton, saincak-incak téh ukur aspal jeung beton, pimanaeun suku wawuh kana taneuh. Sakalieun budak teu make sapatu atawa sendal gé apan dinaha-naha, bisi kotor téa, bisi aya caing téa.
“Ieu tahu téh rék digoréng?”
“Muhun Ma.”
Ma Inung ngagoréng tahu, dibulak-balik.
“Mun ditilik-tilik ampir kabéh kadaharan asalna tina taneuh, nu matak kudu nyaah ka lemah cai, nyaah kana taneuh jeung cai téh ulah ngan ukur lalambé.” Terus Ma Inung ngomongkeun gegedén pamaréntahan nu bacéprot pidato kudu nyaah ka lemah cai, tapi sakalieun ngilu panén gé disapatu karét nu nengah bitis, da embung baseuh, embung keuna ku leutak, atuh leungeun maké kaos, sieun ateul meureun. Ucap jeung lampah patojaiah pisan. Moal enya nu kitu disebut mikacinta ka lemah cai?
Minantuna nu keur nyiksikan bawang beureum ukur unggut-unggutan, teuing ngarti teuing henteu.
“Ma, upami minggu payun urang ka Cangkudu, kersa?”
“Ka Cangkudu?” Ma Inung neuteup ka minantuna semu teu percaya.
“Muhun ma, abdi badé milarian nangka asak, aya nu pesen ti kantor, sareng kaleresan apan tétéh sakolana peré da beureum dina kalénder gé.” Incuna Ma Inung nu gedé sok disebut tétéh.
Ma Inung jigrah, kaciri dina sorot panonna. Ma Inung gumbira kaciri dina ucapna. Ma Inung hayang geura indit.

Minggu hareupna mobil nyemprung ka wétankeun, Ma Inung diuk di hareup, gigireun supir, nu nyupirna anakna, di jok tukang incu-incuna jeung minantuna. Inditna poé Jumaah sanggeus baralik gawé, bada asar, ambéh nepi ka lembur bada magrib.
Méméh Ciawi, méngkol ka kénca, brasna ka Cipanas. Di Cipanas eureun heula ngilu solat magrib, teu lila da hayang buru-buru nepi.
“Ti dieu mah jandéla mobil téh tong ditutupkeun kabéh, tong maké AC ambéh karasa hawa seger, meungpeung teu kudu mayar pajeg nyeuseup hawa téh.”
“Maksadna ma?”
“Enya, baheula mah cai gé teu kudu meuli, di lembur mah apan unggal imah gé sok nyadiakeun téko jeung cangkir di hareupeun imah, bisi aya nu ngaliwat hanaang, apan ayeuna mah cai gé kudu meuli. Sigana kaheureup mah hawa gé kudu meuli, atawa dipajeg.”
Ma Inung ngagorolang nyaritakeun cai, yén cai geus jadi barang komoditi, geus jadi inceran nu boga modal, siga nu ngabaékeun yén cai téh hak azasi, kuduna mah sumber cai téh dikokolakeun nu hadé, ulah sagawayah dijual ka nu boga modal keur dikomersilkeun. Kudu aya strategina ngokolakeun cai, jaganinggéto krisis cai beresih bakal karandapan. Hirup téh nangtung dina taneuh, nyeuseup hawa, nginum cai, ngasakeun dahareun maké seuneu. Nu encan maké duit téh ambekan, nyeuseup hawa.
Teu kebat ngobrol dina mobil téh da kaburu nepi ka imah Ma Inung di lembur Cangkudu.

Isukna, pabeubeurang sanggeus ibun tuus, Ma Inung ngahiras tatanggana néangan nangka jeung kalapa ka kebon, ari Ma Inung ngabringkeun saanak incu rék meresihan kuburan salakina.
“Bapa hidep téh keur ema mah pahlawan nu teu weléh méré inspirasi, nu teu weléh ngajurung ema sangkan betah jadi guru, nu teu weléh ngingetan sangkan hirup kudu jujur. Najan bapa hidep sapopoéna ukur tani, karasa kanyaahna, méré conto kudu disiplin, meureun karasa ku hidep gé.”
Anakna Ma Inung unggut-unggutan, enya da karasa kumaha ngajurungna hirup kudu wekel, nu kadéngé kénéh téh sual disiplin cenah sakola téh teu béda jeung melak paré. Kudu nyaho iraha tandur, iraha ngagemuk, iraha ngayuman, iraha mindo, iraha mangkas, kitu deui sakola atawa kuliah, kudu nyaho iraha ngapalkeun, iraha ulin, iraha ulangan, ulah pacorok bisi hasilna gabug.
“Ma urang témbok atuh kuburan apa téh.”
Ma Inung ngarérét ka anakna “Keun wé heula, ayeuna mah cukup ku tetengger ieu, keur ciri mah apan ieu aya hanjuang jeung samoja. Hanjuang téh tanda sangkan urang inget hiji waktu mah urang gé bakal ngahanju, nu aya di jero taneuh ukur tulang semu bodas sarua jeung tangkal samoja nu semu bodas.”
Sanggeus bérés meresihan kuburan, nyabutan jukut jeung ngadu’a, anak incuna mah dititah balik tiheula “Ema mah rék di dieu heula, sakeudeung deui,” bari ngelapan tetengger nu geus beresih.
Ma Inung candukul kénéh, nyorangan, leungeunna ngagepluk-gepluk jeung noélan taneuh kuburan nu semu hideung. Loba nu hayang diomongkeun, loba nu hayang ditepikeun. “Lalucu, saréhat, geulis jeung kasép incu téh, bagja, bagja pisan Inung mah,” ngan ukur kitu nu kedal halon kaciri dina kunyem biwirna. Kerewek kana kantong kérésék urut wadah kembang nu dipake nyekar, leungeun Ma Inung ngarawu taneuh tina luhureun kuburan, sakantong kérésék pinuh. Lalaunan cengkat, ngucapkeun salam, indit lalaunan ngajingjing taneuh dina kantong kérésék bari nyusut cimata nu ngembeng.

Pasosoré, anakna Ma Inung bébérés babawaan dina mobil, rék mulang deui ka Bandung. Dina bagasi mobil pinuh ku nangka, kalapa, sampeu, hui boléd, taneuh sakarung jeung rupa-rupa deui.
“Ma, ari ieu taneuh sakarung kanggo naon?”
“Taneuh gemuk éta téh meunang ema nyokot ti kandang domba, bawa, keur melak kembang dina pot, apan di Bandung mah taneuh gé kudu meuli.”
Ma Inung nyuruntul kana bagasi mobil “Éta gé taneuh dina kérésék ulah dikamamanakeun, ulah dihijikeun kana karung”
Ma Inung ngaharéwos ka anakna:”Ulah geruh bisi jadi pitnah, ieu téh taneuh tina luhureun kuburan apa, ku ema rék dipaké melak kembang sedep malem dina pot. Kembang sedep malem téh kadeudeuh apa, ubar ema mun sono ka apa, kembangna rék disimpen di kamar ema, rek diambung, rék diajak ngobrol, mudalkeun kanyaah, mudalkeun rasa bagja.”
Anakna ukur neuteup ka Ma Inung bari unggeuk, surti. Enya da ngajak emana ka Cangkudu gé, lain néangan nangka néangan nangka teuing, tapi hasil badami jeung pamajikanana keur panyombo. Ema siga nu kabungbulengan ku apa, kitu gerentes anakna.
Mobil nyemprung ka Bandung, incu-incuna Ma Inung ribut, nu lalaki niup empét-empétan, tatarompétan tina jarami ditambahan ku janur ambéh disadana beuki harus. Nu awéwé ngamaénkeun wawayangan tina daun sampeu. Dina bagasi mobil aya kukudaan tina bagedor, aya upih keur sosorodotan, aya kélé keur wadah cai.
Ma Inung ngabelenyéh imut “Nuhun kang, ku didikan akang barudak sakieu mulyana,” gerentes haténa■

(Dimuat dina koran Tribun Jabar Salasa 1 Nop 2011, Rebo 2 Nop 2011, Kemis 3 Nop 2011)

06 September 2011

CARPON : BASA MAMAH JADI CALEG

Ku : MAMAT SASMITA                     English Version

Ngapalkeun téh kaganggu pisan. Ka imah jul-jol tamu. Leuheung mun sakeudeung, da ieu mah aya nu nepi ka sapoé jeput, malah aya nu nepi ka peuting. Bari ramé ngobrol, komo ka nu godégan mah teu resep pisan, ngomongna cowong.
Mimiti mah teu kaharti na aya naon atuh di imah téh, ngan ngarobrol wé. Aya nu nyebutkeun rapat cenah. Naha nya?. Pan biasana Mamah jeung Apa mah tara rapat, komo mun aya kumpulan warga di RT da tara pisan. Céték cenah urusan di RT mah. Éta wé mun aya giliran pangajian di imah, ti kumpulan pangajian di RT, Mamah sok luh lah. Mimindengna nyieun alesan ambih teu katempatan. Alesan séjén cenah haroréam masak keur susuguh. Aya deui alesanana téh majarkeun hororéam ngamparkeun samak. Asa teu asup akal alesanana téh. Ma enya ngamparkeun samak wé jadi alesan. Padahal di tengah imah téh teu lega-lega teuing, paling gé cukup keur tilu puluh jelema mah. Mun ngarparkeun samak téh da moal hésé. Geus puguh ari nyebutkeun sibuk di kantor mah, alesan biasa éta mah.
Loba tamu nu ngarobrol, tapi teu kaharti naon nu diobrolkeunana. Aya nu nyebutkeun taktik jeung strategi, aya nu ngobrolkeun hasil survéy, aya nu ngobrolkeun pengerahan massa, aya nu ngobrolkeun saingan, aya nu ngobrolkeun partéy, aya nu ngobrolkeun sabaraha biayana jeung rupa-rupa deui.
Najan kuring api lain gé, da tetep wé obrolanana téh kadéngé. Najan panto kamar geus ditutupkeun, angger wé kadéngé. Najan kamar kuring aya di loténg gé angger wé kadéngé.
Kadéngéna Mamah loba tatanya. Kadéngéna Mamah loba ménta data. Kadéngéna Mamah loba ménta pangrojong. Kadéngéna Mamah loba nitah.
Unggal tamu nu datang sok disuguhan, aya kuéh, aya opak, aya bubuahan. Dina méja makan, sangu saboboko metung, lengkep jeung deungeunna. Geus puguh ari cai kopi mah tara eureun. Nu karunya Bi Siti, nu babantu di imah kuring, di dapur téh teu eureun gawé. Nyangu, ngagoréng cau, ngagoréng ulén, nyieun cikopi, mangmeulikeun roko, kukumbah piring, kukumbah gelas, ngepél, sasapu. Terus kitu ti isuk nepi ka peuting.

Nu anéh, Mamah loba meuli buku jeung loba ngalanggan koran. Mamah jadi rajin maca koran, Mamah jadi rajin maca buku, Mamah jadi rajin ngadéngékeun warta berita tina televisi, tina radio, jeung mindeng muka internét.
Buku nu dibacana lolobana buku politik, buku sual kakawasaan jeung buku sual tata nagara. Disebut anéh téh pédah wé biasana mah tara katingali rajin maca. Biasana maca koran gé ukur saliwat-saliwat. Ari ieu mah mani telik. Loba nu di kliping jeung ditandaan sagala, penting cenah. Jeung ongkoh deuih nu dibacana buku sual politik, pan biasana mah mun meuli buku gé sual busana atawa kulinér. Ti iraha nya Mamah popolitikan?.

Kaharti sotéh sanggeus aya rapat kulawarga. Duka rapat duka naon disebutna, pokona ngumpul wé kulawarga téh. Aya Ua Uyuh ti Cimahi, aya Mang Dana ti Sukasari, aya Aki Sanusi jeung Nini Hodijah ti Ciawi, aya Bi Iyang ti Lémbang. Tamu nu séjén mah euweuh saurang-urang acan, sigana teu meunang hadir ku Mamah ari lain kulawarga mah.
Rapat kulawarga teh isuk-isuk, poé Minggu. Cék Mamah ambih loba nu hadir ari poé peré mah. Sabenerna hororéam ngilu rapat téh, da éta pan ari Minggu mah sok aya filem kartun nu ramé dina télévisi. Tapi Mamah keukeuh kuring kudu milu. Hororéam-hororéam gé kapaksa ngilu masamoan. Kuring mah diuk wé di juru deukeut Aa.
Aa téh lanceuk kuring, mahasiswa, seméster ka lima. Rada jauh umur kuring jeung Aa téh, ganjor genep taun, ari kuring kakara kelas dalapan..

Nu ngamimitian biantara téh Apa, biasa wé eusina biantara mah, nganuhunkeun kasumpinaganana ka baraya nu hadir. Tuluy ditéma ku Mamah. Tah Mamah nu ngajelaskeun sagala rupana mah. Geuning Mamah téh rék nyalonkeun diri jadi anggota législatif. Euleuh Mamah téh rék jadi kontéstan pemilu. Ajaib, cék gerentes haté kuring. Paingan Mamah rajin meuli buku sual politik, paingan rajin maca koran, paingan rajin ngadéngékeun radio, paingan rajin lalajo warta berita dina télévisi.
Cék Mamah “Kitu pamaksadan téh, mugi sadayana baraya nu hadir tiasa ngarojong tur nyuhunkeun du’ana nu ihlas, supados kalaksanakeun sadayana pamaksadan”.
Kabéh nu hadir ngabigeu, sigana jauh tina panyangka, lantaran euweuh pisan iber ti anggalna. Geus rada leler terus Ua Uyuh nyarita “Ieu téh geus gilig?”
“Insya Alloh tos gilig, malih parantos daftar ka KPUD Propinsi”. Kitu jawab Mamah.
Oh Mamah téh rék jadi calon anggota législatif tingkat propinsi, kitu gerentes hate kuring.
“Sukur atuh ari geus gilig mah, hartina geus panceg dina paniatan” saur Ua Uyuh.
Nu garo-garo teu ateul téh Aa, élékésékéng, duka ku naon.
“Asa kakara ieu téh aya nu rék ancrub dina popolitikan di kulawarga urang” cék Bi Iyang. Bi Iyang téh adina Mamah. Cék dongéng Nini Hodijah mah antara Mamah jeung Bi Iyang sok jadi saingan, sok silih éléhkeun. Mamah jeung Bi Iyang téh umurna teu sabaraha béda, ngan béda dua taun. Mun béda pamadegan sok adu arguméntasi nepi ka silih gebrag, tapi sabalikna mun papada satuju sok silih béla. “Alus tah, sugan wé kulawarga urang tambah komara, pan reueus di kulawarga aya nu jadi anggota legislatif” cek Bi Iyang. Sigana Bi Iyang sapamadegan jeung Mamah, pasti bakal silih béla.
“Teu, teu satuju Aa mah” cék Aa tarik. Nu séjén ngalalieuk ka Aa. Kabéh jempling. Aa teu neruskeun omonganana, siga nu ngadagoan réaksi ti Mamah. Celengkeung téh Bi Iyang nu nanya ka Aa “Naon alesanana pangna teu satuju?”.
“Politikus sajati mah teu kieu carana” cék Aa.
“Politisi” cék Mamah teu éléh tarik “Geuleuh Mamah mah disebut politikus teh, ditikuskeun pisan atuh da, memangna Mamah téh beurit”.
“Keun wé, da sarua kénéh hartina mah” cék Ua Uyuh.
“Enya naon alesanana” Bi Iyang nanya deui ka Aa semu maksa.
“Kahiji, Mamah tos ngalanggar hak menyatakan pendapat ti Aa sareng ti Réré”. Réré téh nénéhna kuring. “Margi Mamah teu ngawartosan Aa sareng Réré sateuacan daptar ka KPUD, Mamah tos ngagunakeun kakawasaan kanggo maksa atanapi ngagolkeun kahoyong nyalira. Mamah tos cidra tina ajén demokrasi di kulawarga” Aa nyaritana antaré, siga nu hayang dilenyepan ku nu hadir, tuluy ngarawél cai keur nginum dina gelas pelastik.
“Kadua, Mamah bakal janten politikus karbitan” Aa keukeuh nyebut politikus “Margi Mamah teu gaduh pangalaman dina organisasi politik, kaahlian Mamah dina organisasi sosial. Sagala rupi gé ari karbitan mah sok asak kapaksa, moal waras sareng moal leres, Cau gé nu asak dikarbit mah tara amis”.
“Katilu, naha Mamah apal kana kaayaan daérah nu bakal diwakilan ku Mamah, pan Mamah mah langkung apal kana kulinér sareng busana”
“Aya kénéh kaopatna?” Bi Iyang nanya ka Aa.
“Aya, mung cekap sakitu wé heula, hoyong terang heula hujah ti Mamah” témbal Aa.
“Tah kitu Ceu, mangga kumaha waleranana” cék Bi Iyang bari ngarérét ka Mamah. Bi Iyang rarasaan téh siga jadi panumbu catur acara talk show dina télévisi.
“Ké heula Bi, Réré can ditaros” cék Aa “Kumaha Ré satuju?”
Kuring gideug, tanda teu satuju. Alesanana mah tangtu Mamah bakal leuwih sibuk, pasti sagala rupa pagawéan di imah bakal diteumbleuhkeun ka Bi Siti. Iraha atuh kuring dipépéndé ku Mamah, iraha atuh kuring ngobrol jeung Mamah, piraku curhat kudu ka Bi Siti?. Mamah kerung kuring ngomong kitu téh.
Mamah ngablamblam ngajawab sakabéh kateupanujuan boh ti Aa boh ti kuring. Jawaban keur Aa nu panjang téh, ari jawaban keur kuring mah Mamah ukur nyarita “Moal atuh Ré, da Mamah gé apal kana manajemén waktu”. Apa mah ukur nyéréngéh, ngabandungan kana jawaban ti Mamah téh.
“Tuh pan, sadayana waleran Mamah sanés dina logika politik tapi langkung dina logika sosial” cék Aa. Tuluy Aa ngaguar kalemahan jawaban Mamah, kuring mah cicing wé da teu ngarti, nu kumaha logika politik teh.
Sigana Apa surti lamun ieu adu rényom diteruskeun bakal kamana mendi. Cék Apa “Salaku imam, salaku kapala kulawarga, ayeuna mah urang silih hargaan wé kana kahayang séwang-séwangan, ulah nepi ka kulawarga téh ilang dangiang gara-gara teu silih hargaan”
Aa némpas “Muhun Pa, mung ulah dugi ka biaya kanggo kuliah, biaya Réré sakola, kacéot ka partéy wé”
Na atuh barakatak téh Ua Uyuh seuri mani ngagakgak bari nyarita “Tah geuning betus, enas-enasna tina teu kapanujuan Aa téh alesanana kitu”
Aa nyela cariosan Ua Uyuh “Da leres Ua, geura sabaraha kedah setor artos ka partéy, sabaraha biaya kampanye, sabaraha biasa mésér kaos, sabaraha biaya nyitak selebaran, nyitak baner, milari dukungan, biaya kanggo tim suksés”.
“Moal atuh Aa, da partéy ieu mah partéy nu alus, partéy nu jujur” cék Mamah.
“Naha aya kitu partéy nu saé, naha aya partéy nu jujur?” témpas Aa.
“Geus, geus, sual partéy mah, saréréa gé geus pada nyaho. Sual biaya , éta mah urang pasrahkeun wé kana kawijaksanaan kapala kulawarga nu ngaturna” saur Ua Uyuh bari ngarérét ka Apa. Apa ukur unggut-unggutan.
“Kulawarga jaman ayeuna mah indung jeung anak téh pacéntal-céntal, debat, alus ari kituna mah” cék Ua uyuh deui semu ngagerendeng.
Pas Bi Iyang rék nutup acara kumpulan kulawarga, Aa nyela heula “Interupsi Bi, patarosan ka Mamah, naha Mamah tos siap upami éléh, upami teu aya nu milih?”
“Siap” témbal Mamah tandes pisan.
Acara kumpulan téh ditutup ku du’a, digalantangkeun ku Aki Sanusi dina basa Arab, du’a salamet, dina du’a téh teu nyabit-nyabit pamaksudan Mamah.
**
Sababaraha minggu saméméh kampanye Mamah mindeng uah aéh ka tatangga, Mamah jadi daréhdéh. Mamah mindeng ngider nepungan tatangga. Pangajian RT gé dihiap-hiap di imah. Pangajian RT nu tadina sabulan sakali, dirobah jadi saminggu sakali tempatna di imah. Kitu deui ka tukang béca nu sok mangkal di tungtung jalan, Mamah ngabagi kaos. Najan indit ka tatangga nu anggangna teu jauh gé sok ngahaja nyalukan tukang béca, ongkosna sok ditambahan jadi gedé.
Tamu nu godégan téa, beuki mindeng datang ka imah, tamu beuki loba. Sigana nu godégan téh ketua tim suksés Mamah. Di imah beuki ramé teu puguh. Tong boro bisa ngapalkeun nu tenang, dalah saré gé teu tibra. Nu babantu di imah ditambahan ku dulurna Bi Siti., da kawalahan ku sorangan mah. Bi Iyang kungsi datang sababaraha kali, mantuan Mamah.
Di imah ngabugbrug selebaran jeung baner maké gambar Mamah, ditulisan “mohon doa restu”. Cék Aa “Kawas Mamah sok ngadu’akeun batur wé” duka naon maksudna Aa ngomong kitu téh. Aa mah siga nu sinis ka Mamah téh.. Aya deui nu nyayeud téh, bandéra partéy, ditilepan da tina lawon. Di buruan aya leunjeuran awi ngabugbrug, sigana keur tihang bandéra. Jeung tulisan lianna. Duka timana duitna keur ngabiayaan nu kararitu téh, da meureun lain duit saeutik. Matak pantes mun Aa meupeujeuhkeun ulah ngaganggu duit keur biaya sakola.
Nu anéh deui, dina koran aya artikel beunang Mamah, wah hébat artikel beunang Mamah bisa dimuat. Tapi iraha nulisna nya, pan sakitu sibukna. Aa ku kuring dibéjaan aya artikel beunang Mamah dina koran. Aa batuk nepi ka ongkék, teuing ongkék enyaan teuing ongkek bohong, ngan cék Aa éta nu nulisna ghost writer. Beu teu nyaho deui baé naon hartina ghost writer téh.

Dina mangsana kampanye, Mamah leuwih sibuk, angkag ingkig ka ditu ka dieu. Nu karunya mah Apa, terus-terusan marengan Mamah, kababawa sibuk. Kungsi Mamah ménta dibarengan ku Aa. Aa kalah jejebris, bari ngomong “Urang silih hargaan kana pamadegan séwang-séwangan wé Mah”. Mamah teu bisa majar kumaha. Kuring gé sarua jeung Aa, haroréam, males pokona mah. Nu keu kitu nu disebut manajemén waktu téh? Ngan aya reueusna ka Mamah téh, Mamah jadi siga beuki pinter. Pinter pidato, pinter debat. Ngan mun didéngé-déngé nu mindeng diucapkeun téh ukur jangji. Cék Aa, mana aya nu pidato atawa debat dina kampanye dumasar kana program.
Éta gambar mamah, napel dina tatangkalan, napel dina tihang listrik, napel dina témbok bénténg, napel dina pager imah batur, napel dina tonggong batur. “Ih rujit ningalina gé, siga nu teu boga aturan” cék Aa. Ari kuring mah asa éra ningali kitu téh, komo basa babaturan sakola nanya, kuring teu ngajawab ukur unggeuk kapaksa. Pangna éra téh, kumaha mun mamah éléh, euweuh nu milih, disebutna looser, pacundang. Pan matak wirang kulawarga. Meureun batur téh ngajebian bari nyebut “Loser, loser…”.

Saminggu sanggeus poé pamilihan, Mamah kaciri rada alum. Tamu nu sok jul-jol mimiti lus-les. Komo nu godégan mah tara katingali pisan. Di imah jadi karasa tiiseun. Bi Siti gé rajeun kaciri gégéléhéan. Kuring gé jadi betah deui, bisa ngadéngékeun lagu tina radio, bisa lalajo télévisi, bisa maca buku, bisa gégéléhéan dina korsi. Ngapalkeun téh karasa tumaninah. Cék Aa bari rada ngaharéwos “Mamah éléh, tong loba omong, jempling wé”. Kuring rada ngeleper ngadéngé béja kitu téh. Loser?.
Naha engké Mamah bakal tetep daréhdéh ka tatangga, naha éngké pangajian RT bakal di imah deui? Naha bakal bijil deui alesan haroréam ngamparkeun samak? Naha engké tulisan artikel Mamah bakal dimuat deui dina koran?.
Ti kamar kadéngé oho-oho Mamah gohgoy, oho-oho Mamah muriang.

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 6 September 2011)

09 July 2011

CARPON : NGUSEUP

Ku : MAMAT SASMITA                    English Version

Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.
Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gedé.

Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri.
Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.
Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.
Tapi saha nu rék masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.

Lauk kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.
Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.

Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.
Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami” kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.
Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.
“Muhun mang, engké upami kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”
“Bénten paniatan kumaha mang?”
“Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.

***
Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?” kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan” kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.
Kang Sabri bébérés, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.

(Dimuat dina Tribun Jabar Saptu 9 Juli 2011)

18 June 2011

Carpon : GAGAL

Ku : MAMAT SASMITA       English Version

Kang Sabri cakah cikih. Rék boga hajat gedé. Enya hajat gedé. Lantaran kang Sabri téh Ketua Komisi Pemilihan Umum Daerah Kabupaten. Bulan hareup rék pemilukada. Tah éta hajat gedé téh. Milih pamingpin rahayat.
Cék mang Engkon, juru parkir di pasar, pamingpin téh nu kudu nu daék mayar parkir. Cék Kang Endin, tukang ojég, pamingpin téh nu bisa ngoméan jalan. Cék jang Ukon nu kakara lulus SMK, pamingpin téh kudu nu bisa nyadiakeun pagawéan. Cék mang Uhi, juru tani, pamingpin téh kudu nu bisa nyadiakeun gemuk. Ari cék ma Cioh nu sapopoéna ukur di imah, pamingpin téh kudu nu bisa nyadiakeun harega dahareun nu murah.
Kang Sabri apal pisan ka nu kararitu mah, matakna kacida soson-soson jeung taliti kana pagawéanana. Ti mimiti vérifikasi bakal calon nepi ka lolosna bakal calon.
Ti mimiti nu cageur, dibuktikeun ku surat séhat ti dokter. Nu bageur di buktikeun ku surat kalakuan hadé ti pulisi. Nu pinter dibuktikeun ku ijasah boh ti paguron luhur boh ti sakola lanjutan. Palebah bener, wanter jeung jujur, asa euweuh instansi nu méré katerangan. Cék pikir Kang Sabri, rék husnudon wé. Da euweuh deui alatna keur ngabuktikeun, iwal pangakuan ti jinisna séwang-séwangan.

Tina sababaraha pasangan nu daftar, nu lolos téh ngan dua pasang, nyaéta pasangan Drs Wawan Gunawan jeung Dra Luna Yahya disebutna pasangan Waluya. Nu hiji deui nyaéta pasangan Ir.Hérman Suganda jeung Drs.Rahmat Santosa disebut pasangan Hégar.
Dua pasanganana diondang ku kang Sabri ka kantor KPUD dina acara nandatangan surat kasaluyuan. Duanana kudu satuju dina waktuna kampanye ulah aya pacogrégan. Ulah aya riributan komo mun riributan téh mamawa rayat nu kalan-kalan ukur pipilueun.

Kantor KPUD geus dihias ku rupa-rupa umbul-umbul, dirarangkénan beureum bodas. Kang Sabri maké bendo citak, disamping réréng, atuh baladna sasama pagawé KPUD aya nu maké iket baju salontréng, ngan henteu wé nyoléndang keris atawa kujang atawa bedog mah.
Teu lila leugeudeut datang rombongan Waluya. Teu lila leugeudeut datang rombongan Hégar. Tatamu diperenahkeun di panghareupna, sina diuk dina korsi lir pangantén rék dirapalan. Tamu mah maraké baju biasa, aya nu maké jas lengkep jeung dasina, aya nu maké baju safari, aya nu maké batik. Duka teuing paginding-ginding, duka teuing pasopan-sopan.

Acara dibuka ku kecap Basmallah tuluy maca ayat suci Al-Qur’an. Ditema ku biantara bubuka ti Kang Sabri, teu panjang biantarana téh ukur “Hayu urang sasarengan nongton Tarawangsa, upami réngsé teu kedah dikeprokan”
Breng tarawangsa ngamimitian. Wirahma tarawangsa nu karasa monoton, nyelesep ngahudang rasa, ngageterkeun mamaras rasa. Drs. Wawan Gunawan jeung Ir.Herman Suganda ngarasa lir diusapan ku angin ngahiliwir, ditoélan kana kulit, kana buuk, kana ceuli. Nu ngigel awéwé tengah tuwuh, maké kabaya mawa salempay. Rigigna ngawirahma, malikna lalaunan, euweuh rindat euweuh kelé, manteng kana sora kését tarawangsa jeung jentréng.
Ir.Hérman diukna semu doyong ka hareup, rada oyag-oyagan kabawa ku wirahma tarawangsa. Panon semu peureum, ceuli semu rebing. Pikiran ngalayang ka lawang, ngalayang ka pakalangan, ngalayang ka gigireun. “Ma enya uing éléh ku nu pécékrék kitu?” gerentes haténa. Tuluy semu seuri, pedah ningali Luna Yahya, awéwé bayuhyuh jangkung badag.
Drs.Wawan diukna semu ngadayagdag, panon semu peureum, ramo leungeun utek-utekan ngilu wirahma tarawangsa. Pikiran ngalayang ka lawang, ngalayang ka pakalangan, ngalayang ka gigireun. “Cadu éléh, najan harelung jangkung gé moal ditarajéan” kitu pikirna. Tuluy semu seuri, inget kana film Kungfu Panda, awak jangkung badag apan guruna mah leutik pécékrék.
Béhna dina nimbang-nimbang lawan téh diijir tina pangawakan heula, nu kaciri junggiringna.
Kését tarawangsa nyebitan rasa, jentréng nyintreukan ati. Pung ka luhur koléang ka handap. Diayun ambing digeubig-geubig. Réngkak nu ngibing semu ngalayang siga keur tumpak méga. Gerak leungeun lalaunan dipisieup ku gebay salempay. Lir nyieun gurat ipis kandel teu pegat-pegat. Meulit diri meungkeut raga jeung sukma, kakalayangan antara aya jeung euweuh, antara kosong jeung eusi.
Drs.Wawan ngilu oyag-oyagan. Ir Herman ngilu eundeuk-eundeukan. Kang Sabri unggut-unggutan.
Pintonan tarawangsa réngsé, ukur tilu lagu.

Térétét sora tarompét, kendang ngabangplak, goong ngungkung. Pintonan kendang penca makalangan. Jol barudak leutik, ibing rampak. Kewes pantes, kasép jeung geulis. Baju singset, baju penca, sirah maké iket. Kendang dina wirahma tepak dua. Peureup buleud, beungeut dangah, rancingeus.

Ir.Herman ngisedkeun awak, robahna wirahma tina tarawangsa kana kendang penca mawa beunta.
Nu kaciri lapangan lega, jalma noyék ayeuh-ayeuhan. Di tengah lapang geus ngajega Drs.Wawan, maké pangsi, calana nengah bitis. Gajleng Ir.Herman muru tengah lapang, sarua maké pangsi calana nengah bitis, dada ngaliglag.
Di dieu tempatna patutunggalan, di dieu tempatna jogol. Nya ayeuna nangtukeun saha nu punjul. Nya ayeuna ngetrukeun élmu panemu. Nya ayeuna mintonkeun wewesén diri.
Nu lalajo beuki meuweuh, ayeuh-ayeuhan, éar surak ting gorowok
“Smack down”, “Banting”. “Tonjok”, “Beubeutkeun”.
Sup ka pakalangan ti Panwaslu, jadi wasit nu rék tarung. Terus ngarampaan awak nu rék tarung, bisi mawa pakarang. Cék nu ti Panwaslu “Aturanana teu meunang ngadengkék komo ngadengkék ku kélék, teu meunang nyekék jeung teu meunang ngomong deuih”.
Nu ti Panwaslu undur, nyerangkeun ti kajauhan. Nu lalajo ger surak, asa kaindit, ningali bakal pamingpin rék tarung, rék silih tonjok..
Nu rék tarung duanana kunyam-kunyem mapatkeun ajian. Ajian batara karang, ajian semu gunting, ajian sentak dulang, ajian belut putih, ajian pupul bayu. Kabéh jampé pamaké hadir.
Duanana atar, sirintil, jedak. Teu béda jeung nyirintilna domba adu. Garapakna, bintihna teu béda jeung hayam jago keur diadu. Mun kungsi lalajo film kartun Naruto atawa The Legend of Aang, siga kitu ting aranjlengna, siga kitu silih gitikna, siga kitu silih bantingkeunana.
Duanana dangah, duanana tanggah, duanana ngahégak. Késang ngorolok tina tarang, tina kélék, tina dada. Duanana nagen, duanana mugen embung éléh.

Wirahma kendang penca geus ganti ku tepak palérédan. Tepak kendang leuwih gancang manan tepak dua. Blus ka pakalangan barudak rumaja, demonstrasi penca, ulin bedog, ulin trisula teu kaliwat. Beuki beurang héab panas di aula KPUD beuki karasa, nu hadir loba nu kikiplik ngageberan awak, ku koran, ku buku, ku dampal leungeun. Gurilapna bedog diulinkeun, dipuihkeun lir kolecer, jadi taméng tina sagala serangan lawan. Nyodok digilekeun lir nurih wajit, mun dikeplaskeun lir nyacar bolang.
Ditungtungan ku padungdung, para guru sapagorun makalangan, ulin rapet, siga silih usap teu tanagaan. Tanaga museur dina kuda-kuda, tapi mun geus meupeuh tanaga pindah kana puhu leungeun mapay kana peureup. Kelid jeung jeblag pataréma.

Nu keur ragot patutunggalan di lapangan lega, can lekasan. Nu hiji nyéréd nu hiji ngagilek, nu hiji nyépak nu hiji ngagiwar, nu hiji meupeuh nu hiji ngeploskeun..
“Beu aing éléh yeuh” kitu gerentes haté Ir.Hérman bari napas ngahégak.
“Kasoran yeuh” kitu gerentes haté Drs.Wawan bari tuur ngeleper.
“Enyaan bedas si jangkung téh”
“Enyaan liat si pécékrék téh”
Nu lalajo beuki susurakan, malah aya nu nakolan kaléng, aya nu nakolan kendang, aya nu niup tatarompétan, teu puguh déngékeuneun lir sahéngna sora mengrebu-rebu éngang.

Tepak padungdung eureun ngagentak, ditungtungan ku sora goong. Jep jempling.
Kang Sabri nangtung pok ngomong “Milih pamingpin sanés ku jalan silih bobok silih tarok, silih tonjok, jogol patutunggalan, pacowong-cowong genggerong. Tarawangsa masihan tangara ngahijina antawis lahir sareng batin, ngahijina raga sareng sukma. Masihan tangara yén ucap sareng lampah téh kedah saluyu, ulah pakia-kia. Ari dina silat, leres nu katingal rigigna raga, rancingeus tur kesit, ngagambarkeun séhat jasmani sareng rohani, papagonna ngabéla bebeneran, teu kénging sahaok kadua gaplok. Salajengna badé dipintonkeun Sintrén, ieu mah perlambang, hirup téh ulah dugi ka ngalaman diborogod, dibangkol, dibaguded ditalian komo ku alatan basilat, karooh ku duit saeutik. Ampun paralun sanés sim kuring nyanyahoanan, ieu mah étang-étang ngabéjaan bulu tuur”.

Ir.Hérman asa kagebah tina lamunanana tuluy ngarérét ka Drs. Wawan, sabalikna kitu. Duanana silih unggeuk. Ting kusiwel ngaluarkeun sapu tangan keur ngelap késang dina tarang. Ngusap beungeut ku dua dampal leungeun.

Pintonan diganti ku Sintrén. Sora buyung ngablep-blep digepluk-gepluk ku hihid atawa ku karét urut sendal capit, lodong awi jeung kecrék tina sapu nyéré lir ngadéngé wirahma buhun. Nu tari sintrén budak awéwé lanjang dibaguded ku tambang. Siga sulap mun geus kaluar tina ranggap tali geus leupas , baju geus ganti, dina itungan detik. Sarua ieu gé ukur tilu lagu. Nu tari sintrén maké kacapanon hideung mun dibalédog ku duit sok terus ngarumpuyuk, jagjag deui mun geus dijampéan.

Sanggeus acara pintonan kasenian réngsé, acara undak kana nandatangan surat kasaluyuan yén kampanye kudu aman. Para calon pamingpin kabéh nandatangan disaksian ti aparat kaamanan. Tuluy aya biantara singkat disambung ku sasalaman.
Bereyek téh nu hayang sasalaman aya ratusna jalma, kabéh tukang baramaén, tukang ngamén jeung kindeuw. Aya nini-nini, aya aki-aki, aya budak, aya awéwé, aya lalaki. Aya nu pinced, aya nu jagjag belejag, aya dogér monyét, aya nu mawa hitar, aya nu mawa suling jeung rupa-rupa.
Ngantay sasalaman ka calon pamingpin. Aya kajadian lucu, monyét nu sok dibawa ku tukang dogér monyét, terus namprak ménta duit bari panon culak cileuk. Ari geus dibéré duit sarébu mah terus ngajleng kana taktak nu mawana.
Acara sasalaman réngsé, ngong kang Sabri ngomong “ Acara parantos lekasan, hatur nuhun ka sadayana, mugia ieu acara janten tatapakan urang sadayana. Hapunten anu kasuhun bilih kakirangan itu sinareng ieu, malih dina ieu acara teu aya tuang siang, margi tuangeun séép dibagikeun ka rombongan duafa tadi, hayu urang tutup ieu acara ku nyebat Hamdallah”
Rob wartawan ngaronom kang Sabri, ditanya itu jeung ieu, utamana nu nanya téh kunaon bet malah nanggap kasenian. Nepi ka aya nu nanya kunaon euweuh dahar sagala najan bari heureuy, Kang Sabri ngabamblam ngajawab sakabéh pananya ti wartawan. Cek kang Sabri pangna nanggap tarawangsa, kendang penca jeung sintrén lantaran euweuh larangan dina statuta KPUD, kitu deui ngondang kaom duafa.

Saminggu ti harita, ka KPUD datang rombongan pasangan Waluya. Najan keur riweuh kang Sabri kapaksa nepungan. Pasangan Waluya ngébréhkeun pamaksudanana, nyaéta rék ngundurkeun diri tina pemilukada. Demi alesanana ngarasa moal bisa méré dahar ka rahayat jeung ngarasa moal bisa jujur ka diri sorangan. Pedah éta geus sasalaman jeung nu baramaén sakitu lobana, boa boa jumlah nu saenyana puluhan rébu, kitu pokna. Keur kitu kurunyung deuih rombongan pasangan Hégar, sarua tujuanana rék ngundurkeun diri. Alesanana ngarasa teu apal ka daérah nu rék dipingpinna, tibatan salah léngkah cenah. Pedah éta geus lalajo tarawangsa jeung sintrén, majarkeun sieun dibangkol sanggeus léngsér kaprabon. Dua pasanganana siap dihujat, disalahkeun ku partéy nu ngarojongna, tibatan disalahkeun ku rahayat engkéna.
Kang Sabri melengek, ngahuleng salila-lila, lir bueuk meunang mabuk. Késang tiis mimiti renung dina tarang, beungeut pias, leungeun ngeleper, titingalian ririakan, rumpa-rampa teu puguh cabak.Naha jadi kieu?. Kang Sabri amitan heula, rék wudu cenah. Nyecepna cai kana beungeut, kana leungeun kana suku ditambah ku doa nu ihlas, kang Sabri teger deui “Aing gé rék ngundurkeun diri, aing gagal milih pipamingpineun téh, boa-boa kawalat dina acara nandatangan kasaluyuan kampanye aman téh teu ditutup ku doa” kitu gerentes haténa.

Isukna, “Ramé-ramé mundur, Ketua KPUD jeung 2 pasang Calon Pamingpin Tingkat II mundur” kitu béja utama dina unggal koran nu medal. Dina télévisi jadi bahan obrolan, dina radio, dina internét, di warung kopi, di sisi jalan, di mana mendi.
Cék jang Ulé tukang loper koran “Dasar bodo”.
“Bodo kumaha?” cék batur jang Ulé.
“Enya bodo wé, ayeuna mah néangan duit nu haram gé hésé komo nu halal, ari ieu rék dijenengkeun kalah mundur”.
“Teuing ah, keur uing mah aya pamingpin jeung euweuh pamingpin téh teu karasa bédana, angger wé hirup susah. Tapi Ketua RT jeung Ketua RW mah perlu euy keur nyieun surat miskin” ditungtungan ku seuri ngagikgik.
Dina acara talkshow di télévisi cék juru titén nu diondang “Mémang bener, mun ngarasa teu sanggup jujur mending mundur ti anggalna”
Ditempas ku lawan ngomongna “Rék jujur kumaha gajihna kepala daérah tingkat dua téh ngan tujuh juta rupia sabulan, ari lifestyle tujuh juta sapoé”
Rék ditémpas deui kaburu panumbu catur ngomong “Curhat nih yé. Ké pa koméntarna mah saparantos acara commercial break”.

(Dimuat dina Tribun Jabar Saptu 18 Juni 2011)

27 May 2011

Carpon : ONYET


                                                                        English Version

Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.
Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu olah raga.

Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga wiwaha.
Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.

Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.

Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.

Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang.

Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.
“Pa, kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.
Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét téh.

Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.
Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.

Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No.93 April 2011)