22 February 2010

IDENTITAS

Ku : MAMAT SASMITA

Unggal bulan Pébruari urang ngadagoan nu haat kana basa indung, boh nu medalkeun buku, majalah, artikel atawa ukur cacarita. Pédah dina bulan Pebruari teh sok aya acara miéling basa indung internasional. Geus mindeng diucapkeun dina pidato, dina seminar, dina bahan ajar yén basa téh cicirén bangsa. Cicirén téh ciri atawa identitas téa. Najan enya basa téh identitas bangsa, tapi identitas téh lain ngan éta.
Bisa baé aya identitas séjén siga KTP, SIM atawa kartu nama. Nu ngécéskeun ngaran, umur, tempat lahir, pagawéan jeung alamat. Dina kartu nama mah sok ditulis jabatan, ambih kaciri légég, nambahan sari jeung géngsi.
Béhna identitas teu ngan tunggal, aya awéwé, aya lalaki, aya sélér, aya bangsa, pacabakan, agama, jeung nu séjénna. Mun jalma mencil sorangan bakal ngarasa yén dirina jauh tina éntitasna tur sok ngarasa teu walakaya. Pikeun ngungkulanana nya ngadeukeutkeun manéh ka éntitas nu bakal méré pangharepan nu luyu jeung kahayangna. Ana kitu identitas téh perlu, sangkan aya katingtriman tur ngajaulkeun rasa agul jeung solidaritas, saperti campur gaul jeung tatangga atawa campu gaul jeung nu sakayakinan, sakelompok, sakomunitas, sasélér, sabangsa.

Hal séjén, identitas kalan-kalan meulit lir beulitan tepunggelang nu euweuh tungtungna, komo mun geus asup kana ranah kakawasaan. Hiji kasang méré harepan ngawewegan beungkeutan pamadegan, visi atawa ambisi nu sarua. Kasang séjén kalawan asmana kamajuan, préstasi jeung wewegna beungkeutan nu sapamadegan kudu adu hareupan jeung beungkeutan séjén nu teu sapamadegan, antukna nu teu sapamdegan dianggap lawan, siga tarung jeung musuh, kalan-kalan silih hinakeun.

Nu disebut urang Sunda, cék Prof Suwarsih Warnaén, nyaéta nu dirina ngaku urang Sunda tur diaku urang Sunda ku nu lian. Aya deui nu nyebutkeun nu ngaku urang Sunda téh kudu ngarti Sunda sapuratina ti mimiti étika nepi ka éstétika, ti sajarah nepi ka mitos, ti kasenian nepi ka adat istiadat jeung sajabana ti éta. Eta kabéh téh can cukup, tapi kudu leuwih manan hubungan inteléktual, kudu emosional malah kudu intuitif.
Jaman kiwari, cek cenah mah jaman globalisasi, pagaliwotana pikiran, pamadegan, apan sakitu meuweuhna. Nu disebut wates budaya téh méh-méhan euweuh. Komo sanggeus internét nyulusup ka unggal juru padumukan, ka unggal sela-sela kahirupan. Bacaeun dina internét sagala aya dina rupa-rupa basa, pangaweruh jeung pikiran (falasifah) ngabadeg. Tangtuna éta téh bakal mangaruhan kana pola pikir urang Sunda. Sedengkeun tangtungan atawa identitas urang Sunda keur dikoréhan kénéh salian ti basa nu geus dianggap ajeg.
Bawirasa kamajuan kabudayaan Sunda salaku identitas diperedih sangkan satia kana karaktér primordialna, kukituna téma hermeneutika otentisitas atawa politik identitas nu ayeuna keur meujeuhna ngagulidag. Hiji pasualan kumaha carana keur ngajeroan tur ngama’naan ajén tradisi Sunda tur teu leupas tina kamampuh diréktifna dina kahirupan mangsa kiwari. Padahal tradisi téh lain ngan sakadar gundukan aturan atawa norma nu babari dicekelna kalan-kalan remeng-remeng patokanana. Ngama’naanana gumantung ka saha nu nafsirkeunana, orokaya unggal tafsir sok rajeun jadi otoritér jeung intoléran.

Nya didieu perluna strategi kabudayaan nu jembar. Ngawengku sakabéh aspék kahirupan, karsa jeung karya manusa Sunda, kitu gé lamun yakin yén budaya téh hasil konstruksi sosial masarakatna, nu bisa dirugal-rigel. Nu ngabaladah sangkan aya strategi kabudayaan nu jembar bisa diluluguan ku pamaréntah daerah gawé bareng jeung paguron luhur atuh teu salah mun komunitas kabudayaan nu tumuwuh rampak di unggal tempat gé dihiap.
Keur saheulaanan saméméh strategi kabudayaan nu jembar aya, cek HW Setiawan dina hiji sawala, wacana budaya Sunda siga nu ngeuyeumbeu, nu mindeng dipadungdengkeun ulukutek didinya-didinya kénéh. Cik dicobaan asup kana isu-isu global, kayaning isu korupsi, ékologi, global warming, karuksakan lingkungan jeung sajabana ti éta bari jeung teu leupas tina kearifan lokal. Atuh dina widang publikasi hasil panalungtikan atawa artikel kasundaan, alus lamun ditarjamahkeun kana basa internasional, disimpen dina internét, tangtu bakal méré ajén indetitas nu leuwih punjul ka urang Sunda.Tangtu we pamanggih HW.Setiawan pantes dirojong sabab éta gé bakal méré identitas nu leuwih teges ka urang Sunda.

Ieu mah babalagonjangan kumaha lamun sakabeh sesepuh/ inohong budaya Sunda nyieun fatwa keur pejabat publik yen korupsi teh cadu. Nu disebut pacaduan tea apan lamun dirempak bakal meunang mamala. Ieu ge bakal mere identitas nu positip keur urang Sunda.
(Dimuat dina Dur Panjak majalah Cupumanik No.79 Pebruari 2010.)
===================================================================
Majalah Basa Sunda Cupumanik medal unggal sasih. Upami bade langganan tiasa pesen ka Redaksi atanapi ka bagian pemasaran kontak bae ka Tlp 022-7310625


1 comment:

オテモヤン said...
This comment has been removed by a blog administrator.