30 January 2010

DONGENG MONYET JEUNG KUYA

Di Tatar Sunda kungsi aya Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, cek Pa Anwas Adiwilaga di Karajaan Galuh leuwih nyoko kana kabudayaan cai, nepi ka aya istilah panereban (tempat keur nerebkeun), hartina di Galuh mah mun raja tiwas, jasadna kudu dilabuh atawa diterebkeun (diteuleumkeun). Sedengkeun di Karajaan Sunda leuwih nyoko kana budaya darat, nepi ka aya istilah pangureban, mun raja tiwas jasadna kudu dikubur atawa dikurebkeun. Ieu dua budaya teh dikawinkeun dina dongeng kuya jeung monyet, kumaha sosobatan antara dua satwa nu beda habitat aslina, kuya mah pan kudu deukeut kana cai, sedengkeun monyet mah kudu aya leuweung (darat). Naha bener atawa henteuna eta budaya anu siga patukang-tonggong teh kudu aya panalungtikan nu leuwih daria.

Didieu diberendelkeun dongeng sosobatan antara Kuya Jeung Monyet, di-scan tina buku Gandasari jilid III citakan ka 3 nu medal taun 1950, dina wangun JPEG (ambih kaciri aslina).

1 comment:

Admin said...

ieu teh ambeh katingal aslina atanapi cape ngetikna nya hehe...