17 November 2009

NGAGUAR CAWOKAH

Laporan : Mamat Sasmita

Cawokah cek kamus LBSS mah hartina teh jorang, porno, resep nyebut kecap-kecap nu kudu dibalibirkeun jeung nyaritakeun sual nu matak ngahudang birahi. Jadi hartina cawokah teh teu beda jeung jorang, sedengkeun jorang cek kamus keneh nyaeta sok resep ngucapkeun kecap-kecap nu kotor bisana sok dibalibirkeun, upamana nyebut rarangan.
Pangna cawokah jadi jejer dina sawala di PSS poe Saptu tanggal 12 September 2009 teh kulantaran teu bisa dibantah carita cawokah mindeng kapanggih dina guguyon Sunda, komo dina carita lisan. Contona disertasi Lina Maria Coster Weijsman (1929) nu judulna Uilespiegelverhalen in Indonesie in het biezonder in de Soendalanden ( Carita lucu di Indonesia utamana di Tanah Sunda). Buku Serial Heureuy Parahyangan meunang Kang Nay (1972). Atuh ka dieunakeun mindeng kapanggih dina buku serial heureuy Sabulangbentor karyana Taufik Faturohman. Geus puguh ari dina guguyun lisan mah tara kaliwat carita cawokah teh. Kagambar kumaha ngehkeyna nu ngadengekeun atawa kumaha ekspresi jeung pepetana nu cumarita, dongeng cawokah lir hiji genre carita nu teu laas ku jaman.
Elin Samsuri (dosen manten ti UPI), kacida tapisna ngadongeng cawokah, malah boga istilah sorangan keur carita cawokah nyaeta dongeng kokak. Medalna istilah dongeng kokak, cek Elin, waktu ngadengekeun dongeng di basisir kaler, mangsa pamayang ngadagoan peuting memeh indit balayar. Ruang riung deukeut parahu, aya bujang aya lanjang, aya randa aya duda. Ngawangkong ngaler ngidul kamana hayuna, mimindengna bras kana carita cawokah. Bakating ku suka budak bujang seuri seeleun, bari teu sadar netekeman budak lanjang ku jaring heurap, atuh puguh we budak lanjang reuwas kacida, ngaoceak tibuburanjat bari nyebut „Kokak...kokak..kokak...“ . Kitu mimitina mah, waktu ditanya naon hartina kokak Elin teu mere katerangan ngan cenah kajadianana waktu suka bungah ngadenge dongeng cawokah, jadi teu salah teuing lamun cawokah teh sarua jeung dongeng kokak.
Cek Elin dongeng kokak nyampak di unggal strata masarakat. Nu penting cara ngadongengkeunana teu nembrak vulgar, tapi dipindingan ku metafora estetika. Kapan dina genre kasenian ge aya nu disebut sesebred. Eusina nya banyol nya kokak, upamana „Kaduhung maen kaleci, liang keuyeup reregean. Kaduhung boga salaki, liang keuyeup ngagedean.“
Beda jeung jorang, sabab dina jorang mah aya nawaetu nga-eksploitasi perilaku seksual jeung organ vital manusa salaku bahan baku dongeng. Jorang mah tujuanana ngahudang birahi, kalan kalan teu kasengker ku tetekon moral atawa ajen atikan.
Aya anggapan dongeng kokak hirup subur di masarakat kuricakan, lantaran dipikabutuh pikeun hiburan memeh sare sore-sore. Pamanggih ieu teh cek Elin mah salah kacida, da dongeng kokak aya dimana-mana, diunggal strata masarakat. Malah lain di seler Sunda wungkul. Dongeng kokak leuwih lemes dina ngadongengkeunana. Basana dipilih, dirautan dipapantes ku silib estetika. Nu dipalar ngahudang imajinasi jeung nalar lain ngan sakadar ngawewelan emosi seks. Dongeng kokak henteu ditembrakkeun ka audien nu heterogen, dongeng kokak ngan bisa sukses di hiji komunitas nu geus papada loma, dilingkungan anu sarua. Wangun dongeng kokak parondok jiga sketsa tina kajadian kahirupan sapopoe, dongeng kokak teu loba pangjajap tapi langsung kana inti carita.

Pamadegan Elin Samsuri nu ngabedakeun cawokah jeung jorang diheueuhkeun ku Achmad Gibson (dosen UIN SGD Bandung). Cek Gibson di Sunda aya dua istilah aya jorang aya cawokah. Hartina beda. Jorang mah konotasina porno, matak muriang saawak-awak, ari cawokah matak seuri, cawokah konotasina guguyon. Cawokah teh bagian tina porno tapi ngagunakeun basa humor dina eusina, atawa humor nu ngagunakeun objek porno. Eta dua kamungkinan teh sarua kuatna.
Cek Gibson dina carita cawokah teu aya niatan ngungkab nu sifatna pornograpi, murni we heureuy. Sigana ieu teh aya kasang tukang atawa aya aspek kultural nu marengan, malah rada aheng lamun urang Sunda teu resepeun cawokah, lir sapopoe teu resep kana jengkol. Dina cawokah aya pola silib, aya pola sindir, teu satarabasna. Analisis Gibson, cawokah teh sacara psikologis mangrupa alternatif keur ngaleungitkeun pornograpi. Cawokah bisa ngurangan kecenderungan pornograpi. Malah bisa jadi nu cawokah teh anti kana pornograpi. Cawokah aya kelasna, nyaeta gumantung deuheus henteuna jeung nu diajak nyarita. Kukituna dina cawokah aya tatakrama, teu bisa sabeledugna, biasana nu silib atawa malibir, ngan dina malibir biasana imajinasi seksualna leuwih jero Sisi lain, bisa jadi cawokah teh ekspresi erotik, pedah alam lingkungan Tatar Sunda mangrupa pagunungan nu hawa tiis, keur ngahaneutan suasana brasna kana carita cawokah.

Pamanggih Syafrina Noorman (dosen UPI), nu nitenan saliwatan dina facebookna Godi Suwarna (GS), yen guguyon sek jeung seksualitas (cawokah) teh dipikaresep. Tapi naha ieu teh ngan sakadar stereotip atawa naha bener cawokah teh geus jadi ciri (esensial) urang Sunda?. Syafrina teu mere jawaban tandes, ngan mere data :
1.Tema cawokah leuwih loba nu ngomentaran.
2. Eusi cawokah dina facebook GS nyebut kecap-kecap nu kudu dibalibirkeun saperti ngaran rarangan atawa kalakuan nu katarik ku sahwat atawa ngomong jorang.
3. Tanggapan atawa komentar relatif leuwih loba ti awewe batan lalaki.
4. Tanggapan ti lalaki kacawokahanana leuwih dilegaan kana rupa-rupa aspek malah intesitasna leuwih jero.
5. Eusi komentar lamun papada geus loma leuwih wani.
6. Tema cawokah jadi tempat interaksi ekslusif (kudu boga kawani keur ngomentaran).

Salian ti eta facebook dina internet salaku budaya pop geus mere kalaluasaan keur nyoara (mere komentar atawa nyieun status) boh keur lalaki boh keur awewe. Kulantaran teu kawatesanan ku umur atawa status sosial (nu maca umur tur stratana dianggap sarua) eusi status atawa komentar karasa sahinasna. Internet husuna facebook GS mangrupa identifikasi hiji komunitas (baca :Sunda) nu mere lolongkrang pikeun ayana tendentious joke nyaeta cawokah. Mere lolongkrang keur ngadurenyomkeun hal nu pamali/ tabu ku cara nu leuwih ditarima (dina kahirupan adu hareupan mah can tangtu bisa diomongkeun).

Tapsiran sejen.

Salah saurang pamilon sawala mere komentar kana carita cawokah dumasar kana pamanggih Jakob Sumardjo tina buku Paradok Cerita Si Kabayan (Kelir 2008).

Hiji poe Si Kabayan katitipan pamajikan kiayi,cek kiayi „Kabayan kuring rek ka Peuteuyraket rek nagih hutang. Kuring nitip Nyai supaya dijaga, ngan Nyai boga kabiasaan mun sare sok kataranjangan (lain taranjang dihaja), tutupan we ku maneh“. Si Kabayan unggut-unggutan ngarti. Ngarasa katitipan Si Kabayan ngajugjug ka imah kiayi, kasampak teh enya we pamajikan kiayi keur sare bari sataranjang. Gura giru Si Kabayan neangan keur nutupan. Mimiti ku aseupan, ihh geuning teu pantes cek gerentes hatena, ku coet teu pantes, ku kekeban „ Ah teu parigel keneh!“. Ku pangarih teu pantes. Si Kabayan mikir bakal pantes lamun ditutupan ku awakna „tuh pan sakieu meujeuhna“.
Barang kiati datang, kacida ambekna pedah ningali pamajikanana ditutupan ku awak Si Kabayan. Si Kabayan ngajawab tuda ditutup ku nu sejen mah teu pantes, geura ku awak kiayi ge bakal pantes. Kiayi nutupan awak nyai ku dirina, cek kiayi „Heueuh we sakieu meujeuhna jeung ngeunaheun deuih“.

Carita siga kitu saliwatan mah siga nu jorang, cek Jakob Sumardjo pasualan rarangan eta teh ciri primordial Austronesia nu kabawa ka Nusantara, kaasup Sunda. Ningalina carita siga kitu ulah ngan ukur make cara eksoteris tapi kudu ku cara esoteris. Make cara primordial Sunda.
Pangarih pasanganana jeung dulang atawa boboko, cowet pasanganana jeung mutu, kekeban pasangan jeung wadah paranti sayur, aseupan pasangan jeung seeng. Kabeh ge barang nu dipake teh simbol dunya awewe. Jadi bakal teu pantes lantaran awewe ditutupan ku “awewe”. Lain jodona. Disebut pasangan kudu ngahiji antara eusi jeung wadah. Eusi teh awewe, wadah teh lalaki. Keur nutupan Nyai tangtu kudu ku “Kiayi” atawa “Si Kabayan”.
Eta jodona. Pantes, ngareunah, manjing.
Paradok dina kahirupan, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek. Lemah nu garing simbol lalaki, hujan nu baseuh simbol awewe, lamun ngahiji bakal ngahasilkeun harmonis dina wangun kasuburan. Keur urang Sunda jaman baheula, nempatkeun awewe dina harkat nu luhung, dina peran Sunan Ambu. Cara mikir cawokah urang Sunda lir ibarat cara mikir urang Sunda purba, urang Sunda jaman baheula.


(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 76 Nopember 2009)

No comments: