21 November 2008

POLITIK URANG SUNDA

Laporan : MAMAT SASMITA

Kecap politik sabenerna geus kacida deukeutna jeung masarakat Sunda. Kalan-kalan nu diparake teh pulitik, nu sok dipakaitkeun kana taktik atawa strategi. Orokaya, kecap pulitik mah mindeng dipake pikeun nuduhkeun paripolah nu sipatna ngangles. Paribasa ari pulitik teh "nipu nu leutik".
Nu ancrub kana widang politik sok disebut politikus atawa politisi. Ka beh dieunakeun kecap politikus teh siga ngahaja dileungitkeun. Eta meureun pedah kadengena deukeut ka tikus alias beurit. Nu mindeng kapireng teh ayeuna mah politisi, bangun nu ngindung ka kecap basa Inggris politician. Politisi leuwih pas disebutkeun ka nu ancrub dina widang politik praktis, nyaeta nu arasup ka partey politik. Ari nu ngarti bubuk leutikna politik mah can tangtu disebut politisi: bisa bae dosen elmu politik atawa paniten politik.
Kuma patalina kana kahirupan urang Sunda?. Cek sawareh, urang Sunda teh baheulana tukang ngahuma. Ari budaya huma mere watek nu cenah individual, dependen-independen (resiprokal), produktif tapi konsumtif, tur dina hubungan horisontal leuwih deukeut ka kulawedetna, jeung teu pati openan kana perkara lokalitasna.
Di sagigireun eta urang Sunda teh mindeng disebut handap asor, someah hade ka semah, tur teu resep debat. Padahal ari dina widang politik, hususna nu jaradi politisi, mah pan kudu vokal, kudu daek aduregeng siga nu parearea omong pikeun ngabela program partey tur ngabela ideologi partey. Babakuna mah kudu daek ngabela rahayat nu jadi konstituenna, ngabela kapentingan daerah nu jadi sarakanana.
Tah, pikeun ngaguar eta kabeh, sawala bulanan Pusat Sludi Sunda (PSS) anyar-anyar ieu ngangkat jejer "Politik Urang Sunda". Panyaturna Setia Permana nu kungsi jadi Ketua KPU Jabar jeung Cecep Burdansyah nu sapopoena jadi Wakil Pamingpin Redaksi Tribun Jabar. Sawala teh lumangsung poe Juma'ah, 17 Oktober 2008, di sekretariat PSS, Jl. Taman Kliningan II/5, Bandung.

Sora jeung Etika

Cecep teu ngeceskeun, naha enya budaya ngahuma mangaruhan politik urang Sunda. Nu sidik mah, cenah, unggal politisi nyindekel kana kapentingan, boh kapentingan parteyna boh kapentingan pribadina. Loba politisi urang Sunda nu guyub lain bae jeung dulur saseler tapi deuih jeung seler sejen satungtung kapentinganana sarua.
Ngan memang aya kesan umum tina talajak politisi Sunda salila ieu. Ieu kesan awam teh babakuna timbul upama dunya politik disawang tina rupekna layar televisi, atawa dipakaitkeun kana saha wae nu jareneng menteri. Nu remen katingali teh bet lain urang Sunda. Nu jol deui jol deui teh ti lembur sejen wae, cara nu katara tina ngaran jeung lentongna.
Cecep manghanjakalkeun kana langkana politisi urang Sunda nu makalangan dina televisi. Sasat tara kapeto manggung, najan aya anggapan yen politisi Sunda man leuwih hade teu makalangan batan kajiret dina debat kusir nu kurang-kurangna mah matak nimbulkeun antipati ti nu lalajo.
Kilang kitu, cek Cecep, dunya politik teh lain ukur nu kapidangkeun dina televisi. Atuh perkara aya henteuna urang Sunda nu diangkat jadi menteri, sacara politis eta mah hal sejen lian ti geus jadi hak prerogratif presiden.
Teu pamohalan deuih aya kasang tukang sejen, utamana nu tumali kana kaahlianana atawa kapinteranana.
Enya, kahayang mah loba politisi Sunda nu jadi menteri. Da kapan pangeusi Indonesia nu darumuk di Tatar Sunda teh panglobana kadua sanggeus urang Jawa. Nu sidik, cek Cecep, politisi Sunda teh kudu jadi jelema pinter, nyakola, tur boga kawani. Ari geus pinter mah piraku sugan teu diarambeuan ku nu sejen.
Ti antara hadirin, aya nu nyebutkeun yen urang Sunda mah dina sagala widang deukut-deukeut kana sikep individual, sasat teu pati inget ka sarakan atawa kulawedetna. Mun urang Sunda jadi pejabat atawa menteri, biasana tara ieuh "bedol desa" ngaganti staf ku nu kalandep. Estu nyekel pageuh profesionalisme. Paling copelna lir nu sieun dituding milampah nepotisme.
Naha sikep kawas kitu teh alus atawa goreng? Cek sakaol, kacida alusna sabab nu dipentingkeun kabisana, lain selerna.
Aya nu ngengklokan bari jeung ngaheueuhkeun yen politisi Sun-da mah biasana tara vokal. Komo cenah mun negosiasi jeung eksekutif (di tingkat propinsi Jawa Barat, upamana) make basa Sunda, geus we sok tara loba omong. Jajauheun kana paaduregeng. Paribasa "heurin ku letah". Ari cek Cecep, mere idealna mah teu kudu kitu. Teu kudu letah kahalangan ku basa. Kapan demokrasi tea ayeuna mah. Politisi kudu tetep kritis bari teu leupas tina etika.

Modal Politik

Setia mah beda deui sawanganana. Cenah, teu pati kacirina politisi Sunda teh balukar tina budaya dominan nu feodalistis. Sasat sadaya-daya, teu langkung nu janten pagagung.
Padahal Tatar Sunda teh beunghar kacida. Kaayaan alamna, geus puguh deui. Industrina strategis pisan. Tacan milang pusat militer, bisnis, atikan tepi ka gudangna ahli mikir. Tegesna, kaperluan nasional bisa ditedunan ku kabeungharan Tatar Sunda.
Tah, numutkeun Setia, kuduna mah ieu kanyataan teh jadi kakuatan keur ngawedelan "posisi tawar" politisi Sunda.
Hanjakal, cenah, eta sakabeh potensi teh mindeng dielehkeun ku kaperluan "poros Jakarta-Yogyakarta". Eta "poros Jakarta-Yogya" teh kalawan nyata jadi ciri budaya dominan tadi. Mun tina budaya dominan teh aya gejala feodalistis nya di dinya nyokona halangan harungan kana lumangsungna demokratisasi politik nasional.
Geus puguh dina jaman Orde Baru budaya dominan teh dipupujuhkeun pisan dina wangun politik sentralistis. Urang Sunda nu sering disebut egaliter, malah deukeut-deukeut kana sikep individualistis, mun teu bisa ngengklokanana tangtu ukur aya dina orbit nu pangsisina.
Dina kaayaan politik kawas kitu, urang Sunda antukna ukur jadi kalangkang. Tapi kiwari, dina jaman reformasi, tata politik nasional geus robah. Jargon politik Orde Baru geus diganti ku jargon politik reformasi jeung demokrasi. Tangtu, ieu kaayaan teh mawa pangaruh kana peta politik urang Sunda. Geus mangsana politisi Sunda ngarobah sikep, paling copelna ulah daek. jadi kalangkang, tapi kudu bisa jadi sumber kalangkang. Kuma carana? Cek Setia, nu kudu dipilampah teh antarana reueus kana jatidiri kasundaan. Kudu aya kasadaran sajarah yen urang Sunda teh kungsi jadi tipologi manusa unggul. Uga nu sok kabaca dina tradisi lisan Sunda kudu mere sumanget pikeun ngarobah diri, lain ngan dibaca. Aya uga atawa euweuh uga, nu penting mah komara Sunda kudu tetep hurung.
Lian ti eta, proses politik lokal, boh kuantitasna boh kualitasna, babakuna dina badan legislatif, kudu ngawakilan sikep kultural kanstituen. Munasabah mun masarakat Sunda salaku nu boga hak pilih kawakilan sagemblengna.
Politisi Sunda teh deuih kudu ngaleungitkeun, paling copelna ngurangan, intervensi atawa dominasi nu euweuh hubunganana jeung potensi tur harepan kultural urang Sunda. Memang rada hese, tapi kudu. Sabab, etnis sejen mah geus ngalengkah jauh pisan, malah geus leuwih nyosok jero.
Urang Sunda ulah daek terus-terusan dieksploitasi pikeun kapentingan nu teu napak jeung euweuh pakaitna kana ajen inajen atawa martabat kasundaan. Lain hartina kudu ngaleungitkeun kaindonesiaan. Tong sieun, da urang Sunda mah ti baheula ge teu kungsi hianat ka Indonesia. Sakur gerakan nu ngeleketek wibawa Indonesia teu ditarima ku urang Sunda.
Nu teu kurang pentingna, kudu aya lembaga nu representatif pikeun ngajaga konsistensi bari negeskeun target politik urang Sunda. Ieu lembaga teh teu kudu formal struktural. Nu penting mah diaku sacara sosio kultural ku saha bae nu kaasup unsur kasundaan.
Eta lembaga teh ulah kagadabah ku kapentingan politik atawa ideologi nu parsial tur saharita. Ieu lembaga kudu mere kontribusi kana hubungan "lintas generasi", kapentingan kultural. Babakuna mah kudu bisa jadi tempat mikirna nu orientasina ka hareup.
Ari cek ti antara hadirin, eta lembaga teh alusna winangun Kaukus Jawa Barat atawa Kaukus Tatar Sunda. Setia pohara satujuna. Kaukus nu dimaksud teh lain pikeun ngayakeun penetrasi ka pamarentah pusat sangkan ngagulkeun sakabeh kahayang masarakat Jawa Barat, tapi paling copelna bakal mere asupan, tur ngawangun kasapukan ti antara para anggota badan legislatif nu asalna ti daerah pemilihan Jawa Barat.
Aya deuih nu ngelingan sangkan para politisi Sunda teu silih salahkeun, tapi kudu silih geuing. Perlu aya kaderisasi deuih. Engkena rek aktif di mana di manana mah teu jadi masalah. Pek teh teuing rek asup ka partey naon bae ge. Nu penting mah dina dirina aya kasadar yen bajoang keur sarakan atawa ajen inajen kultural Sunda teh lain ukur lalambe.

Kacindekanana

Politisi Sunda geus waktuna nguniang, mere warna kana kahi-rupan politik nasional. Kekecapan "mangga ti payun" atawa "sawios abdi mah di dieu", geus kudu disieuhkeun. Politisi Sunda kudu tandang makalangan.
Perlu aya Kaukus Jawa Barat atawa Kaukus Tatar Sunda, pikeun matotoskeun kasapukan antara politisi Sunda jeung masarakat Sunda minangka konstituenna.
Kaderisasi ge perlu deuih, najan can puguh kudu kumaha prakna. Kudu aya sawala nu leuwih daria keur ngabahas hal eta.
Eta sakabeh lain wae penting keur lokalitas wungkul tapi deuih keur ngajaga kaindonesiaan nu tetep renggenekna dina nagara kesatuan Republik Indonesia.

Nu nulis, panumbu catur matuh sawala PSS
(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 64 bulan Nopember 2008)
------------------------------------------------------------------------------------------------
Majalah Basa Sunda Cupumanik medal sasasih sakali, kaetang teu awis da sasihan pangaosna mung Rp 12.000,- kitu ge upami ngalanggan satauneun cekap mayar sapuluh sasiheun. Bilih bade ngalanggan tiasa ngintun serat ka Redaksi Cupumanik Jl. Taman Kliningan II No.5 Bandung Tlp 022-7310625 atanapi ngintun email ka yuliantoagung17@yahoo.com atanapi ka kuringmsas@gmail.com

No comments: