08 April 2008

ESTETIKA SUNDA, KAWAS KUMAHA ?

Kecap estetika teh, cenah, mimiti dipake ku Alexander Baumgarten (1714-1762). Manehna ngarang buku Aesthetika, anu ngaguar perkara teori kaendahan. Tuluy eta istilah teh dipake ku Hogart (1753) dina bukuna Analysis Of Beauty jeung Edmund Burke (1756) dina bukuna “ Essay on the Sublime and Beautiful”.
Ngala gampangna, estetika biasana ngabahas perkara kaendahan. Enas-enasna mah ngabahas seni we, najan aya nu nyebutkeun seni teh can tangtu endah, gumantung ka komunitas anu makena. Rugal rigelna kujang, upamana, ceuk urang Sunda mibanda ajen estetika anu luhung, tapi can tangtu ceuk seler sejen mah.
Kumaha kira-kirana nu disebut endah cek urang Sunda? Mun tea mah aya nu disebut estetika Sunda, kawas kumaha bungkeuleukanana? Tah, ieu pisan nu jadi jejer sawala bulanan Pusat Studi Sunda (PSS) di Bandung, sawatara waktu ka tukang. Harita nu ngajejeranana duaan: Budayawan Drs H.R.Hidayat Suryalaga (HS) jeung arsitek Ir Roza R Mintaredja (RM).

Estetika Katut Etika

Numutkeun HS, estetika teh kacida raketna jeung etika “Estetika kedah pareng di mangsana, estetika sareng etika kacida raketna, diwangun ku komunitasna, ukuranana kacida individualna, upami tos diaku ku masyarakatna eta nembe disebat hukum normatif” kitu cenah.
Estetika ngawujud dina wangun anu bisa diindra, contona dina ngibing, maos (maca), ngaos (ngaji), mamaos (tembang), ngibing atawa penca. Dina ngibing estetika kudu geus katingali ti mimiti diuk, gerak, reret, imut kudu pantes, panon kudu kana tungtung irung, estetika kudu ngabogaan ma’na.
Kitu deui tina perkara warna, tutuwuhan jeung sasatoan. Teu sagawayah, luyu jeung kaayaan alam katut pangeusina. Cek HS tina perkara eta Tatar Sunda sasatna bisa dibagi tilu.
Di Tatar Sunda beulah kidul nepi ka basisir kidul warna anu dominan anu semu kacoklatan, soka kolot ngaharib-harib kana taneuh porang. Florana leuwih deukeut kana tutuwuhan anu ngambang saperti tarate, wawalinian, seuseupan lentah. Atuh sasatoanana (fauna) anu galede kayaning buhaya, penyu jeung lauk anu badag. Di Tatar Sunda beulah tengah warna anu dominan nyaeta warna gunung, hejo binetot, ti hejo ngora tug nepi ka indigo (tarum). Tutuwuhanana daun anu rarubak saperti katapang, daun taleus, daun cau. Sasatoanana nyaeta anu baradag tur hirup dipagunungan kayaning maung, gajah atawa lutung.
Ari Tatar Sunda beulah kaler rea kapangaruhan ku tepungna rupa-rupa budaya ti ditu ti dieu. Warnana ge leuwih moronyoy kayaning warna emas, perak, koneng, beureum. Tutuwuhan leuwih loba kana areuy-areuyan kalawan teu mopohokeun karang laut, Atuh sasatoanana laleutik kayaning keuyeup atawa hurang.
Estetika anu diwangun ku warna, tutuwuhan jeung sasatoan teh sigana konsep atawa simbol anu bisa jadi mere watek kana pangeusina tur mere sikep dina kahirupanana. Pamanggih HS teh dumasar kana naon anu kungsi ditepikeun ku Bapa Omay Martakusumah nalika mingpin Daya Sunda.Estetika nyatana mere pangaruhna anu kacida kumplitna kana kahirupan urang Sunda.
Kaendahan teh apan ekspresi tina tataran ideal anu spesifik. Nya meureun seni teh ekspresi anu bisa ditepikeun ka balarea. Wangunna plastis tur estetis. Tampolana nu katembangna pikasieuneun ge mibanda ajen estetis (siga bebegig Sukamantri, upamana).Dina prak-prakanana ekspresi kasenian ngaliwatan tilu undakan. Kahiji tina persepsi indrawi kana materi anu dipangaruhan ku gerak, warna, sora jeung reaksi fisiologis sejenna. Kadua tina susunan kualitas materi anu silih anyam dina wangun jeung pola anu harmonis. Tah tina dua hal eta mucunghulna kasadaran estetis. Ari katiluna tina nu harmonis anu sifatna material tadi muncul hubungan dialogis (korespondensi) jeung emosi si seniman. Lebah dieu bisa bae seni teh dianggap jalan pikeun nepikeun emosi. Tangtu bae dina ngedalkeun emosi teh kudu aya ugeran anu bisa ditarima ku masyarakatna. Nya ieu anu disebut etika tea. Numatak, cek HS, etika jeung estetika lir gula jeung peueutna. Cek HS, leunjeuran estetika teh bisa deuih dipaluruh tina carita rahayat (folklore) anu hirup di masarakat Sunda., kayaning carita Lutung Kasarung, Si Kabayan jste. Kitu deui tina adab-adabanana kayaning tina sikep rengkuh waktu munjungan ka kolot, papakean (tata busana), arsitektur (tata ruang), warna jste.

Neuleuman Budaya.

Basa padungdengan bras kana perkara arsitektur, nu ngajejeran sawala ngelingan sangkan sangkan urang ulah ukur ngandelkeun wangun nu kaciri ku panon, da eta mah ngan sakadar cangkang.
RM nembrakkeun conto leuit di Kanekes. Kacirina mah teu pira: hateup tina injuk, dingdingna tina bilik, tihangna kai, aya tatapakan we tina batu. Ukur kitu wawangunana mah. Tapi lamun urang hayang neangan estetikana nu gembleng, nya kudu teuleum kana budayana, budaya Sunda anu sagemblengna.
Arsitektur Sunda, cara wangunan di Kanekes, deukeut ka alam lingkungan. Cek RM, bisa jadi masyarakat Kanekes can rea kacampuran ku budaya ti luar. Kukituna meujeuhna lamun arsitektur di eta lembur dianggap prototype arsitektur Sunda, malah boa prototype arsitektur Nusantara.
Aya sawatara ciri imah di Kanekes teh. Kahiji ayana kolong. Kadua, nyanghareup ngidul ngaler. Katilu, ngumpul. Kaopatna, hateupna/ suhunanana manjang.
Filosofi ngawangun imah Sunda meh identik jeung filosofi tatangkalan. Hateup tina kiray eta sarua jeung dangdaunan dina tangkal anu ayana di luhur. Kitu deui tihang teu beda jeung tangkal. Atuh kolong hartina teu meunang ngagunasika taneuh, lamun bisa mah ngali ge ulah. Disagigireun eta aya nu rada husus nyaeta imah di Kanekes tara make ukiran (ragam hias). Bahanna ge leuwih dominan awi batan kai. Sistemna knock down kalawan basajan tapi fungsional.
Cek RM tipe dasar arsitektur Sunda bisa dibagi tilu rupa wangunan :Saung Ranggon, Julang Ngapak jeung Galudra Ngupuk. Aya deui tipe tagog anjing, badak heuay, parahu kumereb atawa jubleg tibalik eta mah ngan sakadar varian tina nu tilu tea.
Ari sistim knockdown ngawujud lantaran sambunganana tara make paku, tapi make paseuk awi atawa kai. Unggal 30 taun diganti. Keur ngagantina geus disiapkeun ti anggalna. Nu matak ngadegkeun hiji wangunan teh tara lila, isuk-isuk digawe pabeubeurang geus ngadeg.
Dimana atuh estetikana? Sigana lebah dieu nu perlu disawang teh lain ukur jugruganana, tapi deuih fungsi tur ajen filosofisna.
Geura we tatapakan dijieun tina batu, secara teknis pikeun ngajauhkeun kai anu jadi tihang tina becekna taneuh, supaya tihang lila kapakena., teu babari koropok alatan besek atawa ku rinyuh. Aya deuih harti sejenna tatapakan batu sok disebut batu pangunggahan. Hartina, dianggap medium pikeun nincak kana hambalan anu leuwih luhur, lir simbol dina kahirupan sagala rupa oge dimimitian ti handap heula.
Imah di Kanekes tara make hateup kenteng, sabab kenteng dijieun tina taneuh, ceuk urang Kanekes, mun make kenteng lir hirup dikubeng ku taneuh. Nu jadi hateup tina tangkal awi nu dijieun jadi talahab, diluhureunana make injuk.
Sigana lebah dinya estetikana. Estetika nu gumulung antara kahirupan profan jeung kahirupan sakral bari jeung tetep aya dina kaharmonisan jeung alam sabudeureunana. Lain estetika anu artifisial.
RM nembongkeun conto-conto banguna modern anu tetep teu ngised jauh tina konsep imah Sunda nu tradisional, saperti wangun julang ngapak atawa galudra ngupuk. Ciri bukti yen sabenerna wangun arsitektur Sunda bisa mapakan kana wangun modern sejenna.


(Mamat Sasmita, panumbu catur matuh dina sawala bulanan PSS).

Tulisan ieu dimuat dina Majalah Bulanan basa Sunda Cupumanik No.57 April 2008

Catetan :
Sawala diayakeun di Pusat Studi Sunda (PSS) , poe Jumaah tanggal 15 Pebruari 2008 ti tabuh 14.00 nepi ka tabuh 17.00.

No comments: