15 February 2017

LISUNG JEUNG PANGGEREK

LISUNG

Ku : MAMAT SASMITA


LISUNG téh alal keur nutu paré, atawa meuseul Dewi Sri baheula mah. Kecapna geus dipikawanoh ti baheula deuih, sabab aya réngkolna dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (1518). Kapanggihna dina kekecapan "ngadu lesung“,  nu kakolom kana kaulinan. Kecap "lesung" tangtu sarua jeung lisung.  Lisung dijieun tina tangkal kai nu gede jeung kuat cénah nu alus mah tina tangkal nangka, sabab keur  téh uratna lemes. Kai tina tangkal nu gedé téh dipapras manjang, nepi ka siga
masagi, tuluy dijieun rohang paragi nutu pare, disebut amburan atawa pangguguran. Di salah sahiji tungtungna dijicun gegelungan, rajeun sok disebut hulu lisung. Deukeut gegelungan dijieun liang deui rada méncos ka handap, siga aseupan, paragi nyosoh héas.
Nu nulu biasana awéwé boh nu lanjang boh geus kurenan. Sol: di saung lisung narutuna léh. Eta téh saung balaréa. Nya di dinya tempat sosialisasina kaom awéwé. Kalan kalan jadi tempat papanggihna kaom rumaja nu papada séngsérang panon. Nepi ka aya kacapangan "moal sieun béakeun pipamajikaneun salila masih kénéh trang tring trung lisung mah. Kitu deui “urang kampung bau lisung“ nu nandakeun ayana di kampung.
Sakapeung jadi alat kamonésan, nutu rempugan bari ngahaleuang dipirig kelentrung lisung, tuk tuk breg…tuk tuk breg. Ngagondang tea. Aya ngangondang biasa jeung nu sakral, nyaéta ngagondang asmaragama. KelenLrungna sok dipaké béwara deuih ka urang lembur, sangkan daratang ka nu keur
kariaan boh nyunatan boh kawinan. Nu nabeuhna biasana barudak awéwé lanjang.
Kitu deui,jadi béwara nu kamusibahan. utamana mun aya nu titeuleum di leuwi walungan. Nu ieu ngelentrungkeunana sok digancangkeun alawa dititirkeun mun kohkol mah, béda jeung béwara ondang-ondang. Sanggeus nu titeuleumna kapanggih, sok buru-buru dibawa ka saung lisung, dijapapangkeun sina nangkuban dina pangguguran. Tuluy lisung digedrug-gedrug ku halu atawa ngagendér. Tayohna sanglmn kaeundeur-eundeur, mun kapuluk sol: tuluy ngaborolo ngutahkeun cai nepi ka jagjag deui.
Dina taun 1960-an katompernakeun, di pilemburan mimiti culcel aya mesin heuler, keur ngagiling paré sangkan jadi beas. Komo dina taun 1970-an mah méh di unggal lembur aya mesin heuler, nepi ka nu nutu di saung lisung ngurangan. Cénuh nutu mah capé jeung lila, ari ku mesin mah bisa
sakeudeung.  Orokaya heuleran nu bogana lain nu salelembur, tapi milik nu boga modal keur meulina. Nu ngajalankeunana lain awewé tapi Ialaki. Atuh tempat ngawangkong papada awéwé, nu
tadina di saung lisung jadi sirna, parindah ka golodog imah.
Sabenerna méméh aya heuler, aya alat séjén keur ngagiling paré nu disebut gintiran. Ngan gintiran teu pati diparaké, bisa jadi ku lantaran hésé metakeunana , lantaran kudu ku nu gedé tanaga. Nu matak dipigawéna ku lalaki.
Ku ayana heulera, sosialisasi papada awéwé lus les. Kahirupan sosial nu tadina kaitung raket jadi renggang. Di saung lisung nu tadina kapireng sora patingkelentrung, jadi simpé. Lisungna nganti wanci burakrakan. Haluna pasoléngkrah, arang diusap dampal leungeun nyi lanjang. Nyiru ngalumbruk di juru, taya nu ngajak napi, nyikcrik ngagéang sawirahma gitekna cangkéng awéwé. Déwi Sri geus tara ngalongokan deui.

Carita lisung jeung heuler saestuna carita parabel modérnitas nu jadi tanda robahna tatanan sosial ku rembesna intervensi  téknologi. Kiwari saung lisung katut lisungna arang langka kasampak. Atuh kaparigelan nutu paré, siga ngisedkeun paxé nu keur ditutu ukur ku dampal suku, kabawa musna.

(Dimuat dina koran Pikiran Rakyat rubrik Sundapedia, Senin 28 Nopember 2016)


PANGGEREK

Ku : MAMAT SASMITA

Pakasaban urang Sunda baheula, sakumaha nu ditulis dina Carita Parahyangan aya opat nyaeta
pahuma, panyadap, panggerek jeung padagang. Panggerek téh tukang moro sato. Morona mah bisa ku sorangan atawa ngabubuhan, gumantung gedé leutikna sato. Minangka pakasaban hartina more lain keur kalangenan, tapi keur nyukupan protéin masarakat sabudeureunana atawa ngurangan hama, uparnana moro bagong, nu sok ngaruksak pepelakan. Da moro maung mah mun dianggap ngabahayakeun boh keur ingon-ingon boh jelema.
Demi ngaran tukang moro rupa rupa, gumantung pakarang nu dipakéna, diantarana aya paninggaran, pamatang, jeung panyumpit. Paninggaran, cék Kamus Umum Basa Sunda LBSS mah tina basa Portugis
aspingarda nu hartina pakarang. Ari dina Kamus Basa Sunda Danadibrata, tinggar téh asalna tina basa Kawi, hartina bedil locok, sarua jeung dina Kamus Bausastra Jawa. Lebah Kamus Basa Jawa Kuna
(Zoetmulder), tinggar téh panas. Jadi paninggaran téh ahli moro maké pakarang bedil locok. Sasatoan boroanana galedé kayaning bagong, uncal jeung maung bari morona ngabubuhan.
Ari pamatang nyaéta ahli moro ku tumbak. Asalna kecap tina batang, hartina tumbak. Nu méh sarua jeung tumbak (teu maké ruruhit) aya nu disebut kuli (ruruhit hiji), lempag (ruruhit dua) jeung tohok (sabangsa kuli nu rnaké tali keur ngabenyéngna). Sato gedé nu diborona. Morona sok ngabubuhan
dibarengan ku legig, jalma réa nu ngasruk, ngabuburak sangkan sato boroan kaluar tina panyumputanana. Legig sok dibarengan ku anjing piaraan, aya anjing pangbituran nu nyusud panyumputan sato jeung anjing panéwak, keur néwak sato nu diboro.
Satuluyna panyumpit. Nu ieu mah ahli more maké sumpit. Dina carita pantun mindeng kareungeu lalakon Aki Panyumpit moro ka leuweung, nu diborona sato nu bisa hiber, rupa-rupa manuk. Digambarkeun jalmana geus kolot, sabar, wekel tur wijaksana. Kaharti, sabab susumpit mah ulah
caliweura, kudu rerencepan tur taki-taki salawasna. Sumpit pakarang nu ditiup, dijieun tina awi leutik tapi lantas, nu anggang buku jeung buku deui téh panjang. Awi siga kitu disebutna tamiang, mun dianggap kurang panjang sok disambung maké barungbung. Papasangan sumpit disebut paser, tina
rautan awi maké seuseukeut tungtungna. Tungtung hiji deui maké kapas dibulenkeun keur ngajaga kasaimbangan waktu ngabelesat kana sasaran. Paser aya nu dijieun tina harupat, injuk gedé tur lempeng.
Lian ti éta, pakakas séjén keur néwak sato di leuweung di antarana burang, jiret, jeung sentég. Ari nyieun burang atawa pitapak, carana ngali lombang nu rada gedé, gumantung gedéna satona nu rék ditéwak. Upamana maung, burangna dijieun ukuran 2 X 2 méter jeung jerona kira kira 2 méter, di
dasarna dipasang curuh atawa rucuk bari ditangreukeun, ngarah sato nu tigebrus langsung katojos awakna. Di luhurna ditutupan ku régang jeung dangdaunan, dibalibirkeun, ngarah teu kaciri jadi pitapak. Luhureun tutupna disimpenan eupan, bisa anak embé atawa daging nu ngalumbuk. Burang sakapeung sok disebut piruang atawa weleng. Tuluy jiret atawa eurad, biasana dipaké keur néwak cangéhgar (hayam leuweung). Mun jiret dipasang ngaruntuy dina tali disebut rawé. Ari keur ngajiret peucang atawa
mencek disebut porog, di Baduy mah disebutna lanjak. Tah sentég mah sok keur néwak beurit nu ngagalacang di imah, dijieun tina kawat beusi. Aya deuih sentég gedé tur seseg keur néwak maung, disebutna garogol.
Nu katuliskeun téh boa ngan sabagian leutik tina kaparigelan moro urang Sunda. Boa loba kénéh cara jeung pakakas nu can kungsi katuliskeun. Jaman kiwari mah moro téh geus arang, apan leuweungna gé geus loba dibukbak, nu matak kaparigelan moro katut pakakasna beuki teu dipikawanoh.
Raména moro maung jaman béh ditu, upamana, kagambar dina Ronggéng Sajajagat: Sérial Ua Haji Dulhamid 1 (2013) karya suwargina Ahmad Bakri.

(Dimuat dina koran Pikiran Rakyat rubrik Sundapedia, Senin 9 Januari 2017)