07 October 2013

CEULI LÉNTAHEUN



Ku : MAMAT SASMITA

Béhna, di dunya téh loba kaahéngan, nu dimaksud ahéng ku kuring téh saperti kalakuan barudak indigo, apan sakitu ahéngna, barudak indigo siga nu bisa ningali hal-hal nu teu katingali ku nu teu indigo. Kuring teu wani nyebutkeun nu teu indigoi téh nu normal. Bisi nu normal téh nu indigo, boa boa hiji waktu mah nu disebut normal téh nu indigo. Geuning mindeng katangén dina acara télévisi, nu indigo sok norowélang nyebutkeun tuh beulah ditu aya nu nangtung, tah didinya aya nu keur diuk, padahal cék nu teu indigo mah euweuh nanaon. Tapi ketah kuring rék lahlahan nyebut normal ka nu teu indigo, alesanana lantaran nu teu

 indigo téh leuwih loba manan nu indigo. Najan kitu lain hartina nu indigo teu normal tapi cék kuring mah éta téh istiméwa, leuwih ti istiméwa malah. Kungsi, waktu kuring rumaja kénéh, boga babaturan nu istiméwa, na da leumpangna téh siga nu sosoloyongan jeung mindeng nyangigir, cenah sieun ngabadug batur. Jadi manéhna mah  leumpangna téh siga di nu loba jelema, padahal cék kuring mah didinya téh euweuh sasaha. Naha kuring percaya kana hal nu kararitu? Percaya, percaya pisan. Saeutikna percaya ka sobat kuring mangsa rumaja téa. Da manéhna téh lain jelema tukang bohong, lain jelema nu sok akon-akon. Nepi ka kuring kungsi ngabelélkeun panon manéhna, hayang sidik naon bédana jeung panon kuring. Euweuh, euweuh bédana, cék saréat mah. Tapi naha ari manéhna bisa ningali nu teu bisa katingali ku kuring? Nya meureun hakékatna mah aya bédana. Sigana dumasar kana hal éta jeung kajadian kajadian aheng séjénna, nepi ka aya istilah dejavu, clairvoyance, waskita, vision, indra ka genep, cakra, aura jeung réa-réa deui istilah séjén.


Sabenerna nu rék dicaritakeun ku kuring téh lain hal kitu, tapi boa kétah rada rada siga kitu. Kajadianana mah basa kuring pindah rohangan gawé. Kudu pindah rohang gawé téh pédah rohang gawé di gedong utama nu sok dipaké sapopoé  keur dioméan, atuh kapaksa kuring kudu ngungsi heula. Cenah ngoméan rohangan gawé téh paling lila gé sabulan satengah. Demi pindahna ka wangunan urut gudang. Rohangan urut gudang téh teu lega-lega teuing paling gé dalapan kali dua belas metér, aya dua rohang urut bagian administrasi gudang, ngan geus lila teu dipaké, da ku pausahaan niatna rék dirugrugkrun, rék diganti jadi gedong anyar. Rohang urut gudang téh lanténa tina ubin, geus lagedu, najan diberesihan unggal poé gé angger wé lagedu, siga pinuh ku kekebul.  Kuring nyicingan rohangan urut administrasi gudang, supaya pikabetaheun, kuring ménta sangkan dingding témbokna dicét heula dina poé peré, ambéh kaciri rada bersih.
Genah ngantor didinya téh, tiis karasana, najan karasa rada canéom. Rohang gudang téh geus lila kosong, jandélana teu bisa dibuka, nu bisa dibuka téh liang angin di béh luhur, kacana gé geus bureng pisan. Tina kaca jandela nu teu  bisa dibuka, mun isuk-isuk cahaya panon poé sok nyorot, malah nyorotna persis kana luhureun méja gawé, kituna téh antara tabuh salapan nepi ka tabuh sapuluh. Kitu ge mun panon poé keur aya beulah kalér, lantaran gedong urut gudang téh ngujur ka kulon . Genah, haneut, itung-itung moyan isuk-isuk. 
Di rohangan ieu aya pagawé séjén duaan, staf kuring.  Ngajéjér beulah kéncaeun kuring, luareun rohang administrasi nu ku kuring dipaké.
Ngaranna pindah rohang gawé, kapaksa sagala dibawa, kayaning lomari arsip sorolok, komputer, mesin paranti ngacurkeun keretas nepi ka wadah runtah gé dibawa.  Atuh mokaha rohangan nu tadina asa lega teh jadi rada rupek. Kabel listrik, kabel telepon pajuranteng, ari internét onaman teu maké kabel  da maké wifi. Komo sanggeus korsi tamu diperenahkeun béh hareup, rohangan téh beuki karasa rupek.
Naon atuh pagawean kuring téh? Ah moal dibéjér-béaskeun, éra, bisi majarkeun goong nabeuh manéh. ngan kuring téh gawé di hiji badan usaha milik nagara nu kawilang gedé. Naha pakepuk gawé kuring teh?. Puguh wé pakepuk mah, loba pagawéan, loba nu nelepon, loba nu hayang panggih. Matakna korsi tamu gé kudu aya, éta pisan nu jadi alesanana pangna korsi tamu kudu ngabagug di rohangan ieu.

Diitung-itung geus aya sabulanna, nempatan rohangan urut gudang téh. Salila sabulan teh aya kajadian ahéng puguh gé. Mimitina kajadian ahéng téh sanggeus kuring ganti komputer. Atuda komputer nu lila mah geus lélét pisan, mun muka program téh ngagusrek, geus lila kakara mucunghul bari jeung monitorna buburicakan. Komo mun dipaké muka internét, weuh matak kesel.  Sanggeus ganti komputer ku nu anyar mah ngebelesur, jaba lengkep deuih jeung sepéker, bisa  ngadéngékeun lalaguan. Harita téh isuk-isuk, keur ngadekul nyieun laporan, atuh dina sepéker ngegembrung lalaguan, sorana halon da déngékeuneun sorangan. Bet teu pupuguh ujug-ujug kadéngé sora anak hayam ciciakan, asa dengér, da ngéléhkeun sora lalaguan.
Sakedapan kuring ngahuleng na sora anak hayam timana, sora lagu tina sepéker dileutikan, enya sora anak hayam , beuki béntés, malah kadéngé sora awéwé nu ngagebah hayam da siga disieuh-sieuh.
Jurungkunung kuring nangtung, hayang sidik na sora anak hayam ti mana, kuring kaluar rohangan, leumpang ka gigireun wangunan. Bet asa pamohalan aya sora anak hayam ti gigireun wangunan ieu, da didinya téh aya bénténg, sedengkeun luareun bénténg aya jalan gedé.
Kuring ngoréléng ka sisi wangunan sabeulah deui, didieu mah komo moal aya anak hayam da didinya mah lapangan parkir.
“Milarian naon pa?” cék supir nu keur ngelapan mobil.
“Ieu bieu téh sada aya sora anak hayam.” Dijawab kitu téh supir siga nu runga ringeu.
“Di palih mana pa, da abdi mah teu nguping.”
“Sada di dieu.”
Kuring terus asup deui ka rohangan gawé, enya meureun ngan sakadar dédéngéan. Dekul deui digawé, teu lila bet kadéngé sora cai nyurulung, siga cai nu keur ditandéan ku émbér, kuring rada rungah ringeuh, kuring rada ngejat sieun enya aya cai kana méja gawé, teu lila les wé sora téh leungit.
Sora ti mana atuh, terus kuring ngarérét kana arloji nu dipaké, jam sapuluh leuwih dua menit. Pikiran cus-cos kaditu-kadieu maké jeung rada muriding sagala. Bet asa piraku kudu muriding bulu punduk pabeubeurang kieu. Tungtungna dekul deui wé digawé.
Sababaraha poé ti harita teu kadéngé sora nanaon, asana poé ka opat ngadéngé deui sora jalma, ieu mah béntés pisan sorana téh .
“Aa geura emam, pan sakedap deui badé ka sakola.”
“Ari sangu kanggo Adé aya kénéh ma? Upami teu aya deui wios kanggo Adé wé, Aa mah wareg kénéh.”
“Aya, sok wé séépkeun sanguna.” Tuluy kadéngé siga nu keur kaprak keprek di dapur.
Kuring ngadédéngékeun nu gunem catur, asa wawuh kana sora éta téh. Diinget-inget. Gebeg téh apan éta téh ceplés pisan sora pamajikan jeung sora anak kuring. Moal kapalingan, enya sora pamajikan jeung sora anak kuring éta téh. Harita kénéh kuring nelepon kana hapé pamajikan.
“Mah nuju dimana?”
“Ieu di sakola TK, naha kitu?”
“Ah henteu, ieu wé nyobian hapé, ti tatadi teu tiasa nelepon.” Jawab kuring rada aga-eugeu, ngajawab téh sabulang béntor, da enya wayah kieu mah pamajikan téh pasti keur di sakola TK ngadagoan anak kuring nu bungsu.
Teu lila kadéngé deui sora nu teu puguh timana jolna téh, kadéngé nu ngagelendut anakna sangkan soson-soson sakola. Kuring muriding deui bulu punduk, lain pédah keueung ieu mah, éta tuda ngadéngé nu mapagahan anakna sangkan soson-soson sakola najan kayaan walurat, najan gawé bapana ngan ukur jadi tukang loper koran. Muriding lantaran asa neumbag kana haté nepi ka kuring ngadayagdag bari ngarénghap panjang, caméot diuk nyelegon dina korsi gawé, bari sababaraha kali istigfar. Teu salah éta téh sora pamajikan jeung anak kuring, moal kapalingan da kitu pisan wanda sorana, apal da rumah tangga geus aya sawelas taun, najan haréwosna gé apal. Atuh sora budakna gé ceplés sora anak kuring. Kuring ngahuleng salila-lila, ngadedempés, ngadédéngékeun gunem caturna. Hanjakal beuki lila sorana beuki les-lesan, beuki teu kadéngé.  Nu asa kadéngé baé dina ceuli kuring téh éta omongan budakna, siga nu soleh pisan jeung basana lemes. Patojaiah jeung anak kuring nu sagala hayang, teu kaop ningali barang nu anyar sok ngarenghik ménta dipangmeulikeun, hayang hapé anyar, hayang sapatu anyar, hayang play stasion anyar, jeung rupa-rupa deui, kalan-kalan kuring sok lieur sorangan ngabandungan kalakuan anak, basana kasar, semu culangung., neugtreug deuih.
Dina pikiran kuring bet jorojoy hayang nyaho sora bapana éta budak, naha sorana siga kuring atawa henteu? Ngan geus sababaraha kali ngadenge omongan nu teu kaciri nu ngomongna teh, can kungsi kawénéhan ngadéngé sora bapana atawa salakina, nu remen kadéngé téh angger nu siga sora pamajikan kuring, nepi ka kuring mah rada ngembeng cipanon, basa ngadenge sora ngalengis hayang nyakolakeun budak nepi ka jucungna, najan kudu tisuksruk tidungdung, sagala dipigawé, sangkan meunang duit keur meuli buku pelajaran anakna. Tah palebah dieu gé béda jeung pamajikan kuring, enya diimah mah sagala beresih, tapi pan aya nu babantu, badéga téa atuh mun hayang dahar teu weléh pesen ti katering, dapur téh arang langka dipaké, iwal ti numpuk géroheun. Ngasuh budak nu leutik gé siga dinomer duakeun, dianggapna leuwih penting ambring-ambringan jeung ibu-ibu nu séjén, geus puguh arisan mah geus jadi sabiwir hiji, kudu pisan éta téh. Nu haroréam ngabandunganana, kalan-kalan jadi keuheul, éta ari geus kudu indit ka salon, ti ngumbah buuk, ngurus kulit, nyabut bulu kélék nepi ka motong kuku gé kudu di salon. Inditna ka salon teh siga ngajadwal, ulah kaliwat komo nepi ka bolay mah.

Kuring weléh teu nyaho ti mana éta sumber sora téh, najan jolna sora téh maneuh antara tabuh salapanan nepi ka tabuh sapuluhan isuk-isuk, tempatna gé maneuh di tempat kuring diuk digawé, tapi weléh teu kapaluruh. Kungsi sora téh dirékam, tapi waktu diputer ulang teu kadéngé nanaon, ukur sora ngahéos sada sora angin. Rajeun kuring ngaragap diri boa-boa éta mah sakadar halusinasi, boa-boa kuring teu waras, boa-boa kuring kurang saeundan atawa nu kieu kitu nu disebut haréwos goib téh?.  Nepi ka mun ka tempat gawé téh sok wegah, tapi sakapeung aya rasa hayang nyaho kajadian naon ieu téh. Tungtungna kuring nepungan jalma pinter, sebut wé lah paranormal, mun teu disebut dukun gé, ngahaja diondang ka tempat kuring gawé, ngan rerencepan, batur mah euweuh nu nyahoeun, dianggapna téh tamu, nu biasa nepungan kuring.  Mimiti paranormal téh siga nu meleng, tuluy ngajanteng di unggal juru bari kunyam-kunyem. Na atuh, ari séak téh paranormal nyabut keris, congona diacung-acung ka kuring bari ngomong semu ngagerem, kuring reuwas jaba sieun katojos ku congo keris deuih. Majarkeun di ieu tempat téh aya nu ngageugeuh,  hayang wawuh ka kuring, paranormal sidakep  bari awakna siga nu ngagibrig, huntu kekerot, henteu we baham ngabudah mah.   Bérés sidakepna, tuluy ngomong moal ngaganggu deui, cenah geus diusir, geus diancam moal balik deui. Golosor wé kuring méré amplop nu geus dieusi duit ka paranormal, itung-itung nganuhunkeun, pédah geus diala gawéna.   
Béhna, isukna kadéngé deui baé sora téh, nu kadéngé téh budak keur ngapalkeun asmaul husna, semu ngahariring dilagukeun, ditema ku ngapalkeun surat surat tina juz amma. Kuring nepi ka ngarandeg keur gawé gé, panteng ngadéngékeun sora budak, sora halimpu matak genah kadéngéna. Ngabandingkeun jeung anak kuring, tong boro ngadéngé ngapalkeun asmaul husna atawa juz amma, dalah maca koran gé can kawénéhan komo ngadeluk ngapalkeun mah, da nu kadéngé teh ukur lalaguan populér atawa sora bebeledugan dina sepéker, sora kaulinan tina play stasion, bari raribut jeung sasamana.

Lantaran rohang gawé di gedong utama nu keur dioméan téh geus anggeus atuh kuring téh pindah deui, sedengkeun rohangan urat gudang rék dibongkar, rék dijieun gedong anyar. Ti harita mah pleng wé sora nu sok kadéngé téh leungit. Atuh kuring gé  méh poho, rajeun sok asa hayang ngadéngé deui sora budak nu ngaji ngapalkeun juz amma, sakali-kalieun mah, mun keur inget kana sora budak nu halimpu, kuring sok neuteup gedong urut gudang nu keur diburak barik dibongkar. Kapanasaran téh kahudang deui basa dina internét teu ngahaja manggihan filem Random Quest, nu nyaritakeun perkara dunya kekembaran atawa méta universe, rajeun disebut dunya paralél. Boa boa nu kaalaman ku kuring gé kitu, cek gerentes haté. Panasaran, hayang meunang katerangan nu jelas, tuluy kuring ngajak céting jeung babaturan nu resep kana carita fiksi ilmiah jeung ongkoh babaturan kuring mah kungsi diajar élmu fisika.
“Cageur euy? Déwék kakara nyaho aya filem Random Quest, filem naon eta téh?” kuring nulis kitu sanggeus aya kontak jeung manéhna.
“Alhamdulillah keur cageur. Sinarieun silaing lalajo filem nu kitu…”
Jeung manéhna mah kuring téh geus omhang pisan, da ngabasakeun déwék, silaing téh geus teu asa-asa. Tuluy manéhna nulis panjang, cenah dunya paralél téh ayana dina fisika teoritis, loba kénéh debat, loba kénéh kontroversialna diantara para ahli fisika. Teuing naon masudna da manéhna gé nulis ngeunaan ucing Schrodinger nu beda nasib, téori super string, péso cukur Occam, fisika quantum, ngarancabang lir jalan cagak atawa ngarancabang siga séndok garpu jeung deuih loba nulis ngaran jelema saperti  Stephen Hawking, Max  Tegmark, Hugh Everett, Jorge Louis Borge jeung liana deui, teuing saha éta téh da kuring mah kakara nyaho harita ngaranna gé. Manéhna gé nyabit-nyabit filem The One, salah sahiji bintangna Jet Li, cenah filem fiksi ilmiah éta gé didadasaran ku perkara dunya paralél siga filem Random Quest.
“Jadi lamun déwék bisa ngadéngé sora pamajikan ti dunya paralél nu ayana di mana boa, bisa nyah? Jeung bisa teu mun déwék panggih jeung déwék deui?”
“Tong sok loba ékol, rék nyandung mah der wé atuh.”
“Belegug siah, teu nyambung pisan, déwék mah nanya enyaan, lain perkara nyandung, geuning siga dina Random Quest pan boga pamajikan di dunya mana boa.”
 “Tah ciri-ciri jelema hayang nyandung mah babari nafsu, babari ngambek.”
Kitu wé salila céting jeung manéhna dina sela-sela waktu gawé téh direumbeuy ku heureuy, cék tulisan manéhna bisa jadi téori superstring téh kajadian di sabudeureun urang, mun sakabéh énergi ti unggal barang téh museur tur luyu bari silih nguatkeun nepi ka bisa muka kuluwung multidimensi lir jalan torowongan  nu antukna urang bisa ngadéngé sora nu teu nyaho timana sumberna, bisa jadi ti dimensi sejen. Ari soal panggih dirina jeung dirina deui, samisal kuring panggih jeung kuring deui mah sigana moal bisa, sabab bisa ngalantarankeun paradok, nu antukna bakal ngaruntuhkeun kasaimbangan alam. Perkara dina filem The One, Jet Li gelut jeung Jet Li deui, éta mah ngaranna gé filem, ambéh ramé. Teuing ah kuring mah teu ngarti, naha penjelasan ti manéhna ieu téh penjelasan ilmiah atawa pseudo ilmiah, ngan keur kuring mah ieu téh penjelasan nu beuki teu jelas, ukur remeng remeng kahartina, ngaku bodo wé palebah dinyana mah, jeung boa boa nu ditulis ieu gé salah, salah ngahartikeun nu ditulis babaturan kuring.
Céting téh anggeusan basa kuring rék mulang, gawé poé harita mah rada kangganggu, lain baé pédah céting jeung babaturan nu rada lila tapi deuih ku kapikiran mun téa mah enya dunya paralél téh aya, najan tempatna di mana boa, di dimensi sabaraha boa, kuring téh aya kuring nu séjén nu bisa baé béda nasib. Mun kuring keur senang, kuring nu di mana boa mah keur susah. Mun kuring jadi juragan, di mana boa mah kuring jadi kuli. Mun kuring korupsi, di mana boa mah jadi anggota atawa ketua komisi pemberantas korupsi . Mun kuring teu ngukut hayam, dimana boa mah ngukut hayam. Mun anak kuring bengal, di mana boa mah anak kuring téh soléh. Jadi, kuring nu enyaan, kuring nu mutlak téh kuring nu mana? Nu bakal dihisab di yaumul akhir. Kuring teu bisa ngajawab, kuring ngan ukur bisa ngucap Subhanalloh Allohuakbar. Naha kajadian kitu nu disebut dejavu, indra ke genep, clairvoyance téa? Atawa boa boa ukur ceuli kuring nu ceuli léntaheun, nu ukur ngadéngé sadéngé-déngéna.  

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 1/10/2013, Rebo 2/10/2013, Kemis 3/10/2013)