Isuk-isuk kira wanci haneut moyan, kuring
diuk caméot di tengah imah, hareupeun lawang kamar Nini, niatna mah rék mémérés
kamar Nini. Réréganana muka, nyampay ka beulah kénca.
Geus ampir dua minggu rérégan kamar Nini,
tara ditutupkeun. Ngablak, muka, nepi ka jero kamar gé antra. Isuk-isuk jandéla nu nyanghareup ka wétan
dibuka, nyeleberna angin karasa seger. Rajeun cahaya panon poé nyulusup kana sela-sela
rérégan jandéla. Langsung nyorot kana ranjang kéro nu make kulambu bodas.
Ranjang kéro téh ranjang beusi nu weweg,
nu diluhurna aya keur masang kulambu. Cenah mah éta ranjang téh pamawa Aki,
basa seserahan, ngalamar ka Nini. Ari jandéla nu nyanghareup ka kalér mah tara
dibuka, da nyanghareupna nampeu ka kebon sampeu, sok aya hileud.
Enya geus aya dua mingguna Nini mulang ka kalanggengan, dikurebkeun gédéngeun kuburan Aki. Ari Aki mah ngantunkeunana geus lila pisan, kuring gé inget-inget poho. Biasana, basa Nini jumeneng kénéh, rérégan kamar téh tara muka, éstu kudu nutupan lawang ka kamar Nini. Najan teu maké panto gé tara ieuh aya nu wani nyingkabkeun atawa pirajeunan asup ka kamar Nini.
Satungtung inget, kuring can kungsi kawénéhan
rérégan kamar Nini muka, padahal kuring téh ayeuna geus kuliah taun ka dua. Rajeun
ningali teh lamun rérégan rék diseuseuh, diganti ku nu beresih atawa mun Nini
ka luar atawa asup ka kamar, kitu gé sarérét-sarérét.
Kakara dua minggu ieu, kuring kakara
nyaho aya naon baé di jero kamar Nini téh. Aya méja leutik diluhurna ditutup ku
taplak bodas ngeplak, diluhureun taplak aya wadah lemareun sapuratina, aya potrét
Nini nuju di gondéng ku Aki dipiguraan, sigana nuju aranom kénéh, nembé nikah,
Nini mah dikabaya, dicindung, ari Aki maké jas, lengkep maké dasi. Saur Mamah
mah di jero lomari teh loba pernak-pernik jeung dokumen pribadi Aki sareng
Nini.
Di gigir, juru kamar beulah kénca aya deui lomari
leutik, sigana wadah anggoan, diluhureun lomari leutik aya mukena di luhureun
mukena aya Qur’an. Ngan sakitu. Euweuh nanaon deui. Ari dina dingding mah aya
eunteung digantungkeun, eunteung kabaheulaan téa, nu maké pigura kai diukir,
eunteungna dibuleudkeun semu lonjong, handapeun eunteung aya paranti neundeun
sisir, malah aya sisir kerep ngagolér. Sadidintenna Nini ukur ngaos Qur’an
salang-selang osok nyulam, ngadamel tutup poci atawa sarung bantal.
Inget kénéh waktu kuring keur kelas lima
sakola dasar, guru téh méré tugas sangkan nyieun karajinan tina taneuh liket,
kuring ngumaha ka Nini, ngagentraan Nini téh cukup ti luaraeun kamar,
ngagentraan Nini teh cukup sakali wé, da lamun teu nuju ébog mah sok langsung ngawaler.
Harita gé langsung kaluar kamar. Pameunteu beresih, anggoan beresih, rapih baé,
ari dedegan Nini semu jangkung, salira alit, teu bayuhyuh. Ari rérégan lawang
kamar dibuka téh sok semu meleber seungit kembang, duka kembang naon, ari nu
mindeng katohyan mah Nini sok ngala kembang kamuning.
“Aya naon kasép?” Kitu pokna. Kuring
nerangkeun kudu nyieun karajinan tina taneuh liket.
Tuluy Nini ngajak kuring ka sisi
susukan, di lebakkeun imah, niat ngala taneuh liket. Cék Nini taneuh liket téh
sok disebut taneuh porang atawa rajeun disebut taneuh angir.
“Ih geuning susukan téh rarujit kieu.” Cek Nini. Enya tuda dina susukan téh mani
kotor, pinuh ku runtah, caina semu hinyay, rujit ningalina gé.
Tungtungna
Nini ngajak ka sawah, rada lila leumpang téh, da sawahna aya di tonggoheun
susukan. Sawah nu Nini eta teh.
“Tuh beulah ditu,” cék Nini bari nunjuk
ka beulah kulon “Aya gunung batu, batu téh ngajalegir sagedé-gedé munding,
terus béh dituna aya pabrik batu, aya mesin paranti ngagiling batu sangkan batu
meunang nampolan jadi batu laleutik, keur ngabalay.” Kuring mah cicing wé da
teu parti ngarti.
Cék Nini, Cibogo téh geus robah ayeuna
mah, geus jadi nagara, geus sagala hurung hérang, tanah ngaplak jadi imah mewah,
tanah lapang jadi gedong. Nu asli urang dieu nyalingkir teuing kamana. Kebon
salak, kebon jambu, kebon muncang, geus ilang musna ganti ku rajegna beton. Nu
anyar datang teuing saha, teu wawuh jeung siga nu embung wawuh ka urang Cibogo.
Supaya ngarasa aman, imah dipager, komplek imah dibénténg jangkung. Urang kampung dianggapna panyakit, dianggap
rék ngarudetkeun baé. Cék Nini béhna teu jelema masakat teu jelema beunghar
angger wé kana miceun runtah mah jorok.
Di sawah mah taneuh liket téh meunang,
mawa ukur saguruntul kira-kira sagedé sirah kuring. Nini mapah ancad, kuring
nuturkeun. Saur Nini “Engké urang ngadamel toléot.” Kuring ukur unggeuk, teu apal nu kumaha ari
toléot. Ku Nini taneuh téh digaley deui, saurna ambéh lemes jeung babari diemplé-empléna.
Resep ngemplé-ngemplé taneuh liket, leungeun bobolokot, kesang renung dina
tarang.
Saur Mamah mah Nini téh lulusan sakola
kepandaian putri taun limapuluhan, mana pantes sagala tiasa gé. Geuning nu
disebut toléot ku Nini téh mangrupa mamanukan maké liang, lamun ditiup disada
ngahéong, sorana harus, rada ngentrung henteu nyempring siga sora piriwit.
“Kedah terang kumaha ngadamelna cocooan téh, ulah resep nganggona wungkul,” cék
Nini.
Imah nu dicicingan ku kulawarga kuring téh
imah panggung, ngan teu maké palupuh tapi make papan, papanna gé geus leucir
herang balas ku lilana. Kolongna teu jangkung teuing paling gé satengah méter.
Nini nu rajin ngaroris kolong téh, da ulah pisan barangteundeun di kolong, kudu
beresih. Ari dingdingna maké bilik,
anyaman awi hinisna dua lapis, seseg tur pantes. Tihangna tina tangkal kalapa, henteu buleud
tapi biasa wé masagi. Cek nu ngarti mah wangunan imah téh disebut julang
ngapak. Kungsi Apa sareng Mamah aya niat ngarombak imah, rék dibangun tina bata
saperti nu séjén. Na atuh Nini bendu, ngan Nini mah ari bendu téh teu jeung
ngarobah semu, malah ngajak diskusi ka Apa sareng ka Mamah. Kuring gé ngilu
ngariung, asana kuring téh keur sakola di SMA. Nini nyarios halon “Kasép, Geulis, ema mah
lain teu hayang boga imah gedong siga batur, tapi ari kudu ngarugrugkeun ieu
imah mah, najan ukur rék dirobah, ema mah banget teu satuju.”
Tuluy Nini nepikeun alesanana, cenah ieu
imah téh meunang ngitung aki, da dihenteu-henteu gé aki téh lulusan sakola
bangunan, jadi seseg jeung kuat, atuh bahanna ge nu petingan wungkul, jeung
ongkoh deuih cocog keur daérah tropis. Kaduana wangunan kieu téh kuat ku lini,
moal babari rubuh siga gedong tina témbok komo mun némbokna wawayagon. “Anggur
mah mun baroga waragadna, sok imah ieu dioméan saeutik mah, boh cétna, boh
lalangitna, komo éta tihang palebah tatapakanana, kudu mindeng diroris bisi
besek, atawa bisi aya rinyuh.” Kitu saur Nini mungkas obrolan, Nini siga nu
alim dibantah da teras lebet ka kamar.
Ari maksud Apa sareng Mamah mah, nu
katangkep ku kuring, tadina ngarombak imah téh hayang nyenangkeun Nini. Tapi
geuning kitu pamadegan Nini téh, kuring gé satuju kana pamadegan Nini
pang-pangna palebah imah panggung leuwih kuat mun aya lini. Mangkaning daérah
Cibogo téh deukeut ka sésar Lembang, dua lémpéng taneuh nu silih sedek, hiji
waktu mah bakal obah tur bakal jadi sumber lini. Meureun mun aya lini téh imah
panggung mah moal matak bahaya teuing. Disidik-sidik
ayeuna, imah téh asa nenggang, béda ti batur. Manjang ka tukang. Di gigir aya
wangunan tambahan leutik keur garasi mobil, di gigir sabeulah deui aya
sosompang rada lega, diteundeunan méja pingpong. Teu salah mun disebut griya
unik téh.
Imah téh kawilang lega, aya tepas,
biasana di tepas adi kuring, awéwé, sok ulin jeung babaturanana, ngan lamun
mijah sok kadenge bragbrigbrug. Dijero, tenga imah ngablak, lega, ditengahna
diamparan ku lampit, sawareh diamparan ku alketip paranti kulawarga diuk atawa
gogoleran bari lalajo télévisi. Kamarna aya opat nu gedé, ditambah ku nu leutik.
Kamar leutik mah sok disebut goah. Dapur mah ka béh tukang, kawilang lega, keur
rohang paranti dahar, teu maké meja, tapi maké ambén, jadi mun dahar teh lain
diuk dina korsi, tapi kudu sila. Cék babaturan, di imah kuring mah cenah unggal
poé léséhan, ari saur Nini mah lain léséhan cenah tapi ngampar. Dina ambén éta
ngabagug téténong rada gedé, téténong nu tilu umpak, wadah dahareun, da tara
maké tudung saji.
Di dapur téh hawu gé aya, tah sual hawu
gé kungsi jadi masalah, biasa nu mokalan téh Apa, hawu hayang dibongkar,
dipiceun. Ma’lum Apa téh didamelna di BUMN bagian logistik, barang nu teu dipaké
leuwih hadé dipiceun, dikaluarkeun tina catetan asét pausahaan, minuhan teu
pararuguh cenah. Ngan Nini teu satuju, sakali deui éta téh cenah hawu meunang
nyieun Aki. Harita mah kuring rada pro ka Apa, da enya atuh hawu téh siga nu
ngabagug teu puguh, geus lila tara dipaké. Apan jaman kiwari mah néangan
suluhna gé hésé. Saur Mamah ka Apa, kudu ngéléhan ka kolot mah bisi tideuha
cenah. Apa ukur nyéréngéh dikitukeun téh, bari ngaharéwos lalaunan kuduna mah
nu kolot gé ngarti kana kahayang nu ngora. Mamah ngadilak ka Apa. Luhureun hawu aya paraseuneu, didinya
diteundeun sééng, dulang, lalayah, katél, jeung sabangsa parabot séjén nu galedé.
Korsi tamu mah aya, diteundeun di tepas,
tapi korsina nu tina awi gombong, geus leucir hérang, jadi tamu téh tara asup
ka imah, cukup masamoan di tepas. Najan hujan gedé ge tara sawér ka tepas,
sigana Aki ngararancang imah téh sagalana geus diitung.
Jaman keur budak, kuring rajeun bangor
hayang asup ka goah, sok maling-maling, najan sabenerna mah geus nyaho teu
meunang ongkoh deuih di jero goah téh poék. Tapi inget da di goah aya buyung
paranti béas, aya peti rada gedé paranti paré, rajeun sok jadi tempat nyimpen
bubuahan, kayaning cau, sawo atawa jambu batu, kitu wé bubuahan hasil ti kebon
Nini. Mun kapanggih ku Nini, kuring sok dicarékan. “Pameget mah teu kénging ka
goah,” tuluy Nini sok ngomong goah téh tempatna Déwi Sri, nu ngagaduhan paré.
Dikitukeun téh kuring tara loba tatanya, keur mah geus mindeng ngadéngé omongan
kitu, paling gé ngajawab “Da sanés badé ngangganggu Déwi Sri, tapi badé nyandak
sawo asak.” Nini ge sok gumujeng ari dijawab kitu mah. Nu aman neundeun
dahareun téh di goah, Apa gé mun hoyong bubuahan nu disimpen di goah téh sok ngagentraan
heula ka Mamah, nyuhunkeun dipangnyandakeun bubuahan. Nu teu meunang sagawayah
asup téh ka kamar Nini jeung ka kamar Mamah deuih.
Sanggeus kuring kuliah, kakara nyaho
geuning imah urang Sunda téh jaman buhun mah dirohang-rohang. Aya rohang keur
lalaki jeung aya rohang keur awéwé, tepas
keur lalaki, dapur keur awéwé, tengah imah mah keur saréréa, watesna imajinér,
ngan goah nu écés téh. Cenah cék Nini, baheula mah sok rajeun di goah téh aya
pangradinan, parukuyan jeung susuguh séjén, ti mimiti cai kopi pait jeung
rurujakan. Éta téh panghormat ka Dewi Sri, nu dimitoskeun yén Déwi Sri téh déwi
paré, goah lir rohang sakral. Padahal, kuring kungsi maca, Sri atawa Asri
asalna kecap sariçi atawa ariçi tina basa Dravida, hartina paré atawa
siki-sikian, kana basa Laten jadi cereal, kana basa Inggris jadi rice, kana
basa Yunani jadi oryza, dina basa Sunda gé apan aya paré ceré. Ari teu meunang
sagawayah ka kamar Nini mah saur Mamah bisi Nini kabaribinan, jeung ongkoh
teu elok mun blas-blus ka kamar batur nu
sipatna pribadi.
Kuring masih caméot hareupeun kamar
Nini, leungiteun puguh gé, leungiten ku gohgoy Nini, leungiteun ku meleberna
kembang ti kamar Nini, leungiteun ku dédéngéan nu ketrak-ketruk, leungiteun ku
déhémna, leungiteun ku usap Nini. Geus
jadi kabiasaan mun kuring rék indit kuliah sok pamitan heula ka Nini, ari Nini
tara kaliwat ngusap sirah, karasa dampal panangan Nini nyecep tiis, lemes,
ngageleser kana tarang. Mun kaciri kuring keur pakepuk lantaran loba tugas,
Nini sok nyauran : “Kadieu kasép, urang jiad ku Nini, ambéh pinter.” Tuluy
sirah kuring diusap sababaraha kali, Nini sapertos nu kunyam kunyem ngadu’a.
Kamari soré, Apa sareng Mamah
ngawangkong, kuring gé ngilu ngawangkong, cék Mamah rék dikumahakeun kamar urut
Nini. Cék Apa mah ulah dikukumahkeun, mending diantep wé gunana bisi aya dulur
atawa tamu nu hayang ngéndong, bisa diperenahkeun di kamar urut Nini. Kuring
rada ngajenghok ku pamadegan Apa, asa jadi robah, sugan téh imah rék langsung
dibongkar dirombak jadi imah témbok. Ari
celengkeung téh adi kuring nu kakara kelas dua SMP mairan cenah alusna mah
dijadikeun musola, paranti solat berjamaah sakulawarga, sakalian bari
ngadu’akeun Nini. Kaharti kituna mah, da adi kuring nu pangdeukeutna jeung Nini.
Sababaraha poé sabada Nini ngantunkeun, adi kuring barintit balas ceurik. Apa
sareng Mamah sakedapan mah ngahuleng, kuring satuju, tungtungna Apa sareng
Mamah gé satuju.
Kamar Nini geus robah, nu
tadina arang kagiridig teu meunang sagawayah asup, ayeuna saha baé gé meunang
asup ngan mun rék solat, dihenteu-henteu gé tetep teu sagawayah bisa asup atawa
malah jadi rohang sakral. Naha ari goah bakal tetep jadi rohang sakral jeung naha
ari ieu imah panggung bakal jadi robah?■
(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 27/3/2012, Rebo 28/3/2012, Kemis 29/3/2012)