04 November 2007

BUKU SUNDA JEUNG GUTENBERG

Ku : MAMAT SASMITA.


Sabenerna ti imah ka pasar buku Palasari teh teu jauh teuing, paling ge lima kilometer. Lamun seug Bandung siga baheula keneh, siga antara taun 1950 – 1960 leumpang ge moal karasa cape, lantaran jalan linduk keneh, loba tatangkalan keur iuh-iuh, jadi lamun leumpang teh moal panas turta harita mah suhu kota Bandung ge teu panas siga kiwari.
Aya data taun 1926 suhu kota Bandung pangpanasna ukur nepi ka 26,5 derajat celcius, kitu deui dina taun 1950-1960 teu jauh ti kitu, kacida jauh bedana jeung mangsa kiwari, geura we dina bulan Nopember taun 2006 suhu kota Bandung kungsi nepi ka 34,6 derajat celcius. Hiji fenomena anu luar biasa, lantaran Bandung teh kawentar kota anu suhuna tara leuwih ti 30 derajat celcius, tapi kiwari kungsi ampir nepi ka 35 derajat celcius.
Jadi lamun ayeuna kudu leumpang di jalan kota Bandung sapanjang lima kilometer, kacipta bakal ngoprot kesang, komo lamun tengah poe keur ereng-erengan, katambah ku pagaliwota kendaraan, leumpang dina trotoar kandeg ku kios nu jualan, leumpang dina jalan aspal tangtuna ge bakal disalahkeun ku supir mobil.
Tungtungna bet siga ogoan indit deukeut ge kudu we kana kendaraan, boh angkot boh ojeg.
Indit ka pasar buku Palasari teh keur kuring mah geus jadi ritual maneuh, dina sabulan teh kudu we sakali mah, salian ti neangan buku sakalian silaturahmi jeung aktivis buku didinya, sukur-sukur manggihan buku Sunda, sok sanajan nyamos pisan ge teu nanaon. Indit-inditan kitu teh salian ti ka Palasari aya deui nyaeta ka pasar buku ngampar di jalan Dewi Sartika, atawa ka pasar Cihaurgeulis.
Beuki kadieu buku Sunda beuki hese, ari wedalan anyar mah remen manggih, eta nu hese teh buku buku basa Sunda wedalan Bale Pustaka atawa wedalan samemeh taun dalapanpuluhan. Lamun dina manggihna ge sok geus kuleuheu atawa geus ruksak, hese pisan dihadeanana. Tapi ketah buku basa Sunda nu kaasup wedalan anyar ge can tangtu aya di unggal kios, can tangtu aya sa-pasar Palasari.
Hal ieu teh naha promosina anu kurang atawa geus euweuh nu butuheun, tapi lamun ngabandungan dina paguneman, boh langsung atawa ngaliwatan email sok remen anu nanyakeun buku buku basa Sunda. Meureun ana kitu ge aya keneh anu butuheun ngan teu nyaho kudu kamana neanganana.

Hirup tur huripna hiji basa teh aya pakaitna jeung lobana buku anu bisa dibaca, kitu deui basa Sunda, sok sanajan aya anggapan yen basa Sunda geus mimiti teu dipalire ku anu ngagunakeunana, tapi eta anggapan teh asana ngan ukur di kota gede kayaning Bandung, da ari di pasisian mah masih keneh dipake, malah apan di sakola ge aya keneh anu jadi basa panganteur keur sakabeh pelajaran nu aya. Tong jauh-jauh cobaan we ngalongok ka sakola SD Karanglayung nu aya di Desa Kadakajaya Tanjungsari Sumedang didinya basa panganteurna basa Sunda keur sakabeh mata pelajaran. Komo meureun lamun anu leuwih jauh ti puseur kota.
Parendening kitu buku buku basa Sunda kacida diperlukeunana, keur bacaeun jeung tangtu loba mangpaatna sabab bakal manggih kecap-kecap anu can tangtu dipake sapopoe, da dihenteu-henteu ge basa lisan bakal beda jeung basa Sunda tulis, bisa jadi leubih euyeub dina basa tulis.
Pangalaman jadi moderator dina hiji milis (mailing list) dina internet salila genep taun, loba anu salah nulis samisal kecap punten ditulis punteun, wilujeng ditulis wilujeung, peuyeum ditulis peyem, tangtu kasalahan siga kitu ku alatan arang langka maca buku basa Sunda, da asana pamohalan aya kasalahan siga kitu lamun mindeng maca buku basa Sunda. Atawa sigana media masa citak basa Sunda teu konsisten make ejaan anu bener samisal anu bisa ngabedakeun e siga dina kecap punten jeung é siga dina kecap beda.

Tah palebah nyadiakeun buku bacaeun dina basa Sunda, duka teuing ieu teh kawajiban pamarentah atawa kawajiban saha, lamun tea mah enya kawajiban pamarentah (daerah) atuh tinggal der we asupkeun kana APBD, eta cenah bisi disebut etnosentris teuing atuda eta mah masalah teknis tinggal kudu kumaha luyuna tapi sahenteuna aya sumanget ka palebah dinya, ulah dicullaurkeun teuing. Ongkoh apan aya Perda nu ngatur hal ngamumule basa katut budaya Sunda, jadi aya dadasar hukumna.
Buku buku basa Sunda digolontorkeun ka masyarakat, bisa bae ngaliwatan sakola, desa atawa perpustakaan anu aya di desa desa, sugan ku cara kitu basa Sunda leuwih nanjung, lain bae keur kaperluan masyarakat nu macana tapi sahenteuna geus mere luang keur pangarang basa Sunda.
Ceuk beja bawaning angin dina program ngayakeun buku buku taun 2007 anu dikokojoan ku hiji Badan/ Dinas di Pemda Jabar anu waragadna nepi ka welasan milyar rupiah pikeun ngalengkepan perpustakaan di Kabupaten, bagean buku buku basa Sunda mah teu nepi ka sa-persen-na. Eta beja teh matak hanjelu, cik atuh minimal sapuluh persen ge geus mere kasempetan anu kawilang alus kilang bara nepi ka duapuluh lima persen mah.

Dina mangsa kiwari, salian ti buku citak aya deui media sejen anu disebut internet keur nyimpen hasil karya tulis atuh beh dituna aya anu disebut e-book tea. Ari nu disebut buku mah geus puguh mediana tina keretas, ari e-book mah mediana CD atawa DVD atawa Harddisk.
Dina internet aya anu disebut blog atawa webblog, ieu teh hiji tempat keur nyimpen tulisan pribadi, teu beda jeung catetan sapopoe (diary). Anu nyadiakeunana kawilang loba saperti blogspot, multiply, friendster jeung sajabana ti eta. Unggal jalma bisa ngiluan ngabogaan blog kalawan mandiri tur haratis, tapi tetep kudu tukuh kana aturan anu dijieun ku anu nyadiakeun blog.
Blog anu dipiboga ku individu ngeunaan Sunda boh make basa Sunda boh make basa Indonesia kawilang rea, geura dicobaan disusud dina mesin juru susud (search engine) bakal ngaburudul. Contona http://galuh-purba.com, http://sireum-hideung.blogspot.com , http://ascheve.multiply.com , http://www.urangsunda.net , http://burdansyah.blogspot.com , http://rumahbacabukusunda.blogspot.com.

Aya hiji situs internet anu kawilang popiler sok disebut Gutenberg (Gutenberg nyutat tina ngaran jalma urang Jerman, ngaran lengkepna Johann Gutenberg anu hirup antara taun 1400-1468 M. Dina bukuna Michael Hart, Seratus Tokoh, asup kana urutan nomer dalapan dianggap boga jasa keur kamekaran sajarah dunya lantaran geus mampuh nyiptakeun alat nyitak buku) di alamat http://www.gutenberg.org . Ieu situs teh kaasup situs nirlaba anu nyadiakeun e-books, bisa dikunjal (download) ku saha bae kalawan haratis. Lamun urang hayang maca buku karya Jules Verne anu judulna Around the World in 80 Days tangtu we dina basa asing, tinggal klik, langsung bisa dibaca. Hasil pangarang sejen ge nyampak kayaning karya Charles Dickens, Oscar Wilde, Edgar Allan Poe jeung sajabana ti eta.

Sigana lamun urang Sunda nurutan siga kitu asana teu salah-salah teuing, boga situs samodel Gutenberg, dikokojoan ku LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda). Pangna kudu dikokojoan ku LBSS pedah we apan LBSS teh hiji lembaga anu dihenteu-henteu ge boga otoritas kana kamekaran basa katut sastra Sunda.
Carana teu hese-hese teuing, entong ari dina webblog anu haratisan mah, era bisi majarkeun LBSS teu boga biaya jeung bisi disangka amatiran. Anu penting aya niat heula kalawan jejem, dina derna mah pasti loba anu mantuan.
Eusina, nyakitu samodel Gutenberg, ngadigitalkeun buku buku basa Sunda, bisa dikunjal (download) ku saha bae kalawan haratis jadi sipatna nirlaba, lain komersial. Ngan tangtu aya aturan, buku basa Sunda anu mana anu bisa didigitalkeun, kalawan disebarkeun dina internet. Ulah nepi ka aya sangkaan ngalanggar HAKI ( Hak Kekayaan Intelektual), ceuk legegna mah ulah nepi ka ngalanggar copyright, kudu bener-bener buku anu geus right to copy. Keur saheulaanan ngadigitalkeun buku buku anu umurna geus lima puluh taun ti mimiti dipedalkeun (hal ieu ge kudu ditalungtik deui naha enya nu geus umurna lima puluh taun, kudu disaluyukeun deui jeung Undang-Undang HAKI), atawa menta ijin heula ka pangarang jeung pamedalna.
Salian ti sipatna nirlaba kudu terbuka deuih, maksudna kudu ngawadahan saha bae anu rek jadi kontributor sakalian ngawadahan anu rek jadi donatur. Nu disebut kontributor nyaeta anu sadia jadi relawan pikeun mantuan ngeusian situs, sedengkeun donatur mah nya anu mantuan mere biaya. Didieu ge tetep aya aturan, tulisan anu dikirim ku kontributor kudu disortir heula ku administratur samemeh dianggap layak tayang. Ngaran eta situs bisa bae http://www.lbss.or.id dina salah sahiji menu-na nyadiakeun e-book Sunda. Lamun tea mah aya nu perlueun, misalna, ku buku Mantri Jero, tinggal klik, gorehel we manggih, apan teu kudu kokotetengan neangan ka pasar buku loakan. Kitu deui lamun anu neangan buku karya-karya Moh Ambri, Caraka, DK Ardiwinata, Ajip Rosidi, Memed Sastrahadiprawira, Juhana jeung lian ti eta, tinggal klik, gorehel we manggih.
Ari soal ngadigitalkeun buku mah dina jaman kiwari geus lain pagawean hese, teu kudu diketik ulang dina komputer, da geus aya alatna nu disebut scanner lengkep jeung program anu diperlukeunana.
Enya nyieun situs internet anu bergengsi teh lain pagawean enteng, tapi kapan sagala rupa oge kudu dinawaetuan heula, ngimpi ngimpi atuh tibatan bolostrong pisan, entong atuh Sunda teh bisa ngigelkeun jaman, ti hiji sisi bisa ngigelan jaman ge geus kacida alusna. Ahlina nyieun situs di Bandung mah ngabadeg, atuh lamun minangsaraya ka paguron luhur ge tangtu bakal dibageakeun.

Sabenerna geus aya hiji situs internet alamatna di http://sunda.web.id, eusina keur saheulaanan aya 30 kategori diantarana Adat Istiadat, Agama dan Kepercayaan, Alam dan Lingkungan, Arsitektur, Sastra Sunda, Kamus Sunda jeung sajabana ti eta. Ieu situs teh dikokolakeun ku perorangan, lamun nilik kana eusina anu sakitu euyeubna matak reueus, sanajan eusina unggal kategori can lengkep. Tapi lamun ningali paniatanana jeung dikokolakeun ku perorangan lain ku hiji organisasi, sakuduna nu jadi urang Sunda nganuhunkeun malah lamun jadi donatur teh asa pantes. Situs LBSS mah teu kudu aya kategori sejen tapi panceg dina ngadigitalkeun buku buku sastra Sunda jeung kamekaran basa Sunda, luyu jeung pancen LBSS.

Pangna kuring nepikeun ieu pamanggih, itung-itung ngabejaan bulu tuur we atuh, jeung deuih dunya internet beuki dieu beuki dipikawanoh. Kapan barudak tingkat SD, SMP oge, utamana di kota gede, geus pada apal ayana internet, geus lain dianggap barang aheng, ongkoh kahareupna bakal beuki dipikabutuh.
Cag. Bobot pangayon timbang taraju mangga nyanggakeun.


MAMAT SASMITA
Ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda di Bandung
(Dimuat dina Rubrik KOLOM Mangle No.2141 Tgl 1-7 Nopember 2007)