08 March 2015

RAGAM HIAS Dina Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (Bagian ka 1)

Ku : MAMAT SASMITA

BUBUKA                                                                                  Bagian ka   1    2    3    4

Ragam hias[1] atawa ornamén nyaéta  rupa-rupa hiasan modél géometrik atawa modél lianna, dijieun mangrupa wangun dasar dina hasil karajinan saperti dina parabot, pakéan jeung dina arsitéktur (Ensiklopedia Indonesia, Djambatan, teu aya taun medal). Ragam hias bisa mangrupa ukiran dina kai atawa batu, tulisan dina lawon (batik) jeung wangun lianna dina média lianna.
Nian S Djoemena  (1986;1) nyebutkeun yén wangun ragam hias, ilaharna dipangaruhan jeung kacida raketna kana faktor-faktor : 1. Posisi géografis daérah nu nyieun ragam hias atawa batik, 2. Sipat jeung tatacara kahirupan daérahna, 3. Kapercayaan jeung adat istiadat, 4. Kaayaan alam, kaasup ragam flora jeung fauna sabudeureunana, 5. Kontak atawa hubungan jeung antar daérah séjén nu bakal silih pangaruhan.   
Mun nilik posisi géografis Jawa Barat kaasup Banten, beulah kidul ngawates jeung laut, kitu deui ka beulah kalér, ka beulah kulon ngawates jeung Selat Sunda, ari ka beulah wétan ngawates jeung Jawa Tengah. Ari sipat jeung tatacara kahirupanana, cék para ahli mah teu jauh ti nu disebut pahuma, panyadap, panggerek jeung padagang. Sistem kapercayaan urang Sunda (baheula) kacida ngahormatna ka luluhur atawa ka karuhun. Sedengkeun kaayaan alamna, pinuh ku gunung, lamping, jungkrang, leuweung, walungan jeung saniskara tutuwuhan katut sasatoan. Kontak atawa hubungan jeung daérah séjén geus jadi kabiasaan misalna jeung urang Jawa (basa Kawi), malah kaasup jeung bangsa deungeun[2], Tatar Sunda geus jadi tempatna atawa balawirina nu buniaga.
Salian ti éta cék Drs H.R.Hidayat Suryalaga (2008;24) ngécéskeun yén di Tatar Sunda bisa dibagi tilu nyaéta beulah kidul nepi ka basisir kidul warna dominan nu dipake dina kahirupan sapopoé nyaéta warna semu kolot atawa soka kolot , ngaharib-harib warna taneuh porang. Sedengkeun florana nu dijadikeun perlambang leuwih deukeut kana tutuwuhan nu ngambang sabangsaning taraté, wawalinian,  seuseupan lentah, sasatoannana galedé kayaning buhaya, penyu jeung lauk badag. Di Tatar Sunda beulah tengah  nu dominan teh warna gunung, hejo binetot, ti warna hejo ngora nepi ka indigo (tarum). Tutuwuhanana sabangsaning daun nu rarubak, saperti katapang, daun taleus, daun cau. Ari sasatoanana nu baradag tur hirup di pagunungan kayaning maung, gajah atawa lutung. Ari di Tatar Sunda beulah kalér réa kapangurahan ku tepungna rupaning budaya ti ditu ti dieu, warnana gé leuwih moronyoy, kayaning warna emas, pérak, konéng jeung beureum. Tutuwuhanana, leuwih condong kana areuy-areuyan kalawan teu mopohokeun karang laut, atuh sasatoanana gé laleutik kayaning keuyeup atawa hurang.
Hanjakalna  teu aya penjelasan yén Tatar Sunda dibagi tilu téh wates-wates geografisna palebah mana nu sabenerna, najan kitu, bisa dimaphum da nu disebut wates budaya mah tara écés janggélékanana. Komo mun ditingali jaman kiwari, patalimarga ti wétan ka kulon atawa ti kidul ka kalér geus but-bat jalan nu ngembat, unggal poé gé teu weléh pinuh ku nu lalar liwat, tangtuna ieu gé bakal mangaruhan kana wates budaya nu beuki teu écés lebah-lebahna. Najan kitu pamanggih Drs H.R.Hidayat Suryalaga téh  tetep bisa dijadikeun rujukan keur ngimeutan ragam hias mangsa bihari nepi ka kiwari.

Salah sahiji beja tinulis mangsa bihari nu nyebutkeun ngaran rupa-rupa ragam hias nyaéta naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK) nu ditulisna taun 1518 (Saléh Danasasmita saparakanca 1987). Naskah Sunda kuna SSK rajeun sok disebut énsiklopédi urang Sunda nu munggaran lantaran eusina nyatetkeun rupa-rupa hasil budaya urang Sunda kaasup ngaran ragam hias.

Maksud tulisan ieu méré gambaran siga kumaha rupa-rupa ragam hias nu aya dina SSK,  dina wangun deskripsi sakumaha nu kapanggih. Pangna henteu dina wangun gambar sangkan teu ngawatesanan kreativitas nu macana. Paréndéné kitu dina ieu tulisan aya sababaraha hiji nu dilengkepan ku conto gambar atawa fotona, samisal rupa hias kembang muncang, dina ieu tulisan dilengkepan ku foto kembang muncang jeung daunna, nu dipiharep supaya tina foto éta bisa ngararampa kumaha wujudna rupa ragam hias kembang muncang. Salian ti éta aya kapanasaran naon bédana antara tulis jeung boéh, nepi ka disebut tur dibédakeun dina SSK,   tangtu ieu téh aya alesanana.

Demi tujuanana ngan ukur ngabéjaan bulu tuur, sugan sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna keur nu resep nalungtik rupa ragam hias nu aya di Tatar Sunda, hususna nu kacatet dina SSK. Sugan jeung sugan naon rupa nu didadarkeun téh teu salah kabéh, mun enya gé aya nu salah hayu urang benerkeun babarengan. Ari nu jadi rujukan nyaéta tina sababaraha buku bacaan (studi pustaka), di bagian daftar pustaka dibéréndélkeun buku-buku nu jadi rujukanana.

RAGAM HIAS DINA NASKAH SSK

Dina naskah Sunda kuna SSK mun diitung-itung aya tilu puluh salapan rupa ragam hias, nu dibagi jadi tilu gumpluk, nyaéta :

a.      Tulis. Dina gumplukan tulis aya salapan rupa, nyaéta : 1.pupunjengan, 2.hihinggulan, 3.kekembangan, 4.alas-alasan, 5.urang-urangan, 6.memetahan, 7.sisirangan, 8.taruk hata, 9.kembang taraée. Ahli tulis disebutna lukis.
b.      Ukir. Dina gumplukan ukir aya lima rupa nyaéta : 1.nanagaan (dinanagakeun), 2.babarongan (dibarongkeun), 3.paksi (ditiru paksi), 4.singha (ditiru singha), 5. Were (ditiru were). Ahli ukir disebutna marangguy atawa maranggi.
c.       Boéh. Dina gumplukan boéh aya dua puluh lima rupa, nyaéta : 1.kembang muncang, 2.gagang sénggang, 3.sameleg, 4.seumat sahurun, 5.anyam cayut, 6.sigeji, 7.pasi-pasi, 8.kalangkang ayakan, 9.poléng rengganis, 10.jayanti, 11.cecempaan, 12.paparanakan, 13.mangin haris, 14.sili ganti, 15.boéh siang, 16.bebernatan, 17.papakanan, 18.surat awi, 19.parigi nyéngsoh, 20.gaganjar, 21.lusian besar, 22.kampuh jayanti, 23.hujan riris, 24.boéh alus, 25.ragén pangantén.  Ahlina nyieun boéh disebutna heuyeuk atawa pangeuyeuk.

Dina gumplukan Tulis bisa baé disebut ngan ukur aya dalapan, sabab kembang taraté bisa diasupkeun kana rupa kekembangan, ari dina gumplukan Boéh mun maca hasil transkripsi naskah SSK antara rupa mangin haris jeung sili ganti teu maké (tanda baca) koma[3], ku kituna bisa dibaca mangin haris sili ganti téh ngan sarupa, tapi mun maca hasil terjemahanana antara mangin haris jeung sili ganti téh maké (tanda baca) koma[4], hartina antara mangin haris jeung sili ganti téh beda rupa.
Dina tulisan ieu mah mangin haris jeung sili ganti dibédakeun.

HARTINA  TULIS

Nyutat tina naskah SSK hasil transkripsi Saléh Danasasmita saparakanca (1987;84), unina kieu :  
“Sa(r)wa lwir[a] ning tulis ma: pupunjengan, hihinggulan, kekembangan, alas-alasan, urang-urangan, memetahan, sisirangan, taruk hata, kembang tarate: sing sawatek tulis ma, lukis tanya.”  Tulis ku Saléh Danasasmita saparakanca (1987;107) ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi lukisan, sedengkeun  lukis ditarjamahkeun jadi pelukis.
Ku K.F.Holle (1867;457) kecap tulis téh dihartikeun batik, sedengkeun kecap lukis dihartikeun nu ngabatikna, ieu dicutat sacéréwéléna :
„ Wilt  gij  iets  weten  van  de  batiksoorten  : poepoendjoengngan, hihinggoelan, kekembangan, alas-alassan, oerang-oerangan, memetahan,  sasirangan,  toeroek-ata,  kembang taraté?  vraag het  den  batikker." Holle téh nyutat tina naskah SSK tuluy ditarjamahkeun kana basa Walanda.

Dina SSK ragam hias tulis  teu disebutkeun nulisna dina média naon, bisa jadi dina média lawon bodas atawa kaén beunang ninun nu geus jadi, sabab tukang nulisna gé disebut lukis (juru lukis). Ngalukis dina lawon mah sigana sarua jeung ngabatik, lantaran kecap tulis mun diluyukeun jeung nulis sastra atawa nulis aksara dina abad ka 16 (dina mangsa SSK ditulis) médiana lain dina lawon tapi dina lémpéngan emas, pérak, tambaga, waja, beusi,  dina batu, dina papasan kai, wilah awi, daun lontar jeung dina daun gebang, ieu nu disebut sapuluh kamajuan atawa dasawredi (Aditia Gunawan 2009;113). Naskah-naskah Sunda kuno nu kapanggih nepi ka kiwari ge lolobana ditulis dina daun lontar atawa gebang jeung aya nu dina wilah awi, tara kasebutkeun dina média lawon iwal ti Peta Ciela.
P.J.Zoetmulder (2011) ngahartikeun kecap tulis téh nyaéta lukis atawa gambar diantarana gambar tutuwuhan teu togmol neybutkeun batik. Tapi J.E.Jasper (1916;8) dina catetan kaki nyebutkeun yén dina kamus basa Jawa beunang Gericke jeung Roorda, kecap batik téh hartina sarua jeung kecap serat jeung kecap tulis dina basa Jawa krama.   

Ana kitu K.F.Holle teu salah-salah teuing narjamahkeun kecap tulis jadi batik, lantaran nepi ka ayeuna gé sok aya nu disebut batik tulis, najan istilah batik tulis téh sakapeung keur ngabédakeun jeung batik nu di cap.

Kulantaran tulis téh sarua jeung batik, keur babandingan, urang cutat rupa-rupa ngaran ragam batik beunang ngumpulkeun J.E.Jasper (1916;229) ti daérah Priangan. Sabenerna disebut babandingan mah kurang pas, sabab waktuna ganjor teuing, SSK tuan 1518 sedengkeun buku J.E.Jasper taun 1916, méh 400 taun bédana.  Najan kitu teu salah-salah teuing mun sakadar keur nambah-nambah pangaweruh, di dieu digumplukkeun dumasar kana :

a.      Dangadaunan : daun pacar, daun paku, daun salak, daun cina, daun seureuh, daun asem, daun camara, daun salam, daun waluh, daun cengkéh, daun sebé, daun jeruk, eluk paku.
b.      Kekembangan : kembang endong, kembang limus, kembang tanjung, kembang jeruk, kembang areuy, kembang kacapiring, kembang gandul, kembang astir, malati.
c.       Sasatoan : kukupu, bayongbong, papatong, segong (sigung), bangbara, sisit lauk, kukupu hiber, langgir, manuk diuk, suku manuk, mata hayam ditambah ku singa pitutur jeung naga.
d.      Bubuahan : galinggem, samangka, buah waluh, buah limus, buah huni, buah salak, buah tangkil
e.      Nu sejenna : limar colét, lantéra, balagbag, écé, gurat, léréng puger, léréng panjang, limar isen, limar témbok, irengan.

Salian ti éta, keur babandingan kénéh dina buku keur paméran nu diayakeun ku Java Instituut taun 1920an di Yogyakarta (dina ieu buku teu aya taun medal, ngan aya iklan nu nyebut taun 1920), diantarana aya rupa-rupa batik ti Cimais, Tasikmalaya jeung Garut :
Ti Ciamis kayaning léréng, gambir saketi, sawat, puger, bangréng, adu manis, léréng soyog, léréng seling, léréng séno, léréng daun peuteuy, lompong kéli, léréng centung.
Ti Tasikmalaya kayaning limar, léréng bunton, léréng kembang pacar, lung mawar, gambir sawit, caringin, satria bener, kembang cina, sembagi.
Ti Garut kayaning léréng, léréng soga, sawat manuk, sawat daun, lépaan konéng, kembang anggur, léréng tumpal.
Babandingan ieu, aya saruana jeung aya bédana. Nu sarua nyaéta boh dina SSK boh dina buku J.E.Jasper sarua nu dominan tina tutuwuhan mangrupa kekembangan, najan kekembangan dina SSK teu pati jelas, ngan ukur disebut kekembangan jeung kembang taraté.




[1] Istilah ragam hias dina basa Sunda rarasaan mah can aya, kuduna LBSS mikiran kana ieu istilah.
[2] Dina Sanghyang Siksakandang Karesian disebutkeun rupa-rupa basa kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, Kelantan jeung sajabana.
[3] Saleh Danasasmita saparakanca 1987; 84.
[4] Saleh Danasasmita saparakanca 1987; 108

Nyambung ka bagian ka 2

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle  No.2514, 12-18 Februari 2015)

No comments:

Post a Comment