07 December 2008

URANG SUNDA NEUTEUP MANGSA

Ku : MAMAT SASMITA

(Versi bahasa Indonesia bisa dibaca disini)
PARIBASA teh basa pakeman, kalimah nu geus matok sarta ngandung pituduh atawa piluangeun. Eusina bisa dianggap tungtunan hirup atawa aturan paripolah. Biasana, paribasa teh dipakena dina paguneman sapopoe, dina biantara, atawa upacara adat.
Dina tradisi lisan urang Sunda, paribasa teh kacida beunghama, mun diitung mah boa aya kana rewuna. Disagigireun paribasa aya deui nu disebut babasan. Rada hese ngabedakeun paribasa jeung babasan teh. Ngan gampangna mah kieu: proverb keur paribasa jeung idiom keur babasan. Dina kamus umum basa Sunda kaluaran LBSS, disebutkeun babasan teh ucapan matok nu dipake dina harti injeuman.
Paribasa atawa babasan (satuluyna disebut paribasa) teh bisa bae disebutkeun kabeungharan batin urang Sunda. Sabab paribasa teh ngandung unsur sistim budaya masarakat nu patali jeung ajen inajen hirup, norma jeung pituduh nu sakuduna jadi patokan orientasi urang Sunda.
Mun seug enya yen paribasa teh mangrupa kabeungharan batin urang Sunda, meureun eta teh hasil tina proses panjang kontemplasi jeung sanggeus dibeuweung diutahkeun dina pikiran. Lian ti eta paribasa teh hasil tina evaluasi pangalaman ti para karuhun urang Sunda. Lain bae ngan nu aya pakaitna antara rohang jeung waktu tapi deuih nu tumali jeung paripolah.
Ku kitu, ngaliwatan paribasa, nu nulis ngotektak hayang nyaho kumaha sikep urang Sunda kana waktu. Lantaran waktu teh dina mangsa kiwari geus jadi bagian tina manajemen moderen tur kacida dihargaanana. Nu nulis make buku Peperenian Urang Sunda (Rachmat Taufiq Hidayat saparakanca, Kiblat 2005) nu ngamomot 1,259 paribasa, nyoba-nyoba nyaliksik paribasa nu aya pakaitna jeung waktu.
Breh weh kapanggih, najan saeutik ge, ngan aya 27 paribasa. Disebut saeutik teh mun dibandingkeun jeung jumlah paribasa nu basisna rohang jeung paripolah jalma. Hal ieu teh matak hemeng, sigana waktu teh teu pati jadi ukuran dina tatanan kahirupan urang Swnda mah. Tina 27 paribasa dibagi jadi lima kategori nyaeta umur atawa lilana hirup, tanda jaman, tanda waktu, lilana waktu jeung tigin kana wanci. leu kategori teh dumasar kana eusi tur harti paribasa nu ngandung unsur waktu atawa aya kecap nu pakait jeung waktu. Hasil sagemblengna mah dina berendelan di handap.

1 . Kategori Umur: Ari umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed. Asa ditumbu umur. Hirup katungkul ku pat ipaeh teu nyaho dimangsa. Kaduhung taratiheula .Maot ulah manggih tungtung paeh ulah manggih beja. Pakokolot supa. Umur gagaduhan banda sasampiran.

2. Kategori Tanda Jaman: Bihari ngalingling pasir ayeuna ngalanglang pasar. Jaman bedil sundut. Jaman caing dua saduit. Jarnan tai kotok dilebuan. Ngindung ka waktu ngabapa ka mangsa.

3. Kategori Tanda Waktu: Kapiheulaan ngalulun taneuh. Kawas nu mulangkeun panyiraman. Peujit koreseun. Ti nanggerang lila caang, ti nanggorek lila poek. Ti ngongkoek nepi ka ngungkueuk. Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban. Trong kohkol morongkol dur bedug murungkut.

4. Kategori Lilana Waktu: Kiceupna sabedug sakali. Ngadagoan belut buluan. Ngadagoan kuda tandukan. Ngadagoan uncal mahpal. Ngomongna sabedug sakali. Saumur nyunyuhun hulu.

5. Kategori Tigin kana wanci: Kapiheulaan ngalulun taneuh. Ngindung ka waktu ngabapa ka mangsa. Teu kaleungitan peuting.

Tina jumiah paribasa nu 27 teh nu aya pakaitna jeung waktu, euweuh hiji-hiji acan nu kalawan teges nyebutkeun yen birup teh kudu tigin kana wanci, kudu disiplin dina hal tigin kana wanci. Najan aya nu ngaharib-harib cara paribasa nu unina "Bisi kapiheulaan ngalulun taneuh". Tapi paribasa ieu umumna mah dipake pikeun ngawawadianan sangkan hudang isuk-isuk. Sedengkeun nu disebut tigin kana wanci lain ngan sakadar hudang isuk-isuk. Aya deui paribasa sejen nyaeta Ngindung ka waktu ngabapa ka mangsa jeung Bihari ngalingling pasir ayeuna ngalanglang pasar, hartina tina dua paribasa ten yen hirup kudu saluyu jeung jamanna. Di dieu ge sarua teu teges nyebutkeun kudu tigin kana wanci, gumantung kana tafsiran sewang-sewangan.

Komo deui mun ieu sawangan teh disaluyukeun jeung sesebutan tanda waktu nu hirup dina tradisi urang Sunda. Bakal kaciri yen sikepna urang Sunda kana waktu karasa beuki logor. Upamana ngaran waktu dina sapoe sapeuting: Wanci tumorek antara tabuh 00.30-01.30 , wanci janari leutik antara tabuh 01.30-02.00, wanci janari gede antara tabuh 02.00-02.30, wanci balebat antara tabuh 05.00-05.30, wanci haneut moyan antara tabuh 08.00-09.00, wanci rumangsang antara tabuh 09.00-10.00, wanci pecat sawed antara tabuh 10.00-11.00, wanci lingsir ngulon antara tabuh 14.00-15.00, wanci tunggang gunung antara tabuh 16.00-17.00.
Tangtuna persepsi kana waktu disebut logor teh mun nu jadi patokan nyaeta jaman moderen siga mangsa kiwari. Waktu teh geus dicacag dibagi-bagi jadi detik, menit jeung jam. Jeung deuih unggal jalma kamamana ge geus mamawa tuduh waktu nyaeta jam tangan, nu bisa nuduhkeun kalawan peresis parobahan waktu ti detik ka menit ka jam.
Nu jadi pasualan teh dina waktu ayeuna kulantaran mindeng kadenge aya istilah jam karet, kataatan kana waktu sering sulaya. Sigana elat teh geus jadi hal nu lumrah, jam tangan ngan sakadar jadi hiasan. Dina hiji acara, panitia geus ngararancang bakal dihadiran ku gubernur atawa walikota, upamana. Keur antisipasi jam karet, nu sarwa elat, dina kartu ondangan teh ditulis yen acara dimimitianana tabuh 08.00 isuk-isuk. Padahal acara nu sabenerna mah nu geus dijieun patokan teh tabuh 09.00. Kitu kalakuan teh ngan sakadar antisipasi, utamana supaya nu di ondang teh geus hadir memeh acara dimimitian. Hanjakalna nu jadi keynote speaker misalna gubemur atawa walikota, datangna ge sok elat, jeung aya we alesanana teh. Kitu deui dina acara rapat formal, elat ngamimitian teh geus jadi ciri nu mandiri, komo deui dina acara silaturahim nu sipatna informal.
Persepsi waktu nu sakitu logorna (polikronik) bakal ngahudang rugi gede mun dipakitkeun jeung ekonomi dina harti bisnis moderen naon bae. Salah sahijina nu jadi ciri nyaeta ayana tingkat persaingan anu sakitu ruketna jeung deuih kudu tigin kana wanci (monokronik). Najan aya anggapan polikronikna urang Sunda teu nepi ka tingkat ekstrim, elatna teh teu nepi jam-jaman. Tapi kapan elat mah tetep we disebut elat, kalah kumaha oge tigin kana wanci ten leuwih alus tur bakal leuwih nguntungkeun.
Sangkan apal kana hal ieu, sigana aya alusna ngarti kana nu disebut arkeologi pikiran siga nu ditepikeun ku Jakob Sumardjo dina bukuna, Khazanah Pantun Sunda (2006), cenah alam pikiran nu geus namper dina lulurung batin tur geus jadi pangaweruh ajen inajen ayeuna, eta teh lain bae hasil tina pangaweruh mangsa kiwari, tapi hasil tina jaman bihari masarakatna. Ajen arkeologis kitu teh dihasilkeun tina tradisi masarakatna. Ajen arkeologis ieu teh kalan-kalan teu sadar jadi dasar tindakanana.
Paribasa teh ungkara tradisional nu dilarapkeun dina wangun kalimah nu ngandung makna. Eusina minangka hasil tina pamikiran katut pangalaman mangsa bihari. Ngan hanjakalna, teu rea paribasa nu aya patalina jeung masalah tigin kana wanci mah. Eta hal luyu jeung kumaha carana urang Sunda mere ngaran dina pananda wanci. Da katempo atuh dina paribasa teh persepsi sual wanci mah laer pisan geuning. Tigin kana wanci saolah teu dipalire. Ku kitu, pantes mun urang Sunda kiwari ge laer pisan dina hal persepsi wanci.
Jigana aya alusna mun ti mimiti ayeuna nyieun paribasa sebut weh paribasa jijieunan saloba-lobana nu aya tumalina jeung hal tigin kana wanci. Saha nu nyaho dua puluh taun atawa tilu puluh taun nu bakal datang bakal jadi paribasa enyaan jeung jadi artefak nu bisa ngarubah sikep ngeunaan tigin kana wanci nu tadina logor (polikronik) jadi tigin kana wanci (monokronik).
leu conto paribasa jijieunan "Arloji tina beusi atah beuleum" nu hartina teu tigin kana wanci, dipakena cara dina kalimah "Cik atuh hirup teh long kawas arloji tina beusi atah beuleum....!". Conto sejenna "Nyanghulu di waktu nyangkere di tempat sare" jeung "Melak mangsa gorehel meunang pake!" harti tina dua eta paribasa jijieunan teh nyaeta manehna nu mere patokan waktu tapi manehna sorangan henteu tigin kana wanci. leu conto teh ngan sabulangbentor, mungkin wae teu luyu jeung aturan paribasa. Nyanggakeun.

Mamat Sasmita
Nu Ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda
(Dimuat dina majalah basa Sunda Cupumanik No. 65 Desember 2008.
Catetan : Redaksi Cupumanik apal artikel versi basa Indonesia kungsi dimuat dina Kompas Jabar)




No comments: