Isuk-isuk nini Jumsih keur ngosrék sasapu di saung lisung, usum halodo téa matak loba kalakay, keur mah ongkoh geus sababaraha poé teu disapuan, teu kaburu. Teu kaburu sotéh lain teu inget, ngan éta pédah kadatangan anak incu ti kota, keur peré sakola cenah. Poé kamari buriak deui baralik ka kota, nini Jumsih gé diajak, ngan mugen, embung ninggalkeun lembur, pokna “Nini mah hayang paéh di dieu.” Anak-anakna mun geus ngadéngé ucap siga kitu tara wani ngomong deui. Padahal ngajak ka kota téh ngarasa hariwang ku geus kakolotanana, di kota, di imah anakna, meureun aya nu ngurus, aya nu mangnyeuseuhkeun, teu kudu barang asakan ku sorangan. Nini Jumsih téh boga anak tilu, awéwé kabéh, kabéh gé geus kurenan, incu aya tujuh, malah incuna gé aya nu geus kawin, sakepung nyebut dirina sok ngauyutkeun.
“Teu hariwang
uyut mah, ari ngan sakadar nyeuseuh ku sorangan, dahar sorangan mah rék dilakonan wé.” Tandes pisan ngomong kituna téh. Anak-anakna, mun taak téa mah geus taak ngajak ngajak ka indungna sangkan ngilu ka salah saurang anakna.
Kalakay
garing nu pacampur jeung huut ditumpukeun di juru saung lisung, tuluy disodokan
ku pengki, dibawa kana lombang tempat runtah. Niatna mah rék diduruk, ngan ieu téh keur usum halodo, bisi silalatuna hiber ka mana boa,
bisi utal atel hurung di tempat lain. Teu tulus diduruk, cukup diaduk wé jeung runtah nu geus lila, sina jadi gemuk keur
pepelakan nu séjén. Rapékan nini Jumsih mah, di
imah gé nu kawilang ublug ablag,
tetep beresih, tara sugan kaciri aya ramat lacah atawa lebu nu napel dina
palupuh, teu weléh leucir hérang balas dielap. Didapur gé nu sapopoéna maké hawu, da tetep beresih, wawadahan sabangsaning
piring, baskom, katel ngéntép puguh tempatna. Sapopoé papakéanana teu weléh pantes, maké samping jeung kabaya,
najan geus lalayu sekar kacirina tetep pantes, duka teuing ti iraha bisa maké siga kitu, sigana ti jaman keur ngora kénéh. Najan buuk geus
camutmut bodas tara kaciri rewag rewig, estu limit siga nu kakara nyisiran.
Matak pantes urang dinya loba nu nyebut nini Jumsih mah turunan ménak. Aya deuih nu sok rada sirik, majarkeun moal enya
turunan ménak ngaranna Jumsih atuh
sahenteuna kudu maké Nyimas. Mun ngadéngé kitu nini Jumsih mah sok
nyeuleukeuteuk seuri “Ménak timana horéng, kuring mah indung bapa gé bulu taneuh, tukang ngabedug buburuh macul.”
Bérés sasapu nini Jumsih ngalangeu, diuk dina golodog nyérangkeun saung lisung nu ukur kahalangan ku buruan jeung balong. Bari rot nginum cai asak hérang, karasa nyecep tiis kana tikoro
parat kana dada. Geus jadi kabiasaan di golodog téh sok neundeun téko dieusi ku cai asak hérang jeung diteundeunan gelas aya dua
siki, nyadiakeun cai inumeun keur nu
ngaliwat bisi hanaang tas leumpang jauh. Kabiasaan neundeun teko dina golodog
teh geus ti baheula mula, ti keur budak kénéh, kitu deui sanggeus pruk kawin, unggal poé tara kaliwat, tug nepi ka kiwari.
Nini Jumsih
seuri sorangan, seuri leutik semu
ditahan, ras inget jaman keur lanjang , harita téh dititah nutu paré saboboko, lantaran saung lisung téh ayana di sisi lembur ménta dibaturan ku adina nu kakara umur
lima taun. Der nutu, ari adina mah kalah mulung muncang ka kebon batur, keur
anteng nutu aya nu dehem bari nyebut
punten, puguh wé matak reuwas,
nepi ka halu leupas bari suku nokér boboko. Ari
ngalieuk paadu teuteup jeung lalaki , angen ratug ku reuwas jaba adu hareupan
jeung lalaki, sieun jalma jahat. Tuluy ngagorowok ngageroan adina , adina gé tuturubun lumpat ti kebon bari ranggém ku muncang “ Aya naon tétéh?”
“Itu
pangnyokotkeun boboko,” ngajawab kitu téh asa rampang reumpeung.
Ari
lalaki anyar pinanggih mah mangnyokotkeun halu.
“Na
kamarana atuh nu sanés nu nutu téh, bet nutu nyalira?”
Teu
ngajawab ditanya kitu téh ngan ukur ngadelék bari ngajawab duka semu halon, enya biasana mah di saung
lisung téh sok ramé, sok kumpul papada awéwé, nutu bari gogonjakan, aya nu bari
ngasuh budak, aya ogé nu ngan saukur
ulin, ukur gogonjakan papada awéwé. Kabeneran wé harita mah keur suwung.
Ti harita mimiti
panggih jeung pisalakieunana, biasana mun dititah nutu sok rada mugen, jadi robah hayang unggal poé nutu, hayang unggal poé ulin ka saung lisung.
Nini
Jumsih cengkat ti golodog, niatna rék ka warung, rék meuli tahu karesepna, rada jauh ka
warung téh, lain euweuh
warung séjén nu rada deukeut, tapi warung
langgananana mah tahuna ngeunah, pelem
karasana. Lantaran nini Jumsih ngasakan tahu téh tara digoréng, cukup dikulub, rajeun dicoélkeun kana sambel tarasi. Mun digoréng teh karasana sok keutar, teu genah
kana tikoro.
Di
warung, nini Jumsih mah langsung wé nyokot tahu
lima siki jeung alak ilik kana wadah samara, milihan bawang beureum jeung bawang bodas.
“Nini, naha leres saung lisung téh badé diruag?” cék nu boga warung bari cuh cih
ngaladangan.
Nini
Jumsih mureleng ka nu boga warung “Baruk, cék saha éta téh?”
“Saur
Punduh, kamari wé nguping da aya
nu ngawarangkong di dieu.”
“Wah
lahuta teuing, moal diruag saung lisung mah,” nini Jumsih ngajawab kitu téh bari siga nu rada mentegeg, dina haténa ngagerentes na Punduh téh bet siga nu nyanyahoanan.
Sanggeus
balanja, nini Jumsih balik, sakalian nyimpang heula ka imah Punduh, hayang
puguh, hayang nanya naha enya béja saung lisung rék diruag téh atawa ngan akon-akon.
Hanjakalna
Punduh keur suwung, nu aya téh
pamajikanana, ari pamajikan punduh mah
teu nyaho
nanaon, malah mun diruag téh manglebarkeun,
majarkeun paranti ngiuhan nu lalar liwat mun keur hujan.
Nini
Jumsih balik ngungkug, naha maké jeung rék diruag sagala, saha nu boga pokal,
naha rék dipaké lahanna, mun lahanna rék dipaké, rék dipaké naon. Nini Jumsih weléh teu ngarti.
Sababaraha
poe ti harita, pabeubeurang, ngurunyung budak satepak ngabéjaan Nini Jumsih diangkir ka imah Punduh, cenah mah
aya nu ngadagoan, sémah ti desa. Nini Jumsih
sakedapan mah ngahuleng, siga nu mikir mikir naon pangna kudu manggihan Punduh,
sigana teu jauh tina perkara saung lisung.
“Ujang, béjakeun ka Punduh jeung ka tamuna, Nini mah moal
nohonan kana pangangkirna, lain nanaon nini mah leumpangna sok rincug, komo
palebah tanjakan. Béjakeun wé, lamun perlu ka nini mah leuwih alus datang ka dieu,
nu jagjag manggihan nini-nini di dieu, di imah nini. Béjakeun ku nini didagoan.” Ngomong kituna téh nini Jumsih bari semu peureum, bet ngolébat beungeut salakina, Aki Oleh suwargi. Enya alusna mah
nu manggihan téh nu aya kaperluan, lain
sabalikna.
Teu lila ti dinya, aya nu uluksalam, Nini
Jumsih norojol, geuning loba jelema. Aya Punduh, aya nu teu wawuh saurang, meureun ieu nu ti désa téh, aya deui opatan batur
salembur. Nu opatan mah aya nu nyekel linggis, aya nu nyekel kampak, aya nu
nyorén bedog jeung aya nu mawa
bakrik awi.
Nini
Jumsih ngajak tamu asup ka imah, bar
ngamparkeun samak, ngan Punduh jeung tamu ti désa teu daék asup, kalah dariuk dina
golodog, majarkeun mending diuk di luar ambéh seger ku hawa. Ari nu opatan mah ngadun caringogo gigireun Punduh.
Pok Punduh
ngomong “Nini, sim kuring jol ka dieu téh utamana mah nganteur ieu tamu ti désa, bapa Sekertaris Désa, maksadna
mah mangga wé didugikeun,” bari nunjuk
ka Sekertaris
Désa.
Sekertaris Desa ngised diukna saeutik
“Nini ari saung lisung téh nu nini?
“Sanés nun.”
“Ari tanahna
nu nini?”
“Sanés. Saung lisung sareng tanahna sadayana gé nu urang lembur dieu”
“Euh….nu
nagara atuh ari kitu mah.”
Nini Jumsih
teu ngomong sakemék, nu kadéngé téh ukur rénghap siga nu beuki kerep. Nu séjén gé euweuh nu ngomong. Hiuk angin neumbag kana tangkal
cangkudu sisi balong, tangkal cangkudu oyag, daunna ulang-ulangan. Lila lina
Nini Jumsih ngomong lalaunan “Nya nuhun wé upami badé diurus ku nagara mah.”
Punduh
ngalieuk ka Nini Jumsih, nu opatan gé silih rérét.
“Nini mah
rumasa ngurusna gé sahayuna, ngan ukur sok
sasapu, saeutik saeutik sok memener rangkay mun aya nu bobo, hateup gé sakapeung sok diayuman, diganti welitna, kitu gé bari ngahiras batur, nu sok ku nini sorangan mah ukur
sasapu.”
Nini Jumsih
eureun ngomongna, ser angin leutik ngagaris kana pipi Nini Jumsih, karasana lir
dampal leungeun Aki Oleh nu ngusap.
“Nagara mah
tara ngurus barang nu euweuh gunana, nini,” cék Sekertaris Désa,tuluy ngomong deui
“Jaman ayeuna mah geus arang nu nutu paré, lolobana mah datang ka héler, teu kudu gudag gedug nutu bari luut léét kesang, tinggal tarima beresih geus jadi béas.”
Ter ramo Nini
Jumsih ngageter tuluy kana puhu leungeun, ngadégdég siga nu lilinieun,
renghapna beuki
kerep.
“Nini, urang
ruag wé saung lisung téh nya?” cék Sekertaris Désa.
Sakedapan
Nini Jumsih teu ngajawab, siak beungeut Nini Jumsih semu beureum, awak oyag
beuki ngadégdég, teu lila pok ngomong “Mangga baé rék diruag mah, ngan engké mun nini geus paéh.”
“Iraha éta téh nini?” Omong Sekertaris
Désa siga nu semu heureuy.
Jurungkunung Nini Jumsih nangtung, ret tungtung baju ditalikeun, leungeun
baju disénglédkeun, gejlig ka luar bari samping rada disingsatkeun,
méh ngadupak ka Punduh jeung sekertaris
désa, nu keur dariuk dina golodog.
“Mungguh di umur saha nu apal, boa nu ngora pangheulana,” cék Nini Jumsih, sorana
haroshos semu pegat-pegat. Nini Jumsih ngingkig leumpang rusuh muru ka saung
lisung. Kerewek kana halu tuluy tutunggulan, trok trok trok brug, trok trok
trok brug. Mimiti ngetrok biwir amuran katuhu, tuluy ngetrok biwir amuran kénca, ngetrok deui biwir amuran katuhu ditungtungan ku neundeutkeun
halu kana dadampar lisung. Wirahmana mimiti ancad lila lila beuki gancang jeung
beuki tarik. Trok, trok, trok,
brug. Trok, trok, trok, brug.
Urang lembur tingraringeuh, silih tanya, na saha nu tutunggulan lain
wayah. Mimiti saurang nu ngurunyung ka
saung lisung, lila lila jul jol, lalaki, awéwé, kolot, budak. Kabéh ronghok, hookeun lalajo Nini Jumsih keur tutunggulan
sorangan. Pangawakan nini-nini, buuk bodas ririaban, luut léét késang, nyekel halu
sakapeung ku leungeun katuhu, sakapeung ku leungeun kenca. Nini Jumsih keur
ngetrukeun kabisa, keur méakeun tanaga, panon
manteng kana lisung. Nu ronghok lalajo euweuh nu nyoara, kasirep, kalindih ku
sora lisung nu ngentrung, kasirep ku Nini Jumsih.
Reg
tutunggulan eureun, Nini Jumsih malik jadi nyanghareup ka balaréa, panon muncereng, leungeun kenca nyekel halu nu semu
doyong, leungeun katuhu méh nulak cangkéng, beungeut semu euceuy, nu pinuh ku késang, buuk bodas ririaban, badis Srikandi
keur di pangperangan.
“Urang lembur
saréréa, ieu saung lisung rék aya nu ngaruag ku urang désa, aranjeun satuju atawa henteu? Kuring mah teu
satuju.” Nini Jumsih ngagorowok.
Jempling
euweuh nu ngajawab, ngan ukur récét teu puguh. Keur kitu aya nu nyoara, méh ngagorowok “Punduh, naon alesanana pangna saung
lisung rék diruag téh?”
Katingali ku
Nini Jumsih nu ngomong téh Jang Sabri tukang ojég, nu sok nganganteur Nini Jumsih mun aya kaperluan ka
nu jauh. Jang Sabri gé kungsi nganteurkeun budak
mahasiswa nu rék nalungtik soal lisung
nepungan Nini Jumsih.
Punduh ditanya kitu téh teu tandes ngajawab, ngan ukur ngajawab “Ari
teu satuju mah nya entong diruag.” Tuluy ménta supaya sekertaris désa ngajawab. Cék sekertaris désa “Kuring teh keur ngalanglang ka ieu lembur,
cenah aya saung lisung geus teu dipaké, bisi jadi sayang beurit atawa jadi sayang reungit,
bisi jadi sayang panyakit nya mending diruag, ari teu satuju mah teu nanaon,
ngan kuring papadon sangkan remen diberesihan.”
Punduh rada
kerung ngadéngé jawaban ti Sekertaris Désa siga kitu, lantaran inget kénéh basa Sekertaris Désa mimiti ngomong perlu lisung keur sérénkeuneun ka gegedén di kota. Cenah lisung téh jadi barang langka nu kudu dirumat, disimpenna di imah,
jadi hiasan di gedong sigrong.
“Ari kitu mah
alesanana, kuring teu satuju diruag, lantaran sakieu leningna, sakieu beresihna,
teu jadi sayang panyakit, jeung ongkoh dina birit lisung aya tulisan ulah diruag” cék Jang Sabri tandes.
Celengkeung
deui awéwé nu ngais
budak “Kuring gé teu satuju mun diruag, kudu dimana kuring nutu saboboko, mun saungna diruag
meureun lisungna gé dipiceun, ari ka héler mah paréna kudu satelebug.” Geus aya nu nyoara saurang dua urang kitu mah kakara raéng papada teu satuju.
Nini Jumsih
ngarénghap panjang, bari
neundeun halu ditangreukeun dina parantina. Punduh jeung Sekertaris Désa amitan, nu séjén gé baralik deui ka saimah-saimahna.
**
Nini
Jumsih ngabebengkang di tengah imah, ngareureuhkeun cape, leungeun karasa pegel
urut tutunggulan sahabekna, pangawakan nini-nini, umurna geus leuwih ti tujuh
puluh taun, neuteup lalangit, renghap antaré, nyeuseup hawa karasa seger.
Teu
rumasa ngaku-ngaku, saung lisung jeung lisungna lain nu kuring, tanahna ge lain
nu kuring, kitu gerentes haté Nini Jumsih.
Pangna teu satuju diruag téh pédah inget ka salakina, Aki Oléh suwargi kumaha tihothatna nyieun
lisung, ngaganti lisung nu totos, totosna ku Nini Jumsih jaman keur ngora, lima
puluh lima taun kaliwat. Harita Nini Jumsih téh anyar kawin, keur nutu di saung
lisung, loba awéwé nu séjén gé, sabab saung lisung rajeun jadi tempat
ngobrolna awéwé, aya nu bari nyusuan budak, aya nu bari
ngahuapan, aya deuih nu ngan saukur ulin resep ngobrol.
Keur
anteng nutu, ari gebros téh lisungna totos,
katonjok halu, Nyi Jumsih méh tijongjolong
kabawa ku ngagaléongna halu, nu
aya didinya gé rareuwaseun. Celengkeung téh aya nu ngomong “Kila-kila éta téh, nu keur nutu notoskeun lisung sok
meunang bahla, sok pegat duriat, kahadé nyai.” Ngadéngé omongan kitu Nyi Jumsih reuwas, maké jeung hing ceurik sagala, aya deuih nu
ngagonjak majarkeun hayang tarik didedetkeun ku salaki, Nyi Jumsih ukur ngarérét bari nyusutan cipanon. Buru buru béas meunang nutu dibérésan diwadahan kana boboko, can kaburu
ditapi, berengbeng lumpat manggihan salakina nu keur anteng nyieun minyak
keletik.
“Akang
kuring sieun meunang bahla, kuring embung diserahkeun,” Nyi Jumsih ngagabrug
salakina, nangkeup pageuh bari ceurik tambah tarik. Puguh wé Jang Oleh, salakina, reuwaseun ngadéngé kitu téh, hadéna minyak keletik geus téréh jadi, tinggal ngasakkeun, ditinggalkeun
gé moal matak gagal, asal seuneuna ulah
gedé teuing.
“Moal
nyai, akang mah moal rék nyerahkeun,
keun lisungna ku akang rék digantian,” cék Jang Oléh tatag sanggeus ngarti kajadianana.
Jang Oléh nohonan
jangjina, ngagedok nuar tangkal nangka nu gedé pilisungeun, sanggeus jadi lisung,
dialus-alus, dilemeskeun dikerik ku seuseukeut beling, komo palebah amuran,
ditatap diusap, dilemeskeun salila-lila. Tuluy lisung dikeueum dina balong
leuwih ti dua minggu keur miceun geutah jeung maéhan hama kai. Bérés dikeueum terus digaringkeun, lain
dipentrang di nu panas, tapi diangin-angin sangkan garingna teu kagentak teu
matak beulah kana kai. Dina birit lisung ditatah maké aksara Arab nu teu dirarangkénan, minangka titimangsa dijieunna 14
Rayagung 1379 terus ditatah deui ngaran Oléh Dirwan, ngaran Jang Oléh lengkepna. Basa lisung mimiti dipaké, diparancahan heula ku kokolot lembur,
sangkan berekah salamet, ulah jadi mamala ka nu notoskeun lisung sabab geus jadi
lisung anyar, digantian ku salakina, cenah lisung téh keur ngaleles Déwi Sri. Nyi Jumsih tambah nyaah ka
salaki, ningali tihothatna nyieun lisung keur bumela nyingkahan bahla, luut
leet kesang teu dirasa keur nutupan kahariwang aya mamala, “Nyai geus anggeus lisung
téh tanda akang nyaah ka Nyai.” Kitu
pokpokan Jang Oléh ka Nyi Jumsih basa
mimiti lisung dipaké nutu.
Kuniang
Nini Jumsih cengkat, kagambar keneh beungeut salakina “Kang, abdi sono...” cek
Nini Jumsih halon semu ngaharéwos, bari
leumpang ka dapur, rék naheur cai
keur mandi.
**
Pasosoré, sanggeus geunjleung aya nu rék ngaruag saung lisung, di hareupeun masjid loba nu keur ngawangkong
bari ngadagoan magrib. Jang Sabri gé aya keur
ngabuis,
nyaritakeun Nini Jumsih nu ngajega nyekel halu bari semu nulak nyangkéng, cék Jang Sabri matak keueung
jeung matak sebér nu ningali,
teu salah disebut lir Srikandi nu rék ngadu jajatén, najan pangawakan jangkung leutik jeung geus
nini-nini. Kitu deui nu tadi nyekel linggis keur ngaruag saung lisung ge ngilu
ngomong, majarkeun Nini Jumsih mah tapis pisan ngajawab, teu popoyongkodan
najan nyanghareupan pangkat Sekertaris Désa.
“Heueuh tah
manéh deuih, maké jeung mamawa linggis keur ngaruag saung lisung, kawas
nu sailon jeung Sekertaris Désa deuih,” cék Jang Sabri.
“Hih kuring
mah ngan saukur diajak ku punduh, daék medu teu nyaho nanaon,”
jawabna.
Kurunyung Punduh,
ngagéndéyéh maké sarung poléng, ngilu aub ka nu keur
ngawarangkong. Celengkeung Jang Sabri ngomong “Kumaha Punduh lalakon ngaruag
saung lisung téh?”
“Puguh kuring
gé asa kapeupeuh puhu ceuli, éra ku saréréa, mimiti mah teu ngarti maksud Sekertaris Désa nu sabenerna, sanggeus dilenyepan sigana nu
dipikahayang téh ngan lisungna.”
“Enya bener pisan éta téh Punduh, kuring mah
nyaksian sorangan,” cek Jang Sabri. Tuluy ngadongéngkeun waktu ningali Sekertaris Désa di lembur séjén keur ngunggah-ngunggahkeun
lisung kana kol buntung, aya kana genepna. Cenah éta téh setorkeuneun ka bandar
lisung di Bandung. Majar di Bandung mah lisung téh mahal hargana, dijual keur hiasan, diteundeun di
palataran hareupeun gedong sigrong, cenah éta téh ngamumulé titinggal karuhun.
“Lain, dina
birit lisung téh enya aya tulisan ulah
diruag? Cék Punduh nanya ka Jang
Sabri.
“Enya, da
kuring kungsi maca, basa aya mahasiswa nu hayang nyaho birit lisung, terus
ditonggéngkeun, didinya écés aya alif, wau, lam iya
jeung ha tuluy dal iya ro wau jeung gin ngan
siga enun.”
“Baruk kitu
Jang Sabri, mama mah kakara nyaho aya lisung unggah ka gedong, ngamumulé kitu téh nyah?” cék Mama Jarkasih, imam masjid, nu teu kanyahoan ti
iraha ngilu ngadéngékeunana bari terus unggah ka masjid, pédah kohkol geus ngurulung tanda geus manjing magrib. Cék gerentes haté Mama Jarkasih boa-boa Jang
Sabri salah maca, kuduna dibaca Oléh Dirwan lain Ulah Diruag, kapan kalan-kalan
nulis Malangbong gé ku aksara Arab teu dirarangkénan mah sok dibaca Maling Bawang.
Margapuri 16 Agustus 2015
(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 18 Agst 2015, Rebo 19 Agdt 2015, Kemis 20 Agst 2015)
sae pisaannn
ReplyDeleteHaturnuhun Sun
ReplyDelete