Bada lohor, Kang Sabri ngadon reureuh
di warung Aki Oléh. Genah nundutan
didinya mah. Ngilu nyempod dina gigireun tumpukan barabadan, bari nyarandé kana
tihang imah. Angin ngahiliwir neumbag kana awak, asa jadi dipépéndé. Panon
peureum hayam, mun kasaréan téh bisa nepi ka soré ngajéngjéhé di dinya mah.
Ragamang leungeunna kana korang nu
anyar dianyam, nu can dibébérés, nu masih kénéh cokrom ku bulu pangrautan.
Dialak-ilik. Kacida wewegna beunang nganyam Aki Oléh mah. Dialak-ilik deui. Koréjat
kang Sabri hudang, sok korang diteundeun kana urutna. Diéngké-éngké mah matak béakeun
waktu. Koréléng ka pipir warung, didinya aya sumur, wadah caina cukup ku émbér, tuluy wudu. Karasa cai
nyecep, ngabasuh kana beungeut, kana kulit leungeun, kana siku, kana suku, parat
kana tuur. Palebah tarang rada dicokcrokeun. Nyecep, asa parat kana tulang
sirah. Tunduh téh rada nyingray, geus keuna ku cai wudu mah. Tuluy asup ka
tajug ngadon solat lohor, teu lega tajug téh ukur dua méter ka dua méter, kitu
wé paranti nu lalar liwat mun rék solat.
Aki Oleh jeung pamajikanana, Nini
Jumsih, aki-aki jeung nini-nini, teuing sabaraha umurna, ngan sainget Kang
Sabri kacirina téh geus kitu, geus kolot ti bareto mula, tapi jagjag kénéh.
Sapopoéna, ngawarung sisi jalan, cenah mah ngawarungna téh ti keur ngora kénéh,
teu incah balilahan, didinya wé, malah jalan gé baheula mah masih jalan jajahan
kénéh, jalan paranti nu ka sawah, ka kebon. Ayeuna mah jalan téh geus ramé da
ngan éta jalan nu meulah lembur, nu brasna ka kota, ka pasar, ka masigit, ka
kaum, ka balé désa, ka kacamatan. Imahna jeung warung téh ngahiji
Kaasup pangkolotna Aki Oléh mah di
lembur éta téh, atuh kitu deui Nini Jumsih gé. Matak Aki Oléh mah apal pisan
kumaha kamekaran lemburna, jlug-jleg imah, pangeusi lembur nu beuki gegek, atuh
kitu deui kahirupan sapopoéna urang dinya. Geus genah hirup jaman ayeuna mah,
hayang kamamana gé babari tinggal niatna, haying nanaon gé babari tinggal boga
keur meulina, kitu omongan Aki Oléh. Da enya atuh kacida wekelna Aki Oléh mah,
geura boga tanah sisi jalan, tukangeun warungna, sanajan teu pati lega, unggal
waktu dipelakan sampeu, dipelakan cau, di pipir warungna rajeg tatangkalan, aya
rambutan, aya mangga, aya jéngkol, aya nangka. Deukeut sumur dipelakan ku séréh,
seureuh, léjét, ganyol, tangkal céngék ge aya, geus puguh bangsa jahé, cikur,
konéng mah aya, nu teu melak teh bawang beureum jeung bawang bodas. Majarkeun hésé
ngurusna jeung keun baé barang asakan teu maké bawang gé da moal matak weureu.
Sawah gé boga ari keur sapopoé mah, da ukur hirup duaan. Tampolanana barang dahar
téh cukup ku kulub sampeu atawa kulub cau atawa kulub ganyol gé geus seubeuh,
teu matak ngurangan tanaga.
Dadaganganana nu utama mah nyadiakeun
cai kopi. Harga ngajualna sarua jeung
harga sabungkus kopina nu sakali ninyuh. Kungsi aya nu nanyakeun naha teu rugi
ngajual sakitu? Padahal apan kudu mirun seuneu kudu nyadiakeun suluh, kudu
ngagolakeun cai. Ari jawabanana téh da seuneu mah teu kudu meuli, suluh mah
tina pangrautan jeung meunang ngaroroték pangpung, tanaga mah éta amalna, teu
kudu sagala diduitkeun, bisi leungiteun amanah. Teuing ka mana loyogna éta
omongan Aki Oléh téh.
Bérés solat, Kang Sabri diuk deui,
campego hareupeun Aki Oleh nu keur anteng ngaraut.
“Geuning birit korang téh carang aki”
cek Kang Sabri, bari leungeunna ngodongkang kana korang nu tadi diilikan.
“Hih apan kitu ti baheulana.” Jawab
Aki Oléh.
“Atuh dirobah wé ambéh mun ngawadahan
burayak teu moncor.”
Aki Oléh ngarérét ka Kang Sabri bari
ngomong “Ari barang gawé téh sagala rupa ge kudu apal prak-prakanana jeung kudu
apal pok-pokanana.”
“Na kumaha kitu aki?”
“Heu-euh ieu mah cék kolot, cék kolot
aki baheula, ti mimiti ngala awi, kudu apal kana mangsa ambéh awét kana
barangna, meulah awi kudu apal kana uratna, ngarautna kudu apal lilingeranana.
Ngaraut kudu nonggong kuya atawa ngabeuteung siraru, ambéh seseg anyamanana.”
Aki Oléh ngarandeg heula ngomongna, ngadon ngaregot cai kopi tina bekong. Kang
Sabri gé siga nu kabitaeun, tuluy ménta dipangninyuhkeun cai kopi ka Nini
Jumsih. Cai kopi dina gelas kaciri ngebul, nandakeun ditinyuh ku cai panas
ngagolak meunang nyiuk tina sééng luhureun hawu, lain ditinyuh ku cai baleuy.
“Ari pok-pokan, maksudna mah
saduk-saduk ménta ijin, da sahenteuna awi nu rék dituar téh tunggal mahluk pangéran
kénéh, kudu ngucap basmalah heula. Kitu deui dina niat rék nyieun hiji barang,
antara haté, ucap jeung lampah téh kudu saluyu, kudu sareundeuk saigel, ulah
pakia-kia. Korang téh wadah lauk, keur nu ngala lauk ti walungan, mun ditilik
kalawan telek apan siga dada, aya taktakna, aya beuheungna. Éta téh jadi
tangara mun ngaragap korang sarua jeung ngaragap angen sorangan. Mun lauk nu
beunang ku kecrik atawa ku useup anakna kénéh, bakal moncor tina birit korang,
ulah diala, lantaran pibakaleun jadi bibit, kitu deui mun teu asup kana
beuheung korang ulah diala lantaran bakal ngagedéan, bakal anakan, bakal
baranahan.”
Kang Sabri ukur unggut-unggutan.
“Éta téh kabéh gé siloka, yén urang
ulah hawek.” Kitu cék Aki Oléh, ditungtungan ku ngomong “Hampura aki nya, teu
niat nyanyahoanan, da bongan maké ditanya, jeung ongkoh deuih aki gé ukur béja
ti kolot baheula, kitu pok-pokanana.”
Kang Sabri masih kénéh ngahuleng, ras
kana dirina, mangkaning mun nguseup téh sok hayang sagala dirampid, mun wenang
mah haying sagala diala, rumasa teu ngarti kana siloka ti karuhun, padahal mamawa
korang téh meh unggal waktu, da resep pisan nguseup di walungan téh.
Kang Sabri méh-méhan poho, lantaran
ngulampreng ka warung Aki Oléh téh salian ti rék nginum cikopi jeung rék ngilu
solat di tajug, aya deui nu rék ditanyakeun ka Aki Oléh, ngan rada teu umum,
sok sieun disebut teu uyahan. Tungtungna ngarongkong kana ayakan, nu patumpang
tindih jeung korang.
“Ieu ki nu ngarautna kedah nonggong
kuya téh?”
Aki Oléh ngarérét kana ayakan nu keur
dicekel ku Kang Sabri “Enya, da nganyam ayakan mah kudu pisan ngarautna
nonggong kuya atawa ngabeuteung sirarau téh.”
Aki Oléh tuluy ngomong “Baheula mah
aya wanda lawon nu disebut kalangkang ayakan.”
“Lawon téh kaén ki?”
“Heu-euh kaén keur dijieun samping,
ayeuna mah rajeun disebut sarung poléng téa.”
Kang Sabri ngarigidig mawa ayakan ka
nu panas, nu kapentrang ku panon poé, sigana haying ningali kalangkang ayakan,
tuh geuning kalangkang ayakan téh teu béda ti bodas hideungna papan catur, Kang
Sabri inget kana papan catur nu geus kuleuheu di pangkalan ojég. Da enya ngan
ukur jadi tukang ojég nu bisa dilakukeun ku Kang Sabri keur ngabayuan kulawarga
sapopoé.
“Cék kolot baheula mah ayakan atawa
sair téh sarua jeung satungkebing jagat, geura sok tangkubkeun ayakanana, éta
téh sarua jeung nangkubna langit. Kolot baheula mah sok nyebut kosong jeung
eusi, dua papasangan nu salawasna aya dina hirup, aya senang aya susah, aya poék
aya caang, aya hadé aya goréng, diayakna hirup urang téh ku éta, ku hadé jeung
goréng, ku susah jeung senang. Sarung Poléng bodas hideung téh baheula mah sok
dipaké ku pandita, disebutna poléng puranteng.”
Kang Sabri ukur seuri maur ngadéngé
omongan Aki Oléh téh, teu nyangka ka dinya brasna. Ras kana dirina nu geus lila
jadi tukang ojég, nu karasa asa mindeng susahna tibatan manggih senangna.
Diayak antara susah jeung senang.
Beuki beurang mimiti jul-jol sasama
tukang ojég kitu deui nu baralik ti sawah atawa ti kebon, ngadon reureuh di dinya
jeung ngadon ngopi di warung Nini Jumsih.
Pamaksudan rék ngomong nu séjén ka
Aki Oléh téh teu betus, kaburu loba jelema, éra, sieun dikékéak, komo ku sasama
tukang ojég. Kang Sabri amitan ka Aki Oléh rék ka pangkalan ojég deui, sugan
bisa nambah rejeki poé ieu. Teu ngaleuleungit tadi isuk geus meunang dua rit
mawa nu rék nyaba, jeung nu rék ka pasar, nu rék nyaba mah méré ongkosna gé
rada onjoy, da bari ménta dido’akeun sangkan usahana mucekil di dayeuh, lumayan
keur ngabanjel dahar sakulawarga poé ieu. Motor Kang Sabri ngagerung dina jalan
balay nu renjul, bras ka jalan désa nu leuwih ruksak, komo mun usum hujan,
jalan téh nya leueur nya ledok, mun teu tapis ngamaénkeun setang motor téh
matak tikusruk, matak ngajurahroh. Hasil tatanén loba nu teu kaakut, sakalieun
aya treuk nu maksakeun téh, beu éta momotna sagala diakut, sagala ditumpuk,
matak paur nu ningali. Teuing iraha rék dioméanana jalan teh. Sigana mun jalan geus
dioméan mah kana motor gé ngageleser, moal matak olok ban. Ayeuna mah ban motor
teh teu kaur jagjag, kudu we bitu téa, kempés tea, geus puguh ari ban jero mah,
kapan ban luar gé matak téréh nyuriwidil da kahakan ku seuseukeut batu.
Ngahutang mah ngahutang, matak éra ka tukang béngkél, ari bocor ban jero bisa kénéh
ditambal ku sorangan, kitu ge mun aya kompana. Sabenerna aya jalan séjén nu
leuwih deukeut boh ka pasar boh ka kota téh ngan hanjakal sasak di Cikidang
geus ruksak. Ruksakna lain ngan ukur luhurna tapi jeung beusina, geus pinuh ku
karaha, tong boro diliwatan ku motor ku nu leumpang gé kudu pipilih, paur, oyéd
pisan.
“Heu-euh, meureun..!” Kang Sabri ujug-ujug ngomong kitu, padahal
apan keur tumpak motor, ngamaénkeun setang motor nyingkahan logak nu gudawang
di tengah jalan. Éta pédah pikiranana keur mapantes sikep Aki Oléh, lantaran
hirupna téh siga nu pasrah pisan, sadrah kana kadar. Meureun pédah geus kolot,
mun panon poé mah téréh surup. Sedengkeun
ari Kang Sabri masih ngora kénéh, budak dua, nu panggedéna kakara asup sakola
dasar, cék saréat mah panjang kénéh lalakon. Teu loba paménta ka nu keur kawasa
téh, pira gé hayang dioméan jalan jeung sasak Cikidang. Atuh da ayeuna mah kana
motor ojég téh babari pisan ruksak, ka béngkél mah mindeng pisan, geus puguh
ari ban bitu mah kalan-kalan sapoé téh noron. Kaayaan kitu téh kapan matak
pugag kana pagawéan. Komo deuih unggal isuk-isuk kudu wé nganteur anakna ka
sakola nu kakara asup sakola dasar, mangmeuntaskeun kana sasak reyod, teu téga
ari dileupas sina sorangan mah, paur tikoséwad dina sasakna. Mangkaning luhur,
di handapna, Cikidang caina nyéot, komo usum hujan mah nya leuleur nya caah.
Sabenerna hal jalan ruksak teh geus dimusawarahkeun ku warga kampung jeung Tua
Kampung, terus ditepikeun ka Lurah, sangkan ditepikeun ka Camat, satuluyna sangkan
ditepikeun ka Kepala Dinas, ka Bupati, ka Gubernur, ka Mentri , ka Presidén.
Engké kaputusanana balik deui, éta teh can tangtu disatujuan. Walah panjangna,
boa kaburu ganti nu jenengna gé.Beu, bati nyeri beuheung sosonggéteun
nungguanana gé. Kalan-kalan Kang Sabri
sok nalipak manéh, na kudu teuing mikiran nu kitu patut, tapi balik deui, mun
jalan alus, mun jambatan alus, meureun duit nu dipaké ka béngkél , duit nu
dipaké meuli ban, bisa dicéngcéléngankeun, keur jaga nyakolakeun anak.
Sanepina Kang Sabri ka pangkalan ojég,
sasama tukang ojég aya sababaraha urang, aya nu keur nundutan dina sasaungan,
aya deui nu keur maén catur tamba kesel. Kang Sabri gé ngilu ngiuhan dina
sasaungan.
“Giliran urang ayeuna téh nya?” omong
Kang Sabri.
“Enya” cék nu keur nundutan.
Sababaraha poé ti harita, Kang Sabri geus
andekak deui baé di warungna Nini Jumsih, ngadon ngopi jeung cacamuilan
ngadahar goréng sampeu, goréng hui jeung goréng cau. Gilig dina haténa aya nu rék
aya nu ditanyakeun téa ka Aki Oleh, keun baé disungseurikeun gé.
Mimitina mah ngadeukeutan Nini
Jumsih, api-api rék milu siduru, da enya masing geus rada beurang gé masih
karasa tiris, sigana geus rék asup kana usum halodo. Genah cingogo hareupeun
hawu mah, bari mantuan ngasur-ngasur suluh. Nini Jumsih keur nutu gaplék dina
jubleg, nutuna ge bari diuk wé dina jojodog. Sigana rék nyieun awug Nini Jumsih
téh.
“Nini, ari aki gaduheun jangjawokan
jampé hoyong ngimpi?” semu ngaharéwos nanya ka Nini Jumsih.
“Ngimpi naon ujang?”
“Hoyong ngimpi pendak sareng…..eh sanés
kitu, tapi itu ngimpi pendak sareng abdi !”
“Bogaeun wé meureun.”
Tayohna obrolan Kang Sabri jeung Nini
Jumsih téh kadéngéeun ku Aki Oléh, da béhna Aki Oléh némbal ti juru tepas imah paranti Aki Olé ngaraut awi, rada tarik.
“Lah boga jampé ti mana, mun dék gé
manéhna, nini..”
“Ih, ulah sok tadah tuduh ka batur,
pamali !” cék Nini Jumsih teu éléh tarik.
“Geuning baheula jaman keur ngora……..,” témbal
Aki Oléh deui, ngan teu kebat, teuing ku naon.
Ngadéngé kitu Nini Jumsih seuri
ngagikgik, bari leungeunna ngayak tipung gaplék ku kalo.
“Na kumaha kitu jaman nuju anom téh
nini,” cék Kang Sabri.
“Tanyakeun wé ka ditu!” cék Nini
Jumsih deui bari semu nunjuk ka tepas, ka Aki Oléh meureun maksudna mah.
Kang Sabri gé ka luar ti pawon,
ngadeukeutan ka Aki Oléh, teu poho bari mawa gelas cikopi.
Derekdek Aki Oléh ngadongéngkeun
jaman keur ngorana, jaman keur lalagasan, canah méh unggal peuting nu
kaimpikeun téh ukur Nini Jumsih, aya sangkaan dirina diomé atawa diparabun ku
Nini Jumsih. Kondéal aya kahayang sangkan sabalikna, sangkan Nini Jumsih nu ngimpi panggih jeung dirina,
terus tatanya ka nu leuwih kolot niatna mah ménta jampé sangkan nu di tuju
ngimpikeun dirina. Geus aya nu mere, tuluy dilakonan saratna, da kudu dibeuli
cenah, ti mimiti puasa tujuh peuting noron, bari diwiridkeun, poé ka tujuh kudu
ngeueum di leuwi sapeuting jeput. Atuh lamun rék dipetakeun éta jampé kudu
mandi heula di tujuh pancuran.
“Ku aki, kabéh papatah téh dilakonan,
teuing matih henteuna mah, ngan aki tambah monténg pikiran ka manéhna, najan
bukti apan kauntun tipung katambang béas, kalakonan ngahiji jeung manéhna,
meureun sabenerna mah papada bogoh wé.”
“Jadi kami téh dipélét nyah..?” kadéngé
Nini Jumsih ngagorowok ti pawon. Gororwokna Nini Jumsih teu diwaro ku Aki Oléh,
tonggoy we ngaraut awi bahan keur nganyam. Kang Sabri seuri ngahéhéh.
Kitu dongéng Aki Oléh téh,
ditungtungan ku ngomong “Ulah sok gindi pikir lalaki mah bisi katulah, maké
jeung hayang ngimpi jeung nu séjén sagala, anggur mah dimémén-mémén nu aya.”
“Heu-euh, lalaki teu uyahan nu ktu
patut mah, kudu karunya ka nu di imah.” Nini Jumsih ngagorowok deui ngéngklokan
omongan Aki Oléh. Kang Sabri api-api teu ngadéngé.
“Kumaha aki jampena teh?” Ngomong
kitu téh Kang Sabri bari ngadengo ka Aki Oléh
“Na urang mana jang, urang dieu?”
“Sanés urang dieu aki, urang dayeuh.”
“Uluh jauh geuning. Maksud ujang téh
kumaha kitu?”
“Muhun, manéhna téh sina ngimpi
nganjang ka dieu, sugan wé tos ngimpi mah hoyongeun ameng ka dieu.”
“Awéwé eta téh jang?”
“Sanés awéwé, lalaki!”
“Aeh, dulur ujang éta téh?”
“Sanés, tapi gegedén!”
“Na saha atuh, gegedén kumaha?”
“Bupati, bapa Bupati ki!”
Aki Oléh ngahuleng siga nu reuwas bari
neuteup semu molotot ka Kang Sabri. Kang Sabri ngebetem asa hanjakal kalepasan
ngomong. Celengkeung téh Nini Jumsih
ngomong ti pawon “Lahuta teuing, kahadé bisi jadi matak, ulah ngomé teu
pararuguh.”
Gorolang Kang Sabri ngomong,
majarkeun maksudna lain niat goréng ngan sina datang ka lembur téh ambéh sidik kana
kaayaan di pilemburan, ambéh jalan dioméan, ambéh sasak dioméan, ambéh
ngabangun puskesmas, supaya nu gering teu maot di jalan, ambéh barudak nu
sakola teu kakarayapan dina sasak butut. Kapan kitu jangjina waktu keur
kampanye.
“Aki, wios abdi teu dipasihan jampé
ngimpi gé, da aki mah tos kataékan ngawatek jampé ngimpi téh, ku aki wé atuh
dioména sangkan gegedén teh jol ka dieu.” Cek Kang Sabri bari ngodok dompétna,
ngaluarkeun sesebitan koran jeung selebaran waktu kampanye. “ Ieu aya namina,
yuswana, wetonna, alamatna, fotona sareng nami ibu ramana,” bari ngagolérkeun
sesebitan koran téa jeung selebaran kampanye nu aya data bapa Bupati, di hareupeun
Aki Oléh.
“Atuh diondang wé kadieu, meureun
bakal datang,” cek Nini Jumsih ti pawon.
“Lah diondang mah matak olok kéjo
nini, matak olok tuangeun kanggo susuguhna, da geuning nguping mah kedah
meuncit hayam, meuncit domba, kedah ngabedahkeun balong sagala. Karunya ka tua
kampung sok dagdag-dégdég, nu ripuh mah urang dieu kénéh. Sae ku cara lantip
nini.”
“Mun ka dieu téh ku nini rék
disuguhan awug,” cék Nini Jumsih.
“Atuda nu kitu mah jol téh tara
nyalira, kédah we dialeut-aleut, geura nu ngiringkeunana gé aya kana tilu
beusna, nyuguhan awugna gé kedah aya sapuluh nyiru mah,” témbal Kang Sabri.
Nini Jumsih teu ngomong deui, kitu deui Aki Oléh, teu ngomong sakemék, waktu Kang
Sabri amitan gé, Aki Oléh ukur ngajawab
“Heug.”
Isukna, isuk-isuk, masih rebun kénéh,
cireumis gé masih ngagaréndang kénéh. Aki Oléh masih ngaguher kénéh, da
peutingna guling gasahan teu daék saré. Nini Jumsih mah geus ngosrek sasapu di
buruan, nyapuan pangrautan, tuluy pangrautan mah dipisahkeun keur suluh. Dina
runtah nu disapukeun aya sesebitan koran jeung selebaran kampanye ti Kang Sabri,
ngumpul jeung tumpukan runtah, gur
diduruk, haseupna luak-léok kabawa angin, léosna kamana boa***
(Dimuat Tribun Jabar Salasa 27/8/2013, Rebo 28/8/2013,
Kemis 29/8/2013)
Duh asa nineung ari maos seratan di blog ieu teh. Abdi bingah pisan aya tokoh Sunda nu masih kersa ngamumule bahasa daerahna.
ReplyDeleteAyeuna abdi ge nuju ngarintis blog nu nampung penulis lepas bahasa Sunda. Namung kitu tea, honorna masih sakedik pisan.
Dupi generasi muda ayeuna masih seueur nu resep nyerat ku bahasa Sunda? Pami seueur kamana wae ngintunkeunana, manawi Bapa uninga?
Blog nu abdi namina kitaabah.com
Haturnuhun