Dinten Jumaah kaping 9 Mei 2008.
Panyatur : Dede Kosasih sareng Elin Syamsuri, duanana dosen UPI Bandung.
Jejer : TOPONIMI di Tatar Sunda
Mang Ayat (Ayat Rohaedi) suwargi kungsi nga-Indonesia-keun istilah toponimi ku widyaloka, hartina mah eta-eta keneh, nyaeta elmu anu nyusud perkara asal-usul ngaran hiji patempatan. Toponimi teh bagian tina onomatologi, elmu nu ngabedah sajarah ngaran, aya deui nu nyebut anomastika (onomastics).
Pikeun ngaguar ieu perkara, tangtu bae kudu weweg dina sababaraha paelmuan, teu bisa ngan ukur ningali tina hiji aspek, tapi deuih kudu nyaho kasang tukang folklore anu aya sabudeureunana.
Tangtu hiji masarakat mere ngaran tempat teh teu sagawayah, tangtu aya alesanana boh sacara etimologi atawa kaayaan lingkungananana atawa sacara topografi. Upamana ngaran hiji tempat nu make kecap ranca, aya Rancaekek, Rancacili, Rancabadak jeung sajabana ti eta. Geus katohyan yen kecap ranca teh kecap tina basa Sunda anu hartina tanah anu salawasna becek, caian, malah siga embel. Lamun ditincak teh sok ngabelesk jero. Kecap ranca meh saharti jeung kecap rawa,
Kumaha pakuat pakaitna hal ieu ditingali tina Toponimi, pikeun ngaguar masalah ieu pisan diayakeun sawala di PSS dina poe Jumaah tanggal 9 Mei 2008, anu jadi panyaturna nyaeta Sdrk Dede Kosasih (DK) jeung Sdrk Elin Syamsuri (ES), duanana staf pengajar di UPI (Universitas Pendidikan
Cek DK ngaguar nu aya patalina jeung sasakala ngaran tempat paling copel kudu ngawengku tilu aspek nyaeta aspek fisikal, aspek sosial jeung aspek kultural.
Tumali aspek fisikal, geus kawentar yen urang Sunda mah kahirupanana raket pisan jeung alam sebudeureunana. Alam teh bagian tina dirina, kitu deui sabalikna alam ge kudu dimumule ku manusa. Demi fenomena alam teh bisa ngawengku unsur hidrologis, morfogeologis jeung biologis. Lian ti eta aya dua pola anu maneuh tur raket sacara asosiatif, biasana ku cara matalikeun ngaran tempat jeung kaayaan alam tadi. Pola linier jeung pola barung (tina pola linier jeung sesebutan sejen jadi hiji konsep ngaran). Urang Sunda bisa disebut hydrolic society, nyaeta masarakat anu teu leupas tina cai. Ari kituna mah bisa kamaphum da geuning alam tatar Sunda teh kawentar daerah anu subur ma’mur curcor caina. Unsur hidrologis anu aya patalina jeung pola linier bisa dicontokeun loba pisan ngaran tempat anu aya ngandung harti cai saperti, Coblong, Ledeng, Parigi, Empang, Bendungan, Lengkong jste. Sedengkeun unsur hidrologis dina pola barung saperti ngaran tempat Sawahkurung, Parakansaat, Rancaekek, Rancapurut, Solokanjeruk, Tambaksari jste.
Unsur morfogeologis (dumasar kana kontur beungeut taneuh), dina pola linier saperti ngaran tempat Punclut, Lebak, Legok, Lamping, Talun jste. Ari pola barung nyaeta ngaran tempat Tajurhalang, Lemahneundeut, Bojongsoang, Legokhuni, Bojongkacor, Pasirjambu jste.
Unsur biologis biasana dicirian ku unsur flora (tutuwuhan) atawa fauna (sasatoan). Ngaran tempat nu aya unsur tutuwuhan tur linier saperti Kosambi, Caringin, Paseh, Kopo, Sentul, Katapang, jste. Ari pola barung saperti Salammanjah, Kasomalang, Kiaracondong, Warudoyong jste.
Sedengkeun nu aya patalina jeung unsur sasatoan anu linier saperti ngaran tempat Merak, Tomang, Sanca. Kitu deui anu pola barung nyaeta Rawabogo, Rancabadak, Leuwigajah, jste.
Ngaran tempat sejen anu aya patalina jeung aspek sosial tur aya patalina jeung patukangan : Gosali, Panday, Paledang jste.
Ngaran tempat nu aya patalina jeung lembur : Babakan, Tarikolot. Nu aya patalina jeung ekonomi : Warungjambu, Warungpeti. Nu aya patalina jeung waktu : Heubeul-isuk, Windujanten jste. Malah dina toponimi aya nami daerah tina unsur auditif, aya ngaran Curugseah, pedah eta sora cai anu nyurug kadengena seah. Aya deui unsur aromatik, upamana Legokhangseur, Cihanyir jste.
Aspek Kultural. Aya kalana ngaran tempat teu kakobet ku aspek fisikal jeung aspek sosial, nya wayahna kudu dilegaan deui ngobetna ku aspek kultural. Upamana di Cirebon aya daerah anu ngarana Palimanan, apan eta teh tina kecap liman anu hartina gajah. Gajah jaman baheula jaman karajaan dianggap sato nu jadi ciri kakawasaan jeung kasakten. Mawat gajah (salaku mitos) dipercaya bisa jadi lambang kaagungan sarta kakuatan raja.
Ampir sawanda dina uraianana, tapi ES leuwih nyoko kana ngaran anyar nu jul-jol dina mangsa kiwari, utamana sanggeus jlug-jleg kompleks perumahan anu dijieun ku para pengembang (developer real estate).
Ngaran tempat kaayeunakeun geus kurang merhatikeun ciri-cir anu maneuh siga baheula, malah aya kesan sakahayang. Mangsa kiwari dina mere ngaran teh sarwa hayang praktis jeung simpel.
Orientasina keur kapentingan administrasi pamarentahan, diala gampangna mere ngaran sok ukur make selatan, timur, barat, tengah, utara. Hal ieu dimimitian ku Daendels nu ngabagi pulo Jawa jadi tilu wilayah administrasi, Jawa Barat, Tengah jeung Timur. Hal ieu ge mere pangaruh satuluyna, siga Bandung Barat dijadikeun ngaran kabupaten,
Eksklusive anu anu dicirian ku dug-degna lembur anyar anu diwangun ku para pengembang (developer). Ngaran lembur anyar sok ditungtungan ku kecap Griya, Asri, Permai, Kencana, Estat jste.
Mode. Ngaran tempatna biasana mangrupa akronim atawa ngarobah sora. Upamana Budapes tina singgetan Bukit Dago Pakar East, Ciwok asalna tina Cihampelas Walk. Ieu kacirina siga nu reueus ku lembur batur, pedah kawentar di dunya internasional tuluy we dipake, hayang modern
Ngaran tempat anu robah atawa leungit balukar tina pamekaran daerah. Ngaran daerah anu leungit samisal Parakan Muncang, Cigolendang, Korobokan jste. Leungitna ieu ngaran daerah teh kulantaran dihijikeun jeung daerah sejen tur dibere ngaran anyar atawa nyokot ngaran anu dianggap leuwih popiler. Sedengkeun anu robah, misalna Gehger Kalong jadi Geger Kalong, Jeungjing Rigil jadi Jingjing Rigil.
Dina jirangan pertanyaan ti pamilon sawala, aya nu nanyakeun ngaran Sukamiskin,
Pikeun kahareupna tina ieu sawala aya kahayang supaya para pengembang atawa gegeden anu boga kakawasaan, kudu ati-ati dina mere ngaran hiji tempat. Kudu nyoko kana kaayaan tempat tur sajarahna. Paling Copel ulah gehgeran.
(Laporan Mamat Sasmita, panumbu catur dina sawala PSS)
Dimuat dina majalah bulanan basa Sunda Cupumanik No. 59, Juni 2008
I will not acquiesce in on it. I think nice post. Especially the title-deed attracted me to be familiar with the whole story.
ReplyDeleteGenial fill someone in on and this mail helped me alot in my college assignement. Thanks you for your information.
ReplyDeleteWell I acquiesce in but I about the list inform should secure more info then it has.
ReplyDeleteWell I agree but I think the brief should have more info then it has.
ReplyDelete