06 June 2008

ANGGANG KAWASA. Ngeunteung kana kasus Ceriyati


Ku : MAMAT SASMITA

Kiwari asa mindeng ngadenge jeung nyaksian dina televisi yen TKI (Tenaga Kerja Indonseia boh awewe boh lalaki) anu digawe di luar nagri meunang musibah alatan dikakaya ku dununganana. Beja pangahirna lalakon Ceriyati anu mapay-mapay jandela gedong jangkung (kondominium) ti tingkat 15, niatna hayang kabur tina pangawasa dununganana.
Asa ngangres ningalina. Meureun paniatan neangan kipayah di nagri deungeun teh pikeun kahirupan kulawargana, nganteur angen-angen hayang ngarobah kahirupan sangkan bisa nyukupan pangabutuh sapopoe. Ari buktina kalahka meunang wiwirang.
Naha
atuh bet loba kajadian siga kitu..? Tulisan ieu lain tulisan nu rek nyungsi nyosok jero nu jadi alesanana, ngan sakadar ngabandingkeun pola kahirupan di nagri deungeun jeung di urang. Kitu ge teu sagemblengna ngan ukur meunang nyutat tina sababaraha referensi. Utamana hal anggang kawasa (Indonesia : jarak kekuasaan)

Baheula jaman kolonial di Indonesia aya anu disebut menak jeung somah, menak jeung cacah kuricakan, ngabedakeun antara nu jeneng jeung nu teu kabiruyungan jadi jeneng.
Menak sok disalenggorkeun jadi dimemen-memen di enak-enak, da enya nu disebut menak teh nilik kahirupanana mah kacida ngeunahna, pakaya lubak libuk, kakawasaan aya dina dampal leungeunna, tutah titah moal aya nu wani mungpang. Sagala pangabutuh menak aya nu nyukupan, badega pabalatak.
Contona mah urang nyokot tina buku Rusdi Jeung Misnem (1920), waktu bapa Rusdi nyambungan ka Camat, pedah Camat keur kariaan rek nyunatan anakna.
Bapa Rusdi jeung emana gek dariuk, cong nyarembah, ngadeuheusan ka Juragan Camat istri. “Tah geuning bapa Lurah jeung ema, wanci kumaha daratang ?” saur juragan istri.
“Sumuhun timbalan, nembe dongkap bieu pisan, kaulan” piunjuk Pa Rusdi.
“Gamparan, “ ceuk ambu Rusdi “abdi teh mung sumeja ngaheuheurinan bae teu barang bantun naon-naon, mung hatur lumayan bae dumeudeul ku congo rema, beas sakulak, cau sasikat sareng suluh sateukteuk”. Padahal Bapa jeung Ema Rusdi barangbawa teh kacida lobana, beas, cau ditanggung, embe ditungtun, nu mawa suluh ge ngabubuhan.

Tina kalimah kalimah di luhur geus kacipta kumaha rengkak paripolah Bapa Rusdi jeung Ema Rusdi waktu nepungan ka Juragan camat istri (tangtu maksudna pamajikan camat), antara nyembah jeung sila, diuk tungkul, murungkut. Ganjorna kakawasaan geus kabade, padahal Bapa Rusdi teh boga kalungguhan Lurah, tangtu sacara struktural lurah teh bawahan langsung Camat, tapi anggah ungguhna sakitu nantratna. Gambaran kahirupan jaman harita.
Komo deui lamun antara Lurah jeung Bupati jabatan anu sakitu ganjorna atawa jeung gegeden bangsa Belanda harita, teu kagambarkeun kumaha sikep jeung tingkah paripolah waktu ngadep, tangtuna nyembahna bakal leuwih acong-acongan.

Sanggeus ngaliwatan mangsa revolusi, perang pikeun ngarebut kamerdekaan taun 1945, sikep kitu tangtu aya robahna, feodalistik saeutik saeutik laleungitan contona kagambarkeun dina buku Taman Pamekar (1970) waktu Pa Sastra nyunatan Ade anak bungsuna. Pa Sastra mantri pasar di Cicalengka, waktuna kariaan nyunatan teu digambarkeun loba anak buahna anu nyambungan, dokdakna kariaan ngan ukur digambarkeun loba nu mantuan teh ku dulurna jeung tatanggana. Ciri masyarakat anu kolektip, silih bantuan kalawan kakulawargaan, hubungan atasan jeung bawahan teu digambarkeun. Beda pisan jeung dina carita Rusdi Jeung Misnem.

Ayeuna disebut jaman reformasi, antara dunungan jeung badega, antara bawahan jeung atasan, sigana ganjorna leuwih ngadeukeutan deui. Katangen dina prakprakan ngolah nagara, pangaruhna tangtu aya dina sikep budaya organisasi, boh organisasi kaparteyan, organisasi kamasyarakatan boh organisasi pausahaan. Beda pisan dina mangsa jaman orde baru. Anggang kawasa di Indonesia aya parobahan anu beuki ngadeukeutan.

Hofstede (Geert Hofstede and Gert J Hofstede,Cultural Organizations Software of the mind , 2005) nu nalungtik budaya organisasi tangtu aya pangaruh tina kasang tukang budaya masyarakatna, anu ditalungtik di 74 nagara, diantarana hal anggang kawasa (power distance). Anggang kawasa nyaeta hiji ukuran dimana anggota masyarakat narima yen kakawasaan dina institusi atawa organisasi henteu didistribusikeun kalawan sarua, henteu didistribusikeun kalawan rata ka unggal strata anggotana. Hal ieu tangtu bakal mangaruhan sikep anggota masyarakat anu kurang kakawasaanana jeung anu leuwih kakawasaanana. Jalma anu aya dina masyarakat anu anggang kawasa gede, narima posisina kalawan henteu perlu justifikasi deui, sedengkeun jalma anu aya dina anggang kawasa leutik, sok nungtut sangkan bedana kakawasaan kudu aya justifikasina. Isu pentingna nyaeta kumaha carana ngaropea ieu pangbeda.
Hasil panalungtikan Hofstede dibere ajen ranking jeung skor ( rank and score) posisi anu anggang kawasa pang gedena nyaeta nagara Malaysia jeung Slovakia rankingna 1-2, skorna 104, anu anggang kawasa pang leutikna nyaeta Austria rankingna 74 skorna 11, sedengkeun Indonesia aya dina ranking15-16 skorna 78 sarua jeung nagara Ekuador. Amerika ranking 57-59 skor 40, disebutkeun didieu teh pedah we Amerika remen jadi kiblat keur urang Indonesia. Inggris –nu kungsi jadi dunungan Malaysia- ranking 63-65 skor 35, ana kitu keuna ku kacapangan mun badega jeneng jadi raja sok kaleuleuwihi.

Jadi posisi Malaysia ceuk hasil ieu panalungtikan, antara atasan jeung bawahan beda jauh, ganjor pisan. Indikasi umumna anggang kawasa anu jauh diantarana kateusajajaran dipikaharep jeung dipikaresep, aya kadali dina kasaimbangan status, anu kakawasaanana di handap kudu mandiri jeung aya polarisasi antara mandiri (dependence) jeung teu mandiri (counterdependence), ngahormat ka anu kolot jeung dipikolot hal nu utama tur saendengna.
Sabenerna eta indikasi teh meh sarua jeung di Indonesia, teu ganjor teuing bedana, tapi sok sanajan kitu aya alusna dipikawanoh heula kumaha sikep di hiji nagara samemeh ancrub kana lingkunganana.

Nagara Malaysia teh nagara karajaan (monarki) beda jeung Indonesia anu republik. Malaysia samemeh merdeka dijajahna ku Inggris, sarua Inggris ge karajaan. Proses merdekana Malaysia beda jeung Indonesia, Indonesia mah ngaliwatan perang kamerdekaan, sedengkeun Malaysia mah ngaliwatan proses negosiasi. Di Malaysia teu kajadian aya gejolak kamerdekaan jadi teu karasa aya parobahan dina kondisi masyarakatna, nu tadina raja nya tetep raja, nu tadina tukang balantik tetep balantik, nu tadina rahayat biasa tetep rahayat biasa.
Jadi pantes lamun anggang kawasa tetep ganjor, anggang kawasa antara dunungan jeung badega tetep jauh, anggang kawasa antara atasan jeung bawahan tetep jauh, anggang kawasa antara bangsawan (menak) jeung rahayat biasa tetep jauh.
Ceuk dunungan bemo, nya bemo, badega teu bisa kukumaha deui, kudu nurut. Ceuk atasan munding, kudu tetep munding, bawahan mah teu meunang protes.
Refleksi kahirupan raja tangtu bakal napak di masyarakatna, kumaha anggah ungguhna kalawan tatakrama anu kacida kuatna, contona dina tatakrama ngomong ka raja aya aturanana, lamun raja nanya “Awak sudah makan..?”, kudu dijawab :”Ampun Tuanku, patik sudah ayap Tuanku”, lamun dijawab : “Ampun Tuanku, patik sudah makan Tuanku”. atawa “Ampun Tuanku, patik sudah santap Tuanku” eta salah, dianggap henteu hormat. Aya deui lamun raja rek “kahampangan” disebutna teu meunang “buang air” tapi kudu “ke sungai” (sumber:
http://www.malaysianmonarchy.org.my/). Conto sejen di Malaysia ge aya nu disebut pamali, ceuk urang Malaysia mah disebutna teh Pantang Larang, diantarana pantang larang keur awewe ulah sok kakawihan di dapur sok dikawin ku aki-aki, ulah sok make baju baseuh bisi awak jadi kurap, ulah sok nyapuan sangu tipeuting bakal pondok rejeki.

Istilah pembantu rumah tangga di Malaysia leuwih populer pembantu rumah, sedengkeun istilah keur laden disebut buruh kasar, mahir atawa profesional. Istilah pembantu keur pagawean anu jeneng saperti Pembantu Dekan di perguruan tinggi di Indonesia, di Malaysia disebutna Timbalan Dekan. Timbalan Perdana Mentri hartina Pembantu Perdana Mentri.

Pembantu rumah tangga ti Indonesia pikeun masyarakat Malaysia aya nu di kelas E, nyaeta kelas nu dianggap panghandapna dina kanyaho jeung kaparigelan, kumonikan anu goreng, henteu perceka. Ceuk Presiden Persatuan Agensi Pekerja Asing (PAPA) Malaysia, Datuk Raja Zulkepley Dahalan nya ti pembantu kelas E ieu nu gagal nyaluyukeun diri jeung masyarakat sabudeureunana (Malaysia) dina waktu anu singget anu ngabalukarkeun ayana masalah (Utusan Online 18 Juni 2007)

Nu jadi dunungan awalna boga anggapan (estimasi) ku ayana pembantu atawa badega bakal ngurangan pagawean, nepi ka wani ngaluarkeun duit anu gede sangkan boga pembantu. Nyatana kalahka loba masalah, pagawean teu nyugemakeun, dibere tuduh teu cukup ku sakali, dianggapna teu ngarti bae.

Palebah dinyana mah bisa kajudi, lantaran aya anu jadi TKI teh pendidikanana handap pisan, paling ge lulusan SD atawa SMP jeung deuih padumukanana lain di kota. Aya geger budaya. Tangtuna nu jadi dununganana teh ayana di kota gede, metropolitan samodel Kuala Lumpur, jeung boga pakaya, meureun pembantu teh ningali mesin cuci atawa kompor gas ge boa kakara, jeung deuih beda bahasa, beda istilah, beda adat. Dina kadaharan beda kabeuki, dina papasakan beda cara.

Ku ayana kitu anggang kawasa tangtu bakal leuwih ngagedean, bakal leuwih ngajauhan, potensi patelak (konflik) bakal beuki ngadeukeutan. Contona kasus Ceriyati anu ngageunjleungkeun. Ceriyati tangtu geus satekah polah sangkan kapake ku nu jadi dunungan, tapi kasang tukang pendidikan jeung budaya nu ngalantarankeun hese rek saluyu jeung kahayang dunungan dina waktu anu singget. Kahayang dunungan pok torolong hasilna nyugemakeun.
Nilik ka palebah dinya, sigana pikeun ngungkulanana taya lian ti mere bekel anu merenah, lain bae dina widang pangaweruh tapi deuih kudu jeung kanyaho hal budaya nagara nu bakal didatangan.
Malah lamun diloloskeun jadi TKI teh ditingali heula kasang tukang pendidikanana, minimal kudu SMP, sahenteuna ari lulusan SMP mah teu ganjor teuing, meureun bakal bisa ngigelan kahayang dunungan. Parentah dunungan moal salah teuing ditarjamahkeunana, pituduh ti dunungan cukup ku sakali, saterusna jadi patokan. Kana basa Inggris teu balilu teuing boh macana boh ngucapkeunana, sahenteuna ari lulusan SMP mah kungsi diajar, perluna keur komunikasi sanajan basa Malaysia ampir sarua jeung basa Indonesia, tapi kalan kalan sok rada lieur ngahartikeunana. Komunikasi nu efektip diantarana, ngarti, aya kasenangan, pangaruh alus kana sikep, hubungan nu beuki alus jeung tindakan nu alus.
Aya hal sejen anu kudu diperhatikeun ku para calon TKI nyaeta ulah miang ngaliwatan calo, calo orientasina kana duit, padu miang teu mikir hal sejen, nu katideresa mah dirina para TKI.
Kajadian Ceriyati kudu jadi eunteung sangkan leuwih taliti memeh miang. Ulah jadi pembantu kelas E. Hubungan pembantu jeung dunungan kudu nyoko kana hubungan anu profesional, lain hubungan kakaluwargaan, lain hubungan “belas kasihan”. Pembantu meunang panghasilan saluyu jeung kamampuhna, kamampuh anu ceuk dunungan nyugemakeun. Anggang kawasa anu jauh bisa dideukeutkeun kucara kamampuh anu nyugemakeun, cingceung kana gawe, sagala bisa tapi tetep aya dina tatakrama boh ceuk ukuran pembantu boh ceuk ukuran dunungan. Anggang kawasa bisa dideukeutkeun ku cara profesional jeung komunikasi nu efektip Cag.

MAMAT SASMITA

Nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda, nganjrek di Bandung

(Dimuat dina Majalah Mangle No. 2166 April 2008, dina Rubrik Dangiang)

No comments:

Post a Comment