Cék gampangna mah, LSM (Lembaga Swadaya Masyarakat) téh organisasi nu diadegkeun ku masarakat, boh kalawan sosoranganan boh babarengan, pikeun babakti ka masarakat umum, bari teu néangan kauntungan tina kagiatanana.
LSM sotén cék urang dieu. Aya deui nu nyebutna ONP, kalan-kalan ornop (organisasi non pemerintah), meleg-meleg ngindung ka basa Inggris NGO (non government organization).
Minangka cirina nu mandiri, LSM mah tétéla lain bagian ti birokrasi pamaréntahan, dina kagiatanana teu néangan kauntungan (nirlaba), ngutamakeun kapentingan balaréa.
Réa rupa LSM téh. Aya LSM nu jadi organisasi donor pikeun LSM lianna, aya nu jadi mitra pamaréntah, aya deuih nu jadi oposan, nyaéta organisasi nu ngimbangan kawijakan pamaréntah, ku jalan nepikeun kritik atawa kontrol sangkan pamaréntah teu méngpar dina nyieun tur ngajalankeun kawijakanana.
Mindeng kacaturkeun LSM téh sok meunang biaya ti organisasi donor mancanagara, bari jeung gedé: ti ratusan juta tepi ka milyaran rupia.
Di séjén pihak, loba kagiatan budaya nu sipatna lokal, kacida kékéréhétna. Loba nu boga idé, tapi nyakitu geuning mun geus jol kana biaya sok terus alum, lalayu sekar, siga kembang nu teu kacébor.
Adumanis
Pikeun ngadumaniskeun kagiatan LSM nu sok meunang biaya badag ti lembaga donor jeung kagiatan budaya lokal nu mindeng kékéréhét, sawala bulanan PSS (Pusat Studi Sunda) bulan kamari antarana ngadurényomkeun hal perkara LSM kasundaan. Panyaturna nyaéta Irfan Amalee, nu sapopoéna digawé di penerbit Mizan tapi réa kagiatananana nu patali jeung widang LSM. Panyatur kadua nyaéta Darpan, nu sapopoéna jadi guru di SMA Garut tapi kungsi jadi aktivis LSM. Sawala dilaksanakeun poé Juma’ah, 12 Désémbér 2008, di Bandung.
Cék Irfan mah, istilah LSM téh saenyana eupimistis (beunang ngalemes-lemes), minangka “gaganti” tina istilah NGO. Ma’lum téa baé, dina jaman Orde Baru mah, sakur nu kasebut “non-pamaréntah” tangtu ngundang kacuriga.
Padahal mah, carék dina falasifahna, pamaréntahan téh bisa kuat mun nu disebut good governance jeung good nongovernance téh sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, nya éta nu disebut civil society téa. Ari civil society bisa kuat ku ayana silih rojong antara pamaréntah jeung masarakat.
Upamana, aya lembaga donor, sebut wé USAID. Pasti dina proyék nu dipigawé téh bakal aya tulisan nu nyebutkeun éta téh bantuan ti “rayat Amérika”. Hartina, éta proyék téh dibantuan ku masarakat, najan ngaliwatan pamaréntahna.
Nu jadi masalah: kumaha carana meunang lolongkrang kana éta biaya nu dibikeun ku lembaga donor?
Cék Irfan, kudu aya dadasar, titincakan pikeun muka lawang sangkan diheueuhan ku nu boga duit. Ari nu boga duit lolobana ti nagara deungeun, tangtu wé nyawang pasualan téh tina kacamatana, nu kalan-kalan teu sarua jeung urang.
Nya di dieu kudu aya kaparigel enggoning nyieun proposal kalawan ngawadahan isu-isu nu dianggap penting. Contona isu nu dianggap penting ayeuna téh global warming, siaga bencana, sasalad flu manuk atawa masalah hak asasi manusa.
Upama milih isu siaga bencana, kagiatan nu diayakeun téh kudu ngahudang kasadar masarakat yén lingkungan urang nu aya dina basisir dua samudera, atawa aya dina zona gunung aktif, téh kudu dijaga. Kumaha carana nyalametkeun diri tur asét mun aya bahaya rongkah, naha tsunami naha gunung bitu. Hal ieu ku maranéhna (lembaga donor) dianggap penting pikeun ngajaga asét dirina, ulah nepi ka kaganggu.
Aya kalana ngajukeun hiji proposal proyék ka lembaga donor téh hésé pisan, malah nepi ka ditolak pisan. Tapi aya kalana dibéré bantuan kalawan logor, nepi ka duit nu nyésa gé kudu dibéakeun, da maranéhna mah teu perlu refunding.
Kumaha ngadumaniskeun antara kagiatan budaya nu sipatna lokal jeung kagiatan LSM nu meunang waragad ti lembaga donor?
Irfan ngélingan sangkan ningali budaya téh ulah heureut teuing, tapi kudu lega. Pan nu disebut budaya téh sakabéh kagiatan masarakat nu dipangaruhan ku kabiasaan masarakat. Nu disebut budaya lain ukur kasenian, sastra atawa pintonan, tapi ngawengku sakabéh pola pikir masarakatna. Tah, cenah, mun nyawangna kitu tangtu bisa diadumaniskeun.
Kari kumaha carana nyieun program nu aya pakaitna kana unsur budaya tadi bari mikanyaho agénda nu disiapkeun ku lembaga donor. Agénda maranéhna perlu dipikawanoh. Lain hartina urang kudu dikadalikeun ku maranéhna, tapi paling copélna ngarah nu boga duit teu ngarasa gaplah dina nyatujuan proyék. Bisa baé éta téh kapentingan ékonomi nu saperluna.
Aya bédana antara lembaga donor ti Amérika, Jepang jeung Inggris. Amérika jeung Jepang leuwih deukeut kana téknologi, da cenah éta téh penting pisan keur nyumponan kabutuh dasar (basic needs) masarakat, najan bisa baé aya maksud séjén: sangkan urang tetep gumantung kana hasil téknologi beunang Jepang atawa Amérika. Ari Inggris mah leuwih nyoko kana industri kréatif nepi ka aya nu disebut CEO (Creatif Economic Officer). Salah sahiji nu dijieun pilot project dina hal ieu téh kota Bandung nu katémbong parigel ngahasilkeun industri kréatif.
Irfan gé ningali sisi séjén, nyaéta deukeutna hubungan antara jalma-jalma boh nu aktif di LSM jeung nu aya di lembaga donor. Sangkan bisa deukeut kudu aya ajén kapercayaan jeung tangtu wé sikep ti nu ngajukeun proposal. Lian ti éta, kudu aya pangaruh budaya bari jeung aya pangaruh sosial.
Rada béda ti Irfan, Darpan réa nyawang kahirupan LSM di Jawa Barat, hususna nu kagiatanana tumali kana budaya Sunda.
Kawilang renung saenyana mah LSM di Tatar Sunda téh. Aya nu bagerak dina widang sastra kayaning LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda), Yayasan Kabudayaan Rancagé, jlld. Aya nu neuleuman rupaning kaulinan barudak kayaning Komunitas Hong, aya deuih nu ngokolakeun perpustakaan di désa-désa kayaning Yayasan Percéka. Nu ngagarap seni atuh teu kurang-kurang deuih, misalna Yayasan Cangkurileung atawa Yayasan Padalangan.
Arang langka LSM di Jawa Barat nu merenahkeun manéh minangka oposisi ka pamaréntah, padahal poténsi ka lebah dinya téh ublug ablag kénéh. Upamana baé can kareungeu aya LSM nu toh-tohan ngabéla kapentingan masarakat nu katideresa lantaran kawijakan pamaréntah dina widang industri jeung tata rohang.
Cohagna mah réa kénéh LSM nu nyokona kana jadi mitra pamaréntah, nu ngan ngandelkeun biaya tina APBD. LSM siga kitu sok disarebut “LSM polét beureum”. LSM polét beureum tangtu wé dina kiprahna téh ngan jadi kalangkang pamaréntah nu antukna teu bisa minculak dina harti oposisi, minangka lembaga masarakat sipil nu indepénden.
Komo deui nu bagerak dina widang kabudayaan, keur mah ongkoh siga nu ngotok ngowo atawa kurung batokeun, turug-turug teu boga figur inohong nu bisa ngajalanan sangkan aya panghiap ti lembaga donor.
Darpan gé nyebutkeun yén LSM téh katémbongna réréana mah rada élitis jeung ngota. Élitis dina harti teu pati ngakar ka masarakat handap tur LSM téh museur di Bandung atawa di kota kabupatén. Asa can kapanggih aya LSM nu basis kagiatanana di pilemburan atawa nyieun jaringan ka tepis wiring. Ku kituna pangaruhna teu pati karasa keur urang pilemburan mah.
Jembar
Dina enas-enasna mah, Irfan jeung Darpan siga nu sapuk yén kagiatan budaya téh sabenerna bisa jadi titincakan pikeun muka lawang lembaga donor nu badag. Saratna téh ningali budaya téh kalawan jembar, ulah heureut atawa kurung batokeun.
Irfan méré conto: kumaha sangkan korupsi teu mahabu ditilik tina jihat budaya? Budayawan sabenerna bisa ngayakinkeun yén tarékah numpes korupsi téh bisa ogé ngali inspirasi tina widang budaya nu nyampak di urang.
Aya pamanggih ti pamilon sangkan LSM saperti PSS (Pusat Studi Sunda), upamana, jadi lembaga kajian, upamana pikeun nyukcruk leuwih jero dampak sosial, ékonomi, atawa lingkungan ti hiji pausahaan badag nu aya di Tatar Sunda keur masarakat di sabudereunana. Ulah nepi ka masarakat téh ngan bisa lalajo, nu teu walakaya.
PSS bisa jadi ruruhit tumbak keur ngarobah sikep pausahaan jeung masarakat sangkan aya kauntungan keur dua pihak nu luyu jeung aturan.
Aya deuih nu ngélingan sangkan kagiatan LSM ulah dikadalikeun ku lembaga donor, utamana dina pola pikir tur kapentingan nu leuwih badag. Cék cohagna mah kudu tetep kritis.

Mamat Sasmita, panumbu catur matuh Sawala Bulanan PSS
(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No.66 Januari 2009)

No comments:
Post a Comment