13 November 2008

DUNYA BEUKI PANAS

Ku : MAMAT SASMITA

Rada hese narjamahkeun istilah Global Warming (Indonesia : Pemanasan Global) kana basa Sunda teh, itu ieu asa teu merenah, geura urang tataan : Dunya manasan, Global Manasan, Pamanasan Global, tapi sigana mah anu rada pas teh Dunya Manasan atawa Global Manasan anu hartina kurang leuwih dunya beuki panas
Manasan ceuk Kamus LBSS mah hartina teh “sina beuki panas”, nilik kadinya mah aya unsur ngahaja supaya beuki panas. Tapi eta ge lamun merenah ngalarapkeunana, siga dina kecap manasan atawa manaskeun panci, hartina ngahaja panci keur dipanaskeun, lamun jadi panci manasan bisa bae hartina panci beuki panas. Tah nyoko kadinya nya meureun istilah global warming teh rada luyu lamun ditarjamahkeun jadi global manasan.
Bandung ceuk sawareh aya anu nyebutkeun karasana beuki hareudang bayeungyang komo lamun dina usum halodo. Karasa beuki panas teh lamun dibandingkeun jeung Bandung baheula, jeung Bandung jaman taun limapuluhan, komo lamun dibandingkeun jeung taun-taun samemehna. Ieu aya data sabaraha darjah celcius suhu anu karasa di Bandung taun 1926.
Isuk-isuk meh 6˚C, tengah poe nepi ka tabuh 2 beurang 23˚C, pasosore 24˚C ( Gids van Bandoeng, Reitsma, Vorkink 1927). Puguh we karasa tiris jeung karasa pikabetaheun keur urang Walanda jaman harita, meureun asa aya di nagrina. Kukituna mah teu ngabibisani, Bandung teh iklimna pikabetaheun, eta we bangsa Eropah nu ngamukim di Bandung taun harita nepi ka genep belas rebu jalma, sedengkeun pangeusi Bandung sakabehna ngan ukur saratus opat puluh rebu, hartina nepi ka sabelas persen urang Eropah. Ceuk sababaraha sumber, Bandung teh manasanana ti taun genep puluhan nepi ka taun dalapan puluhan naek rata-rata 0,04 darjaht celcius sedengkeun ti taun dalapan puluhan kadieu kalah ka beuki ningkat antara 0,06 nepi ka 0,08 darjah celcius sataunna. Matak teu aneh lamun kaayeunakeun Bandung beuki bayeungyang. Dibandingkeun jeung mangsa kiwari suhu di Bandung beuki naek, dina bulan Agustus 2007 suhu minimum 19˚C jeung maksimum 29˚C, malah kungsi nepi ka 34,9˚C dina bulan Oktober 2002.
Fenomena beuki panasna kota-kota gede lain ngan sakadar di kota Bandung, tapi karasa di kota sejen, komo deui anu geus biasa karasa panas, kayaning Surabaya, Jakarta atawa Denpasar. Tina sababaraha sumber bacaan memang mangsa kiwari aya nu disebut global warming tea, dunya beuki manasan.
IPCC (Intergovernmental Panel On Climate Change) hiji lembaga antar pamarentahan anu nalungtik iklim global, geus ngembarkeun hasil panalungtikanana taun 2007, anu nyebutkeun naekna suhu di sakuliah dunya geus pikahariwangeun. Dina taun 2100 kahareup bakal naek antara ti 1,4˚C nepi ka 5,8˚C atawa 2,5˚F nepi ka 10,4˚F. Ciri-ciri naekna suhu dunya mangsa kiwari diantarana leyurna es di kutub kidul jeung di kutub kaler. Lamun ningali citra satelit kaayaan es di kutub kaler saperti nu digambarkeun dina Nasional Geographic Indonesia Edisi Khusus Agustus 2008, jelas pisan aya parubahan legana es kusabab leyur jadi cai. Malah Dr H.J.Zwally ahli ilim ti NASA nyieun prediksi taun 2012 es di kutub kaler bakal leyur kabeh. Prediksi anu kacida pikahariwangeunana, lamun enya leyur teh tangtu bakal naek beungeut cai laut, akibatna cai laut di basisir bakal naek. Fenomena alam sejen anu jadi ciri teh kajadian dina bulan Maret 2008, bagian tina gunung es nu aya di kutub kaler nyempal, misahkeun maneh tina gunung es abadi nu utama. Anu nyempal tadi disebutna Wilkins Ice Shelf, legana nepi ka 414 meter pasagi, lamun kira-kira disaruakeun mah legana meh dua kalieun kota Bandung. “Ieu fenomena teh akibat tina global warming” kitu ceuk Ted Scambos ketua panalungtik ti NSIDC (National Snow and Ice Data Centre) Universitas Colorado. Naekna beungeut cai laut bakal karasa pisan di basisir, boh keur pamayang boh keur nu ngamukim di sisi laut. Karasana lain sakadar ningali umpalan cai laut nu beuki deukeut tapi deuih bisa ngabahlakeun kahirupan, geus puguh ari banda pakaya mah kudu disingkirkeun ka tempat nu leuwih luhur. Atuh kitu deui pikeun kota siga Jakarta nu nampeu kana beungeut laut bakal aya arus balik nu bisa jadi bakal banjir saendeng-endeng.
Aya hal sejen nu matak pikahariwangeun ku leyurna es di kutub kaler jeung di kutub kidul nyaeta aya potensi pikeun leupasna gas metan (CH4) anu salila ieu aya dina es abadi. Gas metan disebut salaku kontributor nu ngabahlakeun, leuwih ngabahlakeun batan gas karbondioksida (CO2) salaku gas imah kaca. Anu pamustunganana bakal ngabalukarkeun efek imah kaca, panasna dunya bakal leuwih gancang tina prediksi nu aya.
Fakta sejen akibat tina dunya beuki manasan teh diantarana ayana parobahan iklim atawa cuaca anu karasa ekstrim. Hawa panas nu karasa beuki ngaheab, usum halodo jeung usum ngijih anu beuki teu puguh waktuna. Kitu deui sok kadenge ayana angin puyuh nu ngaruksak nepi ka mindeng kapireng ngaruntuhkeun tatangkalan atawa imah. Geura engke dina usum ngijih nu bakal datang, rada pikapaureun sok gede angin siga dina usum ngijih nu geus kaliwat. Akibat sejen tangtuna bakal karasa kana sakabeh sektor kahirupan, upamana krisis pangan (kadaharan poko) lantaran gagal panen, krisis cai bersih, beuki mahabuna panyakit tropis kayaning malaria, demam berdarah, diare. Sarta bakal ngilesna jutaan spesies tutuwuhan atawa sasatoan nu teu bisa ngadaptasi robahna suhu kalawan ngadadak.

Pangna dunya beuki panas teh ceuk para ahli disababkeun ku aktivitas manusa anu populasina geus kacida reana disagigireun eta ge kuayana kamajuan teknologi nu ngabalukarkeun ayana gas imah kaca (baca: GRK: Gas Rumah Kaca). Kulantaran aktivitas manusa beda beda di unggal nagara, nya GRK nu dihasilkeun ge beda sumberna. Contona di Indonesia, GRK nu dihasilkeun teh kulantaran : kahiji karuksakan leuweung jeung robahna tataguna lahan. Kaduana nyaeta ku ngamangpaatkeun energi fosil (bahan bakar minyak). Katilu kulantaran tatanen, ngurus ingon-ingon jeung kaopatna nyaeta numpukna runtah, boh runtah rumah tangga boh runtah pabrik.

Pikeun ngurangan emisi GRK aya sababaraha usaha nu bisa dilakukeun ku individu atawa ku kulawarga diantarana ulah mindeng teuing ngadahar daging, sabab meakeun daging sakilo sakulawarga eta teh meh sarua jeung sumber daya 15 kg gandum, komo lamun daging nu dibeuli teh daging impor, nu datangna ka urang ngaliwatan transportasi nu tangtuna make bahan bakar minyak. Ulah loba teuing barangdahar hasil olahan pabrik, jeung kadaharan fast food sarua eta ge tangtu make transportasi. Mending meuli hasil olahan lokal atawa masak sorangan. Lamun masak sorangan alusna nu rek diasakan teh disiksikna laleutik, sabab masakna nu laleutik mah bakal make energi nu saeutik, leuwih ngirit. Di imah alusna make lampu nu irit energi, paehan lampu listrik lamun ngarasa teu dipake. TV atawa radio ulah dina posisi standby tapi paehan tina saklarna, sabab posisi standby teh masih keneh nyedot energi listrik. Di kamar pribadi ari ngarasa teu perlu-perlu teuing mah tong make AC, leuwih hade blung blong ku ventilasi, ambih sirkulasi hawa karasa lancar. Atuh lamun keukeuh kudu make AC usahakeun ulah aya panto nu ngablak muka sabab eta teh bakal leuwih loba energi nu dipake. Imah sing loba jandela supaya cahaya ti luar asup leuwih loba, hartina di jero imah teu kudu make lampu listrik lamun ti beurang. Muka kulkas (lomari es) ulah mindeng, sabab sakali muka kulkas nu lilana samenit bakal nyedot energi pikeun malikan deui kana suhu anu asal salila tilu menit. Lamun balanja ka toko tong hayang dibere kantong plastik atawa kantong keresek, alusna mawa kantong sorangan.
Kitu deui lamun iinditan sosoranganan, ulah make mobil pribadi, alusna make mobil umum, komo lamun anu dijugjug teh kaliwatan ku mobil umum, make beus atawa angkot. Lain hartina teu ngahargaan kana privasi tapi sahenteuna sikep wijaksana siga kitu bakal ngurangan kana jumlah emisi GRK. Da behna mah beuki disebut beunghar ku banda pakaya beuki loba mere kontribusi kana emisi GRK, sedengkeun efek imah kaca karasana lain ku dirina wungkul tapi karasa ku sakabeh mahluk nu aya di dunya, ku manusa, tutuwuhan, sasatoan.
Perkara ngababad leuweung nu sangeunahna (ilegal loging), tata guna lahan, pabrik nu teu paduli kana lingkungan keun eta mah da geus aya nu ngatur nyaeta para birokrat. Urang percaya we ka pagawe pamarentah nu boga wewenang pikeun ngijinkeun. Da tangtu pamarentah mah geus masagi dina kaweruhna hal global warming, atuh cenah ngarasa teu pati apal nya tinggal ngageroan we para ahli ti perguruan tinggi, da pamohalan bakal nolak. Nu penting mah aya kasadaran sacara individu, geuning dunya teh keur gering, lamun diantep bakal leuwih parna nu antukna ngabalukarkeun sangsarana anak incu kahareup.


(dikumpulkeun tina sababaraha sumber, dimuat dina Majalah Mangle No. 2193 Nopember 2008)

No comments:

Post a Comment