RUMAH BACA BUKU SUNDA JEUNG SAJABANA Yang dimaksud Rumah Baca pada dasarnya tempat yang menyediakan buku untuk dibaca para peminat tanpa dipungut bayaran dan tidak dipinjamkan. Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana pun tidak bergeser dari konsep diatas, hanya buku yang disediakan lebih difokuskan pada buku Sunda.Pengertian buku Sunda tidak berarti hanya menyediakan buku-buku berbahasa Sunda tetapi buku berbahasa lainnya tetapi tetap mengenai Sunda.Arti Jeung Sajabana adalah Dan Sebagainya
30 September 2008
27 September 2008
NGADEUGDEUG KA MANG YAYA
Nampa beja ti Kang Usman Supendi yen Mang Yaya seniman Tarawangsa ti Rancakalong Sumedang keur teu damang, tuluy eta beja teh di posting ka milis urangsunda (Kusnet, Komunitas Urang Sunda di Internet), bari sakalian ngabewarakeun bisi aya nu rek jadi donatur keur nambah-nambah kaperluan Mang Yaya berobat. Alhamdulillah loba nu jadi donatur gedena mah variatif. Kuring jeung Mang Jamal ngirimkeun ka Mang Yaya dibarengan ku Kang Usman Supendi.
Poe Saptu tanggal 27 Sept 08, isuk-suk teh geus silih kontak jeung Kang Usman kitu deui jeung Mang J. Jeung Kang Usman mah tepung di imah sim kuring, da kitu kahoyong beliau. Ari miangna mah teu bareng da Kang Usman rek ka Galura heula aya nu tinggaleun cenah. Kuringmah terus we ngabiur ka Jl.Ganesa hareupeun masjid Salman, da jangjian jeung MJ didinya.
Jam 10 tepung jeung MJ, terus ka tol ambih teu kahalangan ku macet di kota. Jalan ge teu ka Jatinangor da sieun macet tapi nagliwatan Parakan Muncang. Di jalan ka Tanjungsari tepung jeung Kang Usman teh meh jam 11 beurang. Terus ngabiur ka Rancakalong, eta jalan aya ku genah leucir aspalna tur teu rame jadi karasa tumaninah sanajan keur panas entak-entakan ge.
Palebah pebaktulang eureun nya didinya ayana Mang Yaya, ngahaja cenah Mang Yaya teh di
Lebaktulang teu diimahna di Cijere, sakalian titirah di putrana, alesanana mah bisi aya nanaon ma’lum nu nuju teu damang bakal leuwih gampang kendaraan da sisi jalan.Jam 10 tepung jeung MJ, terus ka tol ambih teu kahalangan ku macet di kota. Jalan ge teu ka Jatinangor da sieun macet tapi nagliwatan Parakan Muncang. Di jalan ka Tanjungsari tepung jeung Kang Usman teh meh jam 11 beurang. Terus ngabiur ka Rancakalong, eta jalan aya ku genah leucir aspalna tur teu rame jadi karasa tumaninah sanajan keur panas entak-entakan ge.
Palebah pebaktulang eureun nya didinya ayana Mang Yaya, ngahaja cenah Mang Yaya teh di
Kasampak Mang Yaya nuju calik dina korsi, sigana mah ngahaja pedah aya tamu, katingali sepa tur kanyos ma’lum tos sepuh yuswana tos 74 taun. Sakitu teh tos rada sakinten saur para putrana nu aya didinya.
Enya rada ngahelas ningali kitu mah, hiji seniman kahot Tarawangsa nu kaitung langka, malah kungsi jadi “guru” keur sababaraha seniman ti Bandung atuh dina buku Laras Pada KarawitanSunda beunang Mariko Sasaki, Mang Yaya teh jadi sumber rujukan nu utama dina ngaguar Tarawangsa ti Rancakalong. Kuring teh teu tetelepek naon panyakitna da ku sareretan ge geus katingali ngan anu sidik mah tina laranganana make selang, eta pedah sok teu katahan mun hoyong kahampangan.
Kuring jeung Mang J teu pati lila ngobrol lain nanaon bisi ngaganggu istirahatna sok sanajan Mang Yaya nepi ka ngademonstrasikeun cara ngagesek tarawangsa.
Tarawangsa teh alat musik gesek khas Sunda, meh siga rebab.Ngan aya nu rada unik eta watang tarawangsa siga nu rada bengkok, kuring nanyakeun naon pangna kitu, geuning ngagesek tarawangsa mah beda pisan jeung rebab. Tali senarna teh teu napel kana watang tapi ngan sakadar diteueulkeun ku curuk beulah kenca, jadi sorana memang rada unik aya vibrasi nu husus.

Kuring jeung Mang J masrahkeun kadueudeuh ti baraya Kusnet gedena Rp 2.750.000,- (dua juta tujuh ratus lima puluh rebu). Rada beda jeung laporan rekap 14 dina milis, lantaran aya deui ti Kang Bowi Jkt Rp 250.000 via BNI. Sanggeus mulang ti Mang Yaya, dijalan kuring nampa sms ti baraya kusnet nu ngaranna hayang dirahasiahkeun rek transfer gedena 300.000,-.
Ku sim kuring eta disanggupan rek dirahasiahkeun, tapi meureun dikirimkeun deui ka Mang Yaya dina rintakan kadua atawa rek ngahaja we dititipkeun ka Kang Usman Supendi, da geuning kang Usman teh urang Sumedang keneh malah urang Rancakalong pisan.ieu kasaean janten amal soleh, tur eta bantosan teh kacida diperyogikeunana ku Mang Yaya kanggo berobat.
Sakitu Laporan sim kuring, hapunten bisi aya kakuranganana dina ieu laporan. Ieu laporan mangrupa pertanggungjawaban ka baraya Kusnet, yen amanatna geus ditepikeun ka anu hakna
kalawan gembleng.Aeh enya ku paraputrana Mang Yaya sim kuring jeung Mang J dibahanan cau, gula beureum, sale cau jeung bibit sawo. Kulantaran cau mah hese ngabagikeunana ka baraya Kusnet sing rido we eta rek dipake keur nyuguhan tamu dina poean lebaran. Ka Kang Usman Supendi hatur nuhun tos janten tuduh jalan.
Donasi ti baraya Kusnet posisi Saptu 27 Sept 2008 : Rp 2.751.554,-
Dipasrahkeun ka Mang Yaya poe Saptu 27 Sept 2008 Rp 2.750.000,-
Saldo Rp 1.554,-
(Laporan Mamat Sasmita keur Baraya Kusnet)
04 September 2008
BASA MEKAR KU BANGSANA
Laporan : MAMAT SASMITA
NAJAN basa Sunda remen dipikamelang, teu wudu aya pikareueuseunana. Malah aya mahasiswa ti nagara deungeun nu kungsi nyaritakeun yen upama dibandingkeun jeung seler sejen nu aya di Indonesia, urang Sunda mah leuwih onjoy dina ngamumule basana. Kapan basa Sunda ten diajarkeun di sakola-sakola, malah ti mimiti sakola dasar tepi ka sakola lanjutan.
Ari masarakatna kalan-kalan sok siga nu sabalikna. Mindeng ari nyaritakeun kabeungharan dina widang sejen mah, upamana hal tutuwuhan atawa sasatoan nu ilang. Eta sok jadi isu nu ngageunjleungkeun. Ari basa mah siga nu teu pati dipalire, dina harti kana masalah basa mah beda tanggapanana. Naha ieu teh pedah basa mah unggal poe ge katangen, tepi ka balarea teu sadar yen basa teh kaasup kabeungharan budaya?
Eta antarana nu dipadungdengkeun dina Sawala Bulanan Pusat Studi Sunda (PSS), Juma'ah, 8 Agustus 2008. Panyaturna duaan: Cece Sobarna (CS) dosen Fakultas Sastra Unpad, jeung Cece Hidayat (CH), guru basa Sunda SMP Negeri 13 Bandung.
CS ngadadarkeun kumaha paehna hiji basa. Aya dua rupa pola: lantaran maehan maneh (langua¬ge suicide) jeung lantaran aya nu maehan (language murder). Ari tahapanana ngawengku 1. Aya gejala pikeun lastari (potentially endangered languages') basa nu sacara sosial jeung ekonomi kaasup minoritas tur meunang tekenan gede ti nu mayoritas, mayoritas di dieu dina harti jumlah populasi (penduduk) nu masih make basa indung. 2. Bakal lastari (endangered languages) basa nu kondisi obyektifna euweuh deui nonoman nu bisa nyarita ku basa indung. 3. Geus kaerong bakal lastari (seriously endangered languages) panyatur eta basa geus karolot leuwih ti 50 taun umurna. 4. Sakarat (moribund languages) panyatur umurna geus leuwih ti 70 taun. 5.Lastari (extinct languages) panyaturna ngan tinggal saurang siga basa Mapia di Papua.
CS tuluy ngadadarkeun posisi basa Sunda aya dina tahapan asup kana basa nu teu aman tapi asup kana tahapan mundur (eroding') atawa bisa bae asup kana tahapan kaayaan ajeg ngan bakal lastari (stable but threatened).
Urang Sunda dina kahirupan sapopoe kaasup masarakat nu ngagunakan dwibasa atawa multibasa. Lian ti make basa Sunda, tangtu ngagunakeun basa nasional. Ku kituna, tangtu bakal silih elehkeun. Lumrahna kitu minangka pangaruh tina amprokna dua basa atawa leuwih. Mana komo jeung basa deungeun, upamana basa Inggris nu geus disebut basa internasional. Katangen dina iklan, apan sakitu lobana nu marake basa Inggris.
Mun dipersentasekeun mah kurang leuwih 85% masarakat Indonesia masih keneh ngagunakeun basa indung dina kahirupan sapopoe najan beuki ngurangan. Patalina jeung basa nasional, basa daerah boga fungsi pangrojong kana basa nasional, basa panganteur di sakola pikeun ngalancarkeun lumangsungna pangajaran basa nasional jeung pangajaran sejen, sumber kabeungharan pikeun ngeuyeuban kekecapan basa nasional.
Hal ieu geus dijamin ku UUD 45, Pasal 32 jeung Pasal 36 nu unina (1). Nagara ngamajukeun kabudayaan nasional dina ketak peradaban dunya bari ngajamin kabebasan masarakatna pikeun miara sarta ajen inajen budayana. (2). Nagara ngajenan jeung miara basa daerah minagka kabeungharan budaya nasional.
Atuh dina hiji seminar ngeunaan politik basa, disebutkeun yen basa daerah teh boga fungsi: lambang kareueus daerah, lambang indentitas daerah, alat komunikasi kulawarga jeung masarakat sabudereunana, pangrojong budaya daerah jeung basa nasional tur pangrojong sastra daerah jeung sastra Indonesia.
Pikeun miara basa Sunda pamarentah daerah Jawa Barat geus boga tanggung jawab ku ngagelarkeunana Perda No.5/2003 ngeunaan miara basa, sastra katut aksara Sunda. Lantaran geus puguh jenglengan dasar hukumna, Disdik Jawa Barat boga kawajiban pikeun nangtukeun kawijakan operasionalna, Ti taun 2006 Disdik Jabar geus ngaluarkeun calecer (pedoman) kurikulum mata pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda dumasar kana Surat Kaputusan Gubernur Jawa Barat No.423/Kep.674-Disdik/2006.
Dina emprona ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda CH boga pangalaman loba reregedna, tapi najan kitu tetep dilaksanakeun bari satekah polah ngungkulanana. Siswa ngalaksanakeun rupa-rupa kagiatan nu patali jeung makena basa Sunda kayaning kagiatan pancaindra, kagiatan rohani, jeung jasmani gumulung dina hiji beungkeutan nu teu bisa diwiji-wiji.
Upama kagiatan kaparigel ngolah basa kayaning ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Kagitan pancaindra mah mangupa panenjo, pangrasa, pangragap, pangrungu, pangambeu. Dina prakna kudu aya olah pikir, rasa, imajinasi, ingetan, asosiasi atuh gerak anggahota awak, suku, leungeun, sirah jste. Ari kagiatan pikeun ngabeungharan wawasan sastra Sunda mindeng aya kagiatan nu sipatna apresiasi sastra jeung ekspresi sastra tur nyieun karangan,
CH nu sapopoena ngawulang basa Sunda di SMP Negri 13 Bandung, mindeng ngarasa aya rereged dina ngalaksanakeun tugasna. Di antarana siswa teh lolobana ti perkotaan, upamana ti Bandung. Kasang tukang kulawarga siswa geus loba teu make basa Sunda minangka basa indung dina kahirupan sosialna sapopoe, boh di imah, di sakola boh di lingkungan sabudereunana.
Karasana barudak teh siga nu geus kaleungitan idealismeu dina nyarita basa Sunda. Salian ti eta Buku Bahan Ajar basa Sunda ceuyah didaragangkeun tapi palebah eusi jeung pamarekanana loba keneh nu wawayagon. Hal ieu kapanggih waktu buku buku basa Sunda dipeunteun ku Tim Penilai Buku Basa Sunda Disdik Jawa Barat, malah teu saeutik buku teh mun dipake jadi bahan ajar bakal nyasarkeun.
Hal sejenna, aya institusi (sakola) nu nganggap teu penting kana pangajaran basa Sunda. Buktina sanajan aya rengkolna Perda atawa SK Gubernur aya keneh sakola nu embung nyadiakeun waktu katut guruna pikeun pangajaran basa Sunda komo di tingkat SMU/SMK mah. Kitu deui guru basa Sunda, loba sakola nu nugaskeun guru teh lain nu boga kasang tukang pendidikan basa Sunda, siga nu tamba kawaranan bae. Atuh hasilna loba nu teu merenah ukur cukup nyumponan pangabutuh peunteun ulangan wungkul. Tarekah ngungkulan rereged nu karandapan ku CH dina ngalaksanakeun ngawulang di sakola, siswa teh lain ngan ukur ngapalkeun basa Sunda tapi dibawa ngambah kana kabeungharan basa Sunda nya ngaliwatan prakna upamana kumaha gerak suku, leungeun, eta kabeh aya basa Sundana, atuh kitu deui cara diuk nu kumaha disebut sila tutug, nyarande, emok, jste. Jadi barudak teh interaktif, lain sakadar apal tapi bari nyaho kumaha prakna.
Dina hal ngaronjatkeun apresiasi sastra, CH mindeng ngabringkeun barudak ka pagelaran drama, atawa nongton maca sajak ku pangarang moyan jeung deuih sok remen mere tugas ngawawancara ka budayawan Sunda. Jadi barudak teh lain bae ngudag peunteun nu hade tapi deuih aya idealisme nu tumuwuh yen basa teh identitas hiji seler nu perlu dimumule.
Pikeun sakola-sakola sejenna aya saran yen basa Sunda lain pangajaran nu wawayagon, tapi kudu enya-enya dilaksanakeun saluyu jeung profesi guru nu mere pangaweruh ka siswa. Mun ieu kasadar aya di unggal nu boga kawijakan di ungga! sakola moal kadenge ukur ngudag kurikulum tapi enya mere idealisme ka barudak pikeun mikacinta basa katut budaya Sunda.
Kacindekanana
Mindeng mireng kacapangan nu unina basa teh ciciren bangsa, leungit basana leungit budayana leungit bangsana. Ana kitu basa teh sine qua non, mutlak ayana pikeun hiji bangsa. Alloh Swt maparin kapinteran ka manusa di antarana kapinteran basa, atuh teu salah mun nyebutkeun ngamumule basa teh sarua jeung ibadah, ngalaksanakeun sunatullah.
Ceuk para linguis, basa teh sistim simbol sora nu arbitrer tur digunakeun pikeun komunikasi antar manusa, fenomena simbolis nu aya di sakuliah jagat lega dina gurat badagna mah sakabeh basa. Di sabudereun urang teh loba simbol, dina kahirupan sapopoe ge unggal waktu kudu nyanghareupan simbol, kudu ngahartikeun simbol, boh nu jolna ti alam, papada manusa, ti sasatoan, tutuwuhan, jste. Jadi kacida perluna basa dina kahirupan, teu salah mun disebutkeun basa teh ciciren bangsa.

MAMAT SASMITA
Panumbu catur matuh dina sawala bulanan Pusat Studi Sunda.
(Laporan ieu dimuat dina Majalah Bulanan Basa Sunda Cupumanik No.62 September 2008)