09 July 2008

TOPENG JEUNG KUJANG

Lakporan sawala maneuh PSS (Pusat Studi Sunda)
Tanggal 20 Juni 2008. Tempat : Gedong Indonesia Menggugat Bandung.
Waktu : Tabuh 14.00 dugi ka 16.00
Jejer : Ma’na Simbolis dina Topeng jeung Kujang.
Panyatur : Ayuningsih Dosen STSI Bandung jeung Suryadi Dosen UPI Bandung.

Kungsi ningali hiji acara di Televisi, yen kedok atawa topeng teh jadi alat praktis di salah sahiji seler di Afrika, dipakena eta topeng lain pikeun nutupan beungeut, tapi sabalikna dipake ditukang. Dina sirah bagian tukang, tujuanana nyaeta pikeun ngabobodo maung, sangkan teu ditekuk maung ti tukang lamun keur ngaprak leuweung. Hasilna ceuk eta cara TV, mimitina mah kawilang efektif, tapi lila-lila mah teu karasa deui hasilna, lantaran anu diserang ku maung loba deui. Sok sanajan kitu eta ngagambarkeun yen salah sahiji topeng dina fungsi parktis aya gunana.
Sajara
h topeng dina kahirupan manusa meh sarua kolotna jeung kabudayaan manusana sorangan. Lamun ngumpulkeun topeng bari jeung diklasifikasikeun antara ruang (tempat) jeung waktu bakal kapanggih kumaha sajarahna, boh ditilik tina antropologi atawa sosial kabudayaan malah bisa nyosok jero kana tingkat relegiusitas masarakatna.
Kabiasaan make topeng dina wangun sato aya nu boga anggapan dimimitian dina jaman batu keneh, waktu manusa hirupna ngan saukur moro pikeun lumangsungna kahirupan. Hal ieu kapanggih dina lukisan dingding guha di Perancis, tangtu gunana topeng salian ti keur nyamur dina moro ambih dianggap sarua jeung sato nu diudagna. Kamajuan saterusna sanggeus mimiti dikenalna seni dekoratif dina wanda sababaraha desain nu kalan-kalan dianggap bakal mere kakuatan magis pikeun anu makena. Saperti anu kapanggih di daratan China aya topeng emas nu beuratna meh satengah kilo, umurna dikira-kira meh tilu rebu taun, kapanggih dina taun 2007, kitu deui dina topeng bangsa Maya di Amerika Kidul.

Topeng

Pikeun ngaguar perkara topeng, nya dina poe Jumaah tanggal 20 Juni 2008 geus diayakeun sawala maneuh PSS anu jadi panyaturna Ibu Ayuningsih dosen STSI Bandung, nu ngaguar Topeng Cirebon, hususna topeng ti Desa Slangit Kacamatan Klangenan Kabupaten Cirebon. Anu jadi tempat panalungtikanana leuwih nyoko kana topeng anu dihasilkeun ku kulawarga Arja jeung seniman tari anu kawentar Keni Arja.
Topeng Cirebon nu aya di Desa Slangit dasarna mah tina carita Panji, nyaeta carita nu asalna ti Karajaan Majapait di Jawa Timur. Carita Panji intina nyaritakan pahlawan anu hade budi, boga kasaktian nu luhung tur ngamumule bari jeung ngarti kana seni. Intina dianggap satria anu ideal dina jamanna.
Hal ieu kag
ambarkeun dina karakter topeng nu dibagi jadi lima nyaeta Topeng Panji, Topeng Pamindo, Topeng Rumyang, Topeng Patih jeung Topeng Klana. Ieu runtuyan topeng teh teu meunang patukeur, lantaran lamun patukeur tempat bakal mangaruhan kana makna simbolis tur nyalahan kana ugeran waktu kronologis nu pakait jeung kahirupan.

Topeng Panji dijadikeun puseur dina ngama’naan hirup, dianggap ayana di alam kahyangan, samemeh gubrag ka dunya. Numatak ciri utama nyaeta teu boga buuk, beungeut tungkul, panon sipit (linyepan), biwir ukur imut (jambe sigar satangkep), irung lancip sok disebut wali miring, dina tarang aya ornamen nu disebut urna. Hal ieu lir ngagambarkeun sakabeh indra teu dipake, sabab kahyangan lain dunya kamanusaan, sok sanajan aya anggapan dina panji ngahijina sakabeh ajen-ajen paradok. Dina prakna topeng Panji dipake tari, tarina oge teu loba gerak, tapi lir cicing siga ngalayang. Tina ajen paradok ieu nya ngajanggelekna dina wujud Topeng Pamindo, pamindo tina kecap pindo meh saharti jeung kadua atawa ngaduakalian. Sifat paradok ieu bakal leuwih katangen dina gerak tari sabab nu jadi ego nyaeta lalaki tapi lakulampahna siga awewe. Atuh teu kaliwat dina wangun topeng ge aya leuwihna dibanding topeng panji. Panon leuwih muka sok sanajan masih disebut linyepan, biwir leuwih muka disebut dalima beukah (dlimo mletek), aya buuk, ornamen sejen aya urna jeung pilis. Watek handap asor jadi patokan, luhur budi jadi ijiran, hiji gambaran utusan ti alam niskala. Hal ieu kagambarkeun dina topeng Rumyang, ego awewe tapi lakulampah gerak siga lalaki. Paradok nu aya dina Pamindo jeung Rumyang bisa disebut beubeulahan atawa wujud lain tina Panji. Unsur wujud kamanusaan mangrupa lalaki atawa awewe lir pacorok, sok sanajan aya nu nafsirkeun ieu teh ciri atawa unsur kajeroan, bagian ti nu teu perlu katempo. Sabalikna ti eta beda pisan jeung gabungan Topeng Patih jeung Topeng Klana nu leuwih ngagambarkeun dunya luar. Eta sababna dina topeng patih jeung topeng klana wujudna beda dibanding topeng pamindo jeung rumyang. Dina Patih jeung Klana, sagala unsur kamanusaan leuwih tembres, panon bolotot (kadelen atawa pentelengan), irung leuwing kaciri (dempok atawa bapangan), biwir gusem atawa singa barong mangap.

Topeng Cirebon ieu lamun disurupkeun jeung konsep mandala bakal kapanggih Panji ayana di puseur, didieu hartina jadi puseur sagala rupa awal ciciptaan, Pamindo ayana di wetan sedengkeun Rumyang ayana di kaler. Paradok tina eta nyaeta posisi Patih ayana di kulon jeung Klana ayana di kidul. Paradok ngagambarkeun pasangan-pasangan hirup, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, eta lir disharmoni sok sanajan tujuan utamana pikeun kasaimbangan nu harmonis.

Kujang dua pangadekna.

Lamun perkara topeng leuwih loba ngaguar ma’na simbolisna sedengkeun Suryadi dina ngaguar kujang leuwih loba ningali kujang tina wangun rupa. Transformasi hiji wanda kujang tina ngaran anu dipakena. Geus jadi sabiwir hiji yen kujang teh kaasup pakarang tradisional bangsa Sunda, hal ieu katangen dina sababaraha ngaran anu jadi cirina saperti ngaran pabrik Semen Kujang, pabrik gemuk Kujang, ngaran hiji batalyon tentara ti Divisi Siliwangi. Kitu deui kujang dijadikeun lambang Propinsi Jawa Barat. Atuh teu kaliwat aya ngaran-ngaran patempatan anu make sesebutan kujang saperti Parungkujang, Cikujang, Kujangsari jeung Parakankujang. Hal ieu leuwih mere kapastian yen kujang teh enya pakarangna bangsa Sunda.
Kecap kujang kapanggih dina naskah Sunda kuna nyaeta dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (1518), disebutkeun yen kujang teh pakarang keur tatanen, transformasi wujud kujang tina kujang keur tatanen jadi kujang pusaka tah ieu pisan nu diguar kalawan daria. Dina mere ngaran kana wanda kujang keur saheulaanan mah nu dipake nyaeta hasil panalungtikan Anis Jatisunda tina carita Pantun Bogor.
Kujang Ciung kaasup wanda pakarang anu dasarna tina wujud arit (sickle) hal ieu digambarkeun dina pola dasar dua arit (sickle) nu patukangtonggong. Kujang jago pola dasarna tina arit jeung beulah kupat atawa langlayangan. Antara kujang ciung jeung kujang jago teu loba bedana, keur pangbeda nyaeta dina congo anu beda nyanghareup atawa beda ngelukna.
Kujang kuntul p
ola dasarna tina tina sababaraha jajaran genjang nu disambungkeun sedengkeun kujang bangkong tina jajaran genjang tunggal nu leuwih gede. Nu rada unik nyaeta kujang naga sabab ieu mah gabungan tina wangun jurutilu (segitiga) nu patukangtonggong. Kujang wayang pola dasarna leuwih nyoko kana wangun buleud
Tin
a pola dasar ieu satuluyna dibeungharan ku tranformasi tina wangun ngaran kujang jeung didinya aya ma’na simbolis.
Kujang Ciung, tangtuna saluyu jeung ngaran nyaeta kujang anu meh sarimbag jeung wangun manuk ciung, sedengkeun ma’na simbolisna yen ciung teh kaasup mahluk kahyangan nu boga sifat cerdas jeung gagah salian ti eta sesebutan ciung kawentar dina carita Ciung Wanara. Kujang Ciung dipake ku para raja, tohaan atawa putra mahkota jeung ku para brahmesta.
Pon kitu deui kujang jago, nyokot tina wangun hayam jago, hal ieu ge aya pakaitna jeung carita Ciung Wanara anu nyaritakeun ngadu hayam jago. Kujang jago
ngalambangkeun kawani malah disebut simbol balapati (pasukan inti karajaan), dipakena ku lulugu perang. Wangunna kaitung leutik asup kana banda pusaka atawa jimat.
Kujang kuntul, leuwih panjang jeung henteu ngajerebebeng rubak tapi kaciri panjang teu beda ti kuntul, congo kacida seukeutna, dipake ku para patih jeung
para mantri karajaan. Hal ieu mere indikasi yen kujang kuntul pakarang pikeun perang, lantaran teu leutik jeung pondok siga kujang ciung atawa kujang jago.
Kujang bangkong, dicokotna tina wangun bangkong, kujang ieu leuwih nyoko kana kagunaan praktis, pikeun dipake sapopoe jeung ayana di rahayat biasa lain menak
atawa ningrat katurunan raja.
Nu
kawilang aheng nyaeta kujang naga, geus mindeng kareungeu yen naga teh mahluk kahyangan ayana ngan ukur dina mitologi. Kujang naga leuwih gede jeung lamun ditingali matak pikapaureun sabab ruruhitna atawa siih leuwih kaciri. Kujang ieu simbol tina kagagahan, dipake ku para jaro jeung para kanduru.
Kujang Wayang, leuwih loba kapanggih dina wangun wayang awewena, hal ieu simbol kasuburan, tur kujang nu kaasup kujang pangarak. Wayang nu jadikeun dasarna wangun kujang leuwih nyoko kana wayang kulit.

Kasimpulan

Ma’na simbolis nu aya dina artefak budaya, sok sanajan ngaliwatan interpretasi nu kalan-kalan karasa subyektif, hal ieu perlu diguar tujuanana pikeun ngabeungharan batin tur ngabeungharan idea urang Sunda. Gempuran budaya global nu sok ditafsirkeun saliwatan dina wangun lifestyle, moncorongna ngan saukur cangkang jeung karasana leuwih nyindekel kana hal komersialisasi nu tungtungna hirup lir diwewelan ku anu konsumtif. Guaran ma’na simbolis mere cecekelan kana acining eusi batin urang Sunda anu satuluyna bakal ngajaulkeun sikep kosmopolit, sikep nu teu mopohokeun sarakan. Tangtuna dina ngama’naan artefak budaya lain pagawean enteng, lain pagawean memeh mumuluk tapi pagawean badag kudu nalungtik kalawan gemet ngaliwatan peso bedah analisis nu diaku sacara tradisional tur diaku sacara akademis. Leuweung geledegan kaarifan lokal (Sunda) keur ngadagoan dipesek kalawan jentre bacaeun anak incu kahareupna. Diantarana nya ngaguar perkara Topeng jeung Kujang. Prung ah…!

(Laporan Mamat Sasmita, panumbu catur sawala maneuh bulanan di PSS

Dimuat dina Majalah Bulanan Basa Sunda Cupumanik No.60 Juli 2008)

2 comments:

  1. Interesting topics could give you more visitors to your site. So Keep up the good work.

    ReplyDelete
  2. hatur nuhun kang informasi na....

    ReplyDelete