15 December 2007

SAWALA MANAKIBAN

Poe Jumaah tanggal 14 Desember 2007, kuring nepi ka PSS tek kira-kira tabuh satu bada Jumaahan, pas keur hujan ngagebret, dina hate aya kahariwang boa-boa anu datang ngahadiran sawala ngan saeutik alatan hujan. Tapi geuning geus loba barudak Mahasaswa ti UPI, sihoreng maranehna tas praktek maca jeung make microfilm reader, malah dosenna Ibu Ruhaliah ge nyampak, keur mukaan mikcofilm keneh.
Untungna hujan teu lila, Alhamdulillah dina waktuna sawala nu hadir teh aya kana 30 jalma mah, kaasup Kang Maman Gantra ge hadir. Julian jeung kang Iip nu jadi panyatur ge samemeh waktuna geus aya, jadi rada reug-reug.
Teh Lia ti PSS nu jadi sahibulbet cuh cih ngasongkeun susuguh, ieu mah lain susuguh siga dina manakiban tapi susuguh keur nu hadir.
Sawala teh ieu mah sawala terbatas, terbatas teh lain nanaon tapi tempat, nu teu lega, jadi enyaan terbatas, dukdek kana tuur batur.
Tabuh dua leuwih saeutik sawala dimimitian, bubuka ku Kang Hawe ditumbu ku sim kuring nu jadi panumbu catur. Julian menta waktu pikeun nerangkeun manakiban anu kungsi kapanggih jeung mere conto, muter sora keur manakiban tina kaset.
Ceuk Julian aya hal-hal anu perlu di ditengetan diantarana nyaeta teks naratif dipahami sabage kabudayaan tapi aya pakaitna jeung kontek ritual tug nepi ka anu disebut ritual setting, nu dimaksud ritual setting leuwih nyoko kana nyayagikeun kalengkepan keur der manakiban diantarana nyaeta ngaleuyana susuguh ti mimiti bubuahan, beubeutian, neépi ka bubur beureum bubur bodas, cai kopi jeung pangradinan.
Samemehna Julian mere heula penjelasan hal manakiban nyaeta aya nu dilakukeun ku masyarakat hartina masayarakat didieu leuwih bersifat perseorangan anu hayang ngalakukeun manakiban biasana di luluguan ku “sesepuh” anu memang jadi anker (jangkar) dina maca riwayat Kangjeng Syeh. Jeung aya deui manakiban anu memang ayana kulantaran aya pakaitna jeung hiji pasantren, jadi aya tuturus jeung pasantren saperti anu mindeng dijalankeun ku pasantren Suryalaya.
Tah anu leuwih jero ditalungtik ku Julian Millie nyaeta manakiban anu dijalankeun ku masyarakat perseorangan anu teu aya pakaitna jeung hiji pasantren. Dina derna manakiban ceuk Julian aya nu disebut “nguningakeun maksad” nyaeta aya pamaksudan naon pangna hiji kulawarga ngayakeun manakiban, inyana mere conto aya kulawarga Bapa X, anu sapaopoena boga bengekl mobil jeung boga angkot, maksadna supaya bengkelna maju tur usaha angkotna maju. Kitu deui dicontokeun aya hiji Ibu Y anu sapopoena ngusahakeun warung sangu sangkan usahana maju.
Nguningakeun maksad ieu teh dina emprona lain ku anu niat ngayakeun manakiban tapi ku “Sesepuh” atawa ku anu ngalakonkeun, ditatan hiji-hiji kalawan gemet ti mimiti kulawarga sing salamet, terus nepi ka usaha sangkan maju.
Samemeh nepikeun hal nguningakeun maksad aya heula bubukana nyaeta anu disebut “pamuntangan” teu beda jeung tawasul, ieu oge ditataan hiji-hiji, ti ngawitan Kangjeng Nabi tug digi ka guru-guru anu aya sabudeureun didinya, teu kalangkung nau jadi sepuh pribumi.
Anu leuwih narik aya hal anu rada diluar pangbade, Julian kungsi nanya ka Bapa X atawa ka Ibu Y saha ari anu dimaksud Kanjeng Syeh, behna boh Bapa X boh Ibu Y teu apaleun saha-sahana, jadi didinya aya hal anu rada pikahemengeun, jadi pikeun pribumi lain eta anu penting tapi leuwih nyoko kana kalengkepan anu disebut ritual setting tea, sabab hal ieu aya patalina hasil jeung henteuna manakiban. Tah anu disebut hasil teh meureun lamun dina usaha aya kamajuan atawa henteuna, ceuk pameleng anu pribumi lengkep henteuna ritual setting aya pakaitna jeung hasil henteuna eta manakiban, anu penting teh geuning lain nyurahan riwayat Kangjeng Syeh pikeun tuladeun.
Ceuk Julian keneh manakiban saperti kitu kaayeunakeun geus ngurangan, utamana sanggeus krisis moneter, saba keur kaperluan ritual setting tea jadi mahal ditambah ku pucunghulna barudak hasil pendidikan anu aya dilingkungan masyarakat eta, barudak anu masantren atawa lulusan UIN.
Julian Millie teu ngabahas manakiban anu sok dilakukeun ku kelompok, sebut we kelompok anu aya patalina jeung pasantren.

Kang Iip dasarna ngengklokan pamanggih Julian, bari jeung ngaenyakeun naon anu ditalungtik ku Julian, yen enya di masyarakat aya nu ngalakukeun manakiban saperti kitu, ceuk Kang Iip lamun ditilik tina sisi da’wah bisa disebut da’wah anu can anggeus, maksudna masyarakat pra Islam anu percaya ayana kakuatan supranatural kalawan leuwih deukeut kana kakuatan para dewa, atawa para hyang, terus ku ayana karomat-karomat ti sisi tasawuf Islam, nya didieu gumulungna eta kapercayaan. Lain bae manakiban tapi aya deuih anu disebut ratib haddad tapi kalan kalan siga anu leupas tina tarekat Alawiyah, kitu deui aya nu disebut deba’an, ceuk Kang Iip hal ieu teh pikeun masyarakat anu ngalakukeunana nyaeta jadi meduim pikeun ngalengkepan ibadah-ibadah poko.
Ceuk Kang Iip keneh perkara anu aya pakaitna jeung Dewi Sri, nya ieu anu disebut kompromi tina da’wah anu can anggeus tea. Awalna tradisi manakiban ditarima sabage cara islami, dai harita masih keneh mere toleransi kabiasaan buhun anu sok susuguh ka Dewi Sri asal doa anu dibaca mangrupa pangaosan Layang Syeh, ngariwayatkeun Kangjeng Syeh. Tah didieu masyarakat Sunda pra Islam anu boga konsep ka-dewa-an pinanggih jeung kosep tawasul, asupna Islam ka Sunda jadi logor, ngaguluyur.

Dina jirangan (sesi) tanya jawab, Pa Dede Kosasih dosen ti UPI salian nanya oge ngajelaskeun harti pangradinan, ceuk inyana, pangradina leuwih nyoko kaperluan keur awewe, dina kontek ieu nya keur Dewi Sri, eta teh ciri ritualna masyarakat agraris buhun, anu dipake keneh ayeuna, nanya na pedah anu dicontokeun ku Julian apan Bapa X teh lain patani, tapi muka bengkel mobil jeung usaha angkot, tah pertanyaanana, naha aya dina pangradinan ditambahan ku momobilan upamana. Julian ngajawab bari rada seuri euweuh cenah ari momobilan mah, tah didieu matakna simbol eta rada teu dipake, pokona nu baheula kitu nya diturutan we ayeuna ge kitu.
Anu nanya teh loba malah Kang Maman Gantra ge nanya kumaha kontekna jeung purifikasi kaislaman, anu ngajawab hal ieu Kang Iip, ceuk Kang Iip nyaeta pisan aya musabab tina kajadian da’wah anu can anggeus tea.
Anu nanya pangheulana nepi ka genepan dibere buku beunang nyieun Julian Millie anu judulna Celebration of The Desires, hal manakiban.

Keur kuring anu jadi panumbu catur dina sawala model kieu, maksudna sawala anu aya pakaitna jeung hiji kayakinan, karasa rada hese, kudu kumaha ngaguluyurkeun sawala sangkan keuna kana sasaran, anu dimaksud sasaran teh aya kahayang sangkan urang Sunda ulah dianggap teuing dina hirupna nyoko kana hal-hal anu mistis. Misalna lamun aya hiji pribadi ngayakeun manakiban kalawan sanggeus “nguningakeun maksad” teh ulah nganggap anggeus pagawean, padahal anu satemenna kudu hade gawe, anu kudu gawe kalawan cerdas. Hasilna usaha angkot atawa hasilna usaha warung sangu kulantaran geus ngalaksanakeun manakiban, ulah usaha teh jadi lelewoda, ulah sahayuna, tah eta nu disebut cul dogdog tinggal igel teh.
Kuring rada ngagebeg basa acara sawala ditutup, Julian ngajak sasalaman bari nyebut nganuhunkeun ceuk inyana kuring alus jeung sumanget jadi anker (panumbu catur) jadi audien ge teu bosen, teu loyo. Kuring mikir euh kieu meureun gaya bule dina mere apresiasi, saharita tur saluyu jeung kereteg hatena harita, henteu dikemu dikeueum dina hate, togmol jeung jujur. Meureun lamun kuring loyo ge diketrok tah ku Julian anu boga pangkat doktor ti Monash University anu judul desertasina Splashed by The Saint : Ritual Reading and Islamic Sanctity in West Java..
Nuhun Kang Iip, Julian, aranjeun geus mere pangalaman keur kuring.
Sawala maneuh di PSS (Pusat Studi Sunda) bulan hareup, Januari 2008 dina jejer Teknologi Content Provider Jeung Budaya Sunda, panyatur Insya Alloh ti Telkomsel jeung ti Telkom. Alamat PSS di JL.Taman Kliningan II No.5 Buah Batu Bandung.

Sakitu laporan sawala di PSS tea, hapunten bilih aya hal-hal anu hil.

No comments:

Post a Comment