URANG SUNDA NEUTEUP LANGIT
Ku : MAMAT SASMITA
Tangtu urang Sunda gens mindeng nenteup langit, ti balieula mula, ti
jaman mana boa gé. Gambaranana bisa rnpa rupa, pangpangna nu kapanggili dina
kandaga tradisi lisan. Geura dina babasan paribasa, aya ungkara ”satungkebing langit”, hartina
saeusina-salegana langit. ”Balungbang timur caang bulan opat belas jalan gedé
sasapuan", hartina ihlas. Timur téh nuduhkeun béntang timur (Planet
Vénus), nu rnoncorong. ”Sorot soca
béntang timur sakembaran” ngagambarkeun éndahna sorot panon kénca-katuhu. ”Caang bulan dadamaran”, migawé gaplah.
”Kabedil langit”, kasamaran,. "Keur
béntang surem” hésé rejelci. ”Lalaki langit lalanang jagat” lalaki nu
gagah. ”Jumerit maratan langit ngocéak
maratan jagat" hartina kaleleban.
"Ngajul bulan/béntang ku asiwung”
migawe gaplah.
Dina dongéng jeung pantun gé
teu kurang. Cara Ki Sabeulah (CM Pleyte,1911), nu nanyakeun ka Nu Maha Kawasa,
pangna dirina ngan sabeulali. Nu dipanggihan mimiti panonpoé, sabab
pangkawasana, bisa nyaangan dunya. Béhna panonpoé boboléh, majar nu kawasa mah
Ki Reueuk, mega hideung pihujaneun, sabab bisa ngahalangan caang. Jol ka Ki
Reueulc. Ieu gé boboléh, bari cénah nu pang kawasana mah Ki Batu, nu
ngajungkiring gedé tara ngised. Cék Ki Batu nu kawasa mah jelema, sabab
sakumaha gedéna batu bisa ledis ditugalan keur nyieun tatapakan imah. Cék
jelema nu kawasa mah anging Alloh Nu Murbeng Alam.
Naha Ki Sabeulah mimiti ménta kaadilan téh ka panonpoe? Sigana pédah
nu nyaangan dunya, ayana di luhur, nu kaciri pangrohakana, nu hésé disungsi
jeung dijugjugna. Kecap ”luhur” nuduhkeun posisi saluhureun sirah, sakapeung
sok dihartian luhung atawa agnng, teu béda jeung posisi langit. Di imah gé aya
nu disebut lalangit, posisina di luhur, antara suhunan jeung palupuh. Lalangit
imah sok dirumat, diberesihan sangkan asri teu cakueun. Dina pantun Mundinglaya
di Kusurnah (CM Pleyte, 1907) aya ”sajabaning langit”, tempatna langlayang
salaka domas nu dijaga ku Guriang Tujuh. Sajabaning langit hartina saluareun
langit, ngan tetep nunjuk ka luhur sabab Munding laya di Kusumah ngajugiug ka
dinya téh kudu bisa ngapung.
Leuwih écés dina pantun Lutung Kasarung (CM Pleyte 1911). Apan kieu
dicaturkeunana ”Ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda Kahyangan,
anak déwata, cikalna titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit,
ngabujang di para déwata, kasép taya papadanna, keur meujeuhna teguh cangcut".
Tina ieu gambaran, kahyangan téh ayana di langit, kitu deui aya kecap manggung atawa
panggung hartina di luhur. Dina pantun Lutung Kasarung aya nu disebut
"buana nyungcung” atawa buana luhur, Sunan Ambu, jeung para pohaci. Dina pantun Radén Tegal (JJ Meijer, 1891)
disebutkeun Radén Tegal ”ngadedel lemah nyemprung ngeumbing langit, nyakar méga,
semprung ngapung ka manggung datang kandek kandek, tangan koléang ka handapkeun
deui”.
Di dinya nu kumelip di langit gé di sabit sabit. Antarana, cara méga
pihujaneun disebut ”puhaci cikarapak séah” atawa ”patapaan hujan”, tempat disadana
gelap atawa guludug disebut ”patapaan gugur”, panonpoé, katumbiri jeung téja. Téja
téh cahaya nu kaciri dina sisi méga beulah kulon mun katojo ku panonpoé rék surup,
hérang nyacas saperti disiram ku emas beunang nyangling.
Atuh bulan gé ku urang Sunda mah dipaké dumuk. Enya ku Nini Antéh nu keur
ninun dibaturan ku ucing candramawat. Mangsa bulan keur gedé, keur caang
mambra, bakal kaciri kelemengna. Carana hanjat ka bulan aya nu nyebutkeun
nérékél kana tangkal handiwung nu kacida janglcung, geus deukeut ka bulan aya
nu nyodorkeun tarajé emas. Aya deui nu nyebutlceun tumpak kana méga bodas.
Ucing candramawat téh ucing nu buluna tilu rupa, bodas, beureum jeung
hideung. Buntutna rada cumantél, watekna keur nu ngukut matak kaseundeuhan
jeung babari rejeki. Kecap ”candra” hartina bulan. Malah aya sesebutan candrawulan nyaéta dongéng-dongéng
nu nyaritakeun kaéndahan alam dina rnangsa bulan keur gedé, keur caang mambra.
Cara ngabungbang, mun bulan sumedeng gedé, barudak arulin di buruan. Barudak
rumaja mah, sok mapay mapay tempat karamat, ngalap berkahna.
Mun samagaha bulan, baheula mah sok ramé tatakolan. Majar bulan keur dilegleg
naga, sangkan diutahlceun deui kudu ramé tatakolan. Mun samagaha panonpoe, ieu
gé sok ramé tatakolan, majarkeun panonpoé keur kawin jeung bulan. Ramé
tatakolan téh milu ngareuah-reuah jeung ongkoh sangkan téréh pukah.
Prakna dina tatanén gé urang Sunda. rajeun neuteup langit heula, keur nangtukeun
usum (pranatamangsa). Nu jadi dasarna posisi béntang wuluku nu kaciri di Orion
Belt. Ari bentang wuluku rajeun disebut béntang kidang. Sigana kecap ”wuluku” leuwih dipikawanoh ku nu
nyawah, ari bentang kidang ku nu ngahuma. Baheula mah béntang wuluku téh sok
disebut guru désa, sabab dianggap nu méré nyaho iraha ngamimitian tatanén,
hujan, halodo ka urang désa. Nepi ka aya kacapangan ”unggah kidang turun
kujang”. Enya mun béntang kidang geus
mimiti kaciri di béh wétan jeung panonpoé keur déngdék ngalér, kudu sasadiaan
parabot tatanén di antarana kujang keur nyacar reuma. Sedengkeun di kulon mun
kaciri bintang kerti (béntang ranggeuy), kacapanganana ”tanggal kerti turun wesi”.
"Kerti” téh tina ”kartil
Péréléan ngaran bulan dina sataun usum usuman nyaéta kasa, karo, katiga,
kapat, kalima, kanem, kapitu, kawalu, kasanga, kadasa, hapit kayu (desta),
hapit lemah (sada). Mangsa kasa, karo jeung katiga mah dianggap usum halodo.
Unggah kidang turun kujang téh dina kapat, nyambung ka kalima. Usum kanem keur
ngecrek hujan, manuk belekék abring abringan néangan kahakanan.
Dina kapitu jeung kawalu loba hujan, kalan kalan nepi ka caah, usum megar
endog peupeundeuyan, tangkal kaso mimiti kembangan. Kasanga jeung kadasa, hujan
mimiti ngurangan, paré huma geus konéng jeung geus aya nu dibuat, bangsa kasir,
tonggérét disarada. Hapit kayu jeung hapit
lemah, hawa panas, mimiti rék usum halodo, dangdaunan lalayu, tangkal randu
mimiti kembangan.
Atuh pamayang mun kalangsu di tengah laut, sok alak ilik kana bentang.
Biasana nu sok ditingali téh bentang langlayangan, buntutna nuduhkeun ka kidul,
jadi padoman jalan balik. Kitu deui dina palintangan. Lintang téh béntang, ngan
ieu mah leuwih nujul mun hayang nyaho nasib, cék ayeuna mah méh sarua jeung ramalan
bintang atawa astrologi. Ngitungna tina wedal atawa poé lahir. Mun geus
kanyahoan bisa kapanggih pasipatanana atawa repokna, ku kituna teu ditulis.
Kitu tah, sausap saulas
bagbagan urang Sunda neuteup langit téh. Bobot pangayon timbang
tarajuna mah, mangga nyanggakeun.
(Dimuat dina koran Pikiran
Rakyat rubrik Kalam, Senen 3 April 2017)
BABANGO
Ku : MAMAT SASMITA
Raména sunatan jaman baheula,
antarana, dicaritakeun ku Ahmad Bakri dina Ronggéng Sajajagat (2013). Balandongan keur narima tamu gé aya dua,
lalega, cék nu rahul mah nepi sawidak deupa panjangna. Encan ubug, sasaungan
keur nu digarawé reureuh, aya sababaraha hiji. Teu tinggaleun kebonalas,
iimahan leutik nu pinuh ku dahareun jeung bubuahan diruntuykeun digantung
gantung, dihias dialus alus. Dina derna disunatan, rebun rebun budak sunat geus
dibawa ka walungan sina mandi, sina ngoyok dina cai tiis, sangkan baal.
Sanggeus rada lila, méméh kabulusan, regeyeng budak dibawa ka imah deui,
dibajuan nu anyar. Tuluy sina diuk dina dulang nangkub atawa jubleg nangkub,
ngadangkak dicekelan ku kokolot. Gog
béngkong (paraji sunat) ngajogo hareupeun budak, gereyem mapatkeun parancah,
sangkan budak berekah salamet. Béngkong ngaluarkeun babango, alat keur ngeuneut
kulup. Ngan sakiceup, paling lila memenitan, kalan kalan teu kaciri kumaha
prakna ngagunakeun babango, saking ku geus tapisna.
”Kasép...,” cék béngkong. Ěta téh tandana geus bérés dikeureut. Geus
kitu der deui tatabeuhan leuwih ngageder, leuwih ramé. Nu séjén buru buru meuncit hayam jago nu gedé,
disebutna béla. Hayam terus dibakakak,
diteundeun hareupeun budak pangantén sunat. Sok
nyandingkeun bokor ditutupan ku lawon bodas deuih, keur nyimpen duit
panyecep. Sanggeus rerep ngagetihna budak nu disunaian sok sina maké sarung
ditambahan kujugang nu dijieun tina tapas kalapa, ngarah sarung mudugdug ka
hareup teu ngagasruk kana kulup nu can cageur. Béngkong nu dianggap tapis jeung
alus mun nyunatan, budak pangantén sunat tara ceurik nepi ka gogoakan sarta
babari cageur, dina harti kulup nu dipotong babari garing atawa teu ngagetih loba jeung lila. Cénah ngarah teu ngagetih
loba sok dilampud ku endog hobodasna.
Pakakas keur nyunatan téh aya
tilu rupa nyaéta sumbi, péso jeung babango. Ngan, nu mindeng disebut ku
masarakat umum mah babango. Sumbi téh solobong nu liangna bungbas, panjangna
kira kira 10 cm atawa 15 cm, ari diaméterna kurang leuwih 10 mm, dikira bisa
asup hulu rarangan budak. Sumbi dijieunna aya nu tina kai, awi, tanduk atawa
tulang, dihampelas nepi ka lemes. Gunana keur misahkeun antara kulit kulup
jeung hulu rarangan ulah napel pageuh. Ari péso keur ngeureut kulit kulup. Kumaha baé
pésona mah, asal seukeut. Mimindengna péso cukur nu sok diasahna dina kulit
munding nu heuras semu hideung. Méméh prah maké péso cukur, nu dipaké téh ku
hinis, dijieun mangrupa péso. Péso hinis mindang kénéh dipaké dina abad ka 19
katompérnakeun. Babango, luyu jeung ngaranna dicokot tina rupa pamatuk bango,
nu kuat jeung tara nyalahan nyapitna. Gunana keur nyapit kulit kulup nu rék
dikeureut. Babango gé antarana aya nu disebut babango sopa jeung babango belék.
Cara makéna euweuh nu nyaho iwal ti béngkong sorangan. Tong boro budak dalah
kolot gé teu meunang ningali. Majarkeun pamali, bisi baluas ningalina. Babango
dijieunna tina awi, kai atawa tanduk. Dialus alus malah aya nu diukir sagala.
Wangunna bisa jadi di unggal wewengkon béda jeung deuih gumantung ka béngkongna sorangan. Siga babango ti Cianjur
béda pisan bentukna jeung babango ti Bandung atawa ti Tasikmalaya. Komo babango
belék mah teu katingali cara nyapitna. Mun ningali babango, sigana cara
nyunatan téh ukur diturih atawa disudat (incision) lain diteukteuk kulupna
(circumcision). Luyu jeung éta, cék Akip Prawirasuganda (Upacara Adat di Pasundan,
1964), neukteuk kulup téh geus dipigawé ku urang Sunda méméh Islam datang. Disebutna
disudat atawa disundat, hartina diturih kulit kulupna. Sanggeus Islam asup robah
jadi disunat, diteukteuk buleud kulit kulupna.
Pangaweruh urang Sunda lebah
nyundatan atawa nyunatan katut wangun alatna sahenteuna kudu dihargaan. Najan
kiwari geus taya béngkong atawa paraji sunat nu maké babango, disunat leuwih
percaya ka dokter maké alat alat modéren nu leuwih dijamin kaséhatanana, nu sipatna
tradisi angger kudu dipiéling.
(Dimuat dina PR rubrik
Sundapedia Senin tanggal 8 Mei 2017)