18 June 2011

Carpon : GAGAL

Ku : MAMAT SASMITA       English Version

Kang Sabri cakah cikih. Rék boga hajat gedé. Enya hajat gedé. Lantaran kang Sabri téh Ketua Komisi Pemilihan Umum Daerah Kabupaten. Bulan hareup rék pemilukada. Tah éta hajat gedé téh. Milih pamingpin rahayat.
Cék mang Engkon, juru parkir di pasar, pamingpin téh nu kudu nu daék mayar parkir. Cék Kang Endin, tukang ojég, pamingpin téh nu bisa ngoméan jalan. Cék jang Ukon nu kakara lulus SMK, pamingpin téh kudu nu bisa nyadiakeun pagawéan. Cék mang Uhi, juru tani, pamingpin téh kudu nu bisa nyadiakeun gemuk. Ari cék ma Cioh nu sapopoéna ukur di imah, pamingpin téh kudu nu bisa nyadiakeun harega dahareun nu murah.
Kang Sabri apal pisan ka nu kararitu mah, matakna kacida soson-soson jeung taliti kana pagawéanana. Ti mimiti vérifikasi bakal calon nepi ka lolosna bakal calon.
Ti mimiti nu cageur, dibuktikeun ku surat séhat ti dokter. Nu bageur di buktikeun ku surat kalakuan hadé ti pulisi. Nu pinter dibuktikeun ku ijasah boh ti paguron luhur boh ti sakola lanjutan. Palebah bener, wanter jeung jujur, asa euweuh instansi nu méré katerangan. Cék pikir Kang Sabri, rék husnudon wé. Da euweuh deui alatna keur ngabuktikeun, iwal pangakuan ti jinisna séwang-séwangan.

Tina sababaraha pasangan nu daftar, nu lolos téh ngan dua pasang, nyaéta pasangan Drs Wawan Gunawan jeung Dra Luna Yahya disebutna pasangan Waluya. Nu hiji deui nyaéta pasangan Ir.Hérman Suganda jeung Drs.Rahmat Santosa disebut pasangan Hégar.
Dua pasanganana diondang ku kang Sabri ka kantor KPUD dina acara nandatangan surat kasaluyuan. Duanana kudu satuju dina waktuna kampanye ulah aya pacogrégan. Ulah aya riributan komo mun riributan téh mamawa rayat nu kalan-kalan ukur pipilueun.

Kantor KPUD geus dihias ku rupa-rupa umbul-umbul, dirarangkénan beureum bodas. Kang Sabri maké bendo citak, disamping réréng, atuh baladna sasama pagawé KPUD aya nu maké iket baju salontréng, ngan henteu wé nyoléndang keris atawa kujang atawa bedog mah.
Teu lila leugeudeut datang rombongan Waluya. Teu lila leugeudeut datang rombongan Hégar. Tatamu diperenahkeun di panghareupna, sina diuk dina korsi lir pangantén rék dirapalan. Tamu mah maraké baju biasa, aya nu maké jas lengkep jeung dasina, aya nu maké baju safari, aya nu maké batik. Duka teuing paginding-ginding, duka teuing pasopan-sopan.

Acara dibuka ku kecap Basmallah tuluy maca ayat suci Al-Qur’an. Ditema ku biantara bubuka ti Kang Sabri, teu panjang biantarana téh ukur “Hayu urang sasarengan nongton Tarawangsa, upami réngsé teu kedah dikeprokan”
Breng tarawangsa ngamimitian. Wirahma tarawangsa nu karasa monoton, nyelesep ngahudang rasa, ngageterkeun mamaras rasa. Drs. Wawan Gunawan jeung Ir.Herman Suganda ngarasa lir diusapan ku angin ngahiliwir, ditoélan kana kulit, kana buuk, kana ceuli. Nu ngigel awéwé tengah tuwuh, maké kabaya mawa salempay. Rigigna ngawirahma, malikna lalaunan, euweuh rindat euweuh kelé, manteng kana sora kését tarawangsa jeung jentréng.
Ir.Hérman diukna semu doyong ka hareup, rada oyag-oyagan kabawa ku wirahma tarawangsa. Panon semu peureum, ceuli semu rebing. Pikiran ngalayang ka lawang, ngalayang ka pakalangan, ngalayang ka gigireun. “Ma enya uing éléh ku nu pécékrék kitu?” gerentes haténa. Tuluy semu seuri, pedah ningali Luna Yahya, awéwé bayuhyuh jangkung badag.
Drs.Wawan diukna semu ngadayagdag, panon semu peureum, ramo leungeun utek-utekan ngilu wirahma tarawangsa. Pikiran ngalayang ka lawang, ngalayang ka pakalangan, ngalayang ka gigireun. “Cadu éléh, najan harelung jangkung gé moal ditarajéan” kitu pikirna. Tuluy semu seuri, inget kana film Kungfu Panda, awak jangkung badag apan guruna mah leutik pécékrék.
Béhna dina nimbang-nimbang lawan téh diijir tina pangawakan heula, nu kaciri junggiringna.
Kését tarawangsa nyebitan rasa, jentréng nyintreukan ati. Pung ka luhur koléang ka handap. Diayun ambing digeubig-geubig. Réngkak nu ngibing semu ngalayang siga keur tumpak méga. Gerak leungeun lalaunan dipisieup ku gebay salempay. Lir nyieun gurat ipis kandel teu pegat-pegat. Meulit diri meungkeut raga jeung sukma, kakalayangan antara aya jeung euweuh, antara kosong jeung eusi.
Drs.Wawan ngilu oyag-oyagan. Ir Herman ngilu eundeuk-eundeukan. Kang Sabri unggut-unggutan.
Pintonan tarawangsa réngsé, ukur tilu lagu.

Térétét sora tarompét, kendang ngabangplak, goong ngungkung. Pintonan kendang penca makalangan. Jol barudak leutik, ibing rampak. Kewes pantes, kasép jeung geulis. Baju singset, baju penca, sirah maké iket. Kendang dina wirahma tepak dua. Peureup buleud, beungeut dangah, rancingeus.

Ir.Herman ngisedkeun awak, robahna wirahma tina tarawangsa kana kendang penca mawa beunta.
Nu kaciri lapangan lega, jalma noyék ayeuh-ayeuhan. Di tengah lapang geus ngajega Drs.Wawan, maké pangsi, calana nengah bitis. Gajleng Ir.Herman muru tengah lapang, sarua maké pangsi calana nengah bitis, dada ngaliglag.
Di dieu tempatna patutunggalan, di dieu tempatna jogol. Nya ayeuna nangtukeun saha nu punjul. Nya ayeuna ngetrukeun élmu panemu. Nya ayeuna mintonkeun wewesén diri.
Nu lalajo beuki meuweuh, ayeuh-ayeuhan, éar surak ting gorowok
“Smack down”, “Banting”. “Tonjok”, “Beubeutkeun”.
Sup ka pakalangan ti Panwaslu, jadi wasit nu rék tarung. Terus ngarampaan awak nu rék tarung, bisi mawa pakarang. Cék nu ti Panwaslu “Aturanana teu meunang ngadengkék komo ngadengkék ku kélék, teu meunang nyekék jeung teu meunang ngomong deuih”.
Nu ti Panwaslu undur, nyerangkeun ti kajauhan. Nu lalajo ger surak, asa kaindit, ningali bakal pamingpin rék tarung, rék silih tonjok..
Nu rék tarung duanana kunyam-kunyem mapatkeun ajian. Ajian batara karang, ajian semu gunting, ajian sentak dulang, ajian belut putih, ajian pupul bayu. Kabéh jampé pamaké hadir.
Duanana atar, sirintil, jedak. Teu béda jeung nyirintilna domba adu. Garapakna, bintihna teu béda jeung hayam jago keur diadu. Mun kungsi lalajo film kartun Naruto atawa The Legend of Aang, siga kitu ting aranjlengna, siga kitu silih gitikna, siga kitu silih bantingkeunana.
Duanana dangah, duanana tanggah, duanana ngahégak. Késang ngorolok tina tarang, tina kélék, tina dada. Duanana nagen, duanana mugen embung éléh.

Wirahma kendang penca geus ganti ku tepak palérédan. Tepak kendang leuwih gancang manan tepak dua. Blus ka pakalangan barudak rumaja, demonstrasi penca, ulin bedog, ulin trisula teu kaliwat. Beuki beurang héab panas di aula KPUD beuki karasa, nu hadir loba nu kikiplik ngageberan awak, ku koran, ku buku, ku dampal leungeun. Gurilapna bedog diulinkeun, dipuihkeun lir kolecer, jadi taméng tina sagala serangan lawan. Nyodok digilekeun lir nurih wajit, mun dikeplaskeun lir nyacar bolang.
Ditungtungan ku padungdung, para guru sapagorun makalangan, ulin rapet, siga silih usap teu tanagaan. Tanaga museur dina kuda-kuda, tapi mun geus meupeuh tanaga pindah kana puhu leungeun mapay kana peureup. Kelid jeung jeblag pataréma.

Nu keur ragot patutunggalan di lapangan lega, can lekasan. Nu hiji nyéréd nu hiji ngagilek, nu hiji nyépak nu hiji ngagiwar, nu hiji meupeuh nu hiji ngeploskeun..
“Beu aing éléh yeuh” kitu gerentes haté Ir.Hérman bari napas ngahégak.
“Kasoran yeuh” kitu gerentes haté Drs.Wawan bari tuur ngeleper.
“Enyaan bedas si jangkung téh”
“Enyaan liat si pécékrék téh”
Nu lalajo beuki susurakan, malah aya nu nakolan kaléng, aya nu nakolan kendang, aya nu niup tatarompétan, teu puguh déngékeuneun lir sahéngna sora mengrebu-rebu éngang.

Tepak padungdung eureun ngagentak, ditungtungan ku sora goong. Jep jempling.
Kang Sabri nangtung pok ngomong “Milih pamingpin sanés ku jalan silih bobok silih tarok, silih tonjok, jogol patutunggalan, pacowong-cowong genggerong. Tarawangsa masihan tangara ngahijina antawis lahir sareng batin, ngahijina raga sareng sukma. Masihan tangara yén ucap sareng lampah téh kedah saluyu, ulah pakia-kia. Ari dina silat, leres nu katingal rigigna raga, rancingeus tur kesit, ngagambarkeun séhat jasmani sareng rohani, papagonna ngabéla bebeneran, teu kénging sahaok kadua gaplok. Salajengna badé dipintonkeun Sintrén, ieu mah perlambang, hirup téh ulah dugi ka ngalaman diborogod, dibangkol, dibaguded ditalian komo ku alatan basilat, karooh ku duit saeutik. Ampun paralun sanés sim kuring nyanyahoanan, ieu mah étang-étang ngabéjaan bulu tuur”.

Ir.Hérman asa kagebah tina lamunanana tuluy ngarérét ka Drs. Wawan, sabalikna kitu. Duanana silih unggeuk. Ting kusiwel ngaluarkeun sapu tangan keur ngelap késang dina tarang. Ngusap beungeut ku dua dampal leungeun.

Pintonan diganti ku Sintrén. Sora buyung ngablep-blep digepluk-gepluk ku hihid atawa ku karét urut sendal capit, lodong awi jeung kecrék tina sapu nyéré lir ngadéngé wirahma buhun. Nu tari sintrén budak awéwé lanjang dibaguded ku tambang. Siga sulap mun geus kaluar tina ranggap tali geus leupas , baju geus ganti, dina itungan detik. Sarua ieu gé ukur tilu lagu. Nu tari sintrén maké kacapanon hideung mun dibalédog ku duit sok terus ngarumpuyuk, jagjag deui mun geus dijampéan.

Sanggeus acara pintonan kasenian réngsé, acara undak kana nandatangan surat kasaluyuan yén kampanye kudu aman. Para calon pamingpin kabéh nandatangan disaksian ti aparat kaamanan. Tuluy aya biantara singkat disambung ku sasalaman.
Bereyek téh nu hayang sasalaman aya ratusna jalma, kabéh tukang baramaén, tukang ngamén jeung kindeuw. Aya nini-nini, aya aki-aki, aya budak, aya awéwé, aya lalaki. Aya nu pinced, aya nu jagjag belejag, aya dogér monyét, aya nu mawa hitar, aya nu mawa suling jeung rupa-rupa.
Ngantay sasalaman ka calon pamingpin. Aya kajadian lucu, monyét nu sok dibawa ku tukang dogér monyét, terus namprak ménta duit bari panon culak cileuk. Ari geus dibéré duit sarébu mah terus ngajleng kana taktak nu mawana.
Acara sasalaman réngsé, ngong kang Sabri ngomong “ Acara parantos lekasan, hatur nuhun ka sadayana, mugia ieu acara janten tatapakan urang sadayana. Hapunten anu kasuhun bilih kakirangan itu sinareng ieu, malih dina ieu acara teu aya tuang siang, margi tuangeun séép dibagikeun ka rombongan duafa tadi, hayu urang tutup ieu acara ku nyebat Hamdallah”
Rob wartawan ngaronom kang Sabri, ditanya itu jeung ieu, utamana nu nanya téh kunaon bet malah nanggap kasenian. Nepi ka aya nu nanya kunaon euweuh dahar sagala najan bari heureuy, Kang Sabri ngabamblam ngajawab sakabéh pananya ti wartawan. Cek kang Sabri pangna nanggap tarawangsa, kendang penca jeung sintrén lantaran euweuh larangan dina statuta KPUD, kitu deui ngondang kaom duafa.

Saminggu ti harita, ka KPUD datang rombongan pasangan Waluya. Najan keur riweuh kang Sabri kapaksa nepungan. Pasangan Waluya ngébréhkeun pamaksudanana, nyaéta rék ngundurkeun diri tina pemilukada. Demi alesanana ngarasa moal bisa méré dahar ka rahayat jeung ngarasa moal bisa jujur ka diri sorangan. Pedah éta geus sasalaman jeung nu baramaén sakitu lobana, boa boa jumlah nu saenyana puluhan rébu, kitu pokna. Keur kitu kurunyung deuih rombongan pasangan Hégar, sarua tujuanana rék ngundurkeun diri. Alesanana ngarasa teu apal ka daérah nu rék dipingpinna, tibatan salah léngkah cenah. Pedah éta geus lalajo tarawangsa jeung sintrén, majarkeun sieun dibangkol sanggeus léngsér kaprabon. Dua pasanganana siap dihujat, disalahkeun ku partéy nu ngarojongna, tibatan disalahkeun ku rahayat engkéna.
Kang Sabri melengek, ngahuleng salila-lila, lir bueuk meunang mabuk. Késang tiis mimiti renung dina tarang, beungeut pias, leungeun ngeleper, titingalian ririakan, rumpa-rampa teu puguh cabak.Naha jadi kieu?. Kang Sabri amitan heula, rék wudu cenah. Nyecepna cai kana beungeut, kana leungeun kana suku ditambah ku doa nu ihlas, kang Sabri teger deui “Aing gé rék ngundurkeun diri, aing gagal milih pipamingpineun téh, boa-boa kawalat dina acara nandatangan kasaluyuan kampanye aman téh teu ditutup ku doa” kitu gerentes haténa.

Isukna, “Ramé-ramé mundur, Ketua KPUD jeung 2 pasang Calon Pamingpin Tingkat II mundur” kitu béja utama dina unggal koran nu medal. Dina télévisi jadi bahan obrolan, dina radio, dina internét, di warung kopi, di sisi jalan, di mana mendi.
Cék jang Ulé tukang loper koran “Dasar bodo”.
“Bodo kumaha?” cék batur jang Ulé.
“Enya bodo wé, ayeuna mah néangan duit nu haram gé hésé komo nu halal, ari ieu rék dijenengkeun kalah mundur”.
“Teuing ah, keur uing mah aya pamingpin jeung euweuh pamingpin téh teu karasa bédana, angger wé hirup susah. Tapi Ketua RT jeung Ketua RW mah perlu euy keur nyieun surat miskin” ditungtungan ku seuri ngagikgik.
Dina acara talkshow di télévisi cék juru titén nu diondang “Mémang bener, mun ngarasa teu sanggup jujur mending mundur ti anggalna”
Ditempas ku lawan ngomongna “Rék jujur kumaha gajihna kepala daérah tingkat dua téh ngan tujuh juta rupia sabulan, ari lifestyle tujuh juta sapoé”
Rék ditémpas deui kaburu panumbu catur ngomong “Curhat nih yé. Ké pa koméntarna mah saparantos acara commercial break”.

(Dimuat dina Tribun Jabar Saptu 18 Juni 2011)