30 April 2011

CARPON : WASTU DI WASTU


Ku : MAMAT SASMITA

Sanggeus solat magrib, kang Sabri ngadekul deui digawé, nganggeuskeun hanca tadi beurang. Poé isuk tabuh 8 isuk-isuk kudu geus kaiangkeun, karangan bunga keur nu kapapténan, pesenan ti gegedén.
Kira-kira bada isa keur ngadekul digawé, ngaroncé kekembangan, kurunyung aya dua jalma, nu hiji geus kolot jeung nu budak kénéh, kira-kira umur dalapan taun. Nilik kana papakéanana rada ahéng, komo nu budak mah da awak ngaliglag, ukur maké baju siga rompi, teu dikancingan, ngaliglag palebah dadana. Demi nu geus kolot mah maké baju sarwa hideung. Duanana maké totopong, teu maraké sapatu dalah sendal gé teu maké. Nu geus kolot nyoléndang éndong. Beungeutna teu pati teges
Duanana cingogo hareupeun kang Sabri, siga nu nelek-nelek pagawéan.
“Aralus kembang téh, euweuh di kula mah kembang nu kitu” cék nu budak bari nujuk ke palebah kembang tulip.
“Baraha regana?”
“Dua puluh rébu sagagang”.
“Nukeuran hiji keur si tétéh”
Budak neuteup ka baturna nu geus kolot, nu geus kolot tuluy unggeuk.
Nu geus kolot ngukuy tina éndongna, sigana nyokot duit.
“Dia montong loba carék tarima ieu panukeuran” bari mikeun duit képéng tilu siki. Kang Sabri teu bisa majar kumaha, sidik kaciri leungun jelema aya ku badag, pigeulang maké geulang akar bahar, riuk beungeut semu molotot, hadé amprotan, kumis baplang sangga dulang. Sora handuruan, matak sawan nu épés méér. Mun lawan hojah téa mah geus pasti moal manggapulia.
“Anak raja teu meunang dipungpang, jeung dia teu meunang luak lieuk” kitu pokna ngaharéwos kana ceuli kang Sabri.
“Hayu Elu (jalu)” bari ngajéwang leungeun budak. Duaan ngungkug cepet ka wétankeun, kang Sabri nyérangkeun, sakiceup budak leungit, tinggal ngungkug nu kolotna, kang Sabri gigisik, duanana geus ngiles, kang Sabri teu wani luak lieuk
Kajadian nu ukur memenitan, kang Sabri hémeng kajadian naon bieu téh, leungeun nu masih ngeukeuweuk duit képéng tilu siki, dialak ilik, duit jaman kabaheulaan.
“Anak raja?, raja timana boa?” gerentes haténa.
Kang Sabri ngilikan érlojina, tabuh dalapan leuwih saparapat, dekul deui gawé, angkanan rék balik tabuh salapan. Kios kembang nu séjén geus pada tutup ti magrib mula, aya gé nu muka ditungtung beulah wétan nu padeukeut jeung pos jaga, sarua manéhna ge keur ngadekul nyieun karangan bunga nu kawinan.
Nyieun karangan bunga ka nu kapapaténan mah sok rada lila, lantaran euyeub ku tulisan, jeung ongkoh tulisanana kudu ku kembang kelir konéng. Tah palebah néangan kembang kelir konéng nu rada hésé téh. Teuing timana jeung kumaha mimitina nepi ka nu kapapaténan sok maké kelir konéng, teuing pédah mun aya nu kapapaténan keur calecerna sok maké bandéra kelir konéng.
Bari ngadekul digawé, pikiran kang Sabri kumalayang kamana horéng, geus puguh ari kajadian bieu mah asa dina kongkolak panon baé. Kaciri kénéh leungeun nu hideung lestreng, urat ranteng babalingbingan, matak ginggiapeun.
Selengseng aya bau kembang, asa ahéng bau kembang ieu mah, lain bau sarupaning kekembangan nu aya di kiosna. Da apal kacida kana bau kembang mah, magtaun-taun jualan kembang. Sabataé mun teu apal bau kembang téh. Bari ungas ingus kang Sabri bébérés, pagawéan geus anggeus isukan tinggal ngirimkeun, karangan bunga pesenan ti gegedén keur nu kapapaténan, gubernur manten geus lastari tadi beurang, isukan rék dikurebkeun.

Teu kanyahoan ti mana jolna, dihareupeun kiosna aya nu ngabedega, jalma geus kolot maké baju komprang nengah bitis, diudeng, janggot ngarumbay bodas, kumis bodas, nyoréndang éndong.
“Tong wara indit, Tohaan arék datang” kitu pokna.
Kang Sabri ngaheugeu, teu ngarti, ngajubleg, diuk dina jojodog urut gawéna. Rarasaan kang Sabri aya angin ngahiuk neumbag awakna, nyecep tiis.
Hareupeun kios aya nu ngaburicak lir cahaya kembang api, cahaya lalaunan leungit diganti ku jirim maung lodaya ditumpakan ku jajaka. Kang Sabri calangap, kesang tiis renung dina tarang, tuur ngeleper.
Maung depa. Jajaka turun tina tonggong maung.
“Kaka cageur?” kitu pokna ngomong ka kang Sabri. Sorana semu haroshos.
“Lawas teu panggih, baheula kula keur budak datang nukeuran kembang keur si tétéh”
Kang Sabri beuki bingung, naha apan kakara bieu, aya budak leutik nukeuran kembang, can liwat sa-jam.
Keur kitu jol hansip nu jaga peuting di pasar kembang datang, ampir ngocéak ningali maung lodaya keur depa. Ngan sakilat jalma nu janggotna bodas ngajleng, kek punduk hansip ditéwak jeung sungutna ditungkup.
Bari ngagerem pok ngomong :”Dia cicing tong loba carék, déngékeun yuwaraja”. Awak hansip didedetkeun sina deku, terus diuk sila digigireun manéhna.. Hansip awakna ngadégdég, lilinieun, panonna teu wani beunta, ambekan ngahégak, sieun ditekuk maung.
Jajaka sang yuwaraja pok ngomong ka kang Sabri :”Si Tétéh nganuhunkeun geus dibéré kembang tulip, atoh kacida, kembang dinangnanéngné, diambung, dipisieup dijieun hiasan gelung. Ayeuna tétéh geus lastari di wétan, ngababatang béla ka kahormatan. Kaka, kula hayang nyieun roncé kembang sing alus, tuluy terebkeun di walungan nu nunjang ngidul”.
Jajaka sang yuwaraja tapak deku, ngaheruk, kagambar keureut beungeut nu jadi lanceuk, ngaheneng salila-lila.

Jurungkunung nangtung, ngabedega nulak cangkéng. Awak sembada, ngariab buuk panjang sataktak, mata beureum, dada ngaliglag, ngagerem jero matak keueung kadéngéna “Ngaing Wastu, anak diraja Lingga, amang kula Bunisora, ngalap weruh di Bojong Emas, hamo gedag bulu salambar, hamo undur satunjang béas, teuas tanding wesi, bedas rosa manan caah”. Jep jempling sakuriling bungking, angin cicing, cai cicing, seuneu cicing, cihcir cicing.
Jajaka sang yuwaraja dangah neuteup langit, ngalanglang méga, ngalinjing néangan tanding. Ngagolak dada, ngagugudug napsu, béla pati males kanyeri.
Kolébat babatang ngalayah patunjang-tunjang, dina perang euweuh nu meunang, dina perang kabéh ngarangrangan. Kawasa cumampaka, kawasa ngagalaksak, kawasa ngagunasika, kawasa ngabinasa, kawasa mawa deleka.

Hiliwir angin nyaksrak bitis, raharja, rahayat kudu raharja, cep tiis ibun peuting, raharja, rahayat kudu raharja. Aing lain ngaberung napsu, aing lain uyah kidul, aing lain duruwiksa.
Ngomong ngagereyem, lir mapagahan diri, jujur adil palamarta, gemah ripah wibawa mukti, gemah ripah répéh rapih, silih asah silih asih silih asuh, somah éta kaula éta, hadé gawé hampang birit, saré tamba tunduh, dahar tamba lapar, nginum tamba hanaang, banda pakaya sasampiran. Kawasa mawa raharja, kawasa ngabagi tingtrim, kawasa sumerah rasa, kawasa sumerah raga.
Gelebug angin neumbag, seuneu ngaléok mijah, cai séah milu mijah, cihcir ngingkring kabawa mijah.

Jajaka sang yuwaraja ngilikan karangan bunga beunang kang Sabri bari ngomong :”Hadé gawé kaka, tong poho kula pangnyieunkeun hiji, laju terebkeun di walungan nunjang ngidul keur tétéh Diah”
Kang Sabri unggeuk semu murengked, hansip sila mendeko teu wani tanggah.
“Kula pamit kaka, hayu Ambuing” kitu cék jajaka bari ngagupay maung lodaya. Maung nangtung, kéclak jajaka kana tonggongna, gajleng maung luncat ka madhab papat, les leungit. Kang Sabri mata simeuteun, hansip kitu deui, sarérétan aya maung ngajleng ka kidul, ka kalér, ka wétan jeung ka kulon.
“Dia duaan tong sieun, kami datang ti liang cocopét, kami balik ka liang cocopét, tong poho pesenan Tohaan, isuk peuting roncé kembang palidkeun tuh dina walungan itu, ieu képéng kaayeunakeun asli keur gantina. Reungeukeun engké bulan hareup mangsa bulan keur gedé, yuwaraja rék diistrénan jadi raja” kitu cék nu nu janggotan bodas bari ngasongkeun duit saratus rébuan lima lambar ka kang Sabri.
“Kula amit” rikat nukangan, kencling indit ngingkig ka kulonkeun.

*
Isukna di pasar kembang Wastukancana éar, hansip ngabamblam boga bahan carita, majarkeun kang Sabri didatangan ku maung Siliwangi. Carita sajeungkal jadi sahasta, carita sahasta jadi sadeupa. Aya nu cacarita kang Sabri meunang bagja, aya nu cacarita kang Sabri meunang bahla.
Sanggeus bérés ngirim karangan bunga ka nu kapapaténan, kang Sabri dekul deui digawé nyieun karangan bunga pesenan Tohaan, kitu kang Sabri nyebutna, angkanan rék dipalidkeun engké peuting di Cikapundung gigireun pasar kembang. Hadé gawé, hadé gawé, kitu jeung kitu nu mulek dina pikiran kang Sabri. Hadé gawé teu ngabati kaleuleuwihi, hadé gawé tigin kana jangji nganggeuskeunana, hadé gawé jujur prak-prakanana, hadé gawé méré dahar halal ka kulawarga. Kang Sabri ngarahuh mun inget mindeng dipénta kuitansi kosong ku pagawé ti instansi pamaréntah.

*
Jam sapuluh beurang jang Ulé kakara nguniang hudang, atlit silat manten, lajang, gawé di animasi house production meunang béasiswa sakola S2 widang IT, ngaran lengkepna Déni Sulaéman rajeun disebut jang Ulé ku babaturanana.
Jang Ulé diuk dina korsi, regot nginum cai téh bari, nyecep tiis kana tikoro. Cék pikirna ampir wé katohyan, mun teu buru-buru punduk hansip ditungkup jeung dibekem. Jang Ulé seuri sorangan waktu inget nyebutkeun liang cocopét, sabenerna nu dimaksud téh liang cacing tarjamah tina wormhole dina hasanah tiori astrofisika. Kajeun ah, kitu pikir jang Ulé, pédah rasana aya nu tibalik, kuduna nu rélatif angger umurna nu ngalakonan asup kana liang cocopét nyaéta Wastu, sedengkeun nu ditinggalkeun, kang Sabri, kuduna rélatif leuwih gancang ngolotan. Jang Ulé gé seuri sorangan pédah nyebut yuwaraja, maksudna ambih kaciri buhun, hartina yuwaraja téh putra mahkota cék hiji buku mah sarua jeung harti tohaan.

Sabenerna nu jadi bahan ulikan jang Ulé keur tésisna nyaéta hologram. Cék jang Ulé tiorina mah hologram téh nyaéta potrét tilu dimensi nu dijieun maké sinar laser. Mimiti potrét ditojo ku hiji sumber sinar laser, tuluy éta sinar laser téh ditégtogkeun deui kana potrét mimiti, ngabalukarkeun aya interférénsi cahaya hartina cahaya téh nyampur, éta cahaya nu nyampur téh dirékam deui atawa difoto deui. Hasil foto interférénsi cahaya nu mangrupa gurat dégradasi cahaya mun disorot deui ku sinar laser bakal kaciri aya gambar tilu dimensi nu méh sarua jeung foto aslina. Tina tiori ieu Jang Ule ngamekarkeun animasi 3D nu sapopoé digugulung ditempat gawéna jadi hologram.
Jang Ulé nyokot éndong, tina jero éndong dikaluarkeun laptop, alat sinar laser portabel, DVD sababaraha hiji jeung bedog nu tadi peuting disorén, dina pérah bedog dipasang radio kontrol , wilah bedog jadi anténe. Radio kontrol ieu nu dipaké ngahirupkeun jeung ngagulak-gilek hologramna. Ari sora mah maké téhnik sora tina beuteung siga Ria Énes jeung bonéka Susan. Tina éndong gé dikaluarkeun janggot palsu, kumis palsu jeung buuk palsu.

*
Sababaraha poé ti harita, jang Ulé sakalian balik ti tempat kuliahna, sempet ulin ka pasar kembang Wastukancana, pangalaman kang Sabri didatangan ku maung Siliwangi jadi sabiwir hiji, jadi carita ahéng. Malah cenah waktu kang Sabri malidkeun karangan bunga ka Cikapundung, walungan nu nunjang ngidul, dibarengan ku sababaraha jelema. Duka teuing naon maksudna, ngan aya nu nyebutkeun majarkeun ngalap berkahna. Ngadéngé béja kitu téh keur jang Ulé mah kacida sugemana sabab percobanana dianggap hasil, mun nurutan tukang sulap nu sok manggung dina télévisi sanggeus bérés sulapna sok nyebut :’Sempurna”, najan karoroncodan duit lima ratus rébu rupia. Dina jero haténa jang Ulé hayang sakali deui nyieun percobaan hologram mangrupa gegedén pamaréntahan, pabeubeurang datang ka pasar tradisional nu bécék, nu barau runtah, nanyakeun harga béas, harga minyak goréng atawa harga kadaharan séjénna, api-api boga émpati ka rahayat nu keur ngocéak sagala mahal.●

(Dimuat dina Tribun Jabar Saptu 30 April 2011)

18 April 2011

SIRIT BATARA

Ekor puting beliung atau angin puyuh, sering disebut Sirit Batara. Hari Senin 18 April 2011 sekitar jam 14.16 nampak putih memanjang di Bandung Selatan.
Saya memotret dari depan rumah (Perumahan Margawangi Margacinta Bandung). Sirit batara tersebut tidak lama kemudian menghilang, dan terjadi hujan yang cukup deras.