14 April 2010

NASIB KUDA MANG ATEP

Ku : MAMAT SASMITA

Cek Arysio Santos, akademisi ti Brasil nu nulis buku Atlantis yen Atlantis teh di Indonesia, kataji aya guaran perkara basa, cenah mah Sri, di urang kawentar Sangyhang Sri, dewi pare, asalna tina basa Dravida tina kecap arici atawa sarici hartina pare, tuluy eta kecap arici atawa sarici teh sumebar ka mancanagara. Di urang mah jadi Sari tuluy jadi Sri rajeun sok ditulis Çri, ari ka Inggris jadi rice, ka Yunani jadi ryzoma, ari dina basa Latin jadi cerealis. Di urang ge aya nu disebut cere, salah sahiji jinis pare. Dina ieu tulisan lain rek ngabahas eta, da teu kaawakan, teu kaelmuan maksud teh, eta mah bagian ahli lungistik.
Nu rek ditulis teh nyaeta perkara Mang Atep, lain Atep Kurnia pamaen Persib, tapi Mang Atep nu imahna di Cieunteung Bandung Kidul. Dina mangsa keur usum ngijih mah urang Cieunteung teh sok degdegan lantaran mindeng kabanjiran ti Citarum.
Ari rek nyebut Mang Atep teh sok rada asa-asa, sieun disangka cadel. Ngaran Atep teh meureun tadina mah tina Asep ari Asep pastina tina kecap kasep, sok aya deui nu nyebut Acep, Encep, Cecep, Ecep, Aep atawa Eep. Kitu teh lain keur ngaran lalaki wungkul da ngaran awewe ge kitu, aya Eulis, Euis, Iis kadituna aya Lilis, pastina eta teh tina kecap geulis. Nilik ka dinya meureun kecap Sari (pare) teh bener asalna tina basa Dravida nepi ka kapanggih kecap Sri masih keneh saakar jeung kecap rice dina basa Inggris, sigana sarua we prosesna siga kecap kasep jadi Asep jadi Atep atawa jadi Cecep.

Mang Atep sapopoena boga kasab jadi kusir delman, teuing delman teuing sado atawa kahar nu kitu teh, rada hese ngabedakeunana jaman kiwari mah. Mangkalna sok di pasar Dayeuhkolot, kitu we ngakut ibu-ibu nu tas balik atawa nu rek ka pasar. Hasilna mah lumayan da bisa ngabayuan anak jeung pamajikan malah mah aya anakna nu nyuprih elmu di paguron luhur. Sanajan hirup pas-pasan teu weleh dilakonan, da inyana sadar euweuh deui kasab sejen nu dikawasa luyu jeung pangabisana. Sadrah kana kadar, najan kalan kalan osok ngarasula, geuning nasib teh teu robah-robah. Geus ampir tilu puluh taun jadi kusir, sugan nambahan kahar atawa nambahan kuda da henteu. Panghasilan teh plus plos we keur kaperluan sapopoe.

Mang Atep keur guligah manah, lain pedah inget ka bebene atawa ka kabogoh mangsa keur ngora, ieu mah lantaran padumukanana kacaahan. Jadi buntu laku, usaha ge pugag, padahal pan beuteung mah teu nyahoeun keur caah, mun geus waktuna pasti nagih eusi. Lain ngan ukur dirina, anak pamajikanana ge sarua. Mana boga nu leutik keneh deuih, disebut leutik teh kitu lah umur dalapan taunan, keur meujeuhna gembul barangdahar. Geus ampir dua minggu lembur Cieunteung kakelem caah, kitu deui pasar Dayeuhkolot. Cai semet dada, pasar ngemplang jadi situ dadakan. Cek pangrasa Mang Atep caah taun ieu mah asa leuwih rongkah, inget keneh taun kamari mah caah teh ukur kana cangkeng, ari taun ayeuna suhunan imah ge ampir kakelem. Atuh saanak pamajikan kudu gura-giru ngungsi, banda pakaya nu aya di imah dibawa, teu rea nu bisa kabawa teh ukur nu bisa diakut ku delman, jeung disuhun ku saanak pamajikan.
Sanajan ngungsi kitu teh meh unggal taun, unggal usum ngijih. Tapi angger we matak keuheul, ngangres, baringsang, na caah teh teu euih euih. Keur usum ngijih matak caah ngagulidag, keur usum halodo walungan teh bau pinuh ku kokotor. Piraku euweuh nu mikiran mah, pan urang teh boga pamarentah, loba nu palinter, loba nu ngaku kawasa. Geura sok lamun dina mangsana kampanyeu nu harayang dipilih ku rahayat, apan sakitu aramisna jangjina teh. Awong-awongan ngomong, dedepean adab lanyap, da aya kahayangna ti rahayat. Asa euweuh karasana gunta-ganti pamingpin teh. Geus ah ngarasula wae mah euweuh tungtungna, nasib rahayat mah ditangtukeun ku nyiar kipayah sorangan.

Nu kacida dipikiranana ku Mang Atep teh nasib kudana. Mangkaning kuda teh keur Mang Atep mah sasat panumbu umur. Keur caah sakieu upluk aplakna, kamana kudu neangan parabna. Ngarit, ngarit jukut dimana, apan sakuriling bungking keur kakelem ku cai. Ma enya kudu diparaban ku mi instan mah, sadirieunana Mang Atep jeung kulawargana mah leuheung da sok aya bantuan beas jeung mi instan, ari keur kuda? Da euweuh nu mogramkeun mere bantuan keur ingon-ingon, keur kuda hususna. Meri onaman loba cai teh meureun resepeun we ngojay kaditu kadieu. Rek menta bantuan ka RT atawa ka kalurahan, ngumaha parab kuda sigana moal didenge, boa bakal diseungseurikeun. Ari ketua RT mah geus puguh tong boro mikiran batur apan dirina ge sarua imahna kakelem. Duka teuing ari gubernur atawa bupati atawa anggota DPR(D) mikiran kuda teu nya, kuda nu Mang Atep, lain kuda tunggangan nu sok diluis-luis ditatap diusap ku nu baroga duit. Tapi ketah tingkat bupati atawa gubernur mah teu kudu mikiran kuda nu Mang Atep, perkara cetek nu kitu mah. Nu kudu dipikiran teh kumaha sangkan caah atawa banjir di Bandung kidul taun hareup bisa kaungkulan, ulah ngan ukur diseminarkeun wungkul. Upama teu bisa ngungkulan tong hayang jadi gubernur atawa bupati atuh. Karunya kuda Mang Atep bakal katalangsara unggal usum ngijih.

Bandung keur hujan ngagebret Maret 2010
(Dimuat dina Cupumanik No.81 April 2010)

============================================================

CUPUUMANIK majalah bulanan basa Sunda. Upami bade ngalanggan tiasa langsung pesen ka Redaksi / Bagian Pemasaran. alamat :
Jl. Taman Kliningan II No.5 Bandung
Tlp 022-7310625