08 August 2009

MUSEUM SRI BADUGA

Laporan : MAMAT SASMITA

Museum teh cenah asalna tina basa Yunani, museion, nu hartina salah sahiji wangunan suci pikeun muja Salapan Dewi Seni jeung Elmu Pangaweruh. Tina salapan dewi eta aya nu disebut Mouse anakna dewa Zeus jeung istrina Mnemosyne. Museion. Lian ti dianggap suci museion teh jadi tempat ngumpulna para cendekiawan pikeun silih simbeuhan elmu jaman harita. Kiwari harti museum teh nyaeta hiji lembaga nu sifatna tetep, teu neangan kauntungan, ngaladenan kaperluan masarakat jeung ngamekarkeun eusina, dibuka pikeun umum, ngarawatan banda budaya, mamerkeun keur tujuan pendidikan, panalungtikan.
Ari di Bandung aya Museum Negeri Jawa Barat nu disebut Museum Sri Baduga tempatna di Jl. BKR No.185 Bandung, deukeut Tegallega.
Keur ngaguar kabeungharan museum Sri Baduga, Pusat Studi Sunda tanggal 17 Juli 2009 ngayakeun sawala bulanan nu jejerna Kabeungharan Museum Sri Baduga, nu jadi panyaturna Nana Mulyana ti Museum Sri Baduga.

Kasang tukang jeung sajarahna.

Titilar karuhun nu bacacar di Tatar Sunda kaitung loba boh nu geus rek musnah boh nu aya keneh dikieuna. Kamekaran hiji budaya lumangsung terus ngigelan sajarah masarakatna tur luyu jeung pasangsurudna pola kahirupan. Keur ngawadahan titilar karuhun tadi nya perlu ngadegkeun hiji tempat nu disebut museum. Rarancang ngadegkeun museum negeri Jawa Barat ti mimiti taun 1974, tempatna ngagunakan urut gedong kawadaan Bandung, hareupeun Tegallega. Legana lahan nu dipake 8.415,5 meter pasagi.Sabagian tina gedong urut kawadanaan tetep dipertahankeun luyu jeung aslina. Kahayang ngadegkeun museum di Bandung teh tangtu aya samemeh taun 1974, ngan hanjakal teu kapaluruh saha-sahana nu ngamimitian boga pokal kitu.
Museum Negeri Jawa Barat resmi dibuka tanggal 5 Juni 1980 ku Menteri Pendidikan Dan Kebudayaan RI, Dr Daud Joesoep dibarengan ku Gubernur Jawa Barat, H. Aang Kunaefi. Tanggal 1 April 1990, sanggeus meh sapuluh taun diresmikeun, kakara ditambahan ngaranna jadi Museum Negeri Jawa Barat “Sri Baduga”, ngalap ngaran gelar raja Pajajaran nu jeneng ti taun 1482 nepi ka taun 1521. Sedeng operasionalna aya dina panalingaan Dirjen Kebudayaan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
Sanggeus jaman otonomi daerah robah deui jadi Museum Negeri Sri Baduga tur jadi UPT (Unit Pelaksana Teknis) Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat bari jeung ganti ngaran jadi Balai Pengelolaan Museum Negeri Sri Baduga. Mugi mugi we ku robah-robah ngaran jadi bakal leuwih nanjung.
Cek Nana Mulyana, wangunan nu aya ayeuna geus luyu jeung kaperluan museum. Aya rohang pameran, rohang rapat, auditorium, rohang administrasi, pabukon, papanggungan, tempat parkir kendaraan jeung lian ti eta. Gedong museum diwangun ku tilu umpak, umpak kahiji eusina batuan (geologi), flora, fauna, manusa purba jeung prasajarah, religi masarakat prasajarah nepi ka jaman Hindu-Budha. Umpak kadua eusina religi masarakat jaman kiwari (Islam, Kristen, Kong Hu Cu/ Taoisme), sistem pangawareuh, basa jeung parabot kahirupan sapopoe. Umpak katilu eusina parabot kasab, teknologi kiwari, kasenian, perjuangan bangsa, wawasan Nusantara jeung Bandung jaman baheula.

Koleksi Museum Sri Baduga.

Nepi ka kiwari Museum Sri Baduga geus ngumpulkeun rupa-rupa artefak aya kana genep rebu lima ratus leuwih rupa, ti mimiti anu leutik nepi ka nu gede, mangrupa banda budaya lain bae titilar karuhun di Tatar Sunda tapi deuih ti daerah sejen sakuliah Nusantara.
Ngarah leuwih ngagampangkeun nyatetna atawa ngaadministrasikeunana, koleksi teh dipasing-pasing aya sapuluh klasifikasi, dibere kode ti 01 nepi ka 10.

Tina koleksi nu jumlahna leuwih ti genep rebu lima ratus rupa teh ngawengku tina hasil meuli ti masarakat (63%) jeung tina sumbangan ti masarakat (37%). Lolobana, boh meunang meuli, boh sumbangan ti masarakat aya dina klasifikasi etnografika (36%)nu pangsaeutikna dina klasifikasi historika (0,22%). Kukituna Nana Mulyana umajak ka masarakat lamun tea mah anggota masarakat nu boga banda budaya tur leuwih mangpaat lamun disimpen di museum, leuwih hade di ka museumkeun. Naha bade diical atanapi bade disumbangkeun, cek Nana kalawan daria, Insya Alloh di museum bakal dimumule kalawan dihade-hade.
Ngarawatan sakabeh barang nu aya di museum make pola nu geus maneuh, ti mimiti cara nyimpen tuluy ngarawatanana, nu paling sederhana kalawan rutin sok difumigasi (dihaseup) sangkan sato leutik kayaning geget teu ngaruksak.
Aya dua cara ngaberesihan barang di museum kahiji cara manual (dipigawe langsung) upamana ngaberesihan lebu kokotor, dikebutan disebutnya cara garing, ari cara baseuh upamana meresihan lukut, make cai, gumantung kana wanda nu diberesihanana. Kaduana nyaeta cara kimiawi (sok aya nu nyebut AC322), bahan ieu diolah heula jadi bubur kakara dioleskeun kana bagian nu kotor nu hese diberesihanan, terus dikumbah ku cai, nepi ka pH (keasaman) normal.
Lamun aya barang nu potong, disambungna teu sagawayah, sahenteuna make lem divasfuller atawa epicol. Lamun nu potongna tina barang nu gede tur beurat kudu ditambahan ku kuningan sangkan kuat jeung teu karahaan. Saterusna make lapisan pelindung mangrupa PVA (polivinil asetat) konsentrasi 2-3% diencerkeun make etil asetat, dioleskeun saeutik saeutik nepi ka rata tur sina garing. Ari ngan sakadar rengat mah cukup ku diinjeksi lem. Teknik ngarawatan sejen masih loba keneh upamana sangkan warna henteu jadi belel, eta mah make bubuk pewarna nu meh sarua, jeung teknik sejena.

Kagiatan Museum.

Kagiatan museum Sri Baduga meh sarua jeung kagiatan museum umumna, nyaeta aya nambahan koleksi, ngadokumentasikeun koleksi, ngarawatan koleksi, pameran maneuh, pameran temporer jeung publikasi. Basa waktu milangkala Museum Sri Baduga anu ka 29, bulan Juni 2009, geus ngayakeun pameran Kaen Nusantara. Disebut Nusantara teh lantaran gawe bareng jeung 17 museum propinsi, 3 museum daerah, temana “Pesona kain Nusantara Menuju Pasar Global dan Industri Budaya”. Tujuanana pikeun ningkatkeun apresiasi boh pelajar, mahasiswa jeung umum ka Museum Sri Baduga hususna, umumna mah dipiharep beuki mikacinta kana budaya lokal nu beunghar ku ku kearifan lokal.
Demi nu ngadeugdeug ka museum dina sapoena teh rata-rata 100 urang, tapi lamun keur pere sakola mah sok leuwih loba malah bisa ningkat nepi ka 300%, kalan kalan leuwih. Lolobana nu ngadeugdeug teh murid sakola SD nepi ka SMA kurang leuwih 60%, sesana mah aya mahasiswa, umum jeung urang asing.
Kagiatan sejen nyaeta mamerkeun koleksi museum kana mobil keliling, ka unggal ibu kota kabupaten.

Harepan

Aya nu nepikeun harepan ti pamilon sawala sangkan di unggal ibu kota kabupaten atawa kotamadya aya museum nu nyoko kana kabeungharan budaya lokal daerahna. Lian ti eta waragad pikeun nambahan koleksi museum kudu enya-enya diperhatikeun atawa togmolna mah kudu leuwih gede sangkan lamun meuli banda budaya ti masarakat teu leutik hargana. Ulah nepi ka banda budaya teh dibeulian ku jalma deungeun ti nagara sejen, nu leuwih gede daya tawarna, enya bisi urang pareumeun obor.

Mamat Sasmita, panumbu catur matuh Sawala di PSS.
(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No 73 Agustus 2009)