12 July 2009

DOMBA GARUT , Tandang di Kalang Gandang di Lapang

Laporan ku : MAMAT SASMITA

DINA sawatara naskah Sunda buhun, ingon-ingon nu dipikaresep teh sok disebut cocooan. Kecap cocooan asalna tina coo atawa nyoo, nu cek kamus mah ngandung harti nyekel barang atawa sato nu dipikaresep. Resep kana ingon-ingon teh keur sawatara jalma mah lain ngan resep nyoona, tapi aya kalana jadi pangupa jiwa. Loba nu resep kana ingon-ingon teh, aya nu resep kana manuk, kana lauk dina akuarieum, kana ucing, kana domba. Ari lebah domba, nu mindeng jadi kacapangan teh domba Garut. Eta pedah tandukna alus, buluna luis, tur kacirina gagah kacida.
Perkara domba perdombaan pisan nu jadi jejer sawala bulanan Pusat Studi Sunda (PSS), poe Jumaah tanggal 5 Juni 2009 ka tukang. Nu jadi panyaturna Dr. Ir. Dedi Rachmat M.S. ti Fakultas Peternakan Unpad.

Sajarah Domba Garut

Domba Garut nu ayeuna ka wentar teh asalna tina hasil kawin silang tilu turunan: domba Merino ti Australi, domba Capstaad ti Afrika Kidul jeung domba nu aya di Garut.
Aya nu nyebutkeun yen eta tarekah ngawin-ngawinkeun domba teh dimimitian dina awal abad ka-19 ku pokalna K.F. Holle. Terus dipiara, dihade-hade, ku bupati Limbangan harita.
Tina eta kawin silang ayana domba Garut ayeuna teh. Awakna gede semu buleud cara ilaharna domba lokal, tandukna alus cara domba Merino, Nya jadi domba nu miboga ciri mandiri, beda ti domba nu jadi bibit buitna. Dom¬ba Garut mah pan boga insting diadu, teu cara domba Merino.
Cek sakaol, mimiti aya domba Garut teh jaman pamarentahan Bupati Limbangan Suryakanta Legawa (1815-1829). Bupati Lim¬bangan teh mindeng nepungan balad sapaguron nyaeta Haji Soleh, nu boga domba dingaranan si Lenjang. Eta domba dikawinkeun jeung Si Dewa, dom-bana bupati di pendopo. Borojol Si Toblo, anakna si Dewa jeung si Lenjang. Turunan si Toblo pisan cenah nu ayeuna jadi domba Garut teh.

Ciri-cirina Domba Garut

Aya sababaraha ciri domba Garut, diantarana buntutna disebut beurit, rubak ka luhur tur tungtungna semu seukeut. Ceulina disebut rumpung, lain dina harti pegat tapi leuwih leutik, aya nu nyebut ngadaun hiris. Nu ceulina gede sok disebut domba bongkor. Huluna rada lega lebah tarang, tagogna rada gembru, munuu. Nu jadi ciri utama mah tanduk: gede jeung kapiara, dialus-alus, tur simetris antara kenca jeung katuhu. Tagogna gagah, wanian tapi kalem boga wibawa.
Ciri mandiri domba Garut teh eces deuih tina sawatara islilah husus nu sk diparake. Adeg-adeg, upamana, ngindung kana wa¬ngun awak domba nu harmonis antara beuteung, suku jeung hulu. Tanggoh, weweg. Ari jingjingan nyaeta wangun tanduk, ukuran jeung proporsi tempatna. Terus aya ules nyaeta rupa beungeut nu kasep narik ati. Baracak nuduhkeun kombinasi warna kulit didominasi warna hideung atawa kulawu kalawan aya totol hi¬deung leutik nu mancawura teu pati aturan. Demi baralak nuduhkeun rupa warna bulu nu ampir sarupa jeung baracak ngan totol-totolna leuwih gede.
Tina ules beungeutna, domba Garut teh kasep. Matana ge siga kupa. Atuh ceulina aya nu rumpung, rumpung sapotong, ngadaun hiris jeung ngadaun nangka. Ari tandukna aya nu ngabendo, golong tambang, gayor, satengah gayor, leang-leang jeung sogong, kalawan kualitasna bisa poslen, waja, beusi jeung ngagebog. Buluna aya nu disebut sambung, riben, belang sapi, macan, jog-jog, laken, baracak, monyet, lunglum, perak, bodas apu jeung riben mencenges. Demi buntutna aya nu ngabuntut beurit, ngadaun waru jeung ngabuntut bagong. Kanjutna aya nu laer, ngarandu jeung ngajantung. Sukuna aya nu mancuh, kuda, regang waru jeung meureup ucing.

Pelem Dipanggang

Domba Garut teh dipiara lain bae keur kaperluan tandang di pakalangan, tapi deuih keur dijieun pangupa jiwa nu miarana. Ongkoh rea mangpaatna, sakumaha nu dibahas ku Dedi Rachmat. Geura we, taina, upamana bae, pan bisa dijieun gemuk. Atuh dombana pisan saenyana mah bisa dijieun tabungan kulawarga, lantaran payu dijual iraha bae. Lian ti eta, ku miara domba Garut mah status sosial nu miarana ge katembong nenggang, kaasup jalma jegud.
Puguh we teu sagawayah milih dombana ge. Bibitna kudu unggul, sehat tur turunan nu genjah. Hakaneunana kayaning jukut jeung pakan sejenna kudu sadia. Atuh prak-prakanna miara domba tangtu kudu puguh manajemenna, ti mimiti nyieun kandang tepi ka ngungkulan panyakitna jeung masarkeunana.
Miara domba Garut ge bisa milu nyumponan kabutuh masarakat kana daging. Daging domba teh saenyana teu pati jauh bedana jeung daging sapi, kandungan lemakna loba. Ngan pedah cek mitosna, pajar ngadahar daging domba mah kolesterol dina awak urang teh sok babari naek. Eta cenah deuih dagingna leuwih bau batan daging sapi. Tapi, cek Dedi, eta mah kumaha kaparigelan juru masak bae dina ngolahna.
Taun 1999 ka lembur urang kungsi diadatangkeun domba ti Barbados sababaraha pasang. Terus dikawinsilangkeun jeung domba Garut (jaluna) atawa domba Priangan. Hasilna, domba Pribados (wancahan tina Priangan jeung Barbados). Alus dagingna, cenah. Beurat deuih: nu gede bisa 50 kg nepi ka 60 kg.
Domba Pribados mah, najan jalu tapi teu tandukan. Tandukan mah enya tandukan ketang, ngan orokaya leutik. Lantaran teu pati kaciri tandukna domba Pribados teu pati dipikaresep, tur teu pati payu dina usum Idul Qurban ge. "Padahal mah nya, da di Arab Saudi ge onta mah teu tandukan," omong Dedi bari heureuy.

Plasma Nutfah Jawa Barat

Domba Garut teh lain bae geus jadi kabeungharan plasma nuftah Garut tapi deuih geus jadi ka¬beungharan plasma nuftah Jawa Barat. Narekahan hal kitu tangtu perlu waktu tur tanaga nu gede. Salah sahijina merlukeun standarisasi cara nu geus dipilampah ku Fakultas Peternakan Unpad.
Numutkeun standar beunang urang Unpad, domba Garut nu alus teh antarana kudu nyumponan kriteria:
1. Kriteria inklusi: domba Garut kudu boga ciri nu husus saperti buntut ngajuru tilu tibalik, gede ka puhu (ngabuntut beurit atawa ngabuntut bagong), ceuli kudu rumpung/rudimenter atawa ngadaun hiris. Lamun tea ciri eta teu kaciri nya teu disebut domba Garut.
2. Standardisasi sifat kuantitatif bibit domba Garut (tingali Tabel Kuantitatif).
3. Standardisasi sifat kualitatif (tingali Tabel Kulitatif).
4. Aspek Produksi
a) - Beurat Lahir Jalu Tunggal = 2,62 - 3,42 kg.
- Beurat Lahir Jalu kembar = 2,48 - 2,96 kg.
- Beurat Lahir Jalu kembar tilu = 2,12-2,41 kg.
- Beurat Lahir Jalu kembar opat = 1,84-2,13 kg.
b) Beurat waktu disapih =10-13 kg
c) Waktu Sapih = 3-4 bulan.
d) Nambahan beurat awak unggal poe/ADG = 60- 120g.
e) Produksi Ekonomis 6-7 taun.
0 Dewasa (Awak) =18 bulan.
5. Aspek-aspek Reproduksi Domba Garut Jalu
a) Dewasa Birahi-6-8 bulan.
b) Dewasa Awak=8-24 bulan.
c) Umur Produktif=6-8 taun.
d) Kualitas Semen :
- Konsistensi— kentel
- Warna-krem
- Bau=khas hanyir
- Gerakan Masa = +++
- Libido = puncak
e) Waktu kawin = euweuh usumna

Harepan

Lantaran boga ajen ekonomi jeung geus jadi kabeungharan plasma nutfah Jawa Barat, domba Garut teh geus pasti kudu dimumule jauhna jadi ladang paka-saban masarakatna. Ulah nepi ka di Garutna sorangan nu jadi sentra bibit unggul ieu domba teh kalin-dih ku daerah sejen atuh komo la-mun nepi ka dipaling ku nagara sejen.


Mamat Sasmita
Moderator matuh Sawala Bulanan PSS.
(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 72 Juli 2009)