08 April 2008

NGARARAMPA RAGAM HIAS SUNDA

Ku MAMAT SASMITA

Roza R Mintaredja dina makalahna (Prosiding KIBS jilid 2) nyebutkeun yen imah di Kanekes tara aya nu make hiasan, boh ukiran boh digambar make cet warna warni (ragam hias), hanjakal teu dieceskeun naon nu jadi alesanana pangna kitu. Enya ari kituna mah asa arang langka manggihan ragam hias Sunda anu kungsi ditulis. Ngan lamun maca naskah kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) didinya disebutkeun rupa-rupa ukiran aya nu disebut naga-nagaan, barong-barongan, ukiran manuk, ukiran monyet, ukiran singa. Naha anu disebut maranggi (tukang ukir) teh nyieun ukiranana siga patung sabeuleugeunjeur, atawa nyieun ukiran anu dua dimensi (dicukil), teu aya katerangan anu jentre. Tapi sahenteuna eta ukiran teh aya. Kitu deui eta ukiran teh keur dimana, naha keur hiasan atawa keur naon, eta ge euweuh kateranganana, tangtu dipakena ieu ukiran teh aya tujuanana, da asa pamohalan lamun nu nyieun ukiran bari jeung euweuh tujuan mah. Lamun tea mah ngararampa, lain ngararampa tujuanana, tapi keur saheulanan ngararampa dimana nempatkeunana. Sigana tempatna eta ukiran teh ayana di imah gegeden, imah gegeden jaman harita nya meureun karaton tea. Tome Pires (1512-1515) nyebutkeunn yen tihang keraton jumlahna nepi ka 330 sagede-gede tong anggur jeung dina tungtung beulah luhur dihias ku ukiran. Ukiran naon, teu aya katerangan deui bae. Keun ari ukiranana kumaha atawa siga kumaha mah, tapi nu puguh mah ragam hias di Sunda aya, sigana moal jauh ti anu ditulis dina SSK. Dina SSK ge disebutkeun aya corak kaen (batik?), saperti kembang muncang, seumat sahurun, sigeji, jeung sajabana ti eta, ieu ge tangtu geus kaasup ragam hias. Ragam hias anu dipake bisa bae lain ukur di karaton, tapi bisa aya di kabuyutan. Hanjakal di kabuyutan ge ragam hias dina imah mah geus teu aya, upamana di Kabuyutan Ciburuy Bayongbong Garut di wangunan Patamon, Leuit, Saung Lisung atawa di Padaleman geus teu make ragam hias. Ngan palebah anyam-anyaman utamana keur sasadiaan dina upacara Seba, masih keneh kapanggih, anyam-anyaman lolobana make daun kawung anu ngora, ngaran eta anyaman saperti sawen, tutup said, kampuh, tali datuk, parukuyan, rompe jeung eunteung. Parukuyan didieu lain parukuyan paranti nyeungeut menyan anu mangrupa wawadahan dijieun tina taneuh liket, tapi wangun kantong hasil anyaman tina daun kawung. Kitu deui sebutan eunteung, lain eunteung kaca eunteung tapi anyaman tina daun kawung dibentuk segi opat rada gede, sakira ukuran 40 x 40 centimeter. Tujuan ieu anyam-anyaman pikeun mulen naskah kuno atawa pakarang nu aya di kabuyutan. Sedengkeun dina anyam-anyaman lamun aya pola anu katingali jadi gambar nya kakara disebut ragam hias, ari dina anyam-anyaman di Kabuyutan Ciburuy mah asa teu katingali aya pola ragam hiasna, ngan leuwih kana rupa.

Ari di imah rahayat, tangtuna lain kulawadet raja, teu pati kacaritakeun ayana ragam hias. Lamun dijujut ti beh ditu mula, pajarkeun urang Sunda teh kaasup tukang ngahuma, tukang pipindahan padumukan (nomaden atawa semi sedenter), jadi imah teh ngan sakadar pangrereban lain keur bumen-bumen anu netep. Kulantaran kitu teu pati dipiara kalawan jejem, ragam hias teu jadi ukuran. Atawa pedah nyieun imah urang Sunda jaman harita lolobana tina bahan awi, lamun aya ge ragam hias, lantaran mediana kawatesanan ku karakter awi tangtu wujud ragam hias ge nu sederhana jeung teu lila umurna.

Lantaran semi sedenter tea, dina miang ninggalkeun padumukan keur neangan padumukan anyar, imah mah teu jadi banda pakaya anu kudu dibabawa. Ana kitu lamun rek neangan ragam hias Sunda, kudu kana barang-barang anu salilana dibabawa jeung dianggap banda pakaya anu masket dina dirina. Ngararampa naon bae barang anu salilana dibabawa, nya meureun moal jauh ti pakarang, wawadahan jeung amparan.

Dina SSK pakarang keur tatanen disebutkeun kayaning kujang, baliung, patik, kored jeung peso sadap, nu rada aneh golok (bedog?) ayana di pakarang para raja lain di tukang tatanen, ngan kadieunakeun malah bedog ayana di rahayat tukang tatanen.

Aya pergeseran ma’na antara kujang jeung bedog. Kujang anu tadina dipake tatanen, tangtu wangunna sederhana, aya nu nyebut nu kitu teh kujang pamangkas malah aya nu nyebut kudi. Arula arileuna wangun kujang anu katingali dina mangsa kiwari, sigana sangeus ngaliwatan robahan antara wangun fisik jeung robahan ma’na kagunaan. Kujang anu tadina boga fungsi keur tatanen jadi leuwih robah fungsi kana jadi pakarang pusaka, tina wangun anu sederhana robah jadi wangun aheng (rumit). Sabalikna bedog anu tadina aya dina jajaran pakarang para raja bisa bae tadina pakarang pusaka, kulantaran wangunna anu leuwih familiar tur gampang digunakeun dina pagawean sapopoe jadi leuwih nerekab sabage pakarang keur gawe utamana di kebon, lain keur nyacar jukut tapi keur kudak kadek kana tatangkalan.

Upama ieu dipakaitkeun jeung pagawean kreativitas sebut we ragam hias atawa leuwih deukeut kana seni rupa, nya didieu nyokona hubungan emosi jeung kreativitas eta. Sok sanajan beda gawe antara maranggi (tukang ukir) jeung gosali (tukang neupa pakarang logam beusi). Ngan anu disebut pakarang boh kujang boh bedog atawa keris sangkan genah dipakena kudu make perah (gagang) jeung sarangka, tah didieu gawe kreativitas maranggi dipake, keur ngukir perah jeung sarangka. Ana kitu lamun rek nalungtik ragam hias di Sunda alusna kudu lumpat kadinya, ulah ngan kukulibekan neangan dina ragam hias imah bae. Gagang (perah) keris tina gading gajah anu kapanggih di daerah Cirebon kacida leubeutna ku ukiran, malah dina kerisna oge aya ukirana, teu kaliwat dina sarangkana. Kitu deui anu kapanggih didaerah Banten sarua leubeutna ku ukiran.

Perah bedog, kaasup simeut meuting anu aya dina sarangka bedog kacida loba wandana.
Ngaran perah bedog aya nu disebut eluk, loba varian tina eluk kayaning eluk bogo nolol, eluk paku, eluk jengkol sagendul, eluk jengkol sabeulah, eluk duhong, eluk golong tambang, eluk tanjungkarang.

Ngaran perah tina ngaran manuk aya ekek cua, ekek jagong, soang ngejat. Tina maung, aya maung kuru, maung depa, maung siliwangi, maung sapotong. Tina monyet aya kunyuk tungkul jeung kunyuk ngemil. Aya deui ngaran perah bedog saperti pingping hayam, ceker kidang, ranggeum endog, makara udang, makara laut, priaman tutul, priaman bolong, mantri calik jeung perah putri. Kitu deui aya perah anu mangrupa wayang saperti perah cepot, dawala jeung semar. Dina perah bedog, salian wangun (bentuk) anu ditatan bieu, aya deui pola hias ukiran. Pola hiasan ieu leuwih ngilu kana wangun, salian ti eta aya pola deui sok sanajan teu sajalan jeung wangun. Siga dina perah sopak lodong elik aya pola hias ukiran ngan sigana nempatkeun ukiran ieu lain jadi patokan keur unggal perah sopak lodong. Sabab dina perah bedog sejen anu sarua disebut sopak lodong, ukiranana beda.

Ari sarangka bedog mah gumantung kana wangun bedog, ragam hiasna leuwih nyoko kana simeut meutingna, rupa-rupa ngaran simeut meuting kayaning eluk paku tungtung, daun lake, papatong eunteup, huntu kala, simeut batu, cacag buah, godobos jeung sajabana ti eta. Ieu ngaran boh perah bedog atawa simeut meuting katut wandana, ngan ukur ti daerah Ciwidey, encan ti daerah sejen, bisa jadi bakal leuwih euyeub tur leuwih variatif wandana.

Hal ieu bisa dipaluruh ka sentra pengrajin bedog saperti di Cibatu Cisaat Sukabumi, Pasir Jambu di Ciwidey, Galonggong Manonjaya Tasikmalaya, Tanjung Siang di Subang anu kawentar disebut bedog barlen jeung di Citaman Ciomas Serang Banten.

Ngawawaas dina mangsa bihari, rek pindah pitempatan, neangan lahan anu subur keur ngahuma, kira-kira anu dibawa teh kaperluan sapopoe, anu ringkes, tangtu diwadahan bisa kana besek, tingkem, kameuti, tolombong, diakutna meureun ditanggung atawa digotong make pamikul, salang jeung rancatan paburisat, awi pamikul pabalatak. Ngabubuhana can tangtu loba, boa-boa ngan ukur dua tilu kulawarga. Wawadahan dijieunna tina akar-akaran atawa beunang nganyam tina awi atawa pandan. Atawa aya wawadahan sejen tina taneuh, kayaning kendi jeung sajabana ti eta.

Kaparigelan nganyam geus kawentar ti tungtung kidul nepi ka kaler, ti tungtung kulon nepi ka wetan, atuh keur wawadahan anu sederhana antara pincuk jeung seumat tangtu geus papada apal. Nganyam bilik, samak, besek atawa tolombong sok direka-reka jadi pola hias anu disebut geometris ornamen. Di Rajapolah Tasikmalaya, kawentar sentra kerajinan anyam-anyaman, pola hiasna rupa-rupa hasil tina kaparigelan nganyam.

Dina nekara perunggu jaman prasejarah anu kapanggih di Jawa Barat make pola hias segitilu jeung buleud. Dina kendi ti Plered Purwakarta aya ragam hias sulur, arek siga mangrupa sulur kangkungan. Dina wadah paranti jamu ti Cirebon aya ragam hias mega. Dina perah keris ti Banten, dina perah keris ti Cirebon. Dina tarawangsa ti Sumedang aya wangun wayang jeung hiasan segitilu. Dina tihang lampu tina kai anu kapanggih di Tatar Sunda aya hiasan pola manuk galudra.

Ragam hias keur imah memang teu loba kapanggih di daerah Jawa Barat, tapi dina barang-barang lain loba kapanggih. Di Cirebon ragam hias keur imah aya sababaraha anu kapanggih saperti jangjang kalong, bangreng, saroja, simbar kadaka, mega mendung, mega sumirat jeung sajabana ti eta.

Naon pangna di Cirebon leuwih loba kapanggih ragam hias, bisa jadi basisir kaler tempatna silih pangaruhan budaya, saperti anu ditepikeun ku Budayawan HR Hidayat Suryalaga, dina hal estetika Sunda, Jawa Barat dibagi jadi tilu wilayah, basisir kidul, tengah jeung basisir kaler.

Ragam hias mimitina lain ngan sakadar hiasan tapi aya kaperluan sejen nyaeta pikeun tolakbala. Gambar atawa ragam hias wangun cakcak dilambangkeun keur kawaspadaan, sangkan imah aman, cakcak dina kapercayaan pra Islam dianggap janggelek sato nu asalna ti dewa. Kitu deui gajah, tutumpakan para dewa, lambang kakuatan. Nempatkeun ragam hias wangun sasatoan biasana dina gebyog, dingding kai, atawa dina liang angin-angin (bovenlih).

Kitu deui ragam hias dina wangun tutuwuhan, kangkungan misalna, dianggap lambang kasucian sabab kangkung dianggap sarua jeung tarate anu hirupna aya dina luhureun cai. Motif rucuk bung, tutuwuhan anu kakara bijil tina taneuh, petetan, dianggap lambang kahirupan anu kakara mucunghul dipiharep sangkan kahareupna tumuwuh beuki ngagedean. Ditempatkeunana motif tutuwuhan biasana dina tihang, dina pangeret, dina banjen (sisi dingding nu ngurilingan rohangan). Cag.

(Mamat Sasmita, ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda.

Tulisan ieu dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 57 April 2008)

Sumber :

  1. Sumber lisan hal perah bedog jeung simeut meuting ti Saderek Tedi Permadi, Staf pengajar di UPI Bandung.
  2. Gambar tina buku Ragam Perhiasan Indonesia ANJ.Th Van Der Hoop, KBGKW, 1949.
  3. Arsitektur Tardisional Daerah Jawa Barat, Drs Yahya Ganda spk, Depdikbud 1982.
  4. Sumber lisan hal anyaman Kabuyutan Ciburuy ti Kuncen Ciburuy Saderek Ujang.

ESTETIKA SUNDA, KAWAS KUMAHA ?

Kecap estetika teh, cenah, mimiti dipake ku Alexander Baumgarten (1714-1762). Manehna ngarang buku Aesthetika, anu ngaguar perkara teori kaendahan. Tuluy eta istilah teh dipake ku Hogart (1753) dina bukuna Analysis Of Beauty jeung Edmund Burke (1756) dina bukuna “ Essay on the Sublime and Beautiful”.
Ngala gampangna, estetika biasana ngabahas perkara kaendahan. Enas-enasna mah ngabahas seni we, najan aya nu nyebutkeun seni teh can tangtu endah, gumantung ka komunitas anu makena. Rugal rigelna kujang, upamana, ceuk urang Sunda mibanda ajen estetika anu luhung, tapi can tangtu ceuk seler sejen mah.
Kumaha kira-kirana nu disebut endah cek urang Sunda? Mun tea mah aya nu disebut estetika Sunda, kawas kumaha bungkeuleukanana? Tah, ieu pisan nu jadi jejer sawala bulanan Pusat Studi Sunda (PSS) di Bandung, sawatara waktu ka tukang. Harita nu ngajejeranana duaan: Budayawan Drs H.R.Hidayat Suryalaga (HS) jeung arsitek Ir Roza R Mintaredja (RM).

Estetika Katut Etika

Numutkeun HS, estetika teh kacida raketna jeung etika “Estetika kedah pareng di mangsana, estetika sareng etika kacida raketna, diwangun ku komunitasna, ukuranana kacida individualna, upami tos diaku ku masyarakatna eta nembe disebat hukum normatif” kitu cenah.
Estetika ngawujud dina wangun anu bisa diindra, contona dina ngibing, maos (maca), ngaos (ngaji), mamaos (tembang), ngibing atawa penca. Dina ngibing estetika kudu geus katingali ti mimiti diuk, gerak, reret, imut kudu pantes, panon kudu kana tungtung irung, estetika kudu ngabogaan ma’na.
Kitu deui tina perkara warna, tutuwuhan jeung sasatoan. Teu sagawayah, luyu jeung kaayaan alam katut pangeusina. Cek HS tina perkara eta Tatar Sunda sasatna bisa dibagi tilu.
Di Tatar Sunda beulah kidul nepi ka basisir kidul warna anu dominan anu semu kacoklatan, soka kolot ngaharib-harib kana taneuh porang. Florana leuwih deukeut kana tutuwuhan anu ngambang saperti tarate, wawalinian, seuseupan lentah. Atuh sasatoanana (fauna) anu galede kayaning buhaya, penyu jeung lauk anu badag. Di Tatar Sunda beulah tengah warna anu dominan nyaeta warna gunung, hejo binetot, ti hejo ngora tug nepi ka indigo (tarum). Tutuwuhanana daun anu rarubak saperti katapang, daun taleus, daun cau. Sasatoanana nyaeta anu baradag tur hirup dipagunungan kayaning maung, gajah atawa lutung.
Ari Tatar Sunda beulah kaler rea kapangaruhan ku tepungna rupa-rupa budaya ti ditu ti dieu. Warnana ge leuwih moronyoy kayaning warna emas, perak, koneng, beureum. Tutuwuhan leuwih loba kana areuy-areuyan kalawan teu mopohokeun karang laut, Atuh sasatoanana laleutik kayaning keuyeup atawa hurang.
Estetika anu diwangun ku warna, tutuwuhan jeung sasatoan teh sigana konsep atawa simbol anu bisa jadi mere watek kana pangeusina tur mere sikep dina kahirupanana. Pamanggih HS teh dumasar kana naon anu kungsi ditepikeun ku Bapa Omay Martakusumah nalika mingpin Daya Sunda.Estetika nyatana mere pangaruhna anu kacida kumplitna kana kahirupan urang Sunda.
Kaendahan teh apan ekspresi tina tataran ideal anu spesifik. Nya meureun seni teh ekspresi anu bisa ditepikeun ka balarea. Wangunna plastis tur estetis. Tampolana nu katembangna pikasieuneun ge mibanda ajen estetis (siga bebegig Sukamantri, upamana).Dina prak-prakanana ekspresi kasenian ngaliwatan tilu undakan. Kahiji tina persepsi indrawi kana materi anu dipangaruhan ku gerak, warna, sora jeung reaksi fisiologis sejenna. Kadua tina susunan kualitas materi anu silih anyam dina wangun jeung pola anu harmonis. Tah tina dua hal eta mucunghulna kasadaran estetis. Ari katiluna tina nu harmonis anu sifatna material tadi muncul hubungan dialogis (korespondensi) jeung emosi si seniman. Lebah dieu bisa bae seni teh dianggap jalan pikeun nepikeun emosi. Tangtu bae dina ngedalkeun emosi teh kudu aya ugeran anu bisa ditarima ku masyarakatna. Nya ieu anu disebut etika tea. Numatak, cek HS, etika jeung estetika lir gula jeung peueutna. Cek HS, leunjeuran estetika teh bisa deuih dipaluruh tina carita rahayat (folklore) anu hirup di masarakat Sunda., kayaning carita Lutung Kasarung, Si Kabayan jste. Kitu deui tina adab-adabanana kayaning tina sikep rengkuh waktu munjungan ka kolot, papakean (tata busana), arsitektur (tata ruang), warna jste.

Neuleuman Budaya.

Basa padungdengan bras kana perkara arsitektur, nu ngajejeran sawala ngelingan sangkan sangkan urang ulah ukur ngandelkeun wangun nu kaciri ku panon, da eta mah ngan sakadar cangkang.
RM nembrakkeun conto leuit di Kanekes. Kacirina mah teu pira: hateup tina injuk, dingdingna tina bilik, tihangna kai, aya tatapakan we tina batu. Ukur kitu wawangunana mah. Tapi lamun urang hayang neangan estetikana nu gembleng, nya kudu teuleum kana budayana, budaya Sunda anu sagemblengna.
Arsitektur Sunda, cara wangunan di Kanekes, deukeut ka alam lingkungan. Cek RM, bisa jadi masyarakat Kanekes can rea kacampuran ku budaya ti luar. Kukituna meujeuhna lamun arsitektur di eta lembur dianggap prototype arsitektur Sunda, malah boa prototype arsitektur Nusantara.
Aya sawatara ciri imah di Kanekes teh. Kahiji ayana kolong. Kadua, nyanghareup ngidul ngaler. Katilu, ngumpul. Kaopatna, hateupna/ suhunanana manjang.
Filosofi ngawangun imah Sunda meh identik jeung filosofi tatangkalan. Hateup tina kiray eta sarua jeung dangdaunan dina tangkal anu ayana di luhur. Kitu deui tihang teu beda jeung tangkal. Atuh kolong hartina teu meunang ngagunasika taneuh, lamun bisa mah ngali ge ulah. Disagigireun eta aya nu rada husus nyaeta imah di Kanekes tara make ukiran (ragam hias). Bahanna ge leuwih dominan awi batan kai. Sistemna knock down kalawan basajan tapi fungsional.
Cek RM tipe dasar arsitektur Sunda bisa dibagi tilu rupa wangunan :Saung Ranggon, Julang Ngapak jeung Galudra Ngupuk. Aya deui tipe tagog anjing, badak heuay, parahu kumereb atawa jubleg tibalik eta mah ngan sakadar varian tina nu tilu tea.
Ari sistim knockdown ngawujud lantaran sambunganana tara make paku, tapi make paseuk awi atawa kai. Unggal 30 taun diganti. Keur ngagantina geus disiapkeun ti anggalna. Nu matak ngadegkeun hiji wangunan teh tara lila, isuk-isuk digawe pabeubeurang geus ngadeg.
Dimana atuh estetikana? Sigana lebah dieu nu perlu disawang teh lain ukur jugruganana, tapi deuih fungsi tur ajen filosofisna.
Geura we tatapakan dijieun tina batu, secara teknis pikeun ngajauhkeun kai anu jadi tihang tina becekna taneuh, supaya tihang lila kapakena., teu babari koropok alatan besek atawa ku rinyuh. Aya deuih harti sejenna tatapakan batu sok disebut batu pangunggahan. Hartina, dianggap medium pikeun nincak kana hambalan anu leuwih luhur, lir simbol dina kahirupan sagala rupa oge dimimitian ti handap heula.
Imah di Kanekes tara make hateup kenteng, sabab kenteng dijieun tina taneuh, ceuk urang Kanekes, mun make kenteng lir hirup dikubeng ku taneuh. Nu jadi hateup tina tangkal awi nu dijieun jadi talahab, diluhureunana make injuk.
Sigana lebah dinya estetikana. Estetika nu gumulung antara kahirupan profan jeung kahirupan sakral bari jeung tetep aya dina kaharmonisan jeung alam sabudeureunana. Lain estetika anu artifisial.
RM nembongkeun conto-conto banguna modern anu tetep teu ngised jauh tina konsep imah Sunda nu tradisional, saperti wangun julang ngapak atawa galudra ngupuk. Ciri bukti yen sabenerna wangun arsitektur Sunda bisa mapakan kana wangun modern sejenna.


(Mamat Sasmita, panumbu catur matuh dina sawala bulanan PSS).

Tulisan ieu dimuat dina Majalah Bulanan basa Sunda Cupumanik No.57 April 2008

Catetan :
Sawala diayakeun di Pusat Studi Sunda (PSS) , poe Jumaah tanggal 15 Pebruari 2008 ti tabuh 14.00 nepi ka tabuh 17.00.