24 July 2008

PARIBASA SUNDA IJK

I                                         Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY
  1. Ibu pare Geugeusan pare nu dihaja dijieun leuwih gede ti geugeusan biasa, minangka indungna (baheula).
  2. Ieu aing Jelema nu ngarasa luhur, hade, pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
  3. Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana (drigamana), nyerenkeun Masrahkeun sagala-galana, ilaharna diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
  4. Indit sirib Indit sarerea saeusi imah.
  5. Indung hukum bapa darigama Papagon, aturan agama jeung nagara.
  6. Indung lembu bapa banteng Turunan jalma beunghar atawa menak.
  7. Indung peuting Mega hideung anu sok tembong ti peuting.
  8. Indung suku ge moal dibejaan Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
  9. Inget-inget poho Teu inget enya (kana perkara nu geus kajadian baheula).
  10. Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang Kacida matak risina, paur pisan.
  11. Inggis ku bisi rempan ku sugan (beja) Salempang aya naon-naon. Ipis biwir Epesmeer, babari ceurik.
  12. Ipis kulit beungeut Eraan.
  13. Ipis wiwirang Kandel kulit beungeut, kurang kaera.
  14. Iwak nangtang sujen Ngadeukeutan pibahayaeun, neangan picilakaeun.
J
  1. Jabung tumalapung, sabda kumapalang Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
  2. Jadi cikal bugang Pangheulana kasambut di pangperangan.
  3. Jadi kembang carita Loba nu nyaritakeun.
  4. Jadi kulit jadi daging Jadi kabiasaan nu hese dipiceunna.
  5. Jadi maung malang Jelema anu dianggap jadi panghalang (lalaki ka awewe tepi ka hese meunang jodo).
  6. Jadi sabiwir hiji Geus jadi caritaan jelema rea, pada muji kahadeanana.
  7. Jadi senden kalemekan Jadi kembang carita.
  8. Jadi Senen kalemekan Ahad kacapangan Jadi kembang carita.
  9. Jajar pasar Sedeng atawa meujeuhna (kana rupa).
  10. Jalma notorogan Jalma nu boga laku-Iampah teu pantes, pikacuaeun.
  11. Jaman bedil sundut Jaman baheula.
  12. Jaman cacing dua saduit Jaman baheula pisan.
  13. Jaman tai kotok dilebuan Jaman baheula.
  14. Jampana bugang Pasaran, wadah paranti ngagotong mayit ka kuburan.
  15. Jampe pamake Rupa-rupa jampe jeung tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
  16. Jampe pipahokan Jampe atawa ajian nu maksudna supaya musuh teu nenjoeun ka urang kawas nu lolong.
  17. Janget kinatelon Turunan hade ti indung-bapa.
  18. Jantungeun Kawas anu kasima.
  19. Jati kasilih ku junti Pribumi kaelehkeun ku semah.
  20. Jauh ka bedug, anggang ka dulag (dayeuh) Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
  21. Jauh tanah ka langit Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
  22. Jauh di jug jug anggang diteang Jauh-jauh oge didatangan bae.
  23. Jauh-jauh panjang gagang Hanas jauh-jauh oge dijugjug ari pek teu hasil maksud.
  24. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana Masyarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan.
  25. Jejeg (jegjeg) ceker Cape balas leumpang ka ditu ka dieu.
  26. Jelema balung tunggal Jelema bedas pisan.
  27. Jelema masagi (pasagi) Jelema nu loba kabisana jeung loba kabogana (teu aya kakuranganana).
  28. Jelema pasesaan Jelema nu kungsi gelo.
  29. Jeneng memeh pangkat Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
  30. Jengkol mah aya usumna Pikeun nyindiran nu loba ekol.
  31. Jiga tunggul kahuru Goreng patut.
  32. Jodo pakokolot Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali oge Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus.
  33. Jogjog neureuy buah loa Mikahayang perkara anu moal kasorang.
  34. Jojodog unggah ka salu Unit badega jadi pamajikan dunungan.
  35. Jongjon bontos Junun kana gawe, tara kabengbat ku naon-naon.
  36. Jual dedet Ngajual barang satengah maksa.
K
  1. Ka cai diangir mandi, batu lempar panuusan Lemah cai, bali geusan ngajadi.
  2. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak (salogak) Layeut, runtut-raut, silih ayunkeun (nu laki-rabi atawa nu sosobatan).
  3. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal Hirup ati-ati make itungan.
  4. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing Taya kawani.
  5. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran Taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa nu sok jail ka batur.
  6. Kabawa ku sakaba-kaba Kabawakeun atawa kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
  7. Kabedil langit (kabentar mega) Kalinglap.
  8. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
  9. Kacang poho ka lanjaran Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan.
  10. Kacanir bangban Kawiwirangan, meunang kaera.
  11. Kacekel bagal buntutna Katewak luluguna.
  12. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria Kamashur, sarerea pada nyaho.
  13. Kaciwit kulit kabawa daging Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.
  14. Kaduhung tara ti heula Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal samemeh migawe kasalahan.
  15. Kagok asor (asong) Jangji nu geus kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
  16. Kahieuman bangkong Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.
  17. Kai teu kalis ku angin Jelema mah tara senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
  18. Kajejek ku hakan Hasil usaha beak ku kaperluan dahareun wungkul.
  19. Kajeun kendor, dapon (asal) ngagembol Kajeun lila asal hasil (hade).
  20. Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung Leuwih hade bejaan heula nu banggana, ti batan dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
  21. Kajeun panas tonggong, batan tiis beuteung Kajeun teuing cape digawe oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu kakurangan.
  22. Kakeueum ku cai toge Eleh pisan ku pamajikan, nepi ka dipangnyelewerkeun oge cicing bae.
  23. Kalah ka ingkig Usaha ka ditu ka dieu teu hasil.
  24. Kalah ka ngahuntu Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
  25. Kalapa bijil ti cungap Muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja.
  26. Kaliung kasiput Loba baraya nu baleunghar, sasat kalingkung.
  27. Kandel kulit beungeut Teu boga kaera, sabalikna tina ipis kulit beungeut
  28. Kapiheulaan ngaluluh taneuh Hudang kabeurangan.
  29. Kapipit galih, kadudut kalbu Kapincut, bogoh.
  30. Kapiring leutik Kaisinan.
  31. Karawu kapangku Sagala pagawean kacabak, tur hasilna hade; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah kari ngeunahna.
  32. Kasangga (kasuhun) kalingga murda, katampi ku asta kalih Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.
  33. Kasep ngalenggereng koneng Nya kasep nya ginding.
  34. Katempuhan buntut maung Ngagantian kasusah batur.
  35. Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari Kasangka boga dosa.
  36. Katuliskeun jurig Asal heureuy jadi enyaan.
  37. Katurug katutuh Keuf cilaka katambah-tambah ku pikasusaheun.
  38. Kaum marhaen Somah, rayat biasa. Kawas aul Sok ciciduh.
  39. Kawas aeud Nya goreng budi nya bangor.
  40. Kawas anjing kadempet lincar 1. Nu leutik dikaniaya ku dununganana, ari rek ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar bae; 2. Keukeuleuweuhan teu puguh.
  41. Kawas anjing parebut tulang Parasea marebutkeun barang anu teu pira.
  42. Kawas anjing tutung buntut Berebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daek cicing.
  43. Kawas anu teu dibedong Kaluar-asup tara nutupkeun panto.
  44. Kawas awi sumaer di pasir Luak-leok pikir teu pag'euh tangtungan.
  45. Kawas badak Cihea Jelema nu leumpangna noyod siga nu degig.
  46. Kawas bangkong (bancet) katuruban batok Jelema anu taya kanyaho lantaran sapopoena ukur idek liher di lemburna.
  47. Kawas bayah kuda Belel pisan, upamana samping.
  48. Kawas beubeulahan terong Sarua pisan rupana, nu kembar.
  49. Kawas beusi atah beuleum Geuneuk rupana bakat ku kacida ambekna.
  50. Kawas birit seeng Hideung lestreng (kulit jelema).
  51. Kawas bodor reog Jelema nu tingkah polahna pikaseurieun.
  52. Kawas bueuk beunang (meunang) mabuk Ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.
  53. Kawas bujur aseupan Diuk teu daek cicing.
  54. Kawas (cara) cai dina daun bolang (taleus) Nasehat atawa papatah taya nyangsangna, taya nu terap.
  55. Kawas carangka runtah Jelema nu sagala beuki jeung gembul.
  56. Kawas careuh bulan Diwedak kandel teuing.
  57. Kawas ciduh jeung reuhak Sarua gorengna (goreng adat).
  58. Kawas congcorang murus Jelema (budak) anu jangkung tapi kacida begangna.
  59. Kawas cucurut kaibunan Goreng patut, sarta pikarunyaeun.
  60. Kawas dodol bulukan Beungeut hideung diwedakan teu rata.
  61. Kawas dongeng Si Bosetek Gunta-ganti aturan, tapi tetep taya kamajuan.
  62. Kawas durukan huut Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gede.
  63. Kawas gaang katincak Jelema (biasana barudak) nu keur garandeng, ngadadak jempe sapada harita, lantaran reuwas atawa aya nu dipikasieun ku maranehna.
  64. Kawas gateuw Teu bisa liar lantaran kasakit, atawa geus rarempo, tapi ari awak lintuh.
  65. Kawas gula jeung peueut Kacida dalitna, tara pasea, silih asih.
  66. Kawas hayam keur kumahkar Teu daek cicing lantaran hate kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
  67. Kawas hayam panyambungan Talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
  68. Kawas heulang pateuh jangjang Meh teu bisa walakaya, lantaran teu boga nu bisa diandelkeun.
  69. Kawas himi-himi Meh salilana babarengan duaan tara daek papisah.
  70. Kawas jeler kasaatan Teu daek cicing, gawena ngan ka ditu ka dieu.
  71. Kawas jogjog mondok Cekcok-recok, gandeng ku nu bareng ngaromong pabedas-bedas.
  72. Kawas ka budak rodek hulu Ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon keneh.
  73. Kawas kacang ninggang kajang Norostos capetang.
  74. Kawas kedok bakal Rupa jelema anu goreng patut kacida.
  75. Kawas kedok rautaneun Kacida goreng patutna kawas kedok nu can anggeus.
  76. Kawas kuda leupas ti gedogan Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
  77. Kawas kuuk Dilarapkeun ka jelema nu sarena (ngedeng) morongkol.
  78. Kawas langit jeung bumi Pohara bedana.
  79. Kawas lauk asup kana bubu Teu bisa ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
  80. Kawas leungeun nu palid Leungeun nu teu daek cicing, ngopepang, sagala dirampa, sagala dicabak.
  81. Kawas nanggeuy endog beubeureumna Kacida didama-dama jeung dipusti-pustina awahing ku gede kanyaah (inggis nu dipikanyaahna tinemu balai).
  82. Kawas nu dipupul bayu Taya tangan pangawasa.
  83. Kawas nu keked Teu bisa barangbawa.
  84. Kawas nu mulangkeun panyiraman Boga kahayang (pamenta) anu aneh cara nu keur nyiram, lantaran geus deukeut kana ajal.
  85. Kawas pantun teu jeung kacapi Bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
  86. Kawas panyeupahan lalay Lawon anu belel, kawas panyeupahan lalay.
  87. Kawas perah bedog rautaneun Goreng patut.
  88. Kawas Rama jeung Sinta Nurub cupu, nu kasep jeung nu geulis.
  89. Kawas siraru jadi Jelema loba nu riab ka mana-mana.
  90. Kawas tatah Teu hideng sorangan (digawe), kudu dititah (diparentah) bae.
  91. Kawas terong dibeulah dua Dua jelema anu (meh) sarua rupana, biasana mah budak kembar.
  92. Kawas tikukur Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.
  93. Kawas toed Budak beuki ngomong, celembeng.
  94. Kawas tunggul kahuru Jelema goreng patut.
  95. Kawas ucing garong Jelama jahat nu sok ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
  96. Kawas ucing jeung anjing Dua jelema anu teu daek akur, lamun paamprok kudu bae pasea.
  97. Kawas ucing kumareumbi Jelema anu sok resep ruwal-rawel, siga ucing keur kumincir.
  98. Kawas ucing nyanding paisan Deukeut kana pimaksiateun.
  99. Kejo asak, angeun datang Sapagodos jeung maksud urang.
  100. Kelek jalan Tempat anu teu gampang didatangan lantaran jauh ti jalan gede.
  101. Kebo mulih pakandangan Balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara di lembur batur.
  102. Kembang buruan Budak anu keur meujeuhna lucu sarta geus resep ulin di buruan.
  103. Kembang carita Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan- riungan.
  104. Kembang jalan Ungkluk.
  105. Kembang mata (soca) Nu dipikanyaah atawa dipikaasih.
  106. Keuna ku aen Meunang cocoba lantaran ku "panenjo" batur (loba teuing nu muji).
  107. Keuna ku lara teu keuna ku pati Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal maot.
  108. Keur bentang surem Keur apes, keur goreng milik.
  109. Keur meujeuhna bilatung dulang Keur meujeuhna parabaneun (barudak leutik), keur meujeuhna beuki dahar.
  110. Keur meujeuhna buta tulnng buta daging Keur meujeuhna bedas.
  111. Keur meujeuhna hejo lembok, rambay carita Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
  112. Keuyeup apu Jelema anu elehan jeung euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
  113. Kiceupna sabedug sakali Jelema anu kacida lungguhna.
  114. Kiruh di girang, kiruh di hilir Lamun nu di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna oge sarua kitu.
  115. Kokod monongeun Teu daekeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
  116. Kokolot begog Ngomong teu merenah kawas kolot.
  117. Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran Makmak mekmek, kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka poho kana kautamaan.
  118. Kokoro nyenang Nembongkeun pangaboga nu teu sabaraha lantaran hayang dipuji (jalma miskin).
  119. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga..
  120. Kolot dapuran Pernah kolot nurutkeun pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
  121. Kolot dina beuheung munding Kolot tapi teu loba kanyaho.
  122. Kolot kalapa Dilarapkeun ka lalaki atawa awewe anu umurna geus kolot, tapi masih matak kataji.
  123. Kolot kolotok Kolot tapi euweuh kanyaho, kosong tina elmu pangaweruh.
  124. Kolot pawongan (pawongeun) Jelema anu umurna ngora keneh, tapi katembongna siga geus kolot.
  125. Koreh-koreh cok Usaha buruh leutik, hasilna ngan cukup saharitaeun.
  126. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan.
  127. Kudu bisa ngeureut pakeun Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
  128. Kudu boga pikir rangkepan Ulah ujug-ujug percaya kana omongan batur aim manis.
  129. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
  130. Kudu nyaho lautanana, kudu nyaho tatambanganana Kudu nganyahokeun adatna, kalakuanana, kangewana (karesepna). Kujang dua pangadekna Usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan.
  131. Kukuh Ciburuy Teu bisa diongget-qngget, teu daek nurut kana paham batur nu leuwih bener.
  132. Kukuk sumpung dilawanan dada leway Sarua gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
  133. Kulak canggeum (bagja awak) Milik hade atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.
  134. Kumaha bule hideungna (bae) Kumaha engke bae buktina.
  135. Kumaha ceuk nu dibendo bae Kumaha ceuk nu mingpin di luhur bae.
  136. Kumaha geletuk batuna kecebur caina/Kumaha kecebur caina, geletuk batuna bae Kumaha behna, kumaha engke bae.
  137. Kumaha ramena pasar Ula-ilu, kumaha guyubna batur (balarea).
  138. Kumambang kana kersa Pangersa Pasrah kana takdir.
  139. Kumeok (ngeok) memeh dipacok Wegah memeh ngajalankeun pagawean,
  140. Kumis bangbara ngaliang Kumis nu nyeseg kana liang irung.
  141. Kurang jeujeuhan Kurang ati-ati, kurang itungan.
  142. Kurang saeundan Jelema nu teu patig jejeg pikiranana, rada gelo.
  143. Kuru aking ngajangjawing Pohara kuruna.
  144. Kuru cileuh kentel peujit Ngurangan sare, ngurangan dahar (tirakat), lantaran ay a nu dimaksud.
  145. Kuru kurulang-kuriling Lara sangsara kadungsang-dungsang.
  146. Kurung batok Teu daek lunta ti lembur, jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.

1 comment:

Unknown said...

hatur nuhun RUMAH BACA BUKU SUNDA